Thursday, December 18, 2008

Bush Dibaledog Ku Sapatu

Jadi jelema mah kudu mindeng ngaca. Lain ngaca dina harti sajalantrahna, tapi dina harti injeuman. Maksudna kudu loba introspeksi, ngalenyepan diri, nyaliksik paripolah sorangan, sangkan teu pikakeuheuleun batur. Naon sababna? Jalma nu dipikakeuheul biasana tara dihargaan batur, malah bisa-bisa diunghak.
 
Naon nu kaalaman ku presiden AS Bush, bisa dijieun pieunteungeun. Ku sabab kaceuceubna ka Bush geus teu kawadahan, Al Zaidi, wartawan TV Albaghadia nekad maledog Bush dua kali ku sapatu, bari ngagorowok, "This is the farewell, kiss your dog!" Duka kumaha tah nasibna eta wartawan TV ayeuna.
 
Loba jelema nu ceuceub kana kalakuan George Bush. Tapi boh kitu boh kieu, jelema tara sagalana goreng. Tingali we, pan Bush oge reflekna mah alus keneh, nepi ka dibaledog ge masih keneh bisa nyingcet :-)
 
 
 

Monday, December 15, 2008

Ka sugri anu parantos mairan, boh dina posting, shoutbox, atanapi ngalangkungan email, sim kuring ngahaturkeun sewu nuhun, bingah nu taya hinggana. Namung mugia tawakup rehna teu tiasa ngawalonan hiji-hiji. Ma'lum nu mairan sanes hiji dua. Nanging teu kedah salempang, sadayana dibaca, kalayan katampi pisan sagala rupi kritik, saran, oge panggeuing ti sadayana.

Sunday, November 16, 2008

Uubar

Panyakit, ceuk kolot mah ulah diogo. Kitu soteh mun saukur salesma atawa batuk sautak-saeutik. Kitu we cukup ku ubar kampung, pamatahan kolot. Tapi jaman ayeuna beda deui. Nirisan saeutik ka dokter. Ngan nu aneh mah ki lanceuk. Basa awakna karasa rada teu ngarareunah, nya niat rek ka dokter. Ngan ku sabab hoream indit, kalahka nitah batur. Dibejaan we nu karasana ieu, mimiti karasana poe anu jst. Basa ubarna didahar, tetela cageur. Ngan omat ulah diturutan, bisi nu dititahna deleka. Der keh ngomong ka dokter keur hese miceun, padahal urangna keur mencret. Pan bahaya :-)

Thursday, November 06, 2008

Kacapi Suling

MP3 Sunda Rupa-Rupa Wanda

Seueur nu mundut MP3 lagu-lagu Sunda dina rupi-rupi wanda. Di handap ieu kasanggakeun link kanggo ngundeurna. Upami link-na teu jalan, saena langsung bae nganjang ka nu gaduhna, di dieu. Nyanggakeun.
 

Friday, October 31, 2008

Kikindeuwan

 

Kecap kikindeuwan geus arang dipake dina paguneman sapopoe. Dongengna, mangga dangukeun. Upami player teu hurung, cobian di http://atata.podbean.com. Nyanggakeun.

Tuesday, October 28, 2008

Prosa Liris Basa Sunda Munggaran Dina Podcast

Keukeuh, najan kumaha bae oge, getih kasundaan teh masih keneh kimpel, teuing ku naon. Rarasaan kitu soteh, da ari prakna mah duka teuing. Ngan nu jelas, uteuk teh mindeng ngocoblak sorangan make basa Sunda. Mun dina mobil mah, mesinna masih keneh orisinil meureun, sanajan aksesorisna mah geus kacampuran ku nu lain-lain.

Ngotektak podcast dina internet, berekah can kawenehan manggihan podcast basa Sunda. Teuing mun kurang imeut neanganana. Mun tea mah bener can aya, kuring hayang jadi nu pangheulana nyieun podcast make basa Sunda. Sanajan teu dihususkeun jadi podcast basa Sunda, insya Allah, mun dipaengkeun, mun aya waktuna, mun teu hoream, mun kaduga keneh mayar akses internet, rek dileukeunan posting di Tata's Podcast. Memang rada beurat, soalna ngaran-ngaran upload audio mah rada beurat, ma'lum file-na galede.

Ke, ke, ke, naon ari podcast teh? Nurutkeun Wikipedia, podcast teh kurang leuwih runtuyan file media digital audio atawa video anu didistribusikeun ngaliwatan internet. Podcast bisa diundeur atawa didengekun langsung dina situs podcast.

Minangka ngalalanyahan, bilih aya nu peryogi, saheulaanan kakara prosa liris 'Bulan Jeung Bentang' nu dijieun podcast. Bisa diundeur, bisa oge didangukeun langsung dina situs Tata's Podcast (http://atata.podbean.com). Nyanggakeun.

Wednesday, October 15, 2008

Nagih Jangji Menkominfo

Baheula, bangsa nu pinunjul teh nyaeta bangsa nu kuat angkatan perangna. Najan nagarana leutik, tapi mun tentarana kuat biasana dipikagigis ku nagara atawa bangsa sejen. Ka dituna, ku sabab dipikasieun tea, aya sawatara nagara nu samagreng pakarang ngajajah nagara-nagara nu angkatan perangna pelay atawa hengker. Mun jelema mah teu beda ti preman, leuwih ngandelkeun 'otot' manan uteuk.
 
Tapi eta mah baheula, jaman tai kotok dilebuan. Ayeuna mah jaman tai kotok dipel make 'cairan pembersih'. Nya beresih, nya seungit. Nagara pinunjul jaman kiwari euweuh deui iwal nagara nu ngawasa informasi. Matak mun hayang bagsana maju, ra'yat Indonesia kudu pinter. Sangkan pinter, tangtu kudu dibiayaan. Ti mana biayana? Nya duit urang-urang keneh, nu dikokolakeun ku pamarentah/nagara. Jadi tugas pamarentah diantarana kudu ihtiar sangkan sakola murah. Ieu wajib tur teu bisa ditawar-tawar.
 
Lian ti eta, akses masarakat kana informasi teu meunang disengker. Lain ukur ku aturan, tapi oge ulah disengker ku kaayaan. Ulah nepi ka jiga kaayaan kiwari. Hayang pinter ngunjalan elmu tina internet, kasengker ku biaya akses nu mahal kabina-bina tur teu walatra, sabab fasilitasna kabeh museur di kota. Hartina can aya kadariaan ti pamarentah pikeun mangmeunangkeun ra'yat leutik di di pasisian. Nu diwowoy salila ieu memang masarakat kota. Buktina di kota mah sagala gampang.
 
Sawatara ka tukang, Menkominfo kungsi kedal ucap rek ngawangun hotspot haratis di padesaan. Tujuanana sangkan masarakat di pilemburan henteu tinggaleun informasi dibandingkeun jeung masarakat kota. Hanjakal nepi ka danget ieu buktina teu embol-embol. Hotspot haratis ukur lamunan. Akses internet angger mahal. Teuing mun pa mentri teh geus limpeuran nepi ka poho kana jangjina. Pamustunganana, urang lembur mah angger ngalamot curuk.
 
Padahal lamun bener pamarentah daria boga niat hayang ra'yatna pinter, matak naon mun operator seluler nu boga tower BTS rebuan tur nepi ka kampung-kampung teh diwajibkeun nyadiakeun hotspot internet haratis, itung-itung implementasi tina CSR (Corporate Social Responsibility) alias Tanggung Jawab Sosial Perusahaan. Ulah ngan ngedukan untung ti ra'yat leutik wungkul, tapi kudu aya oge ketakna sangkan ra'yat di pilemburan beuki palinter. Unggal ngadegkeun BTS, kudu nyieun hotspot internet haratis, sakalian ngamangpaatkeun towerna.
 
Jigana mun kitu, lain pamohalan lamun miharep Indonesia jadi nagara maju, nu ra'yatna teu tinggaleun sual teknologi jeung informasi. Minimal, Tata Danamihardja moal kukulutus unggal bulan, gara-gara rekening telepon terus-terusan tekor, gara-gara dipake ngeblog :-)
 
Pa Mentri, araya kitu?
 

Friday, October 03, 2008

Kakaren Lebaran Atawa Kakaren Puasa?

Mun teu salah, kakaren teh asal kecapna tina kakarian, harti sajalantrahna kurang leuwih susa-sesa. Kakaren lebaran biasana dilarapkeun kana kadaharan susa-sesa lebaran. Pan biasana poean lebaran mah sok sagala didahar, sagala dijejelkeun kana beuteung. Jiga nu kokomoan, itung-itung 'balas dendam' sanggeus sabulan campleng sagala disungkeret, nepi ka aya paribasa 'kokoro manggih mulud, puasa manggih lebaran'. Nu matak, sababaraha poe ti tas lebaran, biasana nu aya tinggal kakaren.
 
Saur Pa Ustad, aya nu leuwih penting batan kakaren lebaran, nyaeta kakaren puasa. Lamun puasana bener, tangtu dina poean lebaran moal kokomoan. Moal sagala didahar, moal sagala dipake, moal sagala diaya-ayakeun. Puasa saestuna kudu jadi madrasah alias diklat pikeun diajar nyengker tur ngadalian hawa napsu. Ngaran-ngaran diajar mah pan di mana geus bisa teh sok terus dipake atawa dipraktekkeun. Contona, mun urang diajar nyetir mobil, tangtu mun geus bisa teh dipake nyupiran. Mun teu kitu, jang naon atuh make jeung diajar nyetir sagala?
 
