Thursday, November 23, 2006

Basa Sunda Tereh Tumpur?

Ngajawab ieu patalekan sabenerna enteng bangga. Enteng, da memang tinggal ngajawab. Naon hesena ngajawab? Tapi oge bangga sabab lamun hayang ngajawab kalawan bener tangtu kudu dirojong ku rupa-rupa alesan nu ngarojong jawaban urang. Jadi? Ah kuring mah moal ngajawab, rumasa kurang elmuna. Keun eta mah bagean para ahli anu memang rubak bekelna.
 
Kahariwang yen basa Sunda bakal tumpur memang asup akal, lamun urang nengetan basa Sunda nu dipake ku sabagian gede kalangan nonoman Sunda. Basa nu dipake geus pabaliut jeung basa deungeun atawa basa sejen, utamana basa Indonesia 'jakartaan'.
 
"Aduh, nggak mau maneeehh.." (pemeo temporer taun 90-an, euweuh hartina iwal ti nembongkeun kagumbiraan. Contona: wanoja panggih jeung jajaka kasep, terus nyarita ka baturna papada wanoja, "Aduuh, nggak mau maneh.. na eta mah mani kasep-kasep teuing nya?")
"Urang mah mun ngobrol jeung si eta pasti keketawaan.." (maksudna: seuseurian)
"Bapa urang ge bangga urang bisa rengking hiji.." (maksudna: reueus)
"Besok meunang teu urang maen ka rumah?" (maen dina basa Sunda hartina ngadu, judi. Padahal di dieu tangtuna ge maksudna ulin).
 
Loba keneh sabenerna kalimah-kalimah anu direumbeuy ku basa Indonesia, nu hartina baris jadi nyaliwang lamun urang pengkuh nyekel kana tetekon kana basa Sunda anu 'bener'. Sanajan kitu, kadang-kadang kuring sok mikir sorangan. Basa teh pan diciptakeunana pikeun komunikasi anu tujuanana sangkan nu ngobrol jeung nu diajak ngobrol papada ngarti kana naon anu diobrolkeun atawa anu jadi jejer obrolan. Lamun nilik kana tujuanana, atuh meureun teu salah sapanjang nu ngobrol make basa Sunda campur aduk teh papada ngarti, da tadi ge tujuanana teh nya komunikasi tea. Nyambung, mun cek barudak ayeuna mah.
 
Nya ieu pisan anu kadang-kadang nu ngondang pebentar paham teh. Cek kaum 'konvensional', komunikasi teh lain saukur papada ngarti, tapi oge kudu bener, boh kekecapanana, boh undak usukna. Cek kaum 'moderat', keun we rada teu bener oge, nu penting mah daek keneh ngagunakeun basa Sunda, tinimbang lapur pisan. Malah cek nu 'revolusioner' mah, rek ngobrol make basa naon ge nu penting mah nyambung, papada ngarti, na make kudu riweuh sagala?
 
Sababaraha pamanggih nu disebut di luhur nepi ka ayeuna masih terus dipadungdengkeun. Ngan keur sakuringeun, idealna mah nonoman atawa generasi ngora angger kudu apal tur ngarti mana basa Sunda nu 'bener', sabab ieu teh modal nu kacida gedena. Cenah eta dina waktu ngobrol jeung babaturanana make basa Sunda 'teu bener', keun we teu nanaon, nu penting manehna nyaho kumaha basa Sunda nu sakuduna. Mun teu kitu, tangtu baris aya 'gap' anu beuki anggang antara generasi 'kolot' jeung generasi ngora, da masing-masing boga 'basa sorangan' tea.
 
Carana? Nya kudu aya komunikasi antara kolot jeung budak tea. Lengkah awal nu kacida utamana, euweuh deui iwal ti ngatik tur ngajak barudak di imah sewang-sewangan sangkan wawuh kana basana sorangan. Ulah ngarasa reueus mun anak urang - nu indung bapana pituin urang Sunda - palahak polohok teu ngarti basa Sunda.
 
Anu kadua, mun budak salah ngomong basa Sunda, ulah diseukseukan. Anggur deukeutan, terus perenahkeun kumaha kuduna. Lamun dicarekan, tibatan jadi bener, budak kalahka tinggar kalongeun. Tungtungna kalah hoream nyarita ku basa Sunda, sabab sieun dicarekan tea. Lapur weh mun geus kieu mah.
 
Kadang-kadang sok loba dongeng pikaseurieun mun pangangguran nengetan basa Sunda barudak jaman kiwari. Di handap ieu aya sababaraha dongeng nu dicutat tina pangalaman guru basa Sunda di SD.
 
Soal Basa Sunda
Teruskeun kalimah-kalimah di handap ieu ku hidep.

Soal  : Ibu tuang, abdi ....
Jawab : hoyong.
Soal  : Bapa angkat, abdi ....
Jawab : ngiring.
Soal  : Ulah sok huhujanan bisi ....
Jawab : diteunggeul.
Soal  : Cikaracak ninggang batu laun-laun jadi ....
Jawab : tarik.
Soal  : Nini kulem, abdi ....
Jawab : oge.
 
Nu ieu mah soal basa Indonesia, dijawab ku budak anu 'nyunda' pisan.

Soal  : Pencuri itu lari tunggang ......
Jawab : tonggeng.
 
