Friday, December 01, 2006

Saembara Ngarang Novelet Sunda

Dina raraga mieling Hari Bahasa Ibu (Basa Indung) Internasional tanggal 21 Pebruari 2007, Paguyuban Panglawungan Sastra Sunda (PP-SS) baris ngayakeun “Lomba Ngarang Novelet Barudak Basa Sunda”. Pamilon lomba teu diwatesanan (umum), ditutup tanggal 31 Desember 2006 (cap pos). Novelet ditulis dina basa Sunda, diketik komputer 2 spasi antara 20-40 kaca, ukuran keretas A4. Tema karangan bebas, tapi kudu disaluyukeun pikeun bacaeun barudak umur 12-15 taun.
 
Naskah wajib dilengkepan ku identitas pangarang, dikirim ka Jln. Taman Kliningan II No. 5 Buahbatu Bandung 40264, kalawan dina amplopna ditulisan “Saembara Ngarang Novelet Barudak PP-SS”, atawa bisa dikirim ka alamat serelek (email) pangarangsunda@yahoo.co.id. Para juara lomba nu hadiah totalna Rp 9 juta ieu teh baris diumumkan tanggal 21 Februari 2007.
 
Sok atuh, nu ngaraos kagungan bakat tulas-tulis, ngariringan ah..
 
 

Friday, November 24, 2006

Rupa-rupa Kabeurangan

Cek sakaol, kabeurangan teh aya dua rupa: kabeurangan nu dihaja, kabeurangan rada dihaja, jeung kabeurangan nu teu dihaja. Baruk aya kabeurangan nu dihaja kitu? Seueur, kulan. Eta geuning sok loba PNS nu ngantorna sakainget. Kuduna ngantor jam tujuh, ku sabab asa digawe di kantor nini aki, der datang jam sapuluh. Mending mun digawena teh suhud, balik jam opat atawa jam lima. Ieu mah henteu. Jam satengah satu geus anggalesoh, bujurna ngadadak lenjong. Alesan itu ieu, leos we balik. Na ngaladangan naon atuh nya ari nu kitu? Eta ku geus teu asa jeung jiga tea meureun..
 
Anehna ari di kantor-kantor swasta gedean mah leuwih disiplin. Lain euweuh, ngan asana moal ngabudaya jiga di kantor-kantor pamarentah. Ieu teh taya sanes ku lantaran di swasta mah biasana jelas dina soal 'reward and punishment'. Bolos sakitu jam, nya potong we gajihna, kitu conto nu gampangna mah. Nya ieu pisan nu teu dilarapkeun di kantor-kantor pamarentah teh. Pagawe negeri mah jongjon, sabab gajih geus maneuh unggal bulan. Perkara bolos atawa melencing, wah, nu dilaluhur ge sarua we melencing. kitu biasana alesanana teh.
 
Pun lanceuk kabeneran pagawe nagri di Cirebon. Ngadongeng, cenah eta mah aya anak buahna nu digawena teh ngan ukur sapoe dina sabulan, istuning datangna teh ngan poean nyokot gajih wungkul. Dipapatahan mah dipapatahan, hih angger we kitu. Alesanana teh cukup ku, "Teu gaduh ongkos Pa.." Dasar euweuh kaera.
 
"Naha atuh lain carekan, atawa laporkeun we ka atasan?" cek kuring mangloh.
 
"Teu wasa," tembal ki lanceuk, "Sidik si eta teh dulurna atasan Akang.."
 
Wah, teuing atuh ari kitu mah!
 
Kumaha ari kabeurangan nu rada dihaja? Ieu mah sabenerna teu hayang kabeurangan, tapi aya hal sejen nu nyababkeun kabeurangan. Contona mun keur usum mengbal Piala Dunya tea. Pan sarerea ge tangtu lain hayang kabeurangan, tapi hayang lalajo mengbal. Kadang-kadang sapeuting jeput tah teu sare ngabelaan karesep kana mengbal teh, bari jeung nu mengbalna mah teu dulur teu baraya, teu hir teu walahir. Ngan orokaya isuk-isukna sok tunduh. Jadi we kabeurangan. Teu dihaja pan kabeuranganana mah? Tapi lalajo mengbalna - nu matak tunduh nepi ka kabeurangan ngantor, eta mah dihaja. Jadi, nu kieu nu kabeurangan rada dihaja teh.
 
Nu katilu, kabeurangan nu teu dihaja. Ieu mah bener-bener teu dihaja. Tangtu kabeuranganana oge moal terus-terusan jiga PNS. Bisa wae peutingna aya nu gering, terus kudu kemit, teu bisa sare. Ngaranna ge musibah. Jadi mun isukna kabeurangan, nya dima'lum, da lain kahayangna tur lain ngahaja.
 
Di kampung, sok loba pisan budak sakola nu kabareurangan. Alesanana oge kuat, babantu digawe ka kolotna. Ma'lum budak di kampung mah, najan leutik keneh, loba nu geus diandelkeun mantuan kolot. Ngarit jang domba tea, ngala cai tea, narokan suluh tea, jeung sajabana. Kitu soteh da meureun kajurung ku kaayaan. Mun kolotna sagala aya mah, piraku teuing tega anakna kudu migawe pagawean kolot nepi ka matak kabeurangan sakola sagala. Ngan dalah dikumaha deui atuh. Matak guru-guru di sakola ge sok loba ngama'lum, tamaha, bongan pamarentah can bisa ngama'murkeun sakabeh rahayatna.
 
Sanajan kitu, ari mindeng-mindeng teuing mah, keuheul oge pa Guru teh. Saperti si Ibro anak Mang Daman. Eta mah da teu sirikna unggal poe atuh kabeurangan teh. Memang sabenerna mah memeh sakola teh manehna sok guwa-gawe heula mantuan kolotna. Ngan ku sabab mani unggal poe pisan, Pa Guru teh antukna mah bendu oge.
 
Basa si Ibro kabeurangan deui, Pa Guru nyentak, "Tas naon heula atuh maneh teh Ibro? Tuh batur mah geus ngerjakeun soal aya kana sapuluhna!"
"Euh..Punten Pa Guru, abdi wangsul macekkeun heula domba nembe teh.." si Ibro murungkut.
"Macekkeun domba? Na atuh lain ku bapa maneh nu kitu mah?" Pa Guru beuki wera.
"Eu..eu..moal tiasa atuh Pa, kedah ku domba deui..." si Ibro ngalengis bingung, satengah ambek. Teungteuingeun ari Pa Guru, maenya bapana kudu macek domba!
 

Thursday, November 23, 2006

Basa Sunda Tereh Tumpur?

Ngajawab ieu patalekan sabenerna enteng bangga. Enteng, da memang tinggal ngajawab. Naon hesena ngajawab? Tapi oge bangga sabab lamun hayang ngajawab kalawan bener tangtu kudu dirojong ku rupa-rupa alesan nu ngarojong jawaban urang. Jadi? Ah kuring mah moal ngajawab, rumasa kurang elmuna. Keun eta mah bagean para ahli anu memang rubak bekelna.
 
Kahariwang yen basa Sunda bakal tumpur memang asup akal, lamun urang nengetan basa Sunda nu dipake ku sabagian gede kalangan nonoman Sunda. Basa nu dipake geus pabaliut jeung basa deungeun atawa basa sejen, utamana basa Indonesia 'jakartaan'.
 
"Aduh, nggak mau maneeehh.." (pemeo temporer taun 90-an, euweuh hartina iwal ti nembongkeun kagumbiraan. Contona: wanoja panggih jeung jajaka kasep, terus nyarita ka baturna papada wanoja, "Aduuh, nggak mau maneh.. na eta mah mani kasep-kasep teuing nya?")
"Urang mah mun ngobrol jeung si eta pasti keketawaan.." (maksudna: seuseurian)
"Bapa urang ge bangga urang bisa rengking hiji.." (maksudna: reueus)
"Besok meunang teu urang maen ka rumah?" (maen dina basa Sunda hartina ngadu, judi. Padahal di dieu tangtuna ge maksudna ulin).
 
Loba keneh sabenerna kalimah-kalimah anu direumbeuy ku basa Indonesia, nu hartina baris jadi nyaliwang lamun urang pengkuh nyekel kana tetekon kana basa Sunda anu 'bener'. Sanajan kitu, kadang-kadang kuring sok mikir sorangan. Basa teh pan diciptakeunana pikeun komunikasi anu tujuanana sangkan nu ngobrol jeung nu diajak ngobrol papada ngarti kana naon anu diobrolkeun atawa anu jadi jejer obrolan. Lamun nilik kana tujuanana, atuh meureun teu salah sapanjang nu ngobrol make basa Sunda campur aduk teh papada ngarti, da tadi ge tujuanana teh nya komunikasi tea. Nyambung, mun cek barudak ayeuna mah.
 
Nya ieu pisan anu kadang-kadang nu ngondang pebentar paham teh. Cek kaum 'konvensional', komunikasi teh lain saukur papada ngarti, tapi oge kudu bener, boh kekecapanana, boh undak usukna. Cek kaum 'moderat', keun we rada teu bener oge, nu penting mah daek keneh ngagunakeun basa Sunda, tinimbang lapur pisan. Malah cek nu 'revolusioner' mah, rek ngobrol make basa naon ge nu penting mah nyambung, papada ngarti, na make kudu riweuh sagala?
 
Sababaraha pamanggih nu disebut di luhur nepi ka ayeuna masih terus dipadungdengkeun. Ngan keur sakuringeun, idealna mah nonoman atawa generasi ngora angger kudu apal tur ngarti mana basa Sunda nu 'bener', sabab ieu teh modal nu kacida gedena. Cenah eta dina waktu ngobrol jeung babaturanana make basa Sunda 'teu bener', keun we teu nanaon, nu penting manehna nyaho kumaha basa Sunda nu sakuduna. Mun teu kitu, tangtu baris aya 'gap' anu beuki anggang antara generasi 'kolot' jeung generasi ngora, da masing-masing boga 'basa sorangan' tea.
 