Puasa oge cenah kudu kitu idealna mah. Naon-naon anu ku urang dilakonan dina bulan puasa teh kudu dipraktekkeun dina bulan-bulan sejenna. Mun dina bulan puasa rajin maca Kur'an, rajin solat, rajin sodakoh, tur bisa ngeker hawa napsu, dina bulan sejen oge kudu kitu, malah kudu leuwih mun bisa mah. Hartina, urang boga kakaren puasa salian ti kakaren lebaran teh. Mun teu kitu, tangtuna oge urang baris kaasup nu teu boga kakaren puasa, dina harti euweuh tapakna meunang meuseuh diri jero sabulan teh.
 
Ari urang, naha geus kaasup anu boga kakaren lebaran wungkul, atawa ditambahan ku kakaren puasa? Hayu ah urang nanya ka diri masing-masing!
 

Pamaos SundaBlog

 

Wednesday, October 01, 2008

Nyungsi Acining Ati

Lir ibarat tatit, ngabelesur ngajugjug ka alak paul. Kitu sestuna mungguhing waktu. Taya tempo geusan sumarimpang, taya mangsa geusan senang-senang. Mun wenang mah hayang nganjang ka pageto, hayang nyungsi ka bihari, susuganan manggih luang sangkan bisa manjang-manjang mangsa, da puguh teuing ku betah, ngandih di alam kiwari.
 
Orokaya, hirup kauger ku kadar, tetengger ciptaning Gusti. Mangsa hamo bisa diatur sakarep isun, estu sakadar tumamprak bari ihtiar satekah polah, sangkan teu kalangsu nya laku, henteu kasasar nya lampah, enggoning ngalalakon di marcapada.
 
Rumasa loba katuna, diri pinuh ku codeka, bari loba teu karasa. Langkung saur bahe carek, mugia agung lumur jembar pangampura, silih lubarkeun dosa perdosa. Caang bulan opat welas, jalan gede sasapuan. Cangra, bengras, lir keretas bodas nyacas, can katulis ku mangsi. Bari kedal jangji jeroning ati, tina sanubari nu suci, moal rek ngarorocet catetan, susuganan kabiruyungan.
 
Wilujeng Boboran Siam. Sih Hapunten Anu Kasuhun.
 
Panjalu, 1 Syawal 1429 Hijriyah.

Pamaos SundaBlog

 

Monday, September 29, 2008

Basa Sunda Dina Tulisan

Nu mairan atawa ngomentaran tulisan kuring rupa-rupa kasang tukangna. Aya birokrat, mahasiswa, guru, blogger (eta mah puguh deui), pagawe (negri atawa swasta) jrrd. Ditilik tina eusi komentar, aya nu iseng, babalagonjangan, pikaseurieun, malah sakapeung mah aya oge nu matak nyentug kana angen. Tapi teu dijieun pikir, sabab kabeh oge ngabogaan hak pikeun mairan. Saur pun biang tea mah, "Keun we da omongan mah teu matak bohak."
 
Komentar, boh dina shoutbox (kotak panyeluk) atawa ngaliwatan email (surelek), kadang-kadang jadi inspirasi pikeun nyieun tulisan. Kungsi aya nu nanya ngaliwatan email, naha cenah ari nulis mah kuring sok make basa kasar, tapi ari ngawalonan komentar sok make basa lemes. Ku kuring dijawab, sabenerna basa nu mindeng dipake dina tulisan teh kaasup basa loma atawa conggah alias sedeng.
 
Dina garis badagna, aya tilu panta basa dina basa Sunda:
  1. Basa lemes
  2. Basa loma/conggah/sedeng
  3. Basa kasar
Ku naon pangna kuring mindeng nulis make basa sedeng? Ku naon henteu basa lemes? Sabenerna euweuh nu nyaram masing rek nulis make panta nu mana bae oge. Rek basa lemes mangga, rek basa loma pek, rek basa kasar karep teuing. Ngan nurutkeun kapantesan, ngan basa lemes jeung basa loma nu pantes dipake dina nyieun tulisan, sabab basa kasar mah pantesna oge ngan keur nyarekan :-)
 
Jadi lamun kitu pilihanana tinggal dua: make basa lemes atawa basa loma. Kuring biasana milih basa loma ku sabab tulisan teh biasana teu ditujukeun husus ka hiji jelema. Ku sabab ngaranna basa loma, jadi tangtu tujuanana oge sangkan karasana leuwih loma atawa conggah tur euweuh hahalang antara nu nulis jeung nu maca tulisan.
 
Kumaha mun aya nu hayang make basa lemes? Ih, mangga teh teuing, da cek tadi ge euweuh nu nyaram. Nu penting mah lamun nulis peupeujeuh ulah make basa kasar tur garihal, sabab tangtu nu maca bakal asa dicarekan. Kecuali lamun tujuan urang nulis teh memang hayang nyingsieunan nu maca :-)
 
Nyanggakeun.
 

Pamaos SundaBlog

 

Friday, September 26, 2008

Langganan Via Email Kudu Mayar?

Geus sababaraha kali patalekan saperti kieu teh nepi ka kuring. Ngan nyaeta sok poho bae rek ngajawab dina blog teh. Biasana sok dijawab hiji-hiji via email.
 
Memang teu salah mun aya patalekan saperti kitu. Internet teu beda ti kahirupan sapopoe, pinuh ku rupa-rupa jalma anu sipatna beda-beda. Aya nu bageur, aya nu jahat. Aya nu ngamangpaatkeun email batur pikeun nipu. Aya oge nu ngiriman email spam bari jeung nu dikirimna teu nyaho nanaon, komo jeung menta dikirim email sagala. Jadi wajar lamun aya nu asa-asa, sieun kumaonam.
 
Sangkan henteu aya nu curiga atawa panasaran, patalekan di luhur teh mending dijawab di dieu bae. Jawaban singgetna: langganan email SundaBlog mah teu kudu mayar alias haratis. Tujuanana malulu sangkan nu waktuna samporet teu kudu muka SundaBlog, tapi dikirim sacara otomatis kana alamat email nu didaptarkeun.
 
Naha nu kieu kaasup spam? Ah henteu, sabab nu dikirim email memang menta ku cara daptar. Teu kudu hariwang deuih, salian ti haratis, email nu didaptarkeun oge dijamin moal dijual ka pihak sejen.
 
Pamustunganana, langganan SundaBlog via email 100% aman tur haratis :-)

Pamaos SundaBlog

Monday, September 22, 2008

Lelengkah Halu

Alhamdulillah, SundaBlog geus nincak umur 2 taun 4 bulan kumelendang di blogosphere. Lelengkah halu, kitu meureun pibasaeunana lamun dilarapkeun ka budak mah. Najan jajauheun kana nyugemakeun, tapi kuring muji sukur ka nu Maha Kawasa, masih keneh bisa ngalalakon, nulis sasieureun sabeunyeureun make basa Sunda. Ari kitu aya nu maca? Ah, rumasa kuring mah lain sastrawan Sunda, jadi euweuh nu maca oge teu jadi masalah. Cenah eta aya nu kalandep, nya nuhun nu aya.
 
Mun kitu carana, naon atuh tujuan kuring nulis make basa Sunda? Kadang-kadang kuring oge bingung lamun ditanya kitu. Ngan nu jelas aya ari sasakalana mah. Mimitina sok tulas-tulis dina blog make basa Indonesia jeung basa Inggris sakapeung-kapeungeun. Sakali mangsa pangangguran nulis kolom basa Sunda dina Mangle. Alhamdulillah dimuat sababaraha kali. Ngan hanjakal palebah nagih honor, hararese pisan, malah tepi ka ayeuna ge teu dibayar. Keuheul tah, asa teu dihargaan pisan. Tibatan keuheul teu pararuguh, nya sakalian we nulis dina blog ari sarua keneh teu dibayar mah. Katambah-tambah, aya nu ngahatean pedah kungsi maca tulisan kuring dina Mangle, majarkeun teh, "Resep panginten Kang upami sakantenan nyerat nganggo basa Sunda dina blog."
 
Dikitukeun komo, nya lahaola mitembeyan nulis dina blog make basa Sunda taun 2006. Dirasa-rasa teh bet asa ngeunah keneh kieu. Bebas, teu kudu ngarep-ngarep honor nu teu sabaraha :-) Alhamdulillah, SundaBlog kaasup blog anu lumayan dina peringkat Google. Page rank atawa rengking SundaBlog meunang peunteun 4 (tingali page rank di gigir beulah katuhu, handpeun jam). Estu teu gampang meunang rengking opat teh, sabab ditangtukeun dumasar kana lobana nu ngakses (muka atawa maca) blog versi mesin kotektak (search engine) pangpopulerna sadunya: Google. Komo lamun ngingetkeun yen nu maca basa Sunda henteu loba jiga nu maca basa Indonesia atawa basa Inggris.
 
Nu lucu, kungsi sababraha kali aya nu nyangka yen ieu blog teh dikokolakeun ku Mangle, nepi ka aya nu nanyakeun kumaha carana mun hayang ngirim carpon jeung tulisan sejenna. Padahal geus sababaraha kali kuring nandeskeun yen SundaBlog mah estu dikokolakeun ku kuring pribadi, tur euweuh pakuat-pakait jeung media citak mana wae oge.
 
