Sunday, March 30, 2008

Ucing

Cek dongeng, cenah nu satia maturan Nini Anteh di bulan teh ucing. Najan kacipta nyatuna kumaha nya, pan can pernah kacaritakeun di bulan aya beurit. Naha Nini Anteh henteu dibaturan ku sato nu lian, bayawak upamana? Duka tah lebah dinyana mah. Ngan jigana, si nini teh rada ngeper ari dibaturan ku bayawak mah. Komo mun bayawak darat. Tapi, ah duka ketang. Mun hayang yakin mah, nya kudu ditanyakeun langsung ka Nini Anteh.
 
Najan rada pamalesan alias ngedul, ucing loba nu mikaresep. Malah cek sakaol, ucing teh cenah sato kameumeut Kangjeng Nabi. Nu jelas, ucing aya di mana-mana. Komo di lembur mah, asana ampir unggal imah pasti aya ucingan. Jeung teu hese deuih ngurus ucing kampung mah. Parabna cukup ku susa-sesa deungeun sangu, galeykeun kana sangu, pasti dihakan. Teu kudu ngahajakeun ucul duit jang meuli parab husus jiga jang ucing menak.
 
Lamun ucing kampung ogoan jiga ucing menak, beu, cilaka. Duit teh meureun beak we jang parab ucing. Ari jang parab nu bogana rek ti mana? Mun kitu ucingna usaha, boga pacabakan, heg nyumbang ka nu boga ucing. Ieu mah pan boro-boro, da puguh ngaranna ge ucing, lain Tata.
 
Ti jaman keur budak keneh, di rorompok sok aya bae ucing. Mimitina mah pun lanceuk, ngerewih bae ka pun bapa, hayang boga ucing. Kabeneran Pa Momo, rerencangan pun bapa, loba pisan ucingna. Matak basa pun bapa ngurihit rek ngagentosan, teu hararese ieuh. "Mangga bae bade hiji bade dua oge, teu kedah ngagentosan," saur Pa Momo.
 
Ki lanceuk mah keukeuh hayang dua, ngan teu digugu ku pun bapa. Hiji oge can puguh kaurus. Ngahaja milih ucing danten, ngarah engkena baranahan. Buluna hiris, jadi digeroanan oge cukup si Hiris bae. Parabna teu hararese, sagala dihakan. Cucuk asin, cucuk lauk, tulang susa sesa, malah ka kurupuk-kurupuk oge dihakan.
 
Aya nu ngabejaan, cenah ngarah ucingna teu poho balik ka imah, poe mimiti awak ucing kudu dibaluran ku minyak keletik. Duka palakiahna nu metu, duka kabeneran, si Hiris teu kungsi nyasab. Pernah ketang, leungit sapoe, jigana katalimbeng di terminal. Tapi, kabeneran kapanggih ku ki lanceuk. Nya terus we dibawa balik. Ti harita teu kungsi nyasab deui.
 
Kabeneran di imah teh sarerea resep ka ucing, iwal ti pun biang. Sok rada dedegler anjeunna mah. Mun si Hiris kapanggih nyolong lauk, tara antaparah deui sok dijebred ku sapu nyere. Tapi si Hiris geus betaheun, jadi tara pundungan. Dijebred ge angger we usum nyatu mah balik ka imah, nagih jatah ransum.
 
Si Hiris anak baranahan. Duka sabaraha generasi. Ngan kadieunakeun, turunanana teu aranakan. Komo nu terahir mah, da puguh jalu, tangtu bae moal anakan. Si Jalu, kitu dingaranan ku kuring. Awakna dedeg, sembada. Bangenan kana newak beurit, malah sok pirajeunan ngala manuk sagala. Eta tuda sok naek kana tangkal cengkeh di pipir nu loba manukan.
 