Carana? Nya kudu aya komunikasi antara kolot jeung budak tea. Lengkah awal nu kacida utamana, euweuh deui iwal ti ngatik tur ngajak barudak di imah sewang-sewangan sangkan wawuh kana basana sorangan. Ulah ngarasa reueus mun anak urang - nu indung bapana pituin urang Sunda - palahak polohok teu ngarti basa Sunda.
 
Anu kadua, mun budak salah ngomong basa Sunda, ulah diseukseukan. Anggur deukeutan, terus perenahkeun kumaha kuduna. Lamun dicarekan, tibatan jadi bener, budak kalahka tinggar kalongeun. Tungtungna kalah hoream nyarita ku basa Sunda, sabab sieun dicarekan tea. Lapur weh mun geus kieu mah.
 
Kadang-kadang sok loba dongeng pikaseurieun mun pangangguran nengetan basa Sunda barudak jaman kiwari. Di handap ieu aya sababaraha dongeng nu dicutat tina pangalaman guru basa Sunda di SD.
 
Soal Basa Sunda
Teruskeun kalimah-kalimah di handap ieu ku hidep.

Soal  : Ibu tuang, abdi ....
Jawab : hoyong.
Soal  : Bapa angkat, abdi ....
Jawab : ngiring.
Soal  : Ulah sok huhujanan bisi ....
Jawab : diteunggeul.
Soal  : Cikaracak ninggang batu laun-laun jadi ....
Jawab : tarik.
Soal  : Nini kulem, abdi ....
Jawab : oge.
 
Nu ieu mah soal basa Indonesia, dijawab ku budak anu 'nyunda' pisan.

Soal  : Pencuri itu lari tunggang ......
Jawab : tonggeng.
 
Keur mimiti ngadenge dongeng-dongeng tadi, kuring ngagakgak. Tapi lila-lila kalah ngahuleng. Enya kitu basa Sunda teh tereh tumpur? Tetela, ieu teh pikiraneun urang sarerea.
 

Saturday, November 18, 2006

Nyarekan

Maca komentar dina shoutmix, bet asa kaingetan. Geus rada lila puguh teu nulis dina basa Sunda. Lain tambelar, lain mopohokeun basa Sunda, sabab jigana najan tepi ka iraha wae oge, kana basa Sunda mah moal poho. Ieu mah istuning ku sabab pabeulit jeung neangan eusi peujit (tuh, murwakanti pan?).

Najan sabenerna rada ngarti basa Inggris (saeutik-eutikeun), basa Indonesia (taram-taram), basa Cirebon (saeutiiik.. pisan), katut sababaraha basa sejenna (basa okem, basajan jeung basa kamari rapat di desa panggih jeung Pa Kuwu teu?), nu karasa teleb kana pipikiran mah teu aya deui iwal ti basa Sunda. Dalah ngimpi ngobrol jeung bule ge asana mah sok di-dubbing make basa Sunda. Komo eta mah palebah ngambek atawa nyarekan, da asana teh puleeen.. pisan ari make basa Sunda mah. Beda jeung lamun ngagunakeun basa sejen atawa basa deungeun.

Na ari basa Sunda teh keur nyarekan kitu? His lain, dimana-mana ge basa mah keur komunikasi. Tah bagian tina komunikasi teh pan diantarana nya nyarekan tea. He..he.. Angger nya tungtungna mah kana nyarekan.

Tapi dipikir-pikir mah jigana memang bener nyarekan teh mangrupa bagian tina komunikasi verbal. Dina basa naon bae oge pasti aya kecap-kecap husus nu digunakeun atawa dipakena ngan ukur waktu nyarekan. Biasana kecap-kecap jang nyarekan mah euweuh deui pilihan, iwal ti kecap-kecap kasar tur garihal, anu tujuanana sangkan jelema nu dicarekan ngarasa kasigeung jeung nyerieun hate. Jeung da asa teu lucu lamun nyarekan make basa lemes. Jadi inget ka pun lanceuk keur budak, pasea jeung kuring. Teuing pedah naon mimitina, ngan nu jelas mah kuring ngambek ka manehna. Pun lanceuk teu tarima, malik nyarekan. Ngan ku sabab ku pun biang sok diomat-omatan teu meunang ngomong kasar, pokna teh, "Naha sia teh bet bendu ka Teteh?" Atuh kuring ge kalah nyeuleukeuteuk ngadenge kitu mah. Abong budak.

Tangtu dina praktekna, nyarekan teh mangrupa katup atawa kelep darurat, lamun cara sejen geus teu katoong bisa ngarengsekeun masalah. Jadi ari masih keneh bisa ku cara sejen mah, usahakeun pikeun nyingkahan hal eta sakuat tanaga. Naon sababna? Ngaran-ngaran nyarekan tea pan kajurung ku napsu. Nu penting ngeunah bisa ngabudalkeun amarah. Nu kapikir paling-paling oge neangan kecap-kecap nu pangkasarna. Padahal ari enggeusna mah sok hanjakal jeung era mun panggih deui jeung jelema nu dicarekan. Komo mun waktu nyarekan teh kacaletot salah ngalarapkeun basa, nu kuduna keur ka batur, kalah dipake ka sorangan. Pan aya dongengna tateh.

Kieu cenah. Ma'lum jalma keur ngambek, amarahna tangtu muncugug nepi kana embun-embunan. Manehna hayang ngahina bebeakan, nyeksekeun yen beungeut jelema nu dicarekan ku manehna teh goreng kabina-bina. Na ari pokna teh, "Yeuh sia teh kudu ngarumasakeun, kudu loba ngeunteung. Nurustunjung siah, keur bujur sia jiga beungeut aing teh.."

Gusti, kalah ngajejeleh sorangan atuh eta mah. Duka lamun memang eta teh bakating ku jujur, nembrakkeun karumasaan :-). Matak oge, lamun teu kapaksa mah, mending tong nyarekan batur, bisi kacaletot jiga kitu. Isin, kulan?

Sunday, November 05, 2006

Reunian

Reunian alias reuni, asal kecapna tina reunion. Ngumpul deui anggeus sawatara lila papisah, kitu kurang leuwih hartina. Pokona mah ngarumpul jeung babaturan, boh babaturan kuliah baheula, babaturan ulin, atawa babaturan maen band.

Poe Saptu kamari maksakeun ka Bandung bari jeung macet-macet oge. Ma'lum kabeneran bareng jeung usum baralikna jelema ti lembur-lembur ka dayeuh, tempat maranehanana neangan pangupa jiwa. Hasilna nya macet. Nagreg biasana nu jadi langganan macet teh. Indit ti imah jam 7 isuk-isuk, datang ka Bandung satengah 3 sore!! Kacida nya... Padahal ditungguan ku barudak jam 10 isuk-isuk.

Tapi ari geus cunduk mah ka tempat ngumpul, leungit tah kacape, nyareri awak, jeung eungap gara-gara kakebulan di jalan teh. Bungah we nu aya. Panggih deui jeung jelema-jelema nu kungsi sagulung sagalang, jaman sangsara, jaman dahar 300 perakeun di Bu tunduh hareupeun kampus. Jaman roko sapotong sewang, atawa mun keur teu boga duit kadang-kadang mulung kuntung bari culang cileung sieun katenjo ku batur.. Najan teu boga duit ge,aya keneh ari kaera mah...:-)

Tapi nyakitu, nasib jelema mah beda-beda alias teu sarua. Sanggeus sakitu lilana teu panggih, ari gok tangtu loba robahna, boh sacara fisik atawa rejeki. Sacara fisik upamana aya nu buukna cepak terus make polet tilu baris jiga galengan (tong ngambek Wem!), aya nu jadi huisan. Sacara rejeki mah teu kudu dicaritakeun. Aya nu geus beunghar, aya nu can beunghar (jiga kuring!). Cek ahli psikologi, teu meunang nyebut teu beunghar, soalna eta teh nandakeun yen urang ngabogaan cara mikir negatif. Lamun nyebut can beunghar mah hartina aya keneh harepan pikeun jadi nu beunghar. Jadi ieu teh cara mikir positif. Cenah eta ge.

Untungna, nu parapanggih kamari mah euweuh (atawa can aya?) nu unggah adat! Ngobrolna, sikepna, masih jiga bareto, henteu nganyar-nganyari. Masih keneh ngobrol kasar (teuing ku naon, ngobrol lemes jeung babaturan deukeut teh asa nengterege, asa karagok). Teuing meureun pedah kuring mah lain menak, jadi kalakuanana ge orowodol! Kecuali mun ngobrol jeung nu teu pati loma mah, kuring ge bisa atuh ngobrol ala menak. Pan baheula ge basa keur SD, basa Sunda peunteun salapan! piraku we teu bisa nu kitu-kitu acan.

Pamustunganana mah reuni informal teh heboh, sagala ditatab. Ti mimiti ngobrol, ngadu rahul, silih sepet, nyanyi, malah nepi ka dipoto sagala. Sual fotogenik atawa henteu, eta mah urusan foto model, lain urusan urang. Peutingna diteruskeun begadang nepi ka jam tilu subuh. Padahal saukur ngobrol. Tapi bet asa balik deui ka jaman bareto. Jaman sarua papada boga angen-angen hayang sukses. Najan ayeuna kabuktianana teu sarua, tapi suasanana tetep jiga bareto.

Nuhun Gusti, aya keneh jelema-jelema nu teu unggah adat. Mugi-mugi we dugi ka engke angger teu unggut kalinduan, teu gedag kaanginan.

Monday, October 23, 2006

Kartu Lebaran Haratis!