Lian ti nu maca langsung dina blog, aya oge nu maca via email. Ieu mah biasana keur nu sibuk nepi ka teu kaboro atawa euweuh waktu pikeun muka SundaBlog. Carana, mangga tingali di beulah katuhu (sidebar) aya tulisan Caraka. Kari ngeusikeun email, engkena baris dikirim unggal kuring nulis posting anyar sacara otomatis ku 'kantor pos' nu ngaranna FeedBurner, haratis. Ngan kade nulis emailna ulah salah. Sababaraha kali kuring manggih nu nulis alamat email, di hareupna make www. Padahal eta mah kode husus paragi nulis alamat web, jadi tangtuna moal diproses ku FeedBurner.
 
Nepi ka danget ieu geus aya 195 urang nu langganan SundaBlog ngaliwatan email. Lamun loba nu maca via email, naha teu sieun kakurangan semah? Ah, da tadina oge lain hayang populer, lain hayang kapuji. Insya Allah, moal kakurangan nu maca atawa nu nyemah langsung ka SundaBlog. Nu penting mah du'akeun sangkan kuring masih keneh bisa nulis, sangkan beui loba oge urang Sunda nu nulis jeung cumarita make basa Sunda, boh dina blog, dina media citak, atawa dina gunem catur sapopoe.
 

Saturday, September 20, 2008

Sawios Bedo

Kamekaran teknologi teuing ku gancang robahna. Kakara oge mucunghul teknologi anyar, geus torojol deui nu leuwih anyar. Kitu jeung kitu we. Mun baheula nelepon kudu ti warnet, ayeuna mah ti mana bae oge bisa, asal boga telepon keupeul (handphone). Mun baheula boga disket nu kapasitasna ukur sakitu mega, ayeuna mah geus kudu ganti ku flashdisk anu kapasitasna geus nikel nepi ka sa-giga.

 

Lian ti eta, daek teu daek teknologi oge mangaruhan kana adat tur kabiasaan hirup sapopoe. Mun baheula nu hayang bisa ngetik kudu rosa alias gede tanaga, ayeuna mah teu kudu, sabab tuts atawa tombol komputer mah hampang kabina-bina, beda jeung mesin tik. Nu tadina ngirim kartu lebaran kudu ka kantor pos ayeuna mah bisa ti imah, boh ku SMS atawa kartu elektronik. Mun nu dagang baheula mah kudu adu hareupan bae, ayeuna mah teu kudu. Pan aya internet tea. Jadi, nu dagang jeung nu meuli henteu salawasna kudu panggih. Cukup ku transaksi di internet bae.

 

Mimiti wawuh jeung nu ngaranna internet teh taun 2000. Eta ge teu ngahaja, ngan pedah kapaksa ku pagawean anu memang pakuat-pakait jeung internet. Loba bahan siaran nu kudu diunjal atawa diundeur ti internet. Talamba-tolombo mimitina mah, ka ditu bingung ka dieu bingung. Tapi ku dileukeunan mah tungtungna rada taram-taram, ngulik sorangan, trial and error.

 

Itung-itung ngamangpaatkeun teknologi, kuring nyoba-nyoba muka jasa terjemahan ngaliwatan internet. Najan mimitina rada gejed, lila-lila mah nya lumayan we. Leuleutikan, tapi geus asup kana 'kulawarga' internet biz (bisnis internet). Lian ti kauntungan finansial, loba oge pangalaman anu ku kuring pribadi dianggap kauntungan non-finansial, kabeungharan anu teu bisa malulu diukur ku pangaji duit.

 

Nyanghareupan karakter jelema anu rupa-rupa geus kaalaman. Di internet memang sagala aya. Ti mimiti euwah-euwah nepi ka nu soleh, ti mimiti tukang tipu nepi ka jelema bageur, kabeh aya. Nya di dieu kuring diajar kumaha nyanghareupanana. Kasedih, kabungah, kabeh geus karandapan.

 

Nerjemahkeun memang lain perkara gampang, lain pagawean sagawayah. Lian ti nerjemahkeun kekecapan, saestuna nu leuwih susah mah nyaeta nerjemahkeun 'rasa' basa sumber kana basa target sangkan hasilna nyugemakeun. Ngan ku sabab rasa mah lain elmu pasti (eksak), lolobana jelema masih kurang ngahargaan kana profesi penerjemah, utamana di urang. Lamun terjemahan ti luar negeri geus diitung per 'kecap' dina standar dollar, di urang mah masih keneh diitung per 'kaca', bari jeung hayang murah bae J. Padahal geus loba toleransi eta teh, harga jang konsumen lemah cai geus kacida dimurahkeunana lamun dibandingkeun jeung harga standar luar negeri.

 

Kungsi aya kajadian lucu. Hiji mangsa aya nu nerjemahkeun ti instansi pamarentah. Pagawean geus beres, transfer duit geus katarima, pangangguran tatanya, pancakaki. Ku teu dinyana, singhoreng nu silih kirim email jeung kuring teh babaturan baheula. Atuh nu tadina 'ibu-ibuan' jeung 'bapa-bapaan' teh ganti jadi silih sebut ngaran..

 

Anu aneh jeung pikasediheun oge aya. Caritana aya urang Arab ngirim email, menta dipangnerjemahkeun surat kana basa Inggris. Barang dibuka, sihoreng surat ti pembantuna (TKW) keur ka dulurna di Jawa. Jigana bae surat teh can kaburu dikirimkeun, kaburu dicolong ku dununganana. Matak ngangres, eusina nyaritakeun teu betah, dituduh tara digawe ku dununganana. Hayang mulang ka lemah cai, ngan teu dibere tiket, jaba gajihna tilu bulan can dibayar.

 

Diterjemahkeun? Ah henteu, kuriak picilakaeun. Kumaha ke mun gara-gara dununganana ngarti kana eusi surat, terus pembantuna dipahala atawa disiksa? Peupeuriheun mantuan teu bisa, atuh ulah-ulah nyilakakeun dulur, papada urang Indonesia. Moal ah, sawios bedo!

Iklan Politisi

Sawatara waktu ka tukang, kungsi aya nu pesimis 'kueh' iklan media televisi bakal samporet sabab kudu parebut jeung media sejen. Tapi tetela eta kahariwang teh teu kabuktian. Jumlah media televisi nu kalahka ngarekahan, kaasup di daerah, jadi salah sahiji tanda atawa ciciren yen televisi henteu kakurangan iklan. Nya rek hirup ti mana atuh lamun lain tina iklan, sabab ngaran-ngaran media komersial mah hirup-huripna ngandelkeun iklan.

 

Saha bae nu masang iklan? Biasana, atawa lumrahna, perusahaan anu hayang produkna dipikawanoh ku balarea. Media televisi dianggap media iklan nu efektif dina mangaruhan pikiran konsumen, sabab ngagunakeun gabungan kakuatan audio tur visual. Jadi, lian ti kadenge, produkna oge katenjo. Beuki mindeng produkna ditayangkeun dina televisi, beuki gede harepan produsen sangkan produkna dibeulian ku masarakat nu lalajo televisi.

 

Jigana nempo pangaruh televisi nu kacida gedena, loba nu kabita milu ngamangpaatkeun. Salah sahijina nya politisi nu hayang meunang kalungguhan di pamarentahan, utamana nu hayang jadi presiden atawa gupernur. Mangga tingali, dina televisi kiwari rapang politisi nu masang iklan. Naha ngan ukur dua eta nu wani masang iklan dina televisi? Sabab jabatan nu leuwih handap mah moal kabedag mayar iklan nu hargana bisa ngahontal puluhan milyar! Kapala desa atawa kuwu upamana. Dina jadina oge jeneng kuwu, moal kabual hasilna, dipake mayaran hutang urut masang iklan. Batan lunas, pastina oge kalahka langlayeuseun!

 

Mun kitu, hartina calon presiden jeung calon gupernur laloba duit? Bisa jadi. Ngan lamun duitna dipake mayar harga iklan anu sakitu mahalna asa pamohalan. Komo deui lamun mikir yen nu nyalon can tangtu kabiruyungan jadi presiden atawa gupernur. Lamun kitu kajadianana tangtu duit puluhan milyar teh jadi gaplah. Duit lapur, jadi pejabat henteu. Pikeun ngurangan resiko, nya ti mana deui lamun lain ti donatur. Bageur atuh donatur teh? Ah henteu oge, sabab moal samata-mata wani ngaluarkeun duit lamun euweuh pangarahan. Para donatur – biasana pengusaha – tangti miharep kompensasi ti jelema nu dibere donasi mangrupa fasilitas sangkan usahana atawa dagangna leuwih mucekil. Jadi, win-win solution. Pejabat dimodalan, pengusaha dibere fasilitas atawa kadang-kadang prioritas. Pan aya undang-undang nu ngawatesanan jumlah donasi? Ah, pan cenah oge aturan teh dijieun pikeun dirempak atawa dilanggar.

 

Nu matak teu kudu ngarasa heran lamun calon nu eleh biasana sok murang-maring, ngerahkeun massa pikeun demo, susuganan ku jalan demo jabatan bisa pindah ka manehna. Pan mun jadi pejabat mah bisa balik modal tah, sanggeus bebeakan kampanye. Asana geus kacida hesena neangan pejabat nu hayang jeneng ku sabab hayang ngabelaan ra'yat leutik. Nu puguh mah, jabatan teh teu kurang teu leuwih ti pagawean nu bisa ngadatangkeun panghasilan. Itung-itunganana geus lain keur kapentingan masarakat, keur ngamajukeun nagara atawa ra'yat, tapi malulu itung-itungan bisnis, itung-itungan untung rugi. Modal saanu, kautunganana kudu saanu. Mun teu sakitu, rugi.

