Friday, September 22, 2006

Thursday, September 21, 2006

Basa Sunda Doel Sumbang

Buka MulutDoel Sumbang? Pasti sarerea ge pada apal. Penyanyi ballada urang Bandung nu banting setir jadi penyanyi pop Sunda. Nya manehna pisan nu sohor ngahaleuangkeun lagu 'Ai, Pangandaran, Somse, jrrd. Mimiti apal teh bareto jaman Iwan Fals anyar-anyar muncul. Teu lila ti harita ngaran Doel Sumbang mimiti sering disabit-sabit. Mun Iwan Fals mawakeun lagu-lagu ballada nu pinuh ku kritik sosial, Doel Sumbang ge sarua. Bedana, rumpaka lagu-lagu Doel Sumbang karasana leuwih garihal, malah sakapeung aya nu semu-semu jorang. Contona bae dina lagu Juwita atawa Ceu Romlah (duanana make basa Indonesia).
 
Di Indonesia (atawa lain di urang bae kitu?), dimana aya penyanyi nu ngajaul ngaranna, pasti dina waktu anu singget bakal loba anu nurutan, bari miharep bisa ngahontal sukses sarua jeung nu diturutanana. Jaman Ebiet G. Ade upamana, basa lagu Camelia mimiti jadi sabiwir hiji, loba pisan penyanyi anu gaya nyanyina nurutan Ebiet. Sebut bae upamana Jamal Mirdad jeung Ade Putra. Kitu deui basa Iwan Fals mimiti ngajaul ngaranna, ana breng teh penyanyi anu lagu katut gaya nyanyina nurutan Iwan Fals. Aya sababaraha urang, diantarana bae Doel Sumbang, Tom Slepe, jeung Suburtahu.
 
Ngaranna ge nu pipilueun, tangtu nasibna mimilikan. Aya nu terus nanjung, tapi aya oge nu terus ngalelep. Ceuk para ahli mah, ieu teh bagian tina seleksi alam. Dina enggoning milampah proses kreatipna, aya nu mogok, tapi aya oge nu terus-terusan ngulik sangkan manggihan ciri nu mandiri, nepi ka jadi beda jeung nu (tadina) diturutan. Sanggeus berproses sakitu lilana, Doel Sumbang ahirna manggihan ciri mandiri nu ngabedakeun manehna jeung Iwan Fals. Najan akarna mah sarua, lagu-lagu ballada nu ngandung protes atawa kritik sosial, tapi tetela Doel Sumbang mah leuwih napak tur leuwih karasa merenah dina adeg-adeg Sunda tur make basa Sunda tibatan ngagunakeun basa Indonesia.
 
Basa Doel Sumbang banting setir ngagunakeun basa Sunda pikeun media artikulasi daya kreatifna, teu saeutik nu ngajebian, tur nganggap yen Doel Sumbang geus 'ngalacurkeun karep'. Loba nu nuduh Doel Sumbang ngan saukur ngudag materi, tur ninggalkeun hanca nu geus dibaladah samemehna, tegesna ngalesotkeun fungsi protes jeung kritik sosial ngaliwatan lagu-laguna. Ma'lum, pas doel Sumbang banting setir teh keur booming lagu-lagu pop Sunda.
 
Tangtu teu kabeh nu dituduhkeun teh bener. Dina kanyataanana, sok sanajan mungkin bae sual ngudag materi jadi salah sahiji alesan, tapi tetela fungsi kritik jeung protes sosialna mah angger aya. Mangga tengetan lagu Pulisi Noban upamana. Noban teh hartina 20 rebu. Eusina ngritik sual pulisi nu nepi ka kiwari loba keneh nu sok pungli di jalan. Kritik ka tentara baris kapanggih dina lagu 'Sono ka Kodim', jrrd.
 
Tapi tukang kritik lain hartina teu bisa dikritik. Aya sababaraha kecap basa Sunda anu karasana aneh dina lagu Doel Sumbang. Upamana bae dina lagu Somse:
 
..dimana-mana ge sami
pameget mah cararunih..
 
Kahartina ku kuring, kecap 'cararunih' di dieu teh nuduhkeun jelema cunihin leuwih ti hiji. Jadi kuduna mah lain cararunih tapi carunihin. Jigana bae ieu teh ngudag rhyming jeung kecap dina pada saterusna:
 
..sawios, da sawios
cunihin ge kararasep
 
Jigana bae ngarah kadengena adumanis antara kecap cararunih jeung kararasep.
 
Najan kitu, tetep we ieu teh teu bisa dijadikeun alesan pikeun ngarobah kecap anu geus baku.
Aturanana, lamun kecap cunihin make rarangken 'ar' di tengah anu nuduhkeun plural atawa jamak alias leuwih ti hiji, kuduna teh jadi carunihin, sabab lamun jadi cararunih mah tangtu kecap asalna lain cunihin, tapi cunih. Padahal sakanyaho kuring mah, dina basa Sunda euweuh kecap cunih.
 
Atawa tengetan geura rumpaka dina lagu Meni-Meni:
 
..popolotot ih meni geuleuh
buad baeud ih meni geuleuh..
 