Ngan ku matak ngenes ari si Jalu. Paehna katabrak mobil di jalan hareupeun imah pisan. Kuring ceurik, da puguh ucing kameumeut. Ngan dalah dikumaha, nu geus paeh mah moal bisa hirup deui. Ti harita, pleng we rada lila teu boga ucing.
 
Tapi duka ku naon, najan teu boga ucing, sok aya wae ucing nu ngulampreng. Mun kabeneran aya dahareun, sok pirajeunan diparab. Duka teuing ucing saha, ah pokona mah ucing we. Puguh ucing teh aratoheun (meureun), ma'lum mun ka warteg mah beak sabaraha pan? Komo mun hayang ka restoran siap saji, duit ti mana ari ucing?
 
Kungsi aya anak ucing, teuing nyasab, teuing dipiceun ku indung bapana nu teu tanggung jawab. Buluna bodas, beresih. Pokona mah teu eleh ku ucing menak lah. Ngan karunya, awakna kuru kabina-bina. Tah si eta mah, sakali diparab teh, teu incah deui, terus we kukulintingan di pipir. Nya tungtungna mah betaheun, da puguh diparab unggal poe, dua kali sapoe malah, isuk sore. Ari diurus mah mimiti katempo mencrangna. Buluna luis, awakna morontod. Mangkaning buluna warna bodas, malah aya hideung jeung koneng saeutik dina hulu jeung dina tonggongna. Cenah ucing bulu tilu (warna) teh disebutna candramawat.
 
Nu matak heran, pun biang nu tadina galak pisan ka ucing teh ka nu ieu mah kacida nyaaheunana. Malah anjeunna nu masihan ngaranna oge: si Olat. Boro-boro sok dijebred, si Olat mah mindeng dilahun, diusapan, pokona mah dipikanyaah. Ongkoh ucingna deuih pikaresepeun jeung pikanyaaheun. Tara daek cocorokot, najan aya lauk dihareupeunana oge. Mun diasongkeun kakara dihakan.
 
Kadang-kadang sok dititah nungguan, bisi aya ucing batur nu rek cocorokot. Jeung enyana, jiga nu ngarti kana basa jelema, mun aya ucing sejen nu wani-wani ngadeukeutan, pasti dikaprot ku si Olat. Pun biang beuki nyaaheun bae ka si Olat. Heesna ge tara sina di luar, tapi di jero imah, dipangnyieunkeun kasur leutik. Nu lucu mah mun tengah peuting hayang kiih, si Olat sok riweuh disada ka unggal panto kamar, menta dipangmukakeun panto, rek ka luar. Geus kitu teh kudu ditungguan deuih, sabab rek hees deui di jero imah. Jadi najan ucing timu, si Olat mah apik, tara pararadu ngompol di mana bae.
 
Ngan aya hiji kahengkeran si Olat mah: Sieun ku guludug! Jadi mun geus ngadenge sora hujan ninggang kenteng, manehna mah sok geus paciweuh nyumput ka kolong meja atawa kolong tempat tidur. Ngahephep we eta teh, geus tara beunang digera-gero. Komo mun guludug pating jeleger, jigana teh ngayekyek we di kolong. Duka ku naon tah, nepi jiga nu trauma kitu :-)
 
Hanjakal si Olat mah unggal boga anak teu jadian bae. Sok paraeh keur orok keneh. Nu matak euweuh turunan si Olat di imah. Padahal hayang pisan aya turunanana, sugan we iceus tur ngarti jiga indungna.
 
Basa si Olat gering nepi ka hanteuna, pun biang rambisak. Ucing kameumeut anjeunna paeh, ditungkulan ku sarerea, di jero imah. Sarerea ngaheruk, sedih ditinggalkeun ku ucing nu kacida dipikanyaahna.
 
Ayeuna aya gagantina si Olat, sarua ieu oge ucing datang sorangan. Jigana ieu oge ucing nu dipiceun ku indung bapana nu teu tanggung jawab. Buluna bodas jiga si Olat, tapi dina huluna aya ponian, warna hideung. Matak ngaranna oge De Poni.