 

Ku sabab kitu, kaleuleuwihi lamun urang ngarep-ngarep pamingpin nu merjoangkeun kapentingan ra'yat. Cohagna, boro-boro mikiran kapentingan ra'yat, sabab panginditanana oge tina itung-itungan bisnis. Naon untungna merjoangkeun ra'yat ari euweuh kauntunganana mah? Euweuh dina buku rusdina ra'yat nguntungkeun pejabat, ari lain dina usum nyoblos mah. Kituna oge cukup ku dibebenjokeun ku kaos, duit sautak-saeutik, jeung jangji weh, pasti repeh, pasti jempe. Moal nagih jangji ieuh, pan ra'yat mah barodo. Singsieunan we, pasti murengked. Cenah aya nu murugul, tinggal nyewa pengacara dua puluh siki mah, pasti aman.

 

Pamustunganana, ulah kagelo ku jangji-jangji calon pejabat dina iklan atawa sajeroning kampanyeu. Ra'yat nu majar aya dina posisi pangluhurna dina sistem demokrasi, dina emprona mah ngan ukur jadi objek penderita, dipake bungbu salila kampanyeu. Pan keur kampanye mah sarerea oge pasti mamawa ra'yat. Ra'yat deui, ra'yat deui, jiga nu enya.  Ngan di mana geus hasil maksud, kabeh oge sok poho. Ra'yat ibarat nu ngadorong mobil, ari geus hurung mah biur bae ditinggalkeun bari teu nuhun-nuhun acan.

 

Ari geus, kumaha atuh engke dina waktuna milih? Ah, teu langkung eta mah. Bade milih mangga, henteu bae sawios. Ulah sieun dicap golput, lamun memang euweuh piliheun. Milih mah hak, lain kawajiban. Tibatan milih anu lain piliheun, anu jajauheun tina sikep hiji pamingpin, mending teu milih sakalian tibatan kudu kababawa milu tanggung jawab,  bongan pipilueun milih. Cindekna, kudu asak-asak tinimbangan memeh milih.

 

Tapi, ah teu langkung ketang. Bisi disebut provokator J

Wednesday, September 10, 2008

Kartu Lebaran Basa Sunda Haratis

Munggaran aya kartu lebaran dina basa Sunda? Kana kitu rupina. Mangga pilarian dina situs-situs nu nyadiakeun kartu lebaran, upami teu basa Inggris, nya basa Indonesia.
 
Ieu mah mamanawian, manawi kamanah, manawi bahan katampi, susuganan kaanggo, nyanggakeun kartu lebaran basa Sunda. Sanes mung ukur tiasa ditoong jiga kartu ti situs-situs nu nyadiakeun kartu, nanging leres-leres tiasa kapimilik ku nu dikintun, tiasa disimpen dina komputer masing-masing, tingalieun salalawasna.
 
Meungpeung masih keneh aya waktos, sateuacanna mudik, mulang ka lembur, kantun diundeur, lajeng tiasa dikintunkeun nganggo email tina komputer salira.
 
Sakantenan ngahaturkeun wilujeng boboran siam ka sadaya nu sok ngalongokan atanapi nganjang ka SundaBlog. Sih hapunten anu kasuhun tina samudaya kaluluputan, boh anu teu karaos, sok komo deui anu karaos, rumaos seueur katuna. Mugia tawakup.
 
Wilujeng Boboran Siam 1429 H.
 
Kartu lebaran tiasa diundeur di handap ieu.
 

Saturday, September 06, 2008

Residivis Romadon

Ku teu karasa ari nyerelekna waktu. Asa cikeneh tas lebaran, ayeuna geus bulan Romadon deui bae. Saur Mama Ajengan, bulan puasa teh bulan anu wajib dianti-anti ku sakumna umat Islam. Bulan suci, bulan nu pinuh ku barokah. Bulan tempat 'diklat' sangkan urang jadi manusa pinunjul anu mampuh ngadalian napsu, nyengker kahayang anu taya anggeusna lamun diturutkeun. Tegesna, kawajiban nyengker hawa napsu, lain ngan ukur dina bulan puasa, tapi kudu jadi kabiasaan dina kahirupan sapopoe.
 
Hanjakal dina kanyataanana mah teu kitu. Bulan puasa mindeng dianggap panjara, nepi ka di mana 'leupas' tina ugeran Romadon, urang jadi 'residivis' deui. Mun dina bulan puasa reureuh ngomongkeun batur, di luar bulan puasa mah dikeureuyeuh deui. Baju muslimah dibarukaan deui, ganti ku baju nu tingboleklak. Nu korupsina eureun sabot bulan puasa, kanceuh deui, jeung sajabana.
 
Salah? Tangtu bae, sabab cek tadi ge, lulus tina 'diklat' bulan Romadon kudu jadi leuwih alus tibatan samemehna. Ngan lamun dibandingkeun, nu kitu masih 'mending' tibatan anu sagala dirumpak salawasna, rek bulan puasa rek lain. Najan kitu, lain hartina 'residivis' bulan puasa leuwih alus tibatan nu sagala dirumpak, sabab nu alus mah tangtuna oge nu salawasna ngalakukeun kahadean.
 
***
 
Saperti Romadon nu geus kaliwat, poe mimiti sumanget pisan niat taraweh di masjid. Hanjakal nu tadina rek solat husu teh kaganggu ku nu gogorowokan sataker kebek, "Allohumma sholli wasalim 'alaa sayyidinaa Muhammaaaaad!!!" Mangkaning tiap aweh salam eta teh.
 
Astaghfirulloohal adziem! Maenya muji kangjeng Nabi kudu digorowokkeun siga nu siwah? Mending lamun budak leutik, di ma'lum keneh. ieu mah kolot atuda! Niat rek sholat taraweh dibarengan ku sumanget opat lima ngadadak lempes, dumadakan ilang tanpa karana. Rek ngejat asa teu pantes, nya ngawayahnakeun milu solat nepi ka anggeus. Balik ti masjid aya budak ngalungkeun petasan, ngabeledag tarik pisan. Emh, Gustiii.. Sabaaar, sabaaar... Ku loba pisan gogoda jeung piambekeun teh.
 
Isukna kuring taraweh sorangan, di imah. Tiis ceuli herang mata. Gusti, mugi-mugi katampi. Sanaos tetebiheun tina sampurna, mugi-mugi abdi sing tiasa ngeker diri sapapanjangna sarta henteu kalebet kana golongan residivis Romadon. Amin.

Thursday, August 28, 2008

Jadwal Puasa di 2198 Kota

Mapag bulan Romadon 1429 Hijriyah, tangtu kudu tatahar lahir batin, pisik jeung mental, sangkan puasa urang pinanggih jeung kasampurnaan. Tah, salah sahiji ihtiar lahir nyaeta nyiapkeun jadwal puasa nurutkeun kota tempat padumukan urang.
Jadwal Puasa di 2198 Kota Gratis!
Kanggo nu peryogi, Jadwal Imsakiyah Abadi pikeun 2198 kota gede katut kota leutik di sakuliah dunya (ti mimiti Aalborg di Denmark nepi ka Zurich di Swiss), jeung di Indonesia saperti Jakarta, Bekasi, Bogor, Ciamis, Tasik, Binjai, Bireun, Garut, Kuningan, Bima, Cirebon katut ratusan kota sejenna, tiasa diundeur di dieu.
 
Saratna, kudu aya Microsoft Excel dina komputer pikeun muka jadwal. Sakali deui, Jadwal Imsakiyah Abadi tiasa diundeur di dieu.
 
Nyanggakeun.

Wednesday, August 27, 2008

E-Book Carita Sunda Godi Suwarna

Salah sahiji kamotekaran pangarang nyaeta imajinasi. Ti jaman tai kotok dilebuan nepi ka kiwari, can aya nu bisa ngawatesanan atawa nyengker imajinasi. Tetela, lamun digunakeun samistina, imajinasi bisa jadi kakuatan anu lain lulumayanan.
 
Godi Suwarna, pangarang teureuh Ciamis, kawentar kamotekaranana dina mateakeun imajinasi anu lir teu kawatesanan ku ruang jeung waktu. Ku kaparigelanana, bisa bae Gatotkaca ujug-ujug adu hareupan jeung Superman, upamana. Setting, karakter, katut unsur-unsur sejenna mindeng dipake ngaburak-barik 'logika' nu maca, nu saestuna geus kauger ku norma atawa aturan kamistian nurutkeun 'akal sehat'.
 
Upamana bae, gagasan toko karangan atawa lembur nu jadi pabrik karangan dina carita 'Biografi Bagawan Hadim'. Ieu teh estu gagasan orisinil. Masing - upamana - toko karangan atawa pabrik karangan dianalogikeun jeung toko buku, pan dina kanyataanana mah di kampung masih keneh hese neangan buku. Komo deui upama neangan hiji lembur nu kabeh jelema pacabakanana kana ngarang carpon jeung nulis sajak!
 
Anehna, 'logika' nu 'diburak-barik' teh bet kalah matak pogot tur teu karasa kaganggu. Sanajan rada kerung heula sakedapan, tapi lila-lila nu maca ngarasa jongjon tur tumaninah dibawa 'sasar' dina kakuatan imajinasi Godi. Malahan, nya ieu pisan nu jadi salah sahiji pangirut atawa 'daya tarik' tulisan-tulisan Godi Suwarna.
 