Bandingkeun jeung rumpakan dina lagu Somse:
 
Somse, alah mani somse,
Eneng mani somse, sombong sekali..
 
Mangga tingali kecap meni jeung mani dina dua lagu ieu. Dina basa Sunda, euweuh kecap meni, aya oge mani. Kecap mani teh nuduhkeun pasipatan kaleuleuwihi atawa kacida.
 
Ngarah leuwih gampang neuleuman hartina, mending urang contokeun dina kalimah sapopoe:
 
Basa Sunda: Maneh mah mani kitu ka urang teh..
Basa 'gaul': Lu kok gitu banget sih sama gue..
 
Dina conto rumpaka lagu di luhur, katingali Doel Sumbang henteu konsisten dina ngagunakeun kecap meni atawa mani. Lian ti eta, bisa wae kecap meni dianggap leuwih genah kana ceuli nu ngadengekeun. Bahayana, ninggang ka barudak jaman ayeuna nu lolobana teu dibekelan atikan nu nyunda ku kolot katut lingkunganana, bisa wae kecap meni malah dianggap bener. Kabuktian, mun pangangguran ngadengekeun barudak ayeuna ngobrol, kecap meni leuwih mindeng kadenge tibatan kecap mani.
 
Teu dileuleungit, Doel Sumbang boga andil nu teu bisa dilalaworakeun dina enggoning mopulerkeun basa Sunda ka generasi ngora atawa nonoman Sunda. Lagu-lagu pop Sunda Doel Sumbang dipikaresep ku balarea, teu kolot teu budak. Tina resep kana laguna, pan lila-lila jadi wawuh (deui) kana basana, basa Sunda. Jadi, dikritik soteh ku sabab memang aya kritikeunana. Ieu mah itung-itung bahan geusan ngalelempeng nu can pati lempeng, ngarautan nu can pati lemes, ngarah hasilna leuwih munel tur mangpaat dina raraga 'nyundakeun' deui urang Sunda.

 
BUKA MULUT

Monday, September 18, 2006

Munapek

Asalna tina kecap munafik. Muna, cek barudak ayeuna mah. Definisi sederhana dina basa nu dipake sapopoe, munapek teh hartina kurang leuwih: naon nu diomongkeun teu luyu jeung paripolah jelema anu ngomongna. Lamun aya jelema nu ngomong teu beuki udud, ari pek sabenerna nyandu, tah nu kitu nu biasana disebut munapek.
 
Ku naon pangna kitu? Bisa jadi aya maksudna. Upamana wae nutupan kalemahan pribadi, sieun katohyan kateumampuhan, nyumputkeun katuna, hayang katangar, jrrd. Naha enya aya jelema nu kitu? Singhoreng loba kacida, aya dimana-mana. Teu di cacah teu di menak, sabab sipat munapek mah euweuh patula-patalina jeung sual turunan atawa bibit buit. Rek di darat, rek di laut, rek di internet, jalma-jalma samodel kieu teh tetela balatak.
 
Nu matak teu kudu kaget, lamun dina hiji mangsa urang manggihan jalma nu pasipatanana samodel kitu. Upamana aya pejabat ngomongna tara korupsi, padahal sabenerna eta pisan profesina. Lamun ditulis dina 'buku kenangan' jaman SMA mah meureun saperti kieu.
  • Wasta: Anu, plus gelar aya kana sadeupana
  • Pagawean: Koruptor
  • Hobi: Pejabat
Atawa bisa bae jelema biasa, nyebutkeun teu resep baju hejo, padahal bajuna lolobana warna hejo. Nyebutkeun tara nyelewer, ari kabogoh aya limana. Ngaku-ngaku kuliah, padahal kuli..ah! Atawa hayang kapake ku calon mitoha, ngaku masantren di ditu di dieu, ari dititah ngaji sok ngadak-ngadak batuk ngohkoh!
 
Di internet ge teu jauh beda. Kadang-kadang aya nu hayang katangar sagala bisa. Sakalina nempo batur leuwih onjoy, biasana embung katitih. Kumaha we carana mah, bisa ku jalan mepengkeng batur bari jeung di tukangeun mah nurutan, bisa ku cara ngawadul ngagul-ngagul ka(teu)pinteran sorangan, bisa oge ku cara-cara sejen anu ngan dipikanyaho ku jelema munapek:-)
 
Kumaha nyanghareupan jelema samodel kitu? Idealna mah tangtu kudu digeuing, bisi kalalanjonan, karunya. Najan mungkin wae teu ngarugikeun ka urang sacara langsung, angger ari digeuing mah kudu, sabab nu kitu teh kaasup panyakit hate. Lamun geus kronis, bangga kacida nyiar piubareunana. Cara ngageuingna ge bisa rupa-rupa. Bisa ku cara lemes, disindiran upamana, sangkan teu nerag teuing. Atawa bisa oge ku cara togmol, teu didingding kelir. Ieu mah husus keur jelema nu rada 'telmi', teu teurak atawa teu surti ku disindiran.
 