Kartu lebaran, bisa jadi mangrupa salah sahiji sarana silaturahim di antara sasama muslim. Sanajan kiwari loba nu milih ngagunakan SMS pikeun ngaganti fungsi kartu, tapi tetela loba keneh nu ngarasateu bisa disisilihan.
 
Jaman internet, daek teu daek mangaruhan oge kana sual perkartuan. Mun baheula ngirim kartu bener-bener kudu ngingkig ka kantor pos, kiwari mah teu salawasna kudu kitu. Format kartuna ge geus lain tina keretas deui,tapi geus robah dina wangunkartu digital. Ngirimna? Cukup ti kamar, ngagunakeun fasilitas internet.  
 
Tah, di internet teh kacida lobana situs nu nyadiakeun layanan pikeun ngirim eCard alias kartu elektronik kalawan gratis. Toong geura di http://www.kapanlagi.com upamana. Tinggal nuturkeun pituduhna, dina waktu singget urang geus bisa ngirim eCard kakanca mitra nu rek dikirim kartu.
 
Ngan hanjakal, cek kuring mah aya kahengkeran dina cara ngirim kartu ku cara saperti kieu teh, sabab jelema nu dikirim kartu ku urang saestuna ngan ukur dikirim link pikeun noong kartu kiriman tea. Jadi, mun manehna hayang nempo bungkeuleukan karuna, kudu nyambung ka internet terus nuturkeun link dina email nu dikirim ku situs kartu ka manehna. Ku kituna, kartu teh ngan aakuan wungkul, sabab teu bisa dipimilik atawa disimpen dina komputer manehna. Mun dina hiji waktu hayang nempo deui, nya kudu neang deui link nu tadi, anu dina jangka waktu nu tangtu, baris dipupus ku situs kartu nu bogana.
 
Tah, mun hayang eCard atawa kartu nu bisa dipimilik salawasna, bisa disimpen dina komputer, bisa ditenjo iraha wae bari teu kudu nyambung ka internet, teang we di DIEU. Loba kartu, tinggal milih, terus bisa diundeur, HARATIS deuih! Mun rek dikirimkeun ka batur, download we heula, engke bisa dikirim ku sorangan make email. Gampil pan?
 
Mangga, pilih kelir acak corak. Jaba make musik sagala geuning. Panasaran? Matakna, teang we ayeuna keneh. Meungpeung HARATIS!

 
SundaBlog

Sunday, October 22, 2006

Monday, October 16, 2006

MP3 Degung & Doel Sumbang

Sakalian ngalengkepan tulisan ngeunaan Basa Sunda Doel Sumbang, kasanggakeun download link lagu-lagu Doel Sumbang dina format MP3. Minangka bonusna, aya sababaraha MP3 Degung, anu oge tiasa diundeur kalayan haratis.
 
Lagu-lagu Doel Sumbang

 

Doel Sumbang - MUMUN.mp3 (4.7 Mb)

Doel Sumbang - Nyi Ipah.mp3 (5,2 Mb)

Doel Sumbang - Pangandaran.mp3 (6,4 Mb)

Doel Sumbang - Si Manehna.mp3 (4,3 Mb)

Doel Sumbang - JAMPE HARUPAT.mp3 (5,1 Mb)

Doel Sumbang - Kacida.mp3 (4,4 Mb)

Doel Sumbang - TELAGA PATENGGANG.mp3 (3,7 Mb)

Doel Sumbang - Somse.mp3 (4,3 Mb)

Doel Sumbang - Meni Geuleuh.mp3 (3,7 Mb)

Doel Sumbang - JOL.mp3 (4,2 Mb)

Doel Sumbang - LINU.mp3 (3,7 Mb)

Doel Sumbang - A I.mp3 (5,3 Mb)

Doel Sumbang - Ema.mp3 (5,1 Mb)

Doel Sumbang - HESE.mp3 (3,8 Mb)

Doel Sumbang - BERENYIT.mp3 (4,6 Mb)

Doel Sumbang - Bulan Batu Hiu.mp3 (4,4 Mb)

Doel Sumbang - Awewe Sapi Daging.mp3 (4,6 Mb)

Doel Sumbang - Edun.mp3 (3,5 Mb)

 

Lagu-lagu dina wanda Degung

 

Degung - Es Lilin.mp3  (6,9 Mb)

Degung - Salempay Bodas.mp3 (7 Mb)

Degung - Kucap - Kiceup.mp3 (6,5 Mb)

Degung - Kapinis.mp3 (6,9 Mb)

Degung - Goyang - Goyang.mp3 (6,7 Mb)

Degung - Bulan Dagoan.mp3 (6,8 Mb)

Degung - Selon.mp3 ( Mb)

 
Upami aya masalah sajeroning ngundeur ti dieu, cobian ti situs nu ieu.

Tuesday, October 03, 2006

Obituari 9 Ramadhan 1426 H

Takdir memang rusiah Nu Maha Kawasa. Can aya, jeung MOAL AYA nu bisa noong takdir. Najan sakumaha rosana urang munajat, tapi takdir Anjeunna insya Allah teu bisa dirobah. Takdir tetela mangrupa hak prerogatif Allah. Suka teu suka, teu bisa majar kumaha. Urang kedah tumut kana katangtosan Anjeunna.
 
Tanggal 2 Oktober 2006 (9 Ramadhan 1426 H) tabuh 10 WIB, pun biang ngantunkeun, dipundut ku nu Kagungan. Sedih, kingkin, hal nu kacida wajarna. Komo kangaranan manusa, lolobana sok ngaboga-boga ka nu lain hakna. Padahal na saha atuh anu Maha Kagungan lamun lain Allah Subhanahu Wata'ala? Dalah sangu nu rek dihuapkeun, nu tinggal sasenti deui kana baham, istuning kagungan Allah Swt. Jadi sebenerna urang teu kudu hanjakal mun sangu tea dipundut ku nu Kagungan, teu jadi didahar.
 
Ngan tangtu da kuring teh jelema anu dhoif alias lemah. Kuring dieuntreupan kasedih, malah kadang-kadang asa diteungteuinganan, da nyaeta ngarasa miboga tea. Pun biang anu kacida dipikanyaahna ku kuring, oge anu kacida mikanyaahna ka kuring, sasat ditongtak, ngadadak dipundut. Sok padahal kuring ge sadar, kabeh oge geus aya dina rencana Gusti Nu Maha Suci. Asa ditongtak, asa kacolongan soteh dumeh urang mah teu terang tea.
 
Kacapangan nu nyebutkeun lalaki mah pantrang juuh cimata, gugur tanpa sarat. Kuring ngeclakkeun cimata. Rumasa loba katuna, jajauheun kana nyugemakeun indung. Ukur bisa nembongkeun kanyaah ku kekecapan, anu duka katampieun duka henteu. Kuring teu bisa ngabrukbruk ku dunya barana, can bisa nyenangkeun ku harta banda, sabab kabeh oge kakara nepi kana cita-cita.
 
Kungsi boga angen-angen, hayang boga imah sorangan, terus rek ngajak pun biang cicing jeung kuring. Hayang ngurus sagalana. Kantos anjeunna kedal ucap, jigana cenah kuring teh anak nu bakal pangnyaahna, komo mun geus sagala boga. Hanjakal cita-cita teh can nepi kana ugana. Can ge kalaksanakeun, malah jajauheun keneh, pun biang kabujeng dipundut.
 
Aya nu ngagenduk jeroeun dada. Cita-cita nu teu laksana. Aya kahanjakal, boga niat teu kabiruyungan. Tapi dalah dikumaha, kersana Gusti Nu Maha Suci teu bisa dipondah. Cimata kadeueuh teu daek saat, ngajajap pun biang ngadeuheus Gusti Nu Maha Deudeuh. Mugia pun biang sing tumaninah di alam kalanggengan, dirojong ku pangdu'a ti sadaya. Mugia pun biang sing ditampi iman islamna, ditampi amal ibadahna, tur sing janten pangeusi sawarga kagungan Gusti. Amiin ya Robbal 'Alamiin.
 
Samagaha masih natrat dina galeuh-galeuh hate.

Sunday, October 01, 2006

Puasa, Ngabuburit jeung Petasan

Bulan puasa di jaman mana bae, intina mah angger, ngalaksanakeun rukun Islam nu kaopat. Tapi suasanana bisa beda-beda ti jaman ka jaman.
 
Jaman kuring keur budak, bulan puasa teh dianti-anti pisan. Lain pedah resep puasana, tapi sabab sok aya onjoyna dina sawatara hal, dibandingkeun jeung bulan-bulan sejenna. Menu dahareun biasana sok rada beda. Mun sapopoe cukup ku goreng asinan tanjan, bulan puasa mah pun biang sok olah, diaya-ayakeun. Perbaikan gizi mun cek barudak mah. Kitu deui dahareun jang ta'jil, bulan puasa mah make sok aya amis-amis sagala, sarupaning kulak-kolek atawa rurujakan.
 
Lian ti eta, bulan puasa teh hartina tereh ganti baju ku nu weuteuh. Bulan-bulan biasa mah pimanaeun teuing ganti baju. Najan kitu, keur kuring mah sabenerna baju lebaran teh hartina ganti seragam sakola. Enya, pan minangka baju lebaranana teh cukup ku dipangmeulikeun seragam sakola anyar, ngarah teu kudu sa deui. Jadi dwifungsi baju lah pibasaeunana teh.
 
Ti tanggal hiji keneh tukang kembang api jeung petasan geus payu dironom barudak leutik. Kuring mah paling ge meuli kembang api, nu murah. Tara meuli petasan. Keur mah leuwih mahal, jeung..sieun ngadenge sora ngabeledagna! Teuing ku naon. Padahal batur mah malah loba nu nyieun bedil lodong karbit. Sorana leuwih tarik tibatan petasan,leuwih handaruan.
 