Ka nu ngaraos panasaran, carpon Godi Suwarna nu judulna Biografi Bagawan Hadim dina wangun ebook sunda PDF tiasa diundeur di dieu.

Saturday, August 16, 2008

Ngabengbeos

Jang Obos kawentar ahli ngawaos. Maksudna seueur nyarios tapi ukur ngahambur-hambur waktos, teu matak nambahan pangartos. Baheulana Jang Obos sok dagang bandros. Gara-gara jurig tumpak Atoz, Jang Obos kabiruyungan jadi bos, sanggeus dicaroblos jadi anggota dewan tukang ngokos artos. Teu ngartos, ku naon bet pada nyoblos, da pribados mah sakalieun ngadenge manehna ngawaos, sok hayang nojos bebengokna nu cengos, atawa masihan bobos.
 
Sanaos ukur pangsiunan tukang bandros, Jang Obos lila-lila ngartos kumaha carana ngokos artos ladang haruwas-harewos. Asal proyek lolos, rekanan pasti ngartos. Komo mun Jang Obos geus morongos, sarerea pasti haroshos, sieun ditojos ku waosna nu marencos. Padahal Jang Obos ngan ukur ngegos, sabab ditenggor ku citakan bandros oge pasti tobros, ma'lum boga panyakit tulang koropos.
 
Parandene kitu, Jang Obos nu ayeuna geus pinter dangdos tur tara dagang bandros, sok pada ngantos-ngantos. Komo mun geus deukeut ka usum nyoblos, sabab sok babagi kaos jeung peremen mentos, sakapeung ditambah artos. Hanjakal pisan kalakuanana jadi ngebos. Gampang morongos mun aya kateuraos. Mun geus kitu, sarerea sok tinglaleos. Lain ukur sieun ku porongos, tapi teu kuat ngambeu bau beurit katojos tina sela-sela waosna anu marencos.
 
Kamari ieu aya wartos Jang Obos indekos di panjara nu teu teurak ditobros. Basa sakali waktos pasarandog jeung para wartawan tukang ngabewarakeun wartos, Jang Obos pada naros. "Jang Obos, kumaha karaos?" Jang Obos nu sirahna jadi bolenos (hi..hi.. maksudna: bolenang)ukur bisa ngaharewos haroshos, "Atos, atos...." bari nyumputkeun beungeutna nu cengos.
 
Jang Obos ngabengbeos, dikawal ku sipir colonos, bari ngalamun: mun make artos, susuganan bisa lolos!
 
Wios?

Thursday, August 14, 2008

HEUHEUY JEUNG DEUDEUH

Hirup mah heuheuy jeung deudeuh. Kitu cek si Kabayan. Aya mangsana meunang kabungah, aya kalana nyorang kasusah. Ngan ceuk nu pinter, bungah jeung susah mah kumaha cara nenjo jeung ngararasakeunana. Conto gampangna, dahar jeung uyah oge ari pikiran senang mah ngeunah we nu aya. Komo mun uyahna dipurulukan daging hayam mah, pasti ngeunaaah.. pisan!
 
Hirup oge lain komik nu kelirna ukur hideung jeung bodas. Kadang-kadang kulawu, antara hideung jeung bodas, antara susah jeung senang. Antara pikaseurieun jeung pikasebeleun. Unggal jelema pasti ngalaman susah jeung senang. Rek tukang tani, rek dokter, rek pejabat, tukang beca, blogger, tukang nerjemahkeun, atawa anggota dewan. Pasti kungsi ngarandapan susah atawa senang.
 
Tatangga kuring nu anggota dewan, katempona senang bae. Pansiun boga, gajih ti DPRD mayeng, jaba anak geus jareneng. Lain eta wungkul. Anyar-anyar ieu, basa kabaud korupsi 200 milyar leuwih, manehna teu ngalaman diberok. Padahal baturna nu papada milu ngasaan duit meunang korupsi geus ngararingkuk di pangberokan. Manehna mah senang we, bisa keneh luntang-lantung, jogging saperti biasa.
 
Jadi inget basa kamari maca koran, nu korupsi 5 juta perak nepi ka dipasang fotona sagala, jadi DPO pulisi jeung Kejaksaan. Naha ari nu kasusna milyaran diantepkeun sina senang-senang ngahenang ngahening? Mun teu garelo ge, pasti pulisi jeung kejaksaan teh leutik burih, wanina ngan ka jelema leutik. Atawa, maranehanana pasti kabagean duit suap hasil korupsi tea. Pan tina milyaran mah meureun suapna ge puluhan atawa ratusan juta. Pasti lah...
 
Tapi naha enya kitu manehna ngarasa senang? Ah duka teuing, da senang soteh dina penenjo batur. Boa manehna mah ngarasa era, da najan teu dipanjara oge sarerea pada nyaho yen manehna geus ngagasab duit ra'yat. Tapi bisa oge manehna teu ngarasa era, sabab biasana nu kitu mah geus kurang kaera, mun henteu geus leungit kaera oge.
 
Buktina, sababaraha poe ka tukang manehna ngedarkeun formulir ka tatangga-tatangga, menta dukungan, rek nyalon deui jadi anggota dewan! Jadi, jigana mah memang geus teu boga di kaera. Atawa kaerana disakuan heula meureun. Hebat pan?
 
Piraku teu bisa kitu-kitu acan mah. Pan ngagarong duit ra'yat ge teu era. Komo deui ieu. Pira ge nyumputkeun kaera, piraku teu bisa. Ngan memang ceuk kuring mah manehna jelema nu luar biasa.
 
Naha? Mangga wae emut. Ibaratna urang geus ngagarong jelema, terus teu sabaraha lila urang menta dukungan rek nyalon deui jadi garong ka jelema nu tas digarong. Hebat pan? Pasti hebat mun teu eusleum oge.
 
Formulir nu dianteurkeun ku pacalangna masih keneh ngagoler dina meja. Rek dieusian? Ah moal, antepkeun we sina kosong. Kecuali mun kuring rek miluan jadi garong atawa jadi nu gelo.
 
Lieur ah.

Thursday, July 10, 2008

KARTU NAMA HARATIS

Seepeun kartu nama? Teu kedah hariwang! Salira tiasa ngadamel nyalira kalawan sakedet netra. Teu percanten? Cobian geura nganggo KAMATO (Kartu Nama Otomatis) v1.0.
 
KAMATO teh nyaeta software HARATIS kanggo ngadamel kartu nama kagegelan ti blog Mimbar Bebas sareng SundaBlog. Kanggo nu peryogi, mangga kantun diundeur bae DI DIEU!
 
Nyanggakeun.
 

Sunday, June 29, 2008

Dunya Tereh Kiamat

Paralun, lain rek nambahan ketir kaayaan nu geus matak ketir. Ngan dalah dikumaha, loba nu nyebutkeun yen kaayaan saperti nu kalaman ku urang ayeuna teh cenah memper-memper kana ciri-ciri geus deukeut kana kiamat. Tapi soal eta mah teu kudu jadi hoghag parea-rea omong, sabab nu leuwih penting mah urang kudu mikiran kumaha carana pikeun ngungkulan masalah nu jiga teu eureun-eureun. Puncakna basa harga BBM ditaekkeun. Geus kajudi, mun harga BBM naek, hahargaan nu sejen oge pasti naek. Sembako, ongkos angkutan, biaya sakola, kabeh nararaek. Ra'yat ngajerit!
 
Keur jelema nu baleunghar, nu salieuk beh (sanes salieuk 'bibeh'), tangtu hal ieu teh moal pati jadi masalah. Tapi pikeun kalolobaan ra'yat Indonesia, ieu teh mangrupa masalah anu gede kabina-bina. Keur mah samemeh BBM naek oge ngawaragadan hirup teh geus seuseut seuat, ari pek teh ayeuna harga BBM ditaekkeun pisan. Moal boa hirupna teh geus jiga jelema teu eling. Digawe cek paribasana suku dijieun hulu, hulu dijieun suku, tipoporose nyiar kipayah, ari hasilna teu sabaraha. Boro-boro nyukupan kana kabutuh sapopoe, dalah jang maraban anak pamajikan oge geus seuseut kacida. Can nepi kana nyukupan ku dahareun opat sehat lima sampurna, dalah sangkan anak pamajikan sareubeuheun oge can nepi. Sual baju jeung nyakolakeun mah komo, beuki dipikiran kalah beuki lendeng kana sirah, bakat ku bingung ti mana neangan tambahan panghasilan.
 
Rek korupsi, mana korupsieunana. Manasina pejabat atawa anggota DPR anu loba liang pikeun korupsieun, salian ti setoran matuh ti pengusaha teh. Ra'yat leutik mah boro-boro. Awak kuru ngabelaan sakopeun saameun, anak kurang gizi, pamajikan boro-boro bisa dangdan, da ti mana waragadna. Geus kacipta, cape balik gawe, datang ka imah nenjo pamajikan kusut, anak rarugi hayang dahar, boro-boro matak hegar kana pikiran. Nu katenjo sapopoe teh istuning ngan ukur kasusah jeung karudet. Benten sareng juragan nu di DPR. Eta geuning Max Moein oge mani kaboro ngalambangsari sagala rupa jeung awewe nu lain muhrimna. Sugan teh jelema eusleum mah teu bisa jadi anggota DPR. Singhoreng bisa geuning. Jaba, boa-boa lain ngan manehna nu boga lampah nirca jiga kitu teh. Boa ampir kabeh. Naudzubillahi mindzalik!
 