Ngan nyaeta, kangaranan jelema, kadang-kadang lamun digeuing teh sok malik ngewa, ngarasa diera-era, rumasa salah tapi geus kagok borontok. Jadi cek pangrasana mah mending diteruskeun we sakalian, tibatan wirang kudu ngaku kana katunaan dirina. Padahal mun jelemana sadar mah, kuduna ngarasa atoh, aya keneh nu daek ngelingan. Keun we era-era ge, da sabenerna erana mah ngan sakeudeung!
 
Ngan lamun kira-kira jelemana bedang tur murugul mah, antepkeun we lah, tuman! Jelema samodel kitu mah, awal ahir ge tangtu baris nandangan wiwirang alatan katohyan kahengkeranana, kaboker kateumampuhanana. Sukur-sukur mun sadar samemeh tumiba kajadian nu teu dipiharep ku manehanana. Urang mah cukup ngadu'akeun we, mugi-mugi jelema-jelema munapek teh dipaparin kasadaran. Sanes kitu? 

Thursday, September 14, 2006

Milangkala

Milangkala alias tepung taun alias jarig (cek tuan olanda) mangrupa titimangsa penting dina kahirupan urang. Lain pedah tanggalna karamat atawa sakti, tapi sakadar pangeling-ngeling sarta momentum pikeun nyaliksik katuna diri, geusan bekel lengkah ka hareup.
 
Naha tepung taun teh perlu dipestakeun? Ah, teu kudu! Teu meunang malah, lamun pangeling-ngeling milangkala teh jadi sarana pikeun ngahambur-hambur duit. Mubazir ngaranna. Tapi lamun moment milangkala teh dijadikeun sarana pikeun kontemplasi, nyaliksik sagala hal anu pernah dilakukeun ku urang, eta mah teu nanaon. Alus malah.
 
Ku cara kieu urang jadi nyaho, naon bae kasalahan nu geus pernah dilakukeun. Ku sabab nyaho, urang jadi bisa nyusun lengkah pikeun nyingkahan kalakuan saperti kitu, sarta sakaligus neangan cara sangkan lengkah ka hareupna leuwih munel tur mangpaat.
 
Poe ieu singhoreng teh poe waktu kuring digubragkeun ka alam dunya sakitu taun ka tukang. Kakara eungeuh soteh pedah aya sms peuting-peuting, ngawilujengkeun. Di kulawarga kuring memang euweuh tradisi mieling tepung taun, jadi tara diinget-inget.
 
Poe ieu kuring oge sakaligus diingetan yen itungan umur beuki nambahan, jatah hirup beuki ngurangan. Mudah-mudahan sesa umur teh bisa dimangpaatkeun pikeun ngalakukeun amal sholeh, luyu jeung anu diparentahkeun tur dipirido ku Gusti Nu Maha Suci. Neda pidua ti sadayana. Amiin.

Wednesday, September 13, 2006

Basa Sunda Feodal?

Kahariwang sawatara pihak ngeunaan bakal tumpurna basa Sunda tangtu lain hal anu bisa dilalaworakeun. Mun nempo kanyataan kiwari, prosentase urang Sunda nu make basa Sunda pikeun gunem catur di imah (jeung anggota kulawargana) jigana beuki ngurangan. Alesanana, lieur kudu diajar ngeunaan undak usuk basa. Sieun salah, bisi teu sopan, jeung rea-rea deui.
 
Lian ti eta, aya oge sawatara anggapan nu nyebutkeun yen basa Sunda teu demokratis, pinuh ku unsur feodalisme nu ngagugulung tur ngabeda-beda soal harkat darajat atawa strata sosial. Menak meunang ngomong kasar ka somah, sabalikna lamun somah nyarita kasar ka menak dianggap belegug, dusun atawa culangung.
 
Ku sabab kitu, loba anu milih nyarita ku basa salian ti basa Sunda, upamana bae basa Indonesia atawa basa Inggris. Dina anggapan maranehanana, basa-basa nu disebut bieu teh leuwih demokratis sabab euweuh panta-panta dina struktur basana. Tapi, naha enya dina basa Indonesia atawa basa Inggris upamana, euweuh panta-panta nu majar feodal? Hayu urang tengetan.
 
Anggap we urang teu bisa basa Sunda. Jadi urang nyarita ka sasaha ngagunakeun basa Indonesia. Naha enya urang sama sakali teu ngabedakeun cara urang ngobrol ka presiden jeung ka tukang ngakutan runtah? Ah, bohong. Geura we, tina lentongna oge geus pasti beda. Urang pasti moal wani ngomong teugeug ka presiden.
 
Ayeuna, anggap we urang wawuh boh ka presiden boh ka tukang runtah, terus urang rek ngajak nyimpang ka imah. Dina implengan kuring, kira-kira kieu pibasaeunana:
  • Ka Presiden: "Jika Bapak Presiden berkenan, saya mohon ijin untuk mengundang Bapak singgah ke rumah saya."
  • Ka Tukang Runtah: "Pak, nanti mampir ke rumah ya!"
Kira-kira, aya bedana atawa henteu?
 