Keur mimiti ngadenge dongeng-dongeng tadi, kuring ngagakgak. Tapi lila-lila kalah ngahuleng. Enya kitu basa Sunda teh tereh tumpur? Tetela, ieu teh pikiraneun urang sarerea.
 

18 comments:

Anonymous said...

Ari ceuk kuring mah bahasa sunda teh moal punah. Tapi bakal robah nurutkeun jaman, naha robahna siga kumaha nya walohualam. Ngan apan basa sunda anu ayuna dipake oge mun teu salah mah geus sababaraha kali robah, sabab pangaruh bahasa sejen saperti sansakerta, arab, jawa. Ngan lamun kuring nempo aya hiji kagimiran di sabasaning barudak lamun manehna ngomong make basa sunda. apan aya anu ngarana undak usuk basa tea anu boga aturan ngeunaan basa nu dipake bari nempo faktor lawan ngomong, jeung kaayanana.

Anonymous said...

Kamungkinan tumpur tetep aya. Tapi ieu mah ukur sawangan pribadi nu rada pesimistis. Mudah-mudahan bae ku (diantarana)seueur nu nge-blog dina basa Sunda, sawangan teh ulah jadi kanyataan..

Ihsan said...

Hayu urang sasarengan ngajagi basa sunda supados ulah ical

andi said...

Mas punya usul nih, gimana kalo pake bahasa Indonesia aja tutorialnya...nggak semua orang sunda yang baca nih blog...

kamus sunda said...

hehe ga ngerti nih artinya, untung ada kamus sunda versi online, cek deh http://www.kamusbahasasunda.com/

MzIqbal said...

Punten kang..
Kuring tacan bisa berbahasa sunda..

Ahmad said...

Sampurasun.
Kang, punteun abdi ngiring nyerat pamadegan akang dina esai abdi... Dupi akang kersa?
Hatur nuhun sateuacanna.

Sugiyarti said...

Heueuh ... Satuju pisan kuring mah jeung komentarna aa' asep ...!!meureun kuring mah ngan nambahkeun ,, kasadayana teh balik deui jeung pribadi masing-masing. Siga komentar na Tata ..
Urang salaku generasi anom kudu ngajagi sadaya kabudayaan daerah kaasup basa sunda ieu .. carana,, tetep ngagunakeun basa sunda anu leres ... salain eta, bere conto anu sae oge dina murangkalih urang engke... Lamun urang geus jadi sepuh..:-)ieu wae komentar kuring teh ... :-)

Obat Kuat Bercinta Alami said...

MAKSIH ATAS INFONYA

Harga Obat Kuat Sex said...

bagus infonya mantap abis

obat penyakit sipilis said...

makasih atas infonya bagus dan bermanfaat

obat herpes said...

bagus artikelnya saya suka sekali :)

Unknown said...

ada gak orng yg bisa ajarin saya bahasa sunda ?
saya pengen belajar bahasa sunda !! klo ada invite bbm saya 7505E420

obat kutil kelamin yang ampuh said...

saya juga pengen bisa bahasa sunda,

merit hope said...

(Istighfar harepan injeuman teguh pausahaan)
 
Hello Kami Bu, kasuksésan lfeoma, hiji lender injeuman sah jeung dipercaya ka gajian
dina istilah jeung kaayaan jelas jeung kaharti di laju dipikaresep 2%. ti
USD $ 12.000 ka $ 8.000.000, euro jeung pon kitu wungkul. Kuring méré gajian bisnis,
gajian Personal, gajian mahasiswa, gajian mobil jeung gajian mayar tagihan. lamun
kudu loana a
   geus maneh mun ieu kanggo Anjeun pikeun kontak kuring langsung
Dina: (merithope6@gmail.com)
Allah ngaberkahan anjeun.
tulus,
Ibu: istighfar Hope
Surélék: (merithope6@gmail.com)

Catetan: Sadaya response kudu dikirim ka: (merithope6@gmail.com

merit hope said...

(Istighfar harepan injeuman teguh pausahaan)
 
Hello Kami Bu, kasuksésan lfeoma, hiji lender injeuman sah jeung dipercaya ka gajian
dina istilah jeung kaayaan jelas jeung kaharti di laju dipikaresep 2%. ti
USD $ 12.000 ka $ 8.000.000, euro jeung pon kitu wungkul. Kuring méré gajian bisnis,
gajian Personal, gajian mahasiswa, gajian mobil jeung gajian mayar tagihan. lamun
kudu loana a
   geus maneh mun ieu kanggo Anjeun pikeun kontak kuring langsung
Dina: (merithope6@gmail.com)
Allah ngaberkahan anjeun.
tulus,
Ibu: istighfar Hope
Surélék: (merithope6@gmail.com)

Catetan: Sadaya response kudu dikirim ka: (merithope6@gmail.com

expertshelp said...

When i was looking at your post, i realized that this is the kind of information i should be seeking. Although my research takes a different direction, the data found on this post is very interesting. I am glad i found this post. Very captivating. The very moment you require help with Proposals Writing, just click on the link and find out more on the same.

reinford kyle said...

I have gone through the post and I must admit that I like it. Keep doing the great work. I will definitely have to bookmark this page for future reference. I will also refer my friends to come and have the same experience as I did. Thanks so much. Anyone looking for Research papers help check out our Sample Essays and the assignments we have done before