Tetela Indonesia teh gering! Sasalad mental mahabu. Pamingpin ongkoh-ongkoh dina dunyana sorangan, ngitung bati korupsi bari mikiran ka mana ngawurkeun duit poe ieu. Naha ka si neneng anu rancunit, atawa balanja ka Singapur bari api-api aya tugas nagara: studi banding tea, itu tea, ieu tea? Ra'yat nu ngajerit ampir euweuh soraan teu dipalire, sabab ceuli maranehanana geus puguh nyocokan. Aman, moal ngadenge nanaon. Matana lolong bonconong nepi ka teu nenjo jelema-jelema sakarat alatan lapar! Nu katenjo ngan ukur piduiteun jeung piduiteun, pikeun nyumponan kahayang sungut jeung kahayang si eta. Mun pamingpin geus kitu patut, tong ngarepkeun nagara bisa walagri, jajauheun kana adil ma'mur palamarta.
 
Hawar-hawar kadenge nu gelo gogorowokan di luar, "Pamingpin gelo, pamingpin edan, pamingpin teu belul ngurus nagara! Teu geura datang atuh Ratu Adil teh, Gustiiiii...!!!"
 
Kuring ngahuleng bari mikir. Boa enya para pamingpin teh sarua eusleumna jeung nu keur gogorowokan di luar... Boa-boa!

Friday, May 30, 2008

RE: [barudak90] BBM - The return of AA Tata

Haturan A, kumaha parantos damang?
Matakan ceuk sim kuring ge ulah pipilih teuing...ngarah aya nu ngarawat
upami nuju teu raraos tea mah.

-----Original Message-----
From: barudak90@yahoogroups.com [mailto:barudak90@yahoogroups.com] On
Behalf Of Tata Danamihardja
Sent: Friday, May 30, 2008 2:16 PM
To: SundaBlog
Cc: Barudak 90 (milis)
Subject: [barudak90] BBM

ku:Tata Danamihardja

"Lendeng Ibi mah," cek Bi Omoh basa panggih di warung rek ngeteng udud.
"Lendeng ku naon atuh Ibi? Nya neureuy kolecer kitu?" cek kuring
ngaheureuyan.
"Ih, ari si Encep, sok api-api balilu. Lendeng ku eta, hahargaan
tingterekel, gara-gara BBM naek!" tembal bi Omoh.

Nu ngarahuh jeung humandeuar gara-gara BBM lain ngan ukur jelema pantar
bi Omoh, pamajikan mang Oman tukang beca. Pa Iwa, Kapala SD tatangga,
sarua ngarahuh. Dadang, pulisi anyar dibenum nyakitu keneh. Pa Otang nu
boga Kijang oge bet pipilueun humandeuar. Malah Jang Ohan nu sompral mah
pokna ge BBM naek teh gara-gara pamarentah belegug!

Ampir kabeh ngarasa eungap ku naekna harga BBM teh. Ku sabab kasebut
barang vital, mun BBM naek, pasti harga barang-barang pipilueun naek.
Kaharti kituna mah. Geura we, hasil tatanen, pan diangkutna teh make
kendaraan. Ari kendaraan pan make bensin. Mun bensinna naek, ongkos
angkutna oge tangtu naek. Mun ongkos angkut naek, harga hasil tatanenna
oge kudu naek. Mun henteu, nya rugi atuh, malah bisa-bisa kudu nombokan.
Kitu deui barang-barang sejenna. BBM mangaruhan kana biaya produksi. Mun
biaya produksi undak, harga jual oge pasti undak.

Ku naon pangna pamarentah naekkeun harga BBM? Ceuk versi pamarentah nu
diriung ku para ahli nu gararinding jeung pasehat ngomongna, ieu teh
gara-gara naekna harga jual minyak di pasar global nepi ka geseh jauh
jeung itung-itungan harga minyak versi APBN. Tah, ceuk nu garinding
keneh oge, mun BBM teu ditaekkeun, APBN baris defisit ratusan trilyun.
Nu matak, daek teu daek, BBM kudu ditaekkeun.

Lieur? Sami, komo kuring mah mun ngadenge itung-itungan para ahli teh
sok langsung ngurel hayang utah. Ngan aya oge nu lucu sakaligus
pikasebeleun. Eta palebah nyebutkeun "urang sarerea kudu NYALAMETKEUN
APBN". Ke, ke, ke...nyalametkeun APBN? Keur kuring, ieu teh logika
jelema eusleum nu paburantak! Mangga emut, APBN teh alat pikeun
ngokolakeun anggaran nagara. Ti mana asalna Anggaran? Ti ra'yat, lain ti
pamarentah. Pamarentah mah ukur boga kawajiban ngokolakeun sangkan
mangpaat pikeun nu bogana, nyaeeta ra'yat. Jadi, lamun aya nu kudu
dibelaan atawa disalametkeun ku pamarentah, tangtu lain APBN nu ngan
saukur alat, tapi RA'YAT! Mun kitu kakara bener!

Ayeuna mangga tingali akibat naekna BBM. Ra'yat nu salila ieu memang
geus dirintug ku rupa-rupa masalah, malik teu suka ka pamarentah, asa
diteungteuinganan. Keur mah geus sangsara sagala susah, der deuih
ditambahan ku naekna harga BBM. Cek paribasa, sireum ge ari
ditincak-tincak teuing mah nyoco. Ra'yat nu geus beak kasabaran
nguniang. Demo di mana-mana, kaasup nu dilakukeun ku mahasiswa di
kampus-kampus. Dur der nu demo patelak jeung aparat kapulisian. Nu hiji
rumasa hayang melaan hakna nu diteungteuinganan ku pamarentah, nu hiji
ngajalankeun tugas nagara, ngaladangan gajih nu teu sabaraha. Bari jeung
maranehna oge sabenerna mah milu ripuh ku naekna BBM teh. ngan dalah
dikumaha, pan cek tadi ge, ngaladangan gajih, najan resikona
kadang-kadang kacida gedena.

Pamustunganana, nu kudu ngesang, nu kudu adu regeng silih suntrungkeun,
nu kudu silih gebug bari paharus-harus genggerong mah angger ra'yat
leutik. Nu mutuskeun yen harga BBM kudu naek, nu utang-itung
sodorkeuneun ka pamarentah, teu pernah ngasaan kumaha ripuhna hirup.
Aranjeunna mah ngahenang-ngahening, hirup dina dunyana sewang-sewangan,
diayun ambing ku kakawihan pangbeberah manah kalangenan. Gorowokna
jelema-jelema nu demo teu bisa tembus kana hate maranehanana nu hirupna
geus teu make rasa, tapi sapinuhna ngandelkeun itung-itungan angka. Para
gegeden mah tinggal nembongkeun beungeut sedih bari ngomong "ngiring
bela sungkawa" geus cukup. Ku kitu ge ra'yat mah geus kaupahan. Komo
bari jeung dibere panyecep mangrupa BLT nu lian ti loba dipotong ti ditu
ti dieu teh, teuing cukup teuing moal pikeun hirup sakitu bulan.

Pan cenah dina demokrasi mah sora panglobana nu baris nangtukeun
kaputusan teh. Tapi buktina, najan sakitu ratus juta ra'yat Indonesia
ceurik getih menta harga BBM ulah ditaekkeun, angger we kaputusan ahir
mah ditangtukeun ku nu jumlahna ngan ukur pupuluhan ge duka teuing.
Jadi? Demokrasi teh tai ucing, nya bau nya pikageuleuheun. Tuh tenjo
Amerika, nu sok hayang disebut pelopor demokrasi saalam dunya, pan
kalakuanana sakitu pikasebeleunana. Perang di nagara batur, ngadukeun
batur, jrrd., pokona mah kalakuan bocokok, tukang bobok tukang tarok
tukang nyingkabkeun anderok (emut kasus Clinton-Lewinsky?). Padahal,
dina danget ieu, urang keur kacida sumujudna ka Amerika. Sagala mangga,
sagala sumuhun dawuh, jiga jelema kecing euweuh pisan kawani. Ngerakeun
kabina-bina.

Tipi di warung Mang Hamim ngagembrung keneh. Katempo dina berita, nu
demo di mana-mana, sorana peura, sirahna ngajendol, tapak neunggeul
pulisi. Naha enya kitu, pamarentah keur ngadukeun ra'yatna dina raraga
ngurangan jumlah penduduk? Pindah saluran, nu demo deui, nu ngagorowok
deui, teuing nepi ka iraha.

[Non-text portions of this message have been removed]


------------------------------------

- Ngobrol, berbagi info, berbagi tawa, dan yang terpenting..berbagi duit
atuh euy!!
- Boleh nulis apa saja, asal sopan (so fun) dan tidak menyinggung siapa
pun
- Yang terpenting, manfaatkan milis ini sebagai ajang silaturahmi

=============================================================

- Nyari ebook gratis? http://bukubagus.multiservers.com atau
http://bukubaguss.blogspot.com
- eGold Machine: http://egoldmachine.tripod.com
- Sundablog: http://sundablog.blogspot.com

=============================================================
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:

http://groups.yahoo.com/group/barudak90/

<*> Your email settings:
Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:

http://groups.yahoo.com/group/barudak90/join

(Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
mailto:barudak90-digest@yahoogroups.com
mailto:barudak90-fullfeatured@yahoogroups.com

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
barudak90-unsubscribe@yahoogroups.com

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:

http://docs.yahoo.com/info/terms/

BBM

ku:Tata Danamihardja
 
"Lendeng Ibi mah," cek Bi Omoh basa panggih di warung rek ngeteng udud.
"Lendeng ku naon atuh Ibi? Nya neureuy kolecer kitu?" cek kuring ngaheureuyan.
"Ih, ari si Encep, sok api-api balilu. Lendeng ku eta, hahargaan tingterekel, gara-gara BBM naek!" tembal bi Omoh.
 