Kumaha ari dina basa Inggris? Upamana wae urang ngirim urat ka Ratu Inggris, terus suratna hayang diwalonan. Kira-kira kieu meureun pibasaeunana.
  • Ka Ratu: "I should have been very glad if Her Majesty would spend a little of your valuable time to reply my letter."
  • Ka Tukang runtah: "Please reply my letter."
Hapunten lamun contona teu sapagodos jeung mamanahan. Ieu mah sakadar nembongkeun yen angger dina basa nanaon oge aya panta-panta nu ngabedakeun cara urang cumarita. Hartina, hal ieu teh lain ngan ukur aya dina basa Sunda, tur nu ngabedakeun teh paling-paling dina sual 'kadarna'.
 
Prinsip utama dina undak usuk basa teh sabenerna silih ajenan sacara 'proporsional'. Lamun urang nyarita ka tukang macul adabna jiga ka presiden, manehna ge moal ngeunaheun, malah bisa-bisa kainggung asa dihina. Nu kieu nu disebut adab lanyap teh, adab tapi lain dina tempatna. Kitu deui sabalikna, mun ngomong ka presiden jiga ka tukang macul, nya dusun alias belegug tea kasebutna.
 
Jadi atuh lamun kitu mah alesan embung make basa Sunda pedah 'terkesan' feodal teh asa dijieun-jieun. Pan logikana, lamun embung make basa Sunda alatan karasa feodal, atuh tong make basa Indonesia atawa basa Inggris anu sarua keneh 'feodal'.
 
Kumaha ari sual undak usuk basa anu dijadikeun alesan matak lieur? Aya sawatara hal anu jigana bae jadi kasang tukang tina munculna pamanggih saperti kieu, diantarana:
  1. Teu dibiasakeun ku kolotna pikeun ngagunakeun basa Sunda anu bener undak usukna. Ieu teh bakal turun tumurun ka anakna, incuna, buyutna, jst. Akibatna, muncul generasi nu 'ngarasa lieur' mun geus urusan jeung undak usuk basa.
  2. Mumul diajar. Najan ku kolot teu dididik sangkan bisa ngalarapkeun undak usuk basa, tapi lamun aya kahayang pikeun diajar mah pan bisa oge mulungan elmu ti nu sejen. Loba keneh urang Sunda nu ngarti tur paham sual undak usuk basa.
  3. Pangajaran basa Sunda di sakola waktuna kacida samporet tur disungkeret. Komo deuih lamun guru nu ngajarna teh sarua teu bisa. Ancur pisan ieu mah. Dijamin, barudak sakola teh beuki ngacapruk bas Sundana.
  4. Najan mindeng teu diaku, sabenerna loba urang Sunda anu ngarasa turun gengsi lamun ngobrol make basa Sunda. Bisa jadi ieu teh mangrupa akumulasi tina kahengkeran seler Sunda, nepi ka muncul sikep inferiority complex alias minder jadi urang Sunda. Kahengkeran nu dimaksud teh diantarana, urang Sunda mah mun geus 'jeneng' biasana gumede jeung aing-aingan, beda jeung seler sejen. Hiji deui, kalolobaanana, lamun urang Sunda geus beunghar, ngomongna ganti 'frekuensi' jadi basa Indonesia. Masing teu diaku ge, da kanyataanana memang kitu.
Tangtu bae pasualan-pasualan di luhur teh jadi bahan pikeun urang sarerea sangkan neangan cara dina enggoning ngungkulanana. Lamun saukur ngandelkeun ketak pamarentah upamana, biheung rek iraha naon nu ku urang diharepkeun teh bisa ngawujud. Nu leuwih penting, idealna, masing-masing ngalakukeun cara ngungkulanana nurutkeun kamampuh sewang-sewangan. Lamun ieu geus jadi gerakan massal, lain hal anu pamohalan mun urang Sunda baris tandang mapakan - malah bisa jadi ngaleuwihan - seler sejen. Prung, ah!

Monday, September 11, 2006

Tukang Renten

Kapeped teu boga duit? Rek nginjeum ka bank prosesna lila? Posedurna pabeulit? Datang we ka rentenir! Dijamin prosesna gampang. Ayeuna ngamprah, harita keneh duit kacangking. Ngan... nyakitu tea. Lian ti bungana matak sawan, oge kapan dilarang ku agama. Renten, nya riba tea. Nu nginjeumkeun, nu nginjeum, perantara, saksi, atawa nu sakadar nuduhkeun, sarua dosana.
 
Najan kitu, nepi ka kiwari tukang renten balatak di mana-mana. Di kampung,di kota, sarua bae. Saha nu salah? Cek kuring mah sarerea, boh tukang rentenna, boh nu nginjeumna. Tukang renten jelas salah, sabab eta pagawean teh jelas-jelas dilarang. Nu nginjeum oge salah, sabab tukang renten ge moal payu mun euweuh nu neangan injeumeun duit renten mah.
 
