Friday, November 24, 2006

Rupa-rupa Kabeurangan

Cek sakaol, kabeurangan teh aya dua rupa: kabeurangan nu dihaja, kabeurangan rada dihaja, jeung kabeurangan nu teu dihaja. Baruk aya kabeurangan nu dihaja kitu? Seueur, kulan. Eta geuning sok loba PNS nu ngantorna sakainget. Kuduna ngantor jam tujuh, ku sabab asa digawe di kantor nini aki, der datang jam sapuluh. Mending mun digawena teh suhud, balik jam opat atawa jam lima. Ieu mah henteu. Jam satengah satu geus anggalesoh, bujurna ngadadak lenjong. Alesan itu ieu, leos we balik. Na ngaladangan naon atuh nya ari nu kitu? Eta ku geus teu asa jeung jiga tea meureun..
 
Anehna ari di kantor-kantor swasta gedean mah leuwih disiplin. Lain euweuh, ngan asana moal ngabudaya jiga di kantor-kantor pamarentah. Ieu teh taya sanes ku lantaran di swasta mah biasana jelas dina soal 'reward and punishment'. Bolos sakitu jam, nya potong we gajihna, kitu conto nu gampangna mah. Nya ieu pisan nu teu dilarapkeun di kantor-kantor pamarentah teh. Pagawe negeri mah jongjon, sabab gajih geus maneuh unggal bulan. Perkara bolos atawa melencing, wah, nu dilaluhur ge sarua we melencing. kitu biasana alesanana teh.
 
Pun lanceuk kabeneran pagawe nagri di Cirebon. Ngadongeng, cenah eta mah aya anak buahna nu digawena teh ngan ukur sapoe dina sabulan, istuning datangna teh ngan poean nyokot gajih wungkul. Dipapatahan mah dipapatahan, hih angger we kitu. Alesanana teh cukup ku, "Teu gaduh ongkos Pa.." Dasar euweuh kaera.
 
"Naha atuh lain carekan, atawa laporkeun we ka atasan?" cek kuring mangloh.
 
"Teu wasa," tembal ki lanceuk, "Sidik si eta teh dulurna atasan Akang.."
 
Wah, teuing atuh ari kitu mah!
 
Kumaha ari kabeurangan nu rada dihaja? Ieu mah sabenerna teu hayang kabeurangan, tapi aya hal sejen nu nyababkeun kabeurangan. Contona mun keur usum mengbal Piala Dunya tea. Pan sarerea ge tangtu lain hayang kabeurangan, tapi hayang lalajo mengbal. Kadang-kadang sapeuting jeput tah teu sare ngabelaan karesep kana mengbal teh, bari jeung nu mengbalna mah teu dulur teu baraya, teu hir teu walahir. Ngan orokaya isuk-isukna sok tunduh. Jadi we kabeurangan. Teu dihaja pan kabeuranganana mah? Tapi lalajo mengbalna - nu matak tunduh nepi ka kabeurangan ngantor, eta mah dihaja. Jadi, nu kieu nu kabeurangan rada dihaja teh.
 
Nu katilu, kabeurangan nu teu dihaja. Ieu mah bener-bener teu dihaja. Tangtu kabeuranganana oge moal terus-terusan jiga PNS. Bisa wae peutingna aya nu gering, terus kudu kemit, teu bisa sare. Ngaranna ge musibah. Jadi mun isukna kabeurangan, nya dima'lum, da lain kahayangna tur lain ngahaja.
 
Di kampung, sok loba pisan budak sakola nu kabareurangan. Alesanana oge kuat, babantu digawe ka kolotna. Ma'lum budak di kampung mah, najan leutik keneh, loba nu geus diandelkeun mantuan kolot. Ngarit jang domba tea, ngala cai tea, narokan suluh tea, jeung sajabana. Kitu soteh da meureun kajurung ku kaayaan. Mun kolotna sagala aya mah, piraku teuing tega anakna kudu migawe pagawean kolot nepi ka matak kabeurangan sakola sagala. Ngan dalah dikumaha deui atuh. Matak guru-guru di sakola ge sok loba ngama'lum, tamaha, bongan pamarentah can bisa ngama'murkeun sakabeh rahayatna.
 
Sanajan kitu, ari mindeng-mindeng teuing mah, keuheul oge pa Guru teh. Saperti si Ibro anak Mang Daman. Eta mah da teu sirikna unggal poe atuh kabeurangan teh. Memang sabenerna mah memeh sakola teh manehna sok guwa-gawe heula mantuan kolotna. Ngan ku sabab mani unggal poe pisan, Pa Guru teh antukna mah bendu oge.
 