Nu ngarahuh jeung humandeuar gara-gara BBM lain ngan ukur jelema pantar bi Omoh, pamajikan mang Oman tukang beca. Pa Iwa, Kapala SD tatangga, sarua ngarahuh. Dadang, pulisi anyar dibenum nyakitu keneh. Pa Otang nu boga Kijang oge bet pipilueun humandeuar. Malah Jang Ohan nu sompral mah pokna ge BBM naek teh gara-gara pamarentah belegug!
 
Ampir kabeh ngarasa eungap ku naekna harga BBM teh. Ku sabab kasebut barang vital, mun BBM naek, pasti harga barang-barang pipilueun naek. Kaharti kituna mah. Geura we, hasil tatanen, pan diangkutna teh make kendaraan. Ari kendaraan pan make bensin. Mun bensinna naek, ongkos angkutna oge tangtu naek. Mun ongkos angkut naek, harga hasil tatanenna oge kudu naek. Mun henteu, nya rugi atuh, malah bisa-bisa kudu nombokan. Kitu deui barang-barang sejenna. BBM mangaruhan kana biaya produksi. Mun biaya produksi undak, harga jual oge pasti undak.
 
Ku naon pangna pamarentah naekkeun harga BBM? Ceuk versi pamarentah nu diriung ku para ahli nu gararinding jeung pasehat ngomongna, ieu teh gara-gara naekna harga jual minyak di pasar global nepi ka geseh jauh jeung itung-itungan harga minyak versi APBN. Tah, ceuk nu garinding keneh oge, mun BBM teu ditaekkeun, APBN baris defisit ratusan trilyun. Nu matak, daek teu daek, BBM kudu ditaekkeun.
 
Lieur? Sami, komo kuring mah mun ngadenge itung-itungan para ahli teh sok langsung ngurel hayang utah. Ngan aya oge nu lucu sakaligus pikasebeleun. Eta palebah nyebutkeun "urang sarerea kudu NYALAMETKEUN APBN". Ke, ke, ke...nyalametkeun APBN? Keur kuring, ieu teh logika jelema eusleum nu paburantak! Mangga emut, APBN teh alat pikeun ngokolakeun anggaran nagara. Ti mana asalna Anggaran? Ti ra'yat, lain ti pamarentah. Pamarentah mah ukur boga kawajiban ngokolakeun sangkan mangpaat pikeun nu bogana, nyaeeta ra'yat. Jadi, lamun aya nu kudu dibelaan atawa disalametkeun ku pamarentah, tangtu lain APBN nu ngan saukur alat, tapi RA'YAT! Mun kitu kakara bener!
 
Ayeuna mangga tingali akibat naekna BBM. Ra'yat nu salila ieu memang geus dirintug ku rupa-rupa masalah, malik teu suka ka pamarentah, asa diteungteuinganan. Keur mah geus sangsara sagala susah, der deuih ditambahan ku naekna harga BBM. Cek paribasa, sireum ge ari ditincak-tincak teuing mah nyoco. Ra'yat nu geus beak kasabaran nguniang. Demo di mana-mana, kaasup nu dilakukeun ku mahasiswa di kampus-kampus. Dur der nu demo patelak jeung aparat kapulisian. Nu hiji rumasa hayang melaan hakna nu diteungteuinganan ku pamarentah, nu hiji ngajalankeun tugas nagara, ngaladangan gajih nu teu sabaraha. Bari jeung maranehna oge sabenerna mah milu ripuh ku naekna BBM teh. ngan dalah dikumaha, pan cek tadi ge, ngaladangan gajih, najan resikona kadang-kadang kacida gedena.
 
Pamustunganana, nu kudu ngesang, nu kudu adu regeng silih suntrungkeun, nu kudu silih gebug bari paharus-harus genggerong mah angger ra'yat leutik. Nu mutuskeun yen harga BBM kudu naek, nu utang-itung sodorkeuneun ka pamarentah, teu pernah ngasaan kumaha ripuhna hirup. Aranjeunna mah ngahenang-ngahening, hirup dina dunyana sewang-sewangan, diayun ambing ku kakawihan pangbeberah manah kalangenan. Gorowokna jelema-jelema nu demo teu bisa tembus kana hate maranehanana nu hirupna geus teu make rasa, tapi sapinuhna ngandelkeun itung-itungan angka. Para gegeden mah tinggal nembongkeun beungeut sedih bari ngomong "ngiring bela sungkawa" geus cukup. Ku kitu ge ra'yat mah geus kaupahan. Komo bari jeung dibere panyecep mangrupa BLT nu lian ti loba dipotong ti ditu ti dieu teh, teuing cukup teuing moal pikeun hirup sakitu bulan.
 
Pan cenah dina demokrasi mah sora panglobana nu baris nangtukeun kaputusan teh. Tapi buktina, najan sakitu ratus juta ra'yat Indonesia ceurik getih menta harga BBM ulah ditaekkeun, angger we kaputusan ahir mah ditangtukeun ku nu jumlahna ngan ukur pupuluhan ge duka teuing. Jadi? Demokrasi teh tai ucing, nya bau nya pikageuleuheun. Tuh tenjo Amerika, nu sok hayang disebut pelopor demokrasi saalam dunya, pan kalakuanana sakitu pikasebeleunana. Perang di nagara batur, ngadukeun batur, jrrd., pokona mah kalakuan bocokok, tukang bobok tukang tarok tukang nyingkabkeun anderok (emut kasus Clinton-Lewinsky?). Padahal, dina danget ieu, urang keur kacida sumujudna ka Amerika. Sagala mangga, sagala sumuhun dawuh, jiga jelema kecing euweuh pisan kawani. Ngerakeun kabina-bina.
 
Tipi di warung Mang Hamim ngagembrung keneh. Katempo dina berita, nu demo di mana-mana, sorana peura, sirahna ngajendol, tapak neunggeul pulisi. Naha enya kitu, pamarentah keur ngadukeun ra'yatna dina raraga ngurangan jumlah penduduk? Pindah saluran, nu demo deui, nu ngagorowok deui, teuing nepi ka iraha.

Saturday, April 12, 2008

Pilkadal

Pemilihan kadal? Pemilihan para kadal? Ah duka teh teuing. Ngan cenah tanggal 13 April 2008 aya pemilihan kadal, eh..gubernur Jawa Barat. Cek beja, pilkadal teh hartina pemilihan kepala daerah langsung. Enya langsung dicolok kitu meureun. Pan baheula mah tara make kudu ripuh kudu milih gubernur sagala. Nyaho-nyaho geus aya we. Cek kuring, pilkadal teh angger we pemilihan kadal!
 
Ti saprak aya otonomi daerah, jadi loba pisan acara. Bupati, kudu dipilih langsung. Gubernur, presiden, nyakitu keneh. Baheula mah pan nu dipilih langsung teh mun milih RT, RW, jeung milih kuwu wungkul. Ari ayeuna jadi nambahan pagawean teh. Teu sirikna unggal pamingpin kudu dipilih langsung, kudu dicoblos.
 
Leuwih demokratis. Kitu pamanggih sawatara pihak. Enya kitu? Tah lebah dinya oge kuring teu nyaho. Ngan nu jelas mah, nambahan biaya! Pan ari pemilihan teh kudu make duit: nyiapkeun sarana prasarana, sistem, sarta sarupaning bubuk leutik anu daek teu daek kudu diayakeun. Keretas jang nyoblos, kotak jang tempat hasil nyoblos, buruh nu digarawe, biaya nyitak, jeung rea-rea deui.
 
Eta teh nu kacipta wungkul ku kuring. Dina kanyataanana pasti leuwih loba deui hal-hal anu perlu biaya. Tah, ari duitna ti mana? Tangtu wae duit ti ra'yat. Jadi duit urang sarerea. Keun we, pan sagala nu dilakukeun ku para pamingpin oge jang kapentingan ra'yat. Kitu dongengna mah. Kitu idealna.
 
Tapiii.. kadang-kadang cita-cita teh sok geseh jeung kanyataan. Dina emprona, loba pisan hal-hal anu nyalenggor tina kamistian. Duit atawa anggaran anu kuduna dipake A, kalah dipake B. Acan lamun si duitna teh dikurud, diteangan paleuleuwihna. Mun teu kitu, biayana digedean tinu sakuduna. Mun anggaran keretas upamana cukup ku duit 20 juta, der ditulisna 50 juta. Ka mana anu 30 juta? Leungit!
 
Lian ti nambahan celah jang korupsi, mindengna 'pesta demokrasi' oge cek kuring mah nambahan momot anu kudu ditanggung ku nagara. Mun baheula nu ngaranna pamilihan cukup ku lima taun sakali, ayeuna mah jadi leuwih kerep. Anu scope-na nasional wae pan dua kali: pemilihan legislatif jeung pemilihan presiden. Acan anu ruang lingkupna daerah. Mangga etang, pisabarahaeun teuing biayana.
 