Kumaha atuh ngungkulanana? Kudu aya kasadaran ti sarerea. Nu sok ngarentenkeun kudu sadar yen eta pagawean teh dosa. Jaba meureun duit riba teh engkena dipake maraban anak pamajikan. Naha tega kitu mun anak urang nu teu tuah teu dosa kabarerang ngarandapan azab ti Pangeran alatan dosa urang? Nu nginjeum oge sarua. Duit meunang nginjeum ti rentenir teh yakin moal barokah sabab proses neanganana wae geus dosa. Jaba deuih dosa lantaran ngalanggengkeun rentenir pikeun terus-terusan milampah dosa, sabab maranehanana bakal kangeungeunahan nyiar duit ku jalan ngarentenkeun.
 
Aya tatangga, geus kacida kolotna. Cenah baheulana teh rentenir, beunghar kabina-bina keur ukuran kampung. Perhiasan reunceum, imah alus, kendaraan boga. Baheulana, cenah deui wae, hirup ngahenang ngahening. Cenah, cek beja, da kuring mah nyahona ge ayeuna. Nu kuring nyaho mah, manehna teh teu kurang teu leuwih saukur nini-nini nu hirupna nunggelis, kantun nunggu-nunggu dawuh. Euweuh saeutik-eutik acan tapak-tapak urut beunghar. Katempona ngotor, cileuhan, caludih. Pagawean unggal isuk ukur moyan. Dina umur nu geus cueut ka hareup, hirupna istuning nyorangan, euweuh nu ngurus. Sabenerna mah boga budak, ngan caricing di kota. Ongkoh da tara ieuh ngalalongokan, jiga nu ngantep.
 
Aya deui urut rentenir. Nu ieu mah bapa-bapa, can kolot-kolot teuing. Ngan hirupna teh sangsara kakolotnakeun. Sok maksakeun dagang di pasar. Lain di jongko, tapi nagog di sisi pasar. Ieu oge sarua, katingalina teh asa kalotor, padahal baretona teh kaasup ganteng.
 
Paralun lain goreng sangka, ngan nu katempo ku kuring mah, jelema nu resep ngarentenkeun, tara katempo beresih. Beda jeung lamun urang ningali ustad, upamana. Najan teu kasep, tapi katempona teh beresih. Naha ieu teh mangrupa tanda ti pangeran, yen di dunya keneh ge geus ditembongkeun kotorna pagawean tukang renten? Wallohu alam. Mudah-mudahan maranehanana dipaparin hidayah, bisa ngamangpaatkeun sesa waktuna pikeun tobat ka Gusti Nu Maha Suci. Amien.

 
Technocrati Tags: , , ,

Friday, September 08, 2006

Padu Heuay!


Padu Heuay!
Technocrati Tags: , , , ,

Tuesday, September 05, 2006

Ambek Sunda

Pun biang unggal dinten sok ngadaweung di tepas, nitenan nu balawiri. Yuswana tos ampir dalapan puluh, tapi alhamdulillah masih sehat. Nyariosna masih bentes, dadanguanana masih normal, emutanana oge masih cekas. Baheula kalangenanana maca, ari ayeuna tos teu kiateun lami-lami maca. Mun dipaksakeun sokteras cirambay, peurih. Padahal nganggo tasma paragi maca eta teh. Tungtungna nya kitu, kalangenanana teh nitenan nu balawiri di jalan.
 
Tadi ngadongeng ka kuring, bari teu weleh gumujeng. "Heran, ayeuna mah loba urang Sunda nu ngawarah anakna make basa Indonesia, nepi ka susah nyirikeunana, naha manehna teh urang Sunda atawa lain. Tapi mun hayang apal urang Sunda atawa lain, tungguan we lamun manehna keur ambek. Pasti kaluar sundana," saurna bari key deui gumujeng. Tungtungna derekdek we ngadongeng.
 
Tadi isuk-isuk, di jalan hareupeun imah aya awewe nungtun budak. Ari serebet teh si budak miheulaan, ma'lum budak,mangkaning keur pasuliwer motor. Untung lumpatna teh di sisi. Indungna ngagerewek, "Yaang..jangan lari-lari, 'ntar jatoh!" Budak nurut, ditungtun deui, terus meuntas ka kantor PLN. Jigana mah rek mayar listrik.
 
Teu lila kaluar deui ti kantor PLN, geus beres meureun babayarna. Na ari serebet teh budakna lumpat, rek meuntas sorangan jigana mah, untuk katewak ku indungna. Ari gantawang budak dicarekan, "Na atuh sia teh keheeed..kabina-bina teuing! Hayang modar sia teh?"
 
Ras inget ka Mang Sapri, tatangga nu beuki heureuy. Basa barudak leutik ngiruh di balong, manehna ngagorowok mamalayuanan, "Hey anak-anak! Jangan ngojay di balong, banyak cohcor! Awas kalau tidak mau hanjat, dikadek siah ku aing!"
 
Barudak paburisat hanjat ti balong, tapi bari calecengiran!
 
Technocrati Tags: , , , ,

Monday, September 04, 2006

Banner Blog Urang Sunda


Tetela sanggeus dikorehan mah loba geuning urang Sunda nu nge-blog teh. Basa nu dipakena rupa-rupa, aya nu make basa Indonesia, basa Inggris, basa Sunda, malah aya oge nu direumbeuy, tiluanana dipake.

