Wednesday, October 01, 2008

Nyungsi Acining Ati

Lir ibarat tatit, ngabelesur ngajugjug ka alak paul. Kitu sestuna mungguhing waktu. Taya tempo geusan sumarimpang, taya mangsa geusan senang-senang. Mun wenang mah hayang nganjang ka pageto, hayang nyungsi ka bihari, susuganan manggih luang sangkan bisa manjang-manjang mangsa, da puguh teuing ku betah, ngandih di alam kiwari.
 
Orokaya, hirup kauger ku kadar, tetengger ciptaning Gusti. Mangsa hamo bisa diatur sakarep isun, estu sakadar tumamprak bari ihtiar satekah polah, sangkan teu kalangsu nya laku, henteu kasasar nya lampah, enggoning ngalalakon di marcapada.
 
Rumasa loba katuna, diri pinuh ku codeka, bari loba teu karasa. Langkung saur bahe carek, mugia agung lumur jembar pangampura, silih lubarkeun dosa perdosa. Caang bulan opat welas, jalan gede sasapuan. Cangra, bengras, lir keretas bodas nyacas, can katulis ku mangsi. Bari kedal jangji jeroning ati, tina sanubari nu suci, moal rek ngarorocet catetan, susuganan kabiruyungan.
 
Wilujeng Boboran Siam. Sih Hapunten Anu Kasuhun.
 
Panjalu, 1 Syawal 1429 Hijriyah.

Pamaos SundaBlog

 

1 comment:

Anonymous said...

Sampurasun pengersa, bade ngiring ngopi seratan pengersa, manawi teu diwagel.... hatur nuhun sateuacanan
Salam Herri Suryadikatma pituin urang sunda nu tiasa nyunda