Ketang sieun teh pedah kungsi aya tatangga kampung nu nyieun bedil lodong. Caritana diseungeut, ngan teuing ku naon teu daekeun hurung, boro-boro ngabeledag. Panasaran, pek ku manehna ditoong lodongna. Eta mah da ari ditoong, ari beledag teh bitu! Jelemana aya keneh ayeuna ge, ngan panonna pecak. Karunya, sakasep-kasepjadi cacad.
 
Ngabuburit diusahakeun sangkan teu ngaluarkeun duit. Jadi, nya kitu we leuleumpangan sakaparan-paran, ma'lum budak. Mun teu kitu nyieun cocooan sorangan. Nyieun wawayangan nu dianyam tina pangpang daun sampeu, bebedilan tina palapah daun cau jrrd.
 
***
 
Teu karasa, geus nincak puasa deui. Geus poe ka dalapan deui. Teuing geus sabaraha puluh kali kuring ngalaman bulan puasa. Alhamdulillah, dipasihan keneh kasempetan. Taraweh, najan cape sok maksakeun. Asa lebar mun diliwat teh, ari teu kapaksa-kapaksa teuing mah. Cikeneh, keur khusyu berjamaah di masjid, ari beledag teh budak nyeungeut petasan, mani asa dina ceuli!! Reuwas, jadi teu khusyu sholat teh.
 
Ngambek? Ah teu kudu, ngaranna ge budak. Nu kudu digeuing mah kolot. Lain ukur kolot dina harti indung bapana barudak, tapi sarerea. Naha bet aya keneh merecon? Nu dagang, pulisi, masyarakat, katut pamarentah sakuduna bisa nyegah ku cara masing-masing. Petasan, lian ti baribin, oge leuwih gede bahayana tinimbang mangpaatna. Mun cek pun alo tea mah,"Petasan? Hari gineee..?!"

Friday, September 22, 2006

Thursday, September 21, 2006

Basa Sunda Doel Sumbang

Buka MulutDoel Sumbang? Pasti sarerea ge pada apal. Penyanyi ballada urang Bandung nu banting setir jadi penyanyi pop Sunda. Nya manehna pisan nu sohor ngahaleuangkeun lagu 'Ai, Pangandaran, Somse, jrrd. Mimiti apal teh bareto jaman Iwan Fals anyar-anyar muncul. Teu lila ti harita ngaran Doel Sumbang mimiti sering disabit-sabit. Mun Iwan Fals mawakeun lagu-lagu ballada nu pinuh ku kritik sosial, Doel Sumbang ge sarua. Bedana, rumpaka lagu-lagu Doel Sumbang karasana leuwih garihal, malah sakapeung aya nu semu-semu jorang. Contona bae dina lagu Juwita atawa Ceu Romlah (duanana make basa Indonesia).
 
Di Indonesia (atawa lain di urang bae kitu?), dimana aya penyanyi nu ngajaul ngaranna, pasti dina waktu anu singget bakal loba anu nurutan, bari miharep bisa ngahontal sukses sarua jeung nu diturutanana. Jaman Ebiet G. Ade upamana, basa lagu Camelia mimiti jadi sabiwir hiji, loba pisan penyanyi anu gaya nyanyina nurutan Ebiet. Sebut bae upamana Jamal Mirdad jeung Ade Putra. Kitu deui basa Iwan Fals mimiti ngajaul ngaranna, ana breng teh penyanyi anu lagu katut gaya nyanyina nurutan Iwan Fals. Aya sababaraha urang, diantarana bae Doel Sumbang, Tom Slepe, jeung Suburtahu.
 
Ngaranna ge nu pipilueun, tangtu nasibna mimilikan. Aya nu terus nanjung, tapi aya oge nu terus ngalelep. Ceuk para ahli mah, ieu teh bagian tina seleksi alam. Dina enggoning milampah proses kreatipna, aya nu mogok, tapi aya oge nu terus-terusan ngulik sangkan manggihan ciri nu mandiri, nepi ka jadi beda jeung nu (tadina) diturutan. Sanggeus berproses sakitu lilana, Doel Sumbang ahirna manggihan ciri mandiri nu ngabedakeun manehna jeung Iwan Fals. Najan akarna mah sarua, lagu-lagu ballada nu ngandung protes atawa kritik sosial, tapi tetela Doel Sumbang mah leuwih napak tur leuwih karasa merenah dina adeg-adeg Sunda tur make basa Sunda tibatan ngagunakeun basa Indonesia.
 
Basa Doel Sumbang banting setir ngagunakeun basa Sunda pikeun media artikulasi daya kreatifna, teu saeutik nu ngajebian, tur nganggap yen Doel Sumbang geus 'ngalacurkeun karep'. Loba nu nuduh Doel Sumbang ngan saukur ngudag materi, tur ninggalkeun hanca nu geus dibaladah samemehna, tegesna ngalesotkeun fungsi protes jeung kritik sosial ngaliwatan lagu-laguna. Ma'lum, pas doel Sumbang banting setir teh keur booming lagu-lagu pop Sunda.
 
Tangtu teu kabeh nu dituduhkeun teh bener. Dina kanyataanana, sok sanajan mungkin bae sual ngudag materi jadi salah sahiji alesan, tapi tetela fungsi kritik jeung protes sosialna mah angger aya. Mangga tengetan lagu Pulisi Noban upamana. Noban teh hartina 20 rebu. Eusina ngritik sual pulisi nu nepi ka kiwari loba keneh nu sok pungli di jalan. Kritik ka tentara baris kapanggih dina lagu 'Sono ka Kodim', jrrd.
 
Tapi tukang kritik lain hartina teu bisa dikritik. Aya sababaraha kecap basa Sunda anu karasana aneh dina lagu Doel Sumbang. Upamana bae dina lagu Somse:
 
..dimana-mana ge sami
pameget mah cararunih..
 
Kahartina ku kuring, kecap 'cararunih' di dieu teh nuduhkeun jelema cunihin leuwih ti hiji. Jadi kuduna mah lain cararunih tapi carunihin. Jigana bae ieu teh ngudag rhyming jeung kecap dina pada saterusna:
 
..sawios, da sawios
cunihin ge kararasep
 
Jigana bae ngarah kadengena adumanis antara kecap cararunih jeung kararasep.
 
Najan kitu, tetep we ieu teh teu bisa dijadikeun alesan pikeun ngarobah kecap anu geus baku.
Aturanana, lamun kecap cunihin make rarangken 'ar' di tengah anu nuduhkeun plural atawa jamak alias leuwih ti hiji, kuduna teh jadi carunihin, sabab lamun jadi cararunih mah tangtu kecap asalna lain cunihin, tapi cunih. Padahal sakanyaho kuring mah, dina basa Sunda euweuh kecap cunih.
 
Atawa tengetan geura rumpaka dina lagu Meni-Meni:
 
..popolotot ih meni geuleuh
buad baeud ih meni geuleuh..
 
Bandingkeun jeung rumpakan dina lagu Somse:
 
Somse, alah mani somse,
Eneng mani somse, sombong sekali..
 
Mangga tingali kecap meni jeung mani dina dua lagu ieu. Dina basa Sunda, euweuh kecap meni, aya oge mani. Kecap mani teh nuduhkeun pasipatan kaleuleuwihi atawa kacida.
 
Ngarah leuwih gampang neuleuman hartina, mending urang contokeun dina kalimah sapopoe:
 
Basa Sunda: Maneh mah mani kitu ka urang teh..
Basa 'gaul': Lu kok gitu banget sih sama gue..
 
Dina conto rumpaka lagu di luhur, katingali Doel Sumbang henteu konsisten dina ngagunakeun kecap meni atawa mani. Lian ti eta, bisa wae kecap meni dianggap leuwih genah kana ceuli nu ngadengekeun. Bahayana, ninggang ka barudak jaman ayeuna nu lolobana teu dibekelan atikan nu nyunda ku kolot katut lingkunganana, bisa wae kecap meni malah dianggap bener. Kabuktian, mun pangangguran ngadengekeun barudak ayeuna ngobrol, kecap meni leuwih mindeng kadenge tibatan kecap mani.
 
Teu dileuleungit, Doel Sumbang boga andil nu teu bisa dilalaworakeun dina enggoning mopulerkeun basa Sunda ka generasi ngora atawa nonoman Sunda. Lagu-lagu pop Sunda Doel Sumbang dipikaresep ku balarea, teu kolot teu budak. Tina resep kana laguna, pan lila-lila jadi wawuh (deui) kana basana, basa Sunda. Jadi, dikritik soteh ku sabab memang aya kritikeunana. Ieu mah itung-itung bahan geusan ngalelempeng nu can pati lempeng, ngarautan nu can pati lemes, ngarah hasilna leuwih munel tur mangpaat dina raraga 'nyundakeun' deui urang Sunda.

 
BUKA MULUT

Monday, September 18, 2006

Munapek

Asalna tina kecap munafik. Muna, cek barudak ayeuna mah. Definisi sederhana dina basa nu dipake sapopoe, munapek teh hartina kurang leuwih: naon nu diomongkeun teu luyu jeung paripolah jelema anu ngomongna. Lamun aya jelema nu ngomong teu beuki udud, ari pek sabenerna nyandu, tah nu kitu nu biasana disebut munapek.
 
Ku naon pangna kitu? Bisa jadi aya maksudna. Upamana wae nutupan kalemahan pribadi, sieun katohyan kateumampuhan, nyumputkeun katuna, hayang katangar, jrrd. Naha enya aya jelema nu kitu? Singhoreng loba kacida, aya dimana-mana. Teu di cacah teu di menak, sabab sipat munapek mah euweuh patula-patalina jeung sual turunan atawa bibit buit. Rek di darat, rek di laut, rek di internet, jalma-jalma samodel kieu teh tetela balatak.
 