Asa reugreug nempo kitu mah. Tetela urang Sunda teh henteu tinggaleun-tinggaleun teuing, najan tacan walatra oge. Enya da memang can kabeh urang Sunda bisa akses internet. Susuganan ka hareup mah (duka iraha!) pamarentah "mampuh jeung niat" nyadiakeun sarana katut prasarana sangkan internet bisa murah, fasilitasna teu hese, tur kahontal ku sarerea.

Najan balatak blog bogana urang Sunda, tapi rada hese rek neguhna, iwal mun geus pancakaki atawa wawanohan. Naon sababna? Da euweuh cirina atuh. Tah, ku sabab kitu, ieu mah usul ka sadaya nu maca, kumaha lamun blog urang Sunda teh urang cirian make banner leutik. Keur sementara, kuring nyieun banner ukuran 120x60 pixel, bisa disimpen dina side bar, jadi moal matak hareurin.

Ieu mah sementara we, pami aya nu langkung sae mah gentos we ku nu sae, nu penting mah aya cirina. Jadi moal hese neguh, yakin, da make ciri atawa tetengger tea.

Tapi ampun paralun, ieu teh lain rek ngagung-ngagung chauvinisme atawa sumanget kadaerahan nu heureut. Maksudna ge ieu mah manjangkeun tali mimitran di antara urang Sunda nu nge-blog di Internet. Maenya ari batur meunang reueus kana sarakan, ari urang Sunda teu meunang reueus?

Saha cenah anu meunang masang banner Blog Urang Sunda teh? Ah saha we nu ngarasa urang Sunda, nu ngarasa nyaah ka ki Sunda. Rek bisa basa Sunda, rek henteu. Rek blogna ditulis dina basa Indonesia, dina basa Inggris, komo nu make basa Sunda mah, dianjurkeun pisan.

Tapi eta ge upami kamanah, pami henteu mah sawios ah. Rek tuang jinis we, dipasang dina blog nu kuring. Reueus sosoranganan? He..he..sawios ah.. Nu bade nganggo, script-na aya di handap. Kantun di copy paste, beres.

Nyanggakeun.

Mimitran Blog Urang Sunda


Script Banner Blog Urang Sunda

Sunday, September 03, 2006

Filosofi si Kabayan

Teu kudu ngarasula mun urang can diparengkeun pinanggih jeung kabagjaan. Naon sababna? Da hirup mah lain keur senang-senang, kitu saur pa Ustad oge. Ari geus keur naon atuh saestuna urang hirup teh?
 
Jawaban idealna, hirup teh lir ibarat sakola. Unggal poe urang kudu terus-terusan diajar. Kudu perih, teu kaci ogoan, teu kaci melencing, mumul, babarian jsb. Ku naon make kudu tipoporose diajar? Pan sangkan lulus ujian. Eta tujuan jangka pondokna. Cukup nepi ka dinya? Tangtu bae henteu ngan ukur tepi ka dinya, sabab tujuan jangka panjang sarta anu pangpentingna pisan mah bisa nyangking tur ngamalkeun naon-naon anu ku urang diundeuran di sakola. Ku naon pangna kudu lulus ujian? Pan nya di dinya pisan urang bisa ngukur kamampuh urang sangkan kanyahoan nepi kamana nyerepna elmu.
 
Sanajan hirup memang lain keur senang-senang, tapi lain hartina hirup teh bakal susah salilana. Cek si Kabayan, hirup mah heuheuy jeung deudeuh. Maksudna, tara senang salilana, oge sabalikna tara susah salilana. Aya waktuna urang seuri bungah, sanajan kadang-kadang urang kudu ngarandapan kasedih, katugenah jeung sajabana. Hanjakalna, kalolobaanana urang mah sok sarakah, hayang senang salilana, nepi ka lamun ngarandapan kasusah teh sok aral, malah sakapeung mah jiga nu mangloh ka Pangeran. "Duh Gusti, na hirup teh mani asa susah-susah teuing atuh?" Padahal mun keur senang mah boro-boro inget kana sukuran, nganuhunkeun ka nu Maha Masihan Kasenangan.
 
Mun urang daek diajar, sabenerna loba hal anu bia diconto tina carita-carita si Kabayan. Tokoh rekaan nu hirup dina budaya Sunda ieu teh, saestuna lain ngan saukur tokoh pangedulan nu kabisana ngan ukur nipu batur, calutak ka mitoha jsb. Si Kabayan mah ngan ukur wayang. Sikep, rengkak paripolah, katut pamikiranana ditangtukeun ku dalang nu ngigelkeunana. Ajip Rosidi dina salah sahiji essayna kungsi nyebutkeun:
 
"...pasipatan tokoh si Kabayan téh henteu salilana konsisten. Maksud téh dina saban carita sipat si Kabayan téh henteu salilana sarua. Sakapeung digambarkeun pangedulan, teu nyaho di cedo, wani kurang ajar ngaheureuykeun mitoha. Sakapeung digambarkeun jadi tukang tipu anu resep ngabobodo batur kaasup mitohana sorangan. Cindekna unggal pangarang anu nyiptakeun carita si Kabayan bisa ngagambarkeun pasipatan tokohna luyu jeung kahayangna."
 