Basa si Ibro kabeurangan deui, Pa Guru nyentak, "Tas naon heula atuh maneh teh Ibro? Tuh batur mah geus ngerjakeun soal aya kana sapuluhna!"
"Euh..Punten Pa Guru, abdi wangsul macekkeun heula domba nembe teh.." si Ibro murungkut.
"Macekkeun domba? Na atuh lain ku bapa maneh nu kitu mah?" Pa Guru beuki wera.
"Eu..eu..moal tiasa atuh Pa, kedah ku domba deui..." si Ibro ngalengis bingung, satengah ambek. Teungteuingeun ari Pa Guru, maenya bapana kudu macek domba!
 

Thursday, November 23, 2006

Basa Sunda Tereh Tumpur?

Ngajawab ieu patalekan sabenerna enteng bangga. Enteng, da memang tinggal ngajawab. Naon hesena ngajawab? Tapi oge bangga sabab lamun hayang ngajawab kalawan bener tangtu kudu dirojong ku rupa-rupa alesan nu ngarojong jawaban urang. Jadi? Ah kuring mah moal ngajawab, rumasa kurang elmuna. Keun eta mah bagean para ahli anu memang rubak bekelna.
 
Kahariwang yen basa Sunda bakal tumpur memang asup akal, lamun urang nengetan basa Sunda nu dipake ku sabagian gede kalangan nonoman Sunda. Basa nu dipake geus pabaliut jeung basa deungeun atawa basa sejen, utamana basa Indonesia 'jakartaan'.
 
"Aduh, nggak mau maneeehh.." (pemeo temporer taun 90-an, euweuh hartina iwal ti nembongkeun kagumbiraan. Contona: wanoja panggih jeung jajaka kasep, terus nyarita ka baturna papada wanoja, "Aduuh, nggak mau maneh.. na eta mah mani kasep-kasep teuing nya?")
"Urang mah mun ngobrol jeung si eta pasti keketawaan.." (maksudna: seuseurian)
"Bapa urang ge bangga urang bisa rengking hiji.." (maksudna: reueus)
"Besok meunang teu urang maen ka rumah?" (maen dina basa Sunda hartina ngadu, judi. Padahal di dieu tangtuna ge maksudna ulin).
 
Loba keneh sabenerna kalimah-kalimah anu direumbeuy ku basa Indonesia, nu hartina baris jadi nyaliwang lamun urang pengkuh nyekel kana tetekon kana basa Sunda anu 'bener'. Sanajan kitu, kadang-kadang kuring sok mikir sorangan. Basa teh pan diciptakeunana pikeun komunikasi anu tujuanana sangkan nu ngobrol jeung nu diajak ngobrol papada ngarti kana naon anu diobrolkeun atawa anu jadi jejer obrolan. Lamun nilik kana tujuanana, atuh meureun teu salah sapanjang nu ngobrol make basa Sunda campur aduk teh papada ngarti, da tadi ge tujuanana teh nya komunikasi tea. Nyambung, mun cek barudak ayeuna mah.
 
Nya ieu pisan anu kadang-kadang nu ngondang pebentar paham teh. Cek kaum 'konvensional', komunikasi teh lain saukur papada ngarti, tapi oge kudu bener, boh kekecapanana, boh undak usukna. Cek kaum 'moderat', keun we rada teu bener oge, nu penting mah daek keneh ngagunakeun basa Sunda, tinimbang lapur pisan. Malah cek nu 'revolusioner' mah, rek ngobrol make basa naon ge nu penting mah nyambung, papada ngarti, na make kudu riweuh sagala?
 
Sababaraha pamanggih nu disebut di luhur nepi ka ayeuna masih terus dipadungdengkeun. Ngan keur sakuringeun, idealna mah nonoman atawa generasi ngora angger kudu apal tur ngarti mana basa Sunda nu 'bener', sabab ieu teh modal nu kacida gedena. Cenah eta dina waktu ngobrol jeung babaturanana make basa Sunda 'teu bener', keun we teu nanaon, nu penting manehna nyaho kumaha basa Sunda nu sakuduna. Mun teu kitu, tangtu baris aya 'gap' anu beuki anggang antara generasi 'kolot' jeung generasi ngora, da masing-masing boga 'basa sorangan' tea.
 
Carana? Nya kudu aya komunikasi antara kolot jeung budak tea. Lengkah awal nu kacida utamana, euweuh deui iwal ti ngatik tur ngajak barudak di imah sewang-sewangan sangkan wawuh kana basana sorangan. Ulah ngarasa reueus mun anak urang - nu indung bapana pituin urang Sunda - palahak polohok teu ngarti basa Sunda.
 