Nu matak teu kudu kaget, lamun dina hiji mangsa urang manggihan jalma nu pasipatanana samodel kitu. Upamana aya pejabat ngomongna tara korupsi, padahal sabenerna eta pisan profesina. Lamun ditulis dina 'buku kenangan' jaman SMA mah meureun saperti kieu.
  • Wasta: Anu, plus gelar aya kana sadeupana
  • Pagawean: Koruptor
  • Hobi: Pejabat
Atawa bisa bae jelema biasa, nyebutkeun teu resep baju hejo, padahal bajuna lolobana warna hejo. Nyebutkeun tara nyelewer, ari kabogoh aya limana. Ngaku-ngaku kuliah, padahal kuli..ah! Atawa hayang kapake ku calon mitoha, ngaku masantren di ditu di dieu, ari dititah ngaji sok ngadak-ngadak batuk ngohkoh!
 
Di internet ge teu jauh beda. Kadang-kadang aya nu hayang katangar sagala bisa. Sakalina nempo batur leuwih onjoy, biasana embung katitih. Kumaha we carana mah, bisa ku jalan mepengkeng batur bari jeung di tukangeun mah nurutan, bisa ku cara ngawadul ngagul-ngagul ka(teu)pinteran sorangan, bisa oge ku cara-cara sejen anu ngan dipikanyaho ku jelema munapek:-)
 
Kumaha nyanghareupan jelema samodel kitu? Idealna mah tangtu kudu digeuing, bisi kalalanjonan, karunya. Najan mungkin wae teu ngarugikeun ka urang sacara langsung, angger ari digeuing mah kudu, sabab nu kitu teh kaasup panyakit hate. Lamun geus kronis, bangga kacida nyiar piubareunana. Cara ngageuingna ge bisa rupa-rupa. Bisa ku cara lemes, disindiran upamana, sangkan teu nerag teuing. Atawa bisa oge ku cara togmol, teu didingding kelir. Ieu mah husus keur jelema nu rada 'telmi', teu teurak atawa teu surti ku disindiran.
 
Ngan nyaeta, kangaranan jelema, kadang-kadang lamun digeuing teh sok malik ngewa, ngarasa diera-era, rumasa salah tapi geus kagok borontok. Jadi cek pangrasana mah mending diteruskeun we sakalian, tibatan wirang kudu ngaku kana katunaan dirina. Padahal mun jelemana sadar mah, kuduna ngarasa atoh, aya keneh nu daek ngelingan. Keun we era-era ge, da sabenerna erana mah ngan sakeudeung!
 
Ngan lamun kira-kira jelemana bedang tur murugul mah, antepkeun we lah, tuman! Jelema samodel kitu mah, awal ahir ge tangtu baris nandangan wiwirang alatan katohyan kahengkeranana, kaboker kateumampuhanana. Sukur-sukur mun sadar samemeh tumiba kajadian nu teu dipiharep ku manehanana. Urang mah cukup ngadu'akeun we, mugi-mugi jelema-jelema munapek teh dipaparin kasadaran. Sanes kitu? 

Thursday, September 14, 2006

Milangkala

Milangkala alias tepung taun alias jarig (cek tuan olanda) mangrupa titimangsa penting dina kahirupan urang. Lain pedah tanggalna karamat atawa sakti, tapi sakadar pangeling-ngeling sarta momentum pikeun nyaliksik katuna diri, geusan bekel lengkah ka hareup.
 
Naha tepung taun teh perlu dipestakeun? Ah, teu kudu! Teu meunang malah, lamun pangeling-ngeling milangkala teh jadi sarana pikeun ngahambur-hambur duit. Mubazir ngaranna. Tapi lamun moment milangkala teh dijadikeun sarana pikeun kontemplasi, nyaliksik sagala hal anu pernah dilakukeun ku urang, eta mah teu nanaon. Alus malah.
 
Ku cara kieu urang jadi nyaho, naon bae kasalahan nu geus pernah dilakukeun. Ku sabab nyaho, urang jadi bisa nyusun lengkah pikeun nyingkahan kalakuan saperti kitu, sarta sakaligus neangan cara sangkan lengkah ka hareupna leuwih munel tur mangpaat.
 
Poe ieu singhoreng teh poe waktu kuring digubragkeun ka alam dunya sakitu taun ka tukang. Kakara eungeuh soteh pedah aya sms peuting-peuting, ngawilujengkeun. Di kulawarga kuring memang euweuh tradisi mieling tepung taun, jadi tara diinget-inget.
 
Poe ieu kuring oge sakaligus diingetan yen itungan umur beuki nambahan, jatah hirup beuki ngurangan. Mudah-mudahan sesa umur teh bisa dimangpaatkeun pikeun ngalakukeun amal sholeh, luyu jeung anu diparentahkeun tur dipirido ku Gusti Nu Maha Suci. Neda pidua ti sadayana. Amiin.

Wednesday, September 13, 2006

Basa Sunda Feodal?

Kahariwang sawatara pihak ngeunaan bakal tumpurna basa Sunda tangtu lain hal anu bisa dilalaworakeun. Mun nempo kanyataan kiwari, prosentase urang Sunda nu make basa Sunda pikeun gunem catur di imah (jeung anggota kulawargana) jigana beuki ngurangan. Alesanana, lieur kudu diajar ngeunaan undak usuk basa. Sieun salah, bisi teu sopan, jeung rea-rea deui.
 
Lian ti eta, aya oge sawatara anggapan nu nyebutkeun yen basa Sunda teu demokratis, pinuh ku unsur feodalisme nu ngagugulung tur ngabeda-beda soal harkat darajat atawa strata sosial. Menak meunang ngomong kasar ka somah, sabalikna lamun somah nyarita kasar ka menak dianggap belegug, dusun atawa culangung.
 
Ku sabab kitu, loba anu milih nyarita ku basa salian ti basa Sunda, upamana bae basa Indonesia atawa basa Inggris. Dina anggapan maranehanana, basa-basa nu disebut bieu teh leuwih demokratis sabab euweuh panta-panta dina struktur basana. Tapi, naha enya dina basa Indonesia atawa basa Inggris upamana, euweuh panta-panta nu majar feodal? Hayu urang tengetan.
 
Anggap we urang teu bisa basa Sunda. Jadi urang nyarita ka sasaha ngagunakeun basa Indonesia. Naha enya urang sama sakali teu ngabedakeun cara urang ngobrol ka presiden jeung ka tukang ngakutan runtah? Ah, bohong. Geura we, tina lentongna oge geus pasti beda. Urang pasti moal wani ngomong teugeug ka presiden.
 
Ayeuna, anggap we urang wawuh boh ka presiden boh ka tukang runtah, terus urang rek ngajak nyimpang ka imah. Dina implengan kuring, kira-kira kieu pibasaeunana:
  • Ka Presiden: "Jika Bapak Presiden berkenan, saya mohon ijin untuk mengundang Bapak singgah ke rumah saya."
  • Ka Tukang Runtah: "Pak, nanti mampir ke rumah ya!"
Kira-kira, aya bedana atawa henteu?
 
Kumaha ari dina basa Inggris? Upamana wae urang ngirim urat ka Ratu Inggris, terus suratna hayang diwalonan. Kira-kira kieu meureun pibasaeunana.
  • Ka Ratu: "I should have been very glad if Her Majesty would spend a little of your valuable time to reply my letter."
  • Ka Tukang runtah: "Please reply my letter."
Hapunten lamun contona teu sapagodos jeung mamanahan. Ieu mah sakadar nembongkeun yen angger dina basa nanaon oge aya panta-panta nu ngabedakeun cara urang cumarita. Hartina, hal ieu teh lain ngan ukur aya dina basa Sunda, tur nu ngabedakeun teh paling-paling dina sual 'kadarna'.
 
Prinsip utama dina undak usuk basa teh sabenerna silih ajenan sacara 'proporsional'. Lamun urang nyarita ka tukang macul adabna jiga ka presiden, manehna ge moal ngeunaheun, malah bisa-bisa kainggung asa dihina. Nu kieu nu disebut adab lanyap teh, adab tapi lain dina tempatna. Kitu deui sabalikna, mun ngomong ka presiden jiga ka tukang macul, nya dusun alias belegug tea kasebutna.
 
Jadi atuh lamun kitu mah alesan embung make basa Sunda pedah 'terkesan' feodal teh asa dijieun-jieun. Pan logikana, lamun embung make basa Sunda alatan karasa feodal, atuh tong make basa Indonesia atawa basa Inggris anu sarua keneh 'feodal'.
 
Kumaha ari sual undak usuk basa anu dijadikeun alesan matak lieur? Aya sawatara hal anu jigana bae jadi kasang tukang tina munculna pamanggih saperti kieu, diantarana:
  1. Teu dibiasakeun ku kolotna pikeun ngagunakeun basa Sunda anu bener undak usukna. Ieu teh bakal turun tumurun ka anakna, incuna, buyutna, jst. Akibatna, muncul generasi nu 'ngarasa lieur' mun geus urusan jeung undak usuk basa.
  2. Mumul diajar. Najan ku kolot teu dididik sangkan bisa ngalarapkeun undak usuk basa, tapi lamun aya kahayang pikeun diajar mah pan bisa oge mulungan elmu ti nu sejen. Loba keneh urang Sunda nu ngarti tur paham sual undak usuk basa.
  3. Pangajaran basa Sunda di sakola waktuna kacida samporet tur disungkeret. Komo deuih lamun guru nu ngajarna teh sarua teu bisa. Ancur pisan ieu mah. Dijamin, barudak sakola teh beuki ngacapruk bas Sundana.
  4. Najan mindeng teu diaku, sabenerna loba urang Sunda anu ngarasa turun gengsi lamun ngobrol make basa Sunda. Bisa jadi ieu teh mangrupa akumulasi tina kahengkeran seler Sunda, nepi ka muncul sikep inferiority complex alias minder jadi urang Sunda. Kahengkeran nu dimaksud teh diantarana, urang Sunda mah mun geus 'jeneng' biasana gumede jeung aing-aingan, beda jeung seler sejen. Hiji deui, kalolobaanana, lamun urang Sunda geus beunghar, ngomongna ganti 'frekuensi' jadi basa Indonesia. Masing teu diaku ge, da kanyataanana memang kitu.
Tangtu bae pasualan-pasualan di luhur teh jadi bahan pikeun urang sarerea sangkan neangan cara dina enggoning ngungkulanana. Lamun saukur ngandelkeun ketak pamarentah upamana, biheung rek iraha naon nu ku urang diharepkeun teh bisa ngawujud. Nu leuwih penting, idealna, masing-masing ngalakukeun cara ngungkulanana nurutkeun kamampuh sewang-sewangan. Lamun ieu geus jadi gerakan massal, lain hal anu pamohalan mun urang Sunda baris tandang mapakan - malah bisa jadi ngaleuwihan - seler sejen. Prung, ah!