Cek kuring ieu mah, tibatan duit dipake ngayakeun pemilihan nu hasilna kitu-kitu keneh, mending oge dipake meuli beas jang warga nu kalaparan. Teu kudu reueus mun Indonesia disebut-sebut minangka nagara demokratis, ari nu maot alatan kalaparan di ditu di dieu, nu nganggur balatak, nu miskin ngaleuya, nu korupsi mahabu. Na teu era, ari hayang disebut nagara demokratis, adil ma'mur, bari jeung loba keneh jalma nu kalaparan?
 
Gubernur, cek kuring mah asa can perlu dipilih langsung. Naon sababna? Fungsi gubernur mah leuwih nyoko kana soal koordinasi sakaligus 'kepanjangan tangan' pemerintah pusat. Masing gubernur gogorowokan ka unggal bupati di wilayahna sangkan biaya sakola gratis upamana, tetep we kaputusan mah aya dina leungeun bupati. Pan otonomi daerah tea. Gubernur moal bisa maksa bupati, sabab euweuh dasar hukumna.
 
Jadi? Rek dipilih langsung atawa ditunjuk, fungsi gubernur mah kitu-kitu keneh. Nu matak, cek kuring mah pemilihan gubernur langsung teh ngan ukur ngamonyah-monyah biaya, nambah-nambah kariweuh, jeung nyieun lolongkrang pikeun nu boga niat korupsi. Enya, pan loba proyek dadakan.
 
Kumaha atuh tanggal 13, rek nyoblos moal? Eta mah teu langkung. Bade nyoblos mangga, moal bae teu sawios-wios. Ngan kuring mah moal. Naha? Ah teu parurun we. Ongkoh pan milih mah hak, lain kawajiban. Mending keneh nganggeuskeun terjemahan nu geus lila kaboler gara-gara asam urat :-)

Sunday, March 30, 2008

Ucing

Cek dongeng, cenah nu satia maturan Nini Anteh di bulan teh ucing. Najan kacipta nyatuna kumaha nya, pan can pernah kacaritakeun di bulan aya beurit. Naha Nini Anteh henteu dibaturan ku sato nu lian, bayawak upamana? Duka tah lebah dinyana mah. Ngan jigana, si nini teh rada ngeper ari dibaturan ku bayawak mah. Komo mun bayawak darat. Tapi, ah duka ketang. Mun hayang yakin mah, nya kudu ditanyakeun langsung ka Nini Anteh.
 
Najan rada pamalesan alias ngedul, ucing loba nu mikaresep. Malah cek sakaol, ucing teh cenah sato kameumeut Kangjeng Nabi. Nu jelas, ucing aya di mana-mana. Komo di lembur mah, asana ampir unggal imah pasti aya ucingan. Jeung teu hese deuih ngurus ucing kampung mah. Parabna cukup ku susa-sesa deungeun sangu, galeykeun kana sangu, pasti dihakan. Teu kudu ngahajakeun ucul duit jang meuli parab husus jiga jang ucing menak.
 
Lamun ucing kampung ogoan jiga ucing menak, beu, cilaka. Duit teh meureun beak we jang parab ucing. Ari jang parab nu bogana rek ti mana? Mun kitu ucingna usaha, boga pacabakan, heg nyumbang ka nu boga ucing. Ieu mah pan boro-boro, da puguh ngaranna ge ucing, lain Tata.
 
Ti jaman keur budak keneh, di rorompok sok aya bae ucing. Mimitina mah pun lanceuk, ngerewih bae ka pun bapa, hayang boga ucing. Kabeneran Pa Momo, rerencangan pun bapa, loba pisan ucingna. Matak basa pun bapa ngurihit rek ngagentosan, teu hararese ieuh. "Mangga bae bade hiji bade dua oge, teu kedah ngagentosan," saur Pa Momo.
 
Ki lanceuk mah keukeuh hayang dua, ngan teu digugu ku pun bapa. Hiji oge can puguh kaurus. Ngahaja milih ucing danten, ngarah engkena baranahan. Buluna hiris, jadi digeroanan oge cukup si Hiris bae. Parabna teu hararese, sagala dihakan. Cucuk asin, cucuk lauk, tulang susa sesa, malah ka kurupuk-kurupuk oge dihakan.
 
Aya nu ngabejaan, cenah ngarah ucingna teu poho balik ka imah, poe mimiti awak ucing kudu dibaluran ku minyak keletik. Duka palakiahna nu metu, duka kabeneran, si Hiris teu kungsi nyasab. Pernah ketang, leungit sapoe, jigana katalimbeng di terminal. Tapi, kabeneran kapanggih ku ki lanceuk. Nya terus we dibawa balik. Ti harita teu kungsi nyasab deui.
 
Kabeneran di imah teh sarerea resep ka ucing, iwal ti pun biang. Sok rada dedegler anjeunna mah. Mun si Hiris kapanggih nyolong lauk, tara antaparah deui sok dijebred ku sapu nyere. Tapi si Hiris geus betaheun, jadi tara pundungan. Dijebred ge angger we usum nyatu mah balik ka imah, nagih jatah ransum.
 
Si Hiris anak baranahan. Duka sabaraha generasi. Ngan kadieunakeun, turunanana teu aranakan. Komo nu terahir mah, da puguh jalu, tangtu bae moal anakan. Si Jalu, kitu dingaranan ku kuring. Awakna dedeg, sembada. Bangenan kana newak beurit, malah sok pirajeunan ngala manuk sagala. Eta tuda sok naek kana tangkal cengkeh di pipir nu loba manukan.
 
Ngan ku matak ngenes ari si Jalu. Paehna katabrak mobil di jalan hareupeun imah pisan. Kuring ceurik, da puguh ucing kameumeut. Ngan dalah dikumaha, nu geus paeh mah moal bisa hirup deui. Ti harita, pleng we rada lila teu boga ucing.
 
Tapi duka ku naon, najan teu boga ucing, sok aya wae ucing nu ngulampreng. Mun kabeneran aya dahareun, sok pirajeunan diparab. Duka teuing ucing saha, ah pokona mah ucing we. Puguh ucing teh aratoheun (meureun), ma'lum mun ka warteg mah beak sabaraha pan? Komo mun hayang ka restoran siap saji, duit ti mana ari ucing?
 
Kungsi aya anak ucing, teuing nyasab, teuing dipiceun ku indung bapana nu teu tanggung jawab. Buluna bodas, beresih. Pokona mah teu eleh ku ucing menak lah. Ngan karunya, awakna kuru kabina-bina. Tah si eta mah, sakali diparab teh, teu incah deui, terus we kukulintingan di pipir. Nya tungtungna mah betaheun, da puguh diparab unggal poe, dua kali sapoe malah, isuk sore. Ari diurus mah mimiti katempo mencrangna. Buluna luis, awakna morontod. Mangkaning buluna warna bodas, malah aya hideung jeung koneng saeutik dina hulu jeung dina tonggongna. Cenah ucing bulu tilu (warna) teh disebutna candramawat.
 
Nu matak heran, pun biang nu tadina galak pisan ka ucing teh ka nu ieu mah kacida nyaaheunana. Malah anjeunna nu masihan ngaranna oge: si Olat. Boro-boro sok dijebred, si Olat mah mindeng dilahun, diusapan, pokona mah dipikanyaah. Ongkoh ucingna deuih pikaresepeun jeung pikanyaaheun. Tara daek cocorokot, najan aya lauk dihareupeunana oge. Mun diasongkeun kakara dihakan.
 
Kadang-kadang sok dititah nungguan, bisi aya ucing batur nu rek cocorokot. Jeung enyana, jiga nu ngarti kana basa jelema, mun aya ucing sejen nu wani-wani ngadeukeutan, pasti dikaprot ku si Olat. Pun biang beuki nyaaheun bae ka si Olat. Heesna ge tara sina di luar, tapi di jero imah, dipangnyieunkeun kasur leutik. Nu lucu mah mun tengah peuting hayang kiih, si Olat sok riweuh disada ka unggal panto kamar, menta dipangmukakeun panto, rek ka luar. Geus kitu teh kudu ditungguan deuih, sabab rek hees deui di jero imah. Jadi najan ucing timu, si Olat mah apik, tara pararadu ngompol di mana bae.
 
Ngan aya hiji kahengkeran si Olat mah: Sieun ku guludug! Jadi mun geus ngadenge sora hujan ninggang kenteng, manehna mah sok geus paciweuh nyumput ka kolong meja atawa kolong tempat tidur. Ngahephep we eta teh, geus tara beunang digera-gero. Komo mun guludug pating jeleger, jigana teh ngayekyek we di kolong. Duka ku naon tah, nepi jiga nu trauma kitu :-)
 
Hanjakal si Olat mah unggal boga anak teu jadian bae. Sok paraeh keur orok keneh. Nu matak euweuh turunan si Olat di imah. Padahal hayang pisan aya turunanana, sugan we iceus tur ngarti jiga indungna.
 
Basa si Olat gering nepi ka hanteuna, pun biang rambisak. Ucing kameumeut anjeunna paeh, ditungkulan ku sarerea, di jero imah. Sarerea ngaheruk, sedih ditinggalkeun ku ucing nu kacida dipikanyaahna.
 
Ayeuna aya gagantina si Olat, sarua ieu oge ucing datang sorangan. Jigana ieu oge ucing nu dipiceun ku indung bapana nu teu tanggung jawab. Buluna bodas jiga si Olat, tapi dina huluna aya ponian, warna hideung. Matak ngaranna oge De Poni.