Anu kadua, mun budak salah ngomong basa Sunda, ulah diseukseukan. Anggur deukeutan, terus perenahkeun kumaha kuduna. Lamun dicarekan, tibatan jadi bener, budak kalahka tinggar kalongeun. Tungtungna kalah hoream nyarita ku basa Sunda, sabab sieun dicarekan tea. Lapur weh mun geus kieu mah.
 
Kadang-kadang sok loba dongeng pikaseurieun mun pangangguran nengetan basa Sunda barudak jaman kiwari. Di handap ieu aya sababaraha dongeng nu dicutat tina pangalaman guru basa Sunda di SD.
 
Soal Basa Sunda
Teruskeun kalimah-kalimah di handap ieu ku hidep.

Soal  : Ibu tuang, abdi ....
Jawab : hoyong.
Soal  : Bapa angkat, abdi ....
Jawab : ngiring.
Soal  : Ulah sok huhujanan bisi ....
Jawab : diteunggeul.
Soal  : Cikaracak ninggang batu laun-laun jadi ....
Jawab : tarik.
Soal  : Nini kulem, abdi ....
Jawab : oge.
 
Nu ieu mah soal basa Indonesia, dijawab ku budak anu 'nyunda' pisan.

Soal  : Pencuri itu lari tunggang ......
Jawab : tonggeng.
 
Keur mimiti ngadenge dongeng-dongeng tadi, kuring ngagakgak. Tapi lila-lila kalah ngahuleng. Enya kitu basa Sunda teh tereh tumpur? Tetela, ieu teh pikiraneun urang sarerea.
 

Saturday, November 18, 2006

Nyarekan

Maca komentar dina shoutmix, bet asa kaingetan. Geus rada lila puguh teu nulis dina basa Sunda. Lain tambelar, lain mopohokeun basa Sunda, sabab jigana najan tepi ka iraha wae oge, kana basa Sunda mah moal poho. Ieu mah istuning ku sabab pabeulit jeung neangan eusi peujit (tuh, murwakanti pan?).

Najan sabenerna rada ngarti basa Inggris (saeutik-eutikeun), basa Indonesia (taram-taram), basa Cirebon (saeutiiik.. pisan), katut sababaraha basa sejenna (basa okem, basajan jeung basa kamari rapat di desa panggih jeung Pa Kuwu teu?), nu karasa teleb kana pipikiran mah teu aya deui iwal ti basa Sunda. Dalah ngimpi ngobrol jeung bule ge asana mah sok di-dubbing make basa Sunda. Komo eta mah palebah ngambek atawa nyarekan, da asana teh puleeen.. pisan ari make basa Sunda mah. Beda jeung lamun ngagunakeun basa sejen atawa basa deungeun.

Na ari basa Sunda teh keur nyarekan kitu? His lain, dimana-mana ge basa mah keur komunikasi. Tah bagian tina komunikasi teh pan diantarana nya nyarekan tea. He..he.. Angger nya tungtungna mah kana nyarekan.

Tapi dipikir-pikir mah jigana memang bener nyarekan teh mangrupa bagian tina komunikasi verbal. Dina basa naon bae oge pasti aya kecap-kecap husus nu digunakeun atawa dipakena ngan ukur waktu nyarekan. Biasana kecap-kecap jang nyarekan mah euweuh deui pilihan, iwal ti kecap-kecap kasar tur garihal, anu tujuanana sangkan jelema nu dicarekan ngarasa kasigeung jeung nyerieun hate. Jeung da asa teu lucu lamun nyarekan make basa lemes. Jadi inget ka pun lanceuk keur budak, pasea jeung kuring. Teuing pedah naon mimitina, ngan nu jelas mah kuring ngambek ka manehna. Pun lanceuk teu tarima, malik nyarekan. Ngan ku sabab ku pun biang sok diomat-omatan teu meunang ngomong kasar, pokna teh, "Naha sia teh bet bendu ka Teteh?" Atuh kuring ge kalah nyeuleukeuteuk ngadenge kitu mah. Abong budak.

Tangtu dina praktekna, nyarekan teh mangrupa katup atawa kelep darurat, lamun cara sejen geus teu katoong bisa ngarengsekeun masalah. Jadi ari masih keneh bisa ku cara sejen mah, usahakeun pikeun nyingkahan hal eta sakuat tanaga. Naon sababna? Ngaran-ngaran nyarekan tea pan kajurung ku napsu. Nu penting ngeunah bisa ngabudalkeun amarah. Nu kapikir paling-paling oge neangan kecap-kecap nu pangkasarna. Padahal ari enggeusna mah sok hanjakal jeung era mun panggih deui jeung jelema nu dicarekan. Komo mun waktu nyarekan teh kacaletot salah ngalarapkeun basa, nu kuduna keur ka batur, kalah dipake ka sorangan. Pan aya dongengna tateh.