Monday, September 11, 2006

Tukang Renten

Kapeped teu boga duit? Rek nginjeum ka bank prosesna lila? Posedurna pabeulit? Datang we ka rentenir! Dijamin prosesna gampang. Ayeuna ngamprah, harita keneh duit kacangking. Ngan... nyakitu tea. Lian ti bungana matak sawan, oge kapan dilarang ku agama. Renten, nya riba tea. Nu nginjeumkeun, nu nginjeum, perantara, saksi, atawa nu sakadar nuduhkeun, sarua dosana.
 
Najan kitu, nepi ka kiwari tukang renten balatak di mana-mana. Di kampung,di kota, sarua bae. Saha nu salah? Cek kuring mah sarerea, boh tukang rentenna, boh nu nginjeumna. Tukang renten jelas salah, sabab eta pagawean teh jelas-jelas dilarang. Nu nginjeum oge salah, sabab tukang renten ge moal payu mun euweuh nu neangan injeumeun duit renten mah.
 
Kumaha atuh ngungkulanana? Kudu aya kasadaran ti sarerea. Nu sok ngarentenkeun kudu sadar yen eta pagawean teh dosa. Jaba meureun duit riba teh engkena dipake maraban anak pamajikan. Naha tega kitu mun anak urang nu teu tuah teu dosa kabarerang ngarandapan azab ti Pangeran alatan dosa urang? Nu nginjeum oge sarua. Duit meunang nginjeum ti rentenir teh yakin moal barokah sabab proses neanganana wae geus dosa. Jaba deuih dosa lantaran ngalanggengkeun rentenir pikeun terus-terusan milampah dosa, sabab maranehanana bakal kangeungeunahan nyiar duit ku jalan ngarentenkeun.
 
Aya tatangga, geus kacida kolotna. Cenah baheulana teh rentenir, beunghar kabina-bina keur ukuran kampung. Perhiasan reunceum, imah alus, kendaraan boga. Baheulana, cenah deui wae, hirup ngahenang ngahening. Cenah, cek beja, da kuring mah nyahona ge ayeuna. Nu kuring nyaho mah, manehna teh teu kurang teu leuwih saukur nini-nini nu hirupna nunggelis, kantun nunggu-nunggu dawuh. Euweuh saeutik-eutik acan tapak-tapak urut beunghar. Katempona ngotor, cileuhan, caludih. Pagawean unggal isuk ukur moyan. Dina umur nu geus cueut ka hareup, hirupna istuning nyorangan, euweuh nu ngurus. Sabenerna mah boga budak, ngan caricing di kota. Ongkoh da tara ieuh ngalalongokan, jiga nu ngantep.
 
Aya deui urut rentenir. Nu ieu mah bapa-bapa, can kolot-kolot teuing. Ngan hirupna teh sangsara kakolotnakeun. Sok maksakeun dagang di pasar. Lain di jongko, tapi nagog di sisi pasar. Ieu oge sarua, katingalina teh asa kalotor, padahal baretona teh kaasup ganteng.
 
Paralun lain goreng sangka, ngan nu katempo ku kuring mah, jelema nu resep ngarentenkeun, tara katempo beresih. Beda jeung lamun urang ningali ustad, upamana. Najan teu kasep, tapi katempona teh beresih. Naha ieu teh mangrupa tanda ti pangeran, yen di dunya keneh ge geus ditembongkeun kotorna pagawean tukang renten? Wallohu alam. Mudah-mudahan maranehanana dipaparin hidayah, bisa ngamangpaatkeun sesa waktuna pikeun tobat ka Gusti Nu Maha Suci. Amien.

 
Technocrati Tags: , , ,

Friday, September 08, 2006

Padu Heuay!


Padu Heuay!
Technocrati Tags: , , , ,

Tuesday, September 05, 2006

Ambek Sunda

Pun biang unggal dinten sok ngadaweung di tepas, nitenan nu balawiri. Yuswana tos ampir dalapan puluh, tapi alhamdulillah masih sehat. Nyariosna masih bentes, dadanguanana masih normal, emutanana oge masih cekas. Baheula kalangenanana maca, ari ayeuna tos teu kiateun lami-lami maca. Mun dipaksakeun sokteras cirambay, peurih. Padahal nganggo tasma paragi maca eta teh. Tungtungna nya kitu, kalangenanana teh nitenan nu balawiri di jalan.
 
Tadi ngadongeng ka kuring, bari teu weleh gumujeng. "Heran, ayeuna mah loba urang Sunda nu ngawarah anakna make basa Indonesia, nepi ka susah nyirikeunana, naha manehna teh urang Sunda atawa lain. Tapi mun hayang apal urang Sunda atawa lain, tungguan we lamun manehna keur ambek. Pasti kaluar sundana," saurna bari key deui gumujeng. Tungtungna derekdek we ngadongeng.
 
Tadi isuk-isuk, di jalan hareupeun imah aya awewe nungtun budak. Ari serebet teh si budak miheulaan, ma'lum budak,mangkaning keur pasuliwer motor. Untung lumpatna teh di sisi. Indungna ngagerewek, "Yaang..jangan lari-lari, 'ntar jatoh!" Budak nurut, ditungtun deui, terus meuntas ka kantor PLN. Jigana mah rek mayar listrik.
 
Teu lila kaluar deui ti kantor PLN, geus beres meureun babayarna. Na ari serebet teh budakna lumpat, rek meuntas sorangan jigana mah, untuk katewak ku indungna. Ari gantawang budak dicarekan, "Na atuh sia teh keheeed..kabina-bina teuing! Hayang modar sia teh?"
 
Ras inget ka Mang Sapri, tatangga nu beuki heureuy. Basa barudak leutik ngiruh di balong, manehna ngagorowok mamalayuanan, "Hey anak-anak! Jangan ngojay di balong, banyak cohcor! Awas kalau tidak mau hanjat, dikadek siah ku aing!"
 
Barudak paburisat hanjat ti balong, tapi bari calecengiran!
 
Technocrati Tags: , , , ,

Monday, September 04, 2006

Banner Blog Urang Sunda


Tetela sanggeus dikorehan mah loba geuning urang Sunda nu nge-blog teh. Basa nu dipakena rupa-rupa, aya nu make basa Indonesia, basa Inggris, basa Sunda, malah aya oge nu direumbeuy, tiluanana dipake.

Asa reugreug nempo kitu mah. Tetela urang Sunda teh henteu tinggaleun-tinggaleun teuing, najan tacan walatra oge. Enya da memang can kabeh urang Sunda bisa akses internet. Susuganan ka hareup mah (duka iraha!) pamarentah "mampuh jeung niat" nyadiakeun sarana katut prasarana sangkan internet bisa murah, fasilitasna teu hese, tur kahontal ku sarerea.

Najan balatak blog bogana urang Sunda, tapi rada hese rek neguhna, iwal mun geus pancakaki atawa wawanohan. Naon sababna? Da euweuh cirina atuh. Tah, ku sabab kitu, ieu mah usul ka sadaya nu maca, kumaha lamun blog urang Sunda teh urang cirian make banner leutik. Keur sementara, kuring nyieun banner ukuran 120x60 pixel, bisa disimpen dina side bar, jadi moal matak hareurin.

Ieu mah sementara we, pami aya nu langkung sae mah gentos we ku nu sae, nu penting mah aya cirina. Jadi moal hese neguh, yakin, da make ciri atawa tetengger tea.

Tapi ampun paralun, ieu teh lain rek ngagung-ngagung chauvinisme atawa sumanget kadaerahan nu heureut. Maksudna ge ieu mah manjangkeun tali mimitran di antara urang Sunda nu nge-blog di Internet. Maenya ari batur meunang reueus kana sarakan, ari urang Sunda teu meunang reueus?

Saha cenah anu meunang masang banner Blog Urang Sunda teh? Ah saha we nu ngarasa urang Sunda, nu ngarasa nyaah ka ki Sunda. Rek bisa basa Sunda, rek henteu. Rek blogna ditulis dina basa Indonesia, dina basa Inggris, komo nu make basa Sunda mah, dianjurkeun pisan.

Tapi eta ge upami kamanah, pami henteu mah sawios ah. Rek tuang jinis we, dipasang dina blog nu kuring. Reueus sosoranganan? He..he..sawios ah.. Nu bade nganggo, script-na aya di handap. Kantun di copy paste, beres.

Nyanggakeun.

Mimitran Blog Urang Sunda


Script Banner Blog Urang Sunda

Sunday, September 03, 2006

Filosofi si Kabayan

Teu kudu ngarasula mun urang can diparengkeun pinanggih jeung kabagjaan. Naon sababna? Da hirup mah lain keur senang-senang, kitu saur pa Ustad oge. Ari geus keur naon atuh saestuna urang hirup teh?
 