Hanjakalna, cek pamanggih kuring, aya nu kaliwat dina statement Ajip. Si Kabayan teu salawasna digambarkeun ngabogaan sipat negatip. Lamun urang leukeun ngalenyepanana, saenyana dina dongeng si Kabayan loba siloka nu bisa dijadikeun luang. Upamana wae tina carita di handap ieu:
 
Hiji poe si Kabayan jeung si Lamsijan jalan-jalan ngajugjug ka hiji tempat. Sapanjang jalan si Lamsijan teu weleh gogodeg sabab teu ngarti ku lalampahan si Kabayan. Unggal manggih tanjakan si Kabayan ngagakgak seuseurian siga nu manggih kabungah rongkah. Sabalikna, unggal manggih pudunan manehna ceurik ngageunggeuik jiga nu kanyenyerian. Banget teu ngarti, tungtungna si Lamsijan nanya.
 
"Kabayan, kami mah teu ngarti, ku naon unggal manggih tanjakan silaing kalah seuseurian, padahal kami mah kacida susahna sabab nanjak teh cape? Ari manggih pudunan, hayoh kalah curik jiga nu susah, padahal kami mah bungah, sabab leumpang ge ngareunah teu matak cape. Henteu siwah mah silaing teh?"
 
"Ah, teu gelo teu sing. Silaing we nu bodo. Ieuh Lamsijan, pangna kami seuseurian mun manggih tanjakan teh, kami mah nyaho mun geus nanjak pasti manggih pudunan. Pan lain matak bungah eta teh? Nu matak kami kalahka seuseurian. Sabalikna mun keur leumpang dina pudunan, kami kacida sedihna, sabab yakin sanggeus beak pudunan, pasti bakal manggih tanjakan. Na dikira ngeunah kitu leumpang di nu nanjak teh? Nu matak tong heran mun kami ceurik sajeroning leumpang mapay pudunan."
 
Sabengbatan, carita di luhur siga carita lelewodeh ti jelema nu teu pati jejeg. Padahal saestuna ieu teh siloka nu kacida lantipna. Aya pesen moral yen urang salawasna kudu siap nyanghareupan kajadian naon bae nu bakal tumiba ka urang. Mun ayeuna kabeneran keur nanjung jadi pejabat, ulah nepi ka poho yen hiji mangsa mah urang bakal turun tina kalungguhan nu keur dicangking kiwari. Mun urang keur beunghar lubak libuk  loba dunya, ulah poho yen eta teh ukur titipan, tur kudu rido mun sawaktu-waktu dipundut ku nu Kagungan. Sabalikna mun urang keur aya dina kasusahan, omat ulah putus pangharepan, sabab pasti dina hiji mangsa mah urang bakal kasinugrahaan ku kasenangan.
 
Pan cek tadi ge, hirup mah heuheuy jeung deudeuh.
BUKA MULUT

Saturday, September 02, 2006

Ebook Sunda Munggaran Sa-Alam Dunya

Lahuta? Gedebul? Bisa jadi. Tapi saha nu apal ieu teh memang ebook basa Sunda munggaran saalam dunya! Salila ieu asana nu ngaleuya di internet teh ngan ukur ebook nu ngagunakeun basa Inggris. Aya oge ebook nu ngagunakeun basa Indonesia, najan teu pati loba. Ngan palebah ebook nu ngagunakeun basa Sunda mah..asa can kungsi manggih.
 
Lamun tea mah bener can kungsi aya ebook basa Sunda, teu salah-salah teuing mun kuring ngagorowok yen ieu ebook teh bener-bener ebook munggaran saalam dunya nu ngagunakeun basa Sunda! Lamun geus aya? Nya tinggal bit heula we, teu jadi ngaku-ngaku munggaran saalam dunya.
 
Ku naon kuring milih wangun (format) ebook pikeun medalkeun tulisan-tulisan kuring? Aya sawatara alesan, diantarana:
  1. Mun ebook nu ngagunakeun basa Inggris jeung basa Indonesia aya di internet, kunaon ari nu ngagunakeun basa Sunda bet suwung? Pikiran kieu teh teu weleh gumulung jeroeun uteuk. Mun teu dilaksanakeun, jigana kuring terus-teruan dikukuntit ku pikiran samodel kieu. Lian ti eta, mun teu dimimitian ti ayeuna rek iraha deui atuh?
  2. Kuduna mah ieu nu kahiji: Penerbit buku konvensional can tangtu (pasti moal)aya nu daekeun medalkeun tulisan-tulisan kuring.
  3. Lian ti murah, nyieun ebook mah bisa ku sorangan, teu kudu muruhkeun, teu kudu icil duit, teu kudu kaluar modal rohaka.
  4. Nyieunna cukup sakali, tapi diundeurna bisa ku sarayak-rayak, rek sarebu urang, rek saratus rebu urang jst., nyieun ebookna mah cukup sasiki.
  5. Mun geus aya nu ngamimitian mah, sugan we engkena jadi loba ebook nu ngagunakeun basa Sunda. Ka hareupna, saha nu apal, sugan we aya penulis kawentar nu daek medalkeun karyana dina wangun ebook, komo bari jeung gratis mah, pedo! Pan urang-urang (urang Sunda) tah nu untungna..

