Sunday, April 29, 2007

Nurutan Jepang

Duka kunaon, kuring mah sok teu puguh rarasaan mun ningali jelema gelut (kecuali tinju, eta mah beuki!). Enya da beda pan gelut jeung tinju mah, najan prinsipna mah sarua silih teunggeul, silih gitik. Ari dina tinju mah pararuguh aturanana, ari nu gelut mah sakainget, nu penting lawanna bisa eleh.
 
Najan gelut-gelut keneh, tinju mah diatur, sangkan akibatna bisa diminimalkeun. Malah pan nepi ka aya sakolana. Enya samodel sakola lah, najan disebutna lain sakola, tapi sasana tinju. Nu matak kaget, aya sakola nu lain sakola tinju, tapi singhoreng gebug jeung teunggeul teh geus jadi lalab sapopoe.
 
IPDN. Cek nu heureuy mah Institut Petinju Dalam Negeri. Asa ketir nenjona ge! Padahal eta teh sakola tempat ngatik calon-calon pamingpin eta teh. Atuh paingan pamingpin teh garalak nya! Galak omong, teuteunggeul sacara fisik (emut keneh basa aya menteri keur diskusi neunggeul peserta diskusi?), galak ka istri, jeung galak kana duit! Kumplit pisan...
 
Seserenteng, hahaok (jeung papaok :-)) tetela henteu identik jeung hiji seler atawa bangsa. Watek kasar, embung eleh, ngandelkeun kakuatan pisik bisa aya di mana wae, di seler mana wae. Buktina urang Indonesia nu majar someah hade ka semah, mun ditengetan mah bet asa teu katembong. Teu di cacah teu di menak eta teh. Nya tungtungna mah mun ngarasa dipikasieun tur aya kasempetan, tuluyna teh kana rarampid. Mangpang-meungpeung, meungpeung dipikasieun!
 
Tuh tingali pejabat nu ngarewodan duit ra'yat. Areuweuh kaera pan. Dina kapanggihna, cukup we ku alangah-elengeh. Lunas ku sakitu! Atawa, dina kelas handapna, tempo we preman nu sok malak. Pan kana banda batur teh jiga kana barang sorangan. Teu kaop resep, cokot! Jadi euweuh bedana antara pejabat jeung preman teh! Sarua!
 
Pun biang jenatna sering ngadongeng, jaman penjajahan mah tentara Jepang anu kacida dipikasieun teh. Garalak, hahaok, jeung babari teuteunggeul. Padahal urang Jepang harita mah awakna paretekel, pendek, teu jiga urang Jepang jaman ayeuna.
 
Ku sabab dipikasieun, nya kitu jadi ngagalaksak kana sagala. Harta banda urang lembur nu kasaba ku tentara Jepang mah pasti ledis, beak beresih. Nepi ka bedog buntung, peso butut, lain omong bohong, dirampid, duka jang naon. Malah pan wanoja mah ulah we katenjoeun ku tentara Jepang teh. Soalna mun kalandep, pasti moal bisa baha, kudu daek jadi korban panadah birahi maranehanana. Pan kadieunakeun mindeng kabejakeun, para jugun ianfu alias para wanita korban tentara Jepang menta parurugi sabab baheula geus digadabah tur dirurujit ku tentara Jepang.
 
Kahayang teh cing atuh nya kajadian baheula teh sing dijieun eunteung. Najan teu ngalaman sorangan, pan urang ge pasti ceuceub ka jelema nu haok hamprong, bari jeung ceceremed sagala dirampid. Ari taeun, ieu mah kalahka ditarurutan ku urang. Galakna, rarampidna, kabeh ditiron. Na rek karumaha cenah ieu teh?
 
Padahal yakin, sarerea ge pasti keuheul ka jalma nu ngabogaan pasipatan saperti kitu. Malah sual bangsa Jepang baheula sagala dirampid mah pan aya laguna sagala:
 
Pacul butut parang butut jaman Jepang
Bedog rompang peso buntung di pengkolan
Meuli pecel diladangan ku parawan
Etana antung-antungan
 
Matakna, cing atuh geura calageurrr.. geura sing harideng, ulah kalakuan teh kawas nu garelo. Diduakeun sing arenggal damang. Bisi ieu mah, bisi, mun kateterusan jiga kieu, engke etana antung-antungan.
 
Iiiiyyyyyy....