Jawaban idealna, hirup teh lir ibarat sakola. Unggal poe urang kudu terus-terusan diajar. Kudu perih, teu kaci ogoan, teu kaci melencing, mumul, babarian jsb. Ku naon make kudu tipoporose diajar? Pan sangkan lulus ujian. Eta tujuan jangka pondokna. Cukup nepi ka dinya? Tangtu bae henteu ngan ukur tepi ka dinya, sabab tujuan jangka panjang sarta anu pangpentingna pisan mah bisa nyangking tur ngamalkeun naon-naon anu ku urang diundeuran di sakola. Ku naon pangna kudu lulus ujian? Pan nya di dinya pisan urang bisa ngukur kamampuh urang sangkan kanyahoan nepi kamana nyerepna elmu.
 
Sanajan hirup memang lain keur senang-senang, tapi lain hartina hirup teh bakal susah salilana. Cek si Kabayan, hirup mah heuheuy jeung deudeuh. Maksudna, tara senang salilana, oge sabalikna tara susah salilana. Aya waktuna urang seuri bungah, sanajan kadang-kadang urang kudu ngarandapan kasedih, katugenah jeung sajabana. Hanjakalna, kalolobaanana urang mah sok sarakah, hayang senang salilana, nepi ka lamun ngarandapan kasusah teh sok aral, malah sakapeung mah jiga nu mangloh ka Pangeran. "Duh Gusti, na hirup teh mani asa susah-susah teuing atuh?" Padahal mun keur senang mah boro-boro inget kana sukuran, nganuhunkeun ka nu Maha Masihan Kasenangan.
 
Mun urang daek diajar, sabenerna loba hal anu bia diconto tina carita-carita si Kabayan. Tokoh rekaan nu hirup dina budaya Sunda ieu teh, saestuna lain ngan saukur tokoh pangedulan nu kabisana ngan ukur nipu batur, calutak ka mitoha jsb. Si Kabayan mah ngan ukur wayang. Sikep, rengkak paripolah, katut pamikiranana ditangtukeun ku dalang nu ngigelkeunana. Ajip Rosidi dina salah sahiji essayna kungsi nyebutkeun:
 
"...pasipatan tokoh si Kabayan téh henteu salilana konsisten. Maksud téh dina saban carita sipat si Kabayan téh henteu salilana sarua. Sakapeung digambarkeun pangedulan, teu nyaho di cedo, wani kurang ajar ngaheureuykeun mitoha. Sakapeung digambarkeun jadi tukang tipu anu resep ngabobodo batur kaasup mitohana sorangan. Cindekna unggal pangarang anu nyiptakeun carita si Kabayan bisa ngagambarkeun pasipatan tokohna luyu jeung kahayangna."
 
Hanjakalna, cek pamanggih kuring, aya nu kaliwat dina statement Ajip. Si Kabayan teu salawasna digambarkeun ngabogaan sipat negatip. Lamun urang leukeun ngalenyepanana, saenyana dina dongeng si Kabayan loba siloka nu bisa dijadikeun luang. Upamana wae tina carita di handap ieu:
 
Hiji poe si Kabayan jeung si Lamsijan jalan-jalan ngajugjug ka hiji tempat. Sapanjang jalan si Lamsijan teu weleh gogodeg sabab teu ngarti ku lalampahan si Kabayan. Unggal manggih tanjakan si Kabayan ngagakgak seuseurian siga nu manggih kabungah rongkah. Sabalikna, unggal manggih pudunan manehna ceurik ngageunggeuik jiga nu kanyenyerian. Banget teu ngarti, tungtungna si Lamsijan nanya.
 
"Kabayan, kami mah teu ngarti, ku naon unggal manggih tanjakan silaing kalah seuseurian, padahal kami mah kacida susahna sabab nanjak teh cape? Ari manggih pudunan, hayoh kalah curik jiga nu susah, padahal kami mah bungah, sabab leumpang ge ngareunah teu matak cape. Henteu siwah mah silaing teh?"
 
"Ah, teu gelo teu sing. Silaing we nu bodo. Ieuh Lamsijan, pangna kami seuseurian mun manggih tanjakan teh, kami mah nyaho mun geus nanjak pasti manggih pudunan. Pan lain matak bungah eta teh? Nu matak kami kalahka seuseurian. Sabalikna mun keur leumpang dina pudunan, kami kacida sedihna, sabab yakin sanggeus beak pudunan, pasti bakal manggih tanjakan. Na dikira ngeunah kitu leumpang di nu nanjak teh? Nu matak tong heran mun kami ceurik sajeroning leumpang mapay pudunan."
 
Sabengbatan, carita di luhur siga carita lelewodeh ti jelema nu teu pati jejeg. Padahal saestuna ieu teh siloka nu kacida lantipna. Aya pesen moral yen urang salawasna kudu siap nyanghareupan kajadian naon bae nu bakal tumiba ka urang. Mun ayeuna kabeneran keur nanjung jadi pejabat, ulah nepi ka poho yen hiji mangsa mah urang bakal turun tina kalungguhan nu keur dicangking kiwari. Mun urang keur beunghar lubak libuk  loba dunya, ulah poho yen eta teh ukur titipan, tur kudu rido mun sawaktu-waktu dipundut ku nu Kagungan. Sabalikna mun urang keur aya dina kasusahan, omat ulah putus pangharepan, sabab pasti dina hiji mangsa mah urang bakal kasinugrahaan ku kasenangan.
 
Pan cek tadi ge, hirup mah heuheuy jeung deudeuh.
BUKA MULUT

Saturday, September 02, 2006

Ebook Sunda Munggaran Sa-Alam Dunya

Lahuta? Gedebul? Bisa jadi. Tapi saha nu apal ieu teh memang ebook basa Sunda munggaran saalam dunya! Salila ieu asana nu ngaleuya di internet teh ngan ukur ebook nu ngagunakeun basa Inggris. Aya oge ebook nu ngagunakeun basa Indonesia, najan teu pati loba. Ngan palebah ebook nu ngagunakeun basa Sunda mah..asa can kungsi manggih.
 
Lamun tea mah bener can kungsi aya ebook basa Sunda, teu salah-salah teuing mun kuring ngagorowok yen ieu ebook teh bener-bener ebook munggaran saalam dunya nu ngagunakeun basa Sunda! Lamun geus aya? Nya tinggal bit heula we, teu jadi ngaku-ngaku munggaran saalam dunya.
 
Ku naon kuring milih wangun (format) ebook pikeun medalkeun tulisan-tulisan kuring? Aya sawatara alesan, diantarana:
  1. Mun ebook nu ngagunakeun basa Inggris jeung basa Indonesia aya di internet, kunaon ari nu ngagunakeun basa Sunda bet suwung? Pikiran kieu teh teu weleh gumulung jeroeun uteuk. Mun teu dilaksanakeun, jigana kuring terus-teruan dikukuntit ku pikiran samodel kieu. Lian ti eta, mun teu dimimitian ti ayeuna rek iraha deui atuh?
  2. Kuduna mah ieu nu kahiji: Penerbit buku konvensional can tangtu (pasti moal)aya nu daekeun medalkeun tulisan-tulisan kuring.
  3. Lian ti murah, nyieun ebook mah bisa ku sorangan, teu kudu muruhkeun, teu kudu icil duit, teu kudu kaluar modal rohaka.
  4. Nyieunna cukup sakali, tapi diundeurna bisa ku sarayak-rayak, rek sarebu urang, rek saratus rebu urang jst., nyieun ebookna mah cukup sasiki.
  5. Mun geus aya nu ngamimitian mah, sugan we engkena jadi loba ebook nu ngagunakeun basa Sunda. Ka hareupna, saha nu apal, sugan we aya penulis kawentar nu daek medalkeun karyana dina wangun ebook, komo bari jeung gratis mah, pedo! Pan urang-urang (urang Sunda) tah nu untungna..

Sakantenan iklan, bilih aya nu maksad medalkeun karyana dina wangun ebook, boh kanggo icaleun (copy disabled, print disabled, password protected) atanapi kanggo bagikeuneun gratis (sapertos ebook di handap ieu, teu di-protek), kintun email we ka bukubagus+bikinebook@gmail.com  MIRAH..MIRAH!! (promosi mode-on :-).

 
Jadi, medalkeun tulisan pribadi dina wangun ebook teh lain hayang katangar, lain hayang kaalem, ieu mah saukur tanda katineung leuleutikan ti urang Sunda pituin kana basa indungna, basa Sunda. Kitu oge ieu mah saukur lengkah nu kadada kaduga, sae mah henteu. Meureun keuna kana paribasa, puraga tamba kadengda. Nya tibatan euweuh pisan ketakna keur ki Sunda, atuh ieu mah etang-etang sampeu bari we. Raos nya tuang, teu raos ka ucingkeun! Dijamin moal beukieun..
 
Ebook basa Sunda nu dijudulan Uteuk Tongo Kahayang Gajah teh tiasa diundeur (di-download) di dieu kalayan GRATIS!!

Inferiority Complex Urang Kampung

"Ah abdi mah urang kampung Kang!"
 
Pernah ngadangu kekecapan saperti kitu? Ieu teh ilahar tur mindeng kapireng dina obrolan urang Sunda. Aya kesan yen nu ngomongna (urang kampung) ngarasa kadudukanana leuwih handap ti batan nu diajak ngobrol (urang kota?). Naha ieu teh mangrupa bagian tina budaya handap asor urang Sunda?
 
Sacara prinsip, urang Sunda memang kawentar handap asor, tara nabeuh karep, tara ngagul-ngagul diri sorangan. Sanajan pinter upamana, biasana urang Sunda tara guminter, komo bari jeung nyaritakeun kapinteran sorangan mah. Sikep saperti kieu teh sabenerna kacida hadena, sabab kapinteran - upamana - lain kudu didongengkeun, tapi kudu ditembongkeun dina karya nyata.
 
