Tuesday, September 21, 2010

JALAN-JALAN

Mun karesel euweuh pigaweeun, ngeunahna naon nya? Pasti jawabanana rupa-rupa. Dahar, lalajo, nongkrong di warung, atawa jalan-jalan. Kari milih, disaluyukeun jeung eusi pesak. Dina terminologi urang kampung samodel kuring mah, jalan-jalan pasti jadi pilihan utama. Naon sababna? Teu kudu ngaluarkeun duit, sabab jalan-jalan versi kuring mah estuning saukur leuleumpangan. Pira ge leumpang, tinggal ngalengkahkeun suku, naon hesena? Matak sehat malah, sabab aya unsur olahragana, jaba teu kudu ngaluarkeun duit.
 
Tapi tetela, kecap jalan-jalan teh bisa jadi mahal jeung piomongeun. Teu percanten? Mangga bandungan anggota DPR anu ngadon jalan-jalan ka luar negri dina usum sakieu samporetna. Puguh we piomongeun, sabab jalan-jalanna oge lain ngan saukur leuleumpangan model kuring. Jalan-jalan nu ieu mah biayana oge milyaran. Eta we cenah mun diitung-itung, tiap anggota nu jalan-jalan teh biayana kurang leuwih 25 juta sapoe!
 
Mahal-mahal teuing? Enya atuh, pan jalan-jalanna oge ka luar negri, lain ka Ciendog :) Na rek naon atuh make jeung los-los ka luar negri sagala? Pan cenah dina raraga comparative study alias studi banding soal kepanduan alias pramuka. Tah, hasil studi banding teh rek dipake nyusun sistem kepanduan di Indonesia. Cenah eta oge. Teuing bener henteuna mah.
 
Masalahna, naha soal pramuka teh kacida pentingna? Pan dina teori eksekusi program, biasana aya nu disebut skala prioritas. Heulakeun pasualan nu penting heula, kakara pasualan sejen nu kadar kapentinganana leuwih handap. Conto gampangna mah kieu: mun urang boga tatangga nu gering parna jeung nu teu boga jang meuli udud, meureun nu pangheulana ditulungan teh nya nu gering parna. Keun nu hayang udud mah tunda heula, sabab tara aya jalma nu maot gara-gara teu udud!
 
Lamun urang nengetan pasualan-pasualan di nagara urang, asana masih loba keneh masalah nu leuwih penting (urgent, ceuk dina tipi tea mah) tibatan pramuka. Lain hartina pramuka teu penting, tapi pan aya skala prioritas tea. Mending heulakeun ngurus soal gas 3 kilo nu tingbeledug, soal pengangguran, soal jelema-jelema nu kalaparan jeung sajabana. Mun balik deui kana conto di luhur, pramuka mah saheulaanan urang anggap bae jelema nu hayang udud. Hartina, saheulaanan mah pan sistem kepanduan geus jalan. Mending uruskeun heula soal jelema nu teu boga gawe, nu kalaparan jst.
 
Ongkoh pan duit nu dipake jalan-jalan.. eh, studi banding teh pan duit ra'yat. Jadi mending ubaran heula rayat nu keur gering parna teh sina nepi ka cageur. Mun geus cageur, kakara meureun bisa pramuka, sabab jelema gering mah bororaah hayang pramuka, da nempo nu ngamonyah-monyah duit jang studi banding pramuka ge kalahka hayang.. nampiling!
 
Hayu ah, urang jalan-jalan "enyaan"...
 
Tata Danamihardja © 2010
 
Hak Cipta ditangtayungan ku undang-undang. Salira diwenangkeun nyutat ieu tulisan - boh sapalih atanapi sagemblengna - kalawan sarat kedah nyebatkeun sumber sareng ngaran nu nulis. Mugia janten uninga.