Kieu cenah. Ma'lum jalma keur ngambek, amarahna tangtu muncugug nepi kana embun-embunan. Manehna hayang ngahina bebeakan, nyeksekeun yen beungeut jelema nu dicarekan ku manehna teh goreng kabina-bina. Na ari pokna teh, "Yeuh sia teh kudu ngarumasakeun, kudu loba ngeunteung. Nurustunjung siah, keur bujur sia jiga beungeut aing teh.."

Gusti, kalah ngajejeleh sorangan atuh eta mah. Duka lamun memang eta teh bakating ku jujur, nembrakkeun karumasaan :-). Matak oge, lamun teu kapaksa mah, mending tong nyarekan batur, bisi kacaletot jiga kitu. Isin, kulan?

Sunday, November 05, 2006

Reunian

Reunian alias reuni, asal kecapna tina reunion. Ngumpul deui anggeus sawatara lila papisah, kitu kurang leuwih hartina. Pokona mah ngarumpul jeung babaturan, boh babaturan kuliah baheula, babaturan ulin, atawa babaturan maen band.

Poe Saptu kamari maksakeun ka Bandung bari jeung macet-macet oge. Ma'lum kabeneran bareng jeung usum baralikna jelema ti lembur-lembur ka dayeuh, tempat maranehanana neangan pangupa jiwa. Hasilna nya macet. Nagreg biasana nu jadi langganan macet teh. Indit ti imah jam 7 isuk-isuk, datang ka Bandung satengah 3 sore!! Kacida nya... Padahal ditungguan ku barudak jam 10 isuk-isuk.

Tapi ari geus cunduk mah ka tempat ngumpul, leungit tah kacape, nyareri awak, jeung eungap gara-gara kakebulan di jalan teh. Bungah we nu aya. Panggih deui jeung jelema-jelema nu kungsi sagulung sagalang, jaman sangsara, jaman dahar 300 perakeun di Bu tunduh hareupeun kampus. Jaman roko sapotong sewang, atawa mun keur teu boga duit kadang-kadang mulung kuntung bari culang cileung sieun katenjo ku batur.. Najan teu boga duit ge,aya keneh ari kaera mah...:-)

Tapi nyakitu, nasib jelema mah beda-beda alias teu sarua. Sanggeus sakitu lilana teu panggih, ari gok tangtu loba robahna, boh sacara fisik atawa rejeki. Sacara fisik upamana aya nu buukna cepak terus make polet tilu baris jiga galengan (tong ngambek Wem!), aya nu jadi huisan. Sacara rejeki mah teu kudu dicaritakeun. Aya nu geus beunghar, aya nu can beunghar (jiga kuring!). Cek ahli psikologi, teu meunang nyebut teu beunghar, soalna eta teh nandakeun yen urang ngabogaan cara mikir negatif. Lamun nyebut can beunghar mah hartina aya keneh harepan pikeun jadi nu beunghar. Jadi ieu teh cara mikir positif. Cenah eta ge.

Untungna, nu parapanggih kamari mah euweuh (atawa can aya?) nu unggah adat! Ngobrolna, sikepna, masih jiga bareto, henteu nganyar-nganyari. Masih keneh ngobrol kasar (teuing ku naon, ngobrol lemes jeung babaturan deukeut teh asa nengterege, asa karagok). Teuing meureun pedah kuring mah lain menak, jadi kalakuanana ge orowodol! Kecuali mun ngobrol jeung nu teu pati loma mah, kuring ge bisa atuh ngobrol ala menak. Pan baheula ge basa keur SD, basa Sunda peunteun salapan! piraku we teu bisa nu kitu-kitu acan.

Pamustunganana mah reuni informal teh heboh, sagala ditatab. Ti mimiti ngobrol, ngadu rahul, silih sepet, nyanyi, malah nepi ka dipoto sagala. Sual fotogenik atawa henteu, eta mah urusan foto model, lain urusan urang. Peutingna diteruskeun begadang nepi ka jam tilu subuh. Padahal saukur ngobrol. Tapi bet asa balik deui ka jaman bareto. Jaman sarua papada boga angen-angen hayang sukses. Najan ayeuna kabuktianana teu sarua, tapi suasanana tetep jiga bareto.

Nuhun Gusti, aya keneh jelema-jelema nu teu unggah adat. Mugi-mugi we dugi ka engke angger teu unggut kalinduan, teu gedag kaanginan.