Cindekna, sikep handap asor memang sikep nu hade tur kudu diipuk sangkan tumuwuh kalayan subur dina jiwa urang Sunda. Ngan hanjakalna, kadang-kadang sikep handap asor teh dilarapkeun kana hal-hal anu lain sakuduna. Contona ucapan "Ah abdi mah urang kampung Kang!" saolah-olah mangrupa judgment yen kampung leuwih handap kalungguhanana tibatan kota. Padahal, ceuk saha kampung leuwih handap darajatna tibatan kota? Mana buktina? Mana data statistikna?
 
Loba urang kampung nu pinter ngaleuwihan urang kota. Dina tim Olympiade Fisika nu anyar kaliwat, mun teu salah aya salah saurang anggotana nu asalna urang Irian. Dina persepsi budaya (pulo) Jawa, salila ieu Irian dianggap 'kampung'. Geuning etah, budak kampung teh bisa sajajar jeung anggota tim sejenna nu urang 'kota'?
 
Hartina, lamun salila ieu aya anggapan yen urang kampung salawasna katinggaleun ku urang kota, ieu teh kasalahan anu kacida gedena. Naha disangka para gegeden nagara nu manggung ayeuna teh lain urang kampung kitu? Mun rajin ngotektak riwayat hirup jalma-jalma kawentar, tetela nu sarukses teh lain urang kota nu sagala lubak-libuk, tapi lolobana mah urang kampung nu fasilitas hirupna sagala samporet. Saha nu teu terang yen Pa SBY urang kampung, upamana?
 
Ieu teh nandakeun yen (urang) kampung henteu identik jeung hengkerna kualitas atawa ajen inajen. Sabalikna (urang) kota oge henteu identik jeung kaunggulan alias superioritas. Duanana sabenerna aya dina kalungguhan anu sajajar, henteu silih ungkulan. Jeung ulah poho, penduduk kota teh lolobana urang kampung nu mukim di kota.
 
Kacindekanana, kanu kaleresan dilahirkeun di kampung saperti kuring, naha make jeung kudu mamandapan bari ngucapkeun "Ah abdi mah urang kampung Kang!"? Geus cunduk kana mangsana urang kudu reueus jadi urang kampung. Asana teu salah mun urang ngucapkeun "Abdi ti kampung Kang. Ayeuna nuju nyusun desertasi..", upamana. Tangtuna kareueus ieu teh kudu dibarengan ku usaha ngaronjatkeun pangaweruh tur ajen inajen diri sangkan kareueus nu diipuk teh sajalan jeung kualitas nu nyampak dina diri urang.
 
Prung ah, urang kampung, geura makalangan!

Tuesday, August 29, 2006

Pundungan

Ku kolot sok dipapatahan, ulah sok pundungan cenah. Goreng kalakuan kitu teh. Matak ngajauhkeun rejeki. Di sakola, ku bapa kalih ibu guru oge kitu dipapatahan teh. Pundungan, belikan, delitan, hartina eta-eta keneh. Kabehanana oge sipat anu dipahing, sabab mangrupa sipat anu leuwih loba madorotna ti batan mangpaatna.
 
Jaman keur SD sok kapeto nyanyi anggana sekar. Nyanyi solo tea mun ceuk basa legegna mah. Kapake, da di sakola teh tara nitah sasaha deui. Teuing bakating ku alus, teuing pedah euweuh deui. Pokona mah matak sumanget we ka kuringna. Padahal da teu diburuhan ieuh eta teh. Paling lamun diadu antar sakola heg kabeneran meunang, hadiahna teu pira, biasana ukur buku tulis 'Letjes' sapuluh siki. Tapi da kabungah mah teu salawasna diukur ku materi. Aya kareueus nu mandiri mun kabisa urang diajenan, najan ukur ku omongan cek paribasana.
 
Nincak SMP, mimiti loba pamolah. Ngamen. Ngabring jeung babaturan. Kuring maen gitar bari nyanyi. Nu sejen ngilu keprok. Asa reueus teh mun ditanggap nepi ka anggeus. Asa diajenan, najan mere duitna saeutik. Pasti teu salawasna kitu. Kadng-kadang nepi ka lagu anggeus euweuh nu nolol-nolol acan. Mun kaluar-kaluar atuh ti imah, pek ngomong, "Laguna raoseun, tapi punten nya nuju teu gaduh artos." Ngeunah kadengena, ngeunah kana hate. Cek paribasa ge, hade ku basa, goreng ku basa. Nu ruaban mah beda deui. Kakara ge engab rek nyanyi, geus dipiheulaan,"Persaben!" cenah, disaruakeun jeung kanu jajaluk. Padahal mah matak naon dengekeun we tepi ka anggeus. Daek sumpah, teu dibayar ge teu nanaon, da niatna ge lain rek jajaluk. Dibere sukur, teu dibere kajeun. Nu penting mah nyanyi.
 
Kungsi aya bejana ka kolot, kuring sok ngamen. Diseukseukan. "Pan ngarah teu pundungan," ngan sakitu nembal teh. Kadieunakeun sok rajeun tulas-tulis, gumbur-gambar. Sok dikirimkeun ka koran lokal. Honorna ukur rerebuan tapi babasaanana matak genah kana hate. "Terus berkarya, ya.." Pernah honorna telat, pek ditanyakeun. Singhoreng pohoeun meureun, da teu lila terus dikirim, bari menta dihampura. Dihapunten pisan Kang, pan hade ku basa, goreng ku basa.
 
Kamari kamari mimiti resep deui nulis. Dikirim via email, ngarah teu renced jeung teu kudu kaluar ti imah. Sababaraha kali dimuat, tapi teu dibayar. Ku kitu-kitu teu nanaon ari euweuh mah. Ngan estuning teu basa-basa acan. Ditanyakeun kalah ngabigeu. Na bet jiga kanu jajaluk nya? Ditanyakeun ge pantes da eta mah hak kuring. Kahayang teh pek ngomong sing bener ari moal dibayar mah. Pan ka kuringna ge genah, asa diajenan. Ieu mah dianggap angin pisan. Deudeuh teuing media basa Sunda, nepi ka kituna. Geuning lalampahanana teh teu saeutik-eutik acan nembongkeun sikep urang Sunda nu someah, nu tara ngajeblug :-)...
 
Ti harita teu hayang deui kuram-kirim ka dinya. Nulis mah nulis we, di mamana ge bisa. Mending di dieu we, dina blog nu sorangan. Aya nu maca nuhun, euweuh nu maca kajeun. Dina media citak, dina blog, sarua we teu dibayar.. Jadi mending dina blog. Pundung? Meureun..

Wednesday, August 23, 2006

Paporit Siah Enjin

Saleresna mah rada kaleuleuwihi mun Favourite Search Engine diunikeun Paporit Siah Enjin atawa Paporit Seuc Enjin, sabab ceuk beja mah letah urang Sunda teh pang fleksibelna mun dibanding seler sejen. Tapi ku sabab loba nu teu pede (jigana), nya urang urang 'sundakeun' we atuh nya!

Tah ieu dua di antara Seuc Enjin anu kacida populerna di urang.


Tata Creative Design


Tata Creative Design

Friday, August 18, 2006

Software Panggebah Koruptor

Lamun nengetan kaayaan nagara mangsa kiwari, asa euweuh euih-euihna. Ti taun ka taun teh angger we loba..koruptor. Kuduna mah pan loba duit nya? Ari ieu bet kalah loba bangsat duit! Nu korupsi tea atuh, lain saeutik-saeutik. Lain pangaji saratus dua ratus rewu,  tapi nepi ka ratusan milyar. Padahal pan duit nu digarong teh jang kapentingan balarea. Ari ieu kalah hayoh dipake poya-poya roroyalan, dipake kapentingan pribadi.
 
Sakapeung sok pusing, cacakan ukur ngabandungan beja eta teh. Komo jigana mun kapapancenan ngaberantas korupsi, kacipta asa bejad sirah meureun. Tah, tibatan murukusunu sorangan, tamba kesel uprak-oprek nyieun kaulinan. Canggih mah henteu. Tapi sugan we jadi panggeuing keur nu kakara niat atawa oge nu geus 'hatam' jadi koruptor. Bisa dipasang di komputer kantor, utamana nu di kantorna loba beurit nu marake dasi.
 
Bilih aya nu peryogi kanggo ngagebahan koruptor di kantor atanapi di mana bae, mangga diundeur di dieu. Haratis!!
 
buku bagus® eBook

Wednesday, August 16, 2006

Blogger 'bungbu' weuteuh!!

Horee... blogger versi anyar, ahirna mucunghul oge. Tanggal 14 Agustus 2006 nak, Blogger in Beta dirilis. Ku sabab ngaranna ge versi beta, tangtu masih tacan sampurna sarta terus diutak-atik sangkan nepi kana tahap nyugemakeun. Dibanding versi ti heula, aya sababaraha fitur anyar diantarana wae:

- Posting bisa dikelompokkeun ngagunakeun fitur label (mirip categories dina WordPress)

- Urang bisa nangtukeun saha wae nu meunang maca blog urang

- Ngarobah jengglengan katut eusi blog teu kudu ngutak-ngatik HTML, tapi cukup ku ngagunakeun beubeuritan (mouse).

Mun geus teu sabar hayang nyobaan fitur anyar, wayahna kudu nyieun account anyar di dieu, sabab account nu baheula mah can bisa otomatis pindah kanu versi beta. Najan kitu, nurutkeun pihak Blogger, ka hareupna mah, kabeh ge bakal otomatis bisa pindah kana versi anyar. Ngan jigana mah rada lila keneh.

Bisi panasaran hoyong ningali tampilan blog nu ngagunakeun versi beta, mangga
klik di dieu. Wilujeng ngaraosan!!