Sakantenan iklan, bilih aya nu maksad medalkeun karyana dina wangun ebook, boh kanggo icaleun (copy disabled, print disabled, password protected) atanapi kanggo bagikeuneun gratis (sapertos ebook di handap ieu, teu di-protek), kintun email we ka bukubagus+bikinebook@gmail.com  MIRAH..MIRAH!! (promosi mode-on :-).

 
Jadi, medalkeun tulisan pribadi dina wangun ebook teh lain hayang katangar, lain hayang kaalem, ieu mah saukur tanda katineung leuleutikan ti urang Sunda pituin kana basa indungna, basa Sunda. Kitu oge ieu mah saukur lengkah nu kadada kaduga, sae mah henteu. Meureun keuna kana paribasa, puraga tamba kadengda. Nya tibatan euweuh pisan ketakna keur ki Sunda, atuh ieu mah etang-etang sampeu bari we. Raos nya tuang, teu raos ka ucingkeun! Dijamin moal beukieun..
 
Ebook basa Sunda nu dijudulan Uteuk Tongo Kahayang Gajah teh tiasa diundeur (di-download) di dieu kalayan GRATIS!!

Inferiority Complex Urang Kampung

"Ah abdi mah urang kampung Kang!"
 
Pernah ngadangu kekecapan saperti kitu? Ieu teh ilahar tur mindeng kapireng dina obrolan urang Sunda. Aya kesan yen nu ngomongna (urang kampung) ngarasa kadudukanana leuwih handap ti batan nu diajak ngobrol (urang kota?). Naha ieu teh mangrupa bagian tina budaya handap asor urang Sunda?
 
Sacara prinsip, urang Sunda memang kawentar handap asor, tara nabeuh karep, tara ngagul-ngagul diri sorangan. Sanajan pinter upamana, biasana urang Sunda tara guminter, komo bari jeung nyaritakeun kapinteran sorangan mah. Sikep saperti kieu teh sabenerna kacida hadena, sabab kapinteran - upamana - lain kudu didongengkeun, tapi kudu ditembongkeun dina karya nyata.
 
Cindekna, sikep handap asor memang sikep nu hade tur kudu diipuk sangkan tumuwuh kalayan subur dina jiwa urang Sunda. Ngan hanjakalna, kadang-kadang sikep handap asor teh dilarapkeun kana hal-hal anu lain sakuduna. Contona ucapan "Ah abdi mah urang kampung Kang!" saolah-olah mangrupa judgment yen kampung leuwih handap kalungguhanana tibatan kota. Padahal, ceuk saha kampung leuwih handap darajatna tibatan kota? Mana buktina? Mana data statistikna?
 
Loba urang kampung nu pinter ngaleuwihan urang kota. Dina tim Olympiade Fisika nu anyar kaliwat, mun teu salah aya salah saurang anggotana nu asalna urang Irian. Dina persepsi budaya (pulo) Jawa, salila ieu Irian dianggap 'kampung'. Geuning etah, budak kampung teh bisa sajajar jeung anggota tim sejenna nu urang 'kota'?
 
Hartina, lamun salila ieu aya anggapan yen urang kampung salawasna katinggaleun ku urang kota, ieu teh kasalahan anu kacida gedena. Naha disangka para gegeden nagara nu manggung ayeuna teh lain urang kampung kitu? Mun rajin ngotektak riwayat hirup jalma-jalma kawentar, tetela nu sarukses teh lain urang kota nu sagala lubak-libuk, tapi lolobana mah urang kampung nu fasilitas hirupna sagala samporet. Saha nu teu terang yen Pa SBY urang kampung, upamana?
 
Ieu teh nandakeun yen (urang) kampung henteu identik jeung hengkerna kualitas atawa ajen inajen. Sabalikna (urang) kota oge henteu identik jeung kaunggulan alias superioritas. Duanana sabenerna aya dina kalungguhan anu sajajar, henteu silih ungkulan. Jeung ulah poho, penduduk kota teh lolobana urang kampung nu mukim di kota.
 
Kacindekanana, kanu kaleresan dilahirkeun di kampung saperti kuring, naha make jeung kudu mamandapan bari ngucapkeun "Ah abdi mah urang kampung Kang!"? Geus cunduk kana mangsana urang kudu reueus jadi urang kampung. Asana teu salah mun urang ngucapkeun "Abdi ti kampung Kang. Ayeuna nuju nyusun desertasi..", upamana. Tangtuna kareueus ieu teh kudu dibarengan ku usaha ngaronjatkeun pangaweruh tur ajen inajen diri sangkan kareueus nu diipuk teh sajalan jeung kualitas nu nyampak dina diri urang.
 
Prung ah, urang kampung, geura makalangan!