Friday, June 30, 2006

Kahengkeran Media Basa Sunda

Tata Danamihardja
 
Aya nu nyebutkeun yen media teh pilar ka opat dina wangun nagara demokrasi. Ieu teh taya lian nembongkeun yen media ngarupakeun kakuatan anu teu bisa dianggap enteng atawa dimomorekeun. Loba skandal pejabat nu kaungkab alatan diekspos dina media, upamana. Nu matak loba pejabat nu sok rada gegebegan mun panggih jeung wartawan. Sieun, mun kabeneran boga masalah, pek diuar-uar. Pan matak riweuh.
 
Media citak pabalatak di Indonesia, naha nu ngagunakeun basa Indonesia, basa daerah, atawa oge basa Inggris. Najan cek teori media teh boga kakuatan nu kacida gedena, tapi dina kanyataanana mah teu kabeh kitu. Nu bener-bener boga kakuatan mah sabenerna ngan media-media nasional nu memang didukung ku modal gede.
 
Kumaha ari media di daerah? Media basa Sunda upamana? Najan sacara de facto masih aya, tapi lamun ngukur kakuatanana, asana can bisa dibandingkeun sok sanajan ukur jeung sasama media daerah nu ngagunakeun basa Indonesia. Ditilik tina  sual distribusi wae upamana, asana geus kudu katitih. Padahal ieu teh mangrupa 'bahan bakar' nu kacida pentingna pikeun ngahirup-huripkeun media sangkan bisa terus medal, ningkatkeun kasejahteraan karyawan, tur kadituna  dipikaresep ku balarea.
 
Tapi keun heula soal eta mah, da lain bagean kuring. Nu rek dibahas di dieu mah sual kurang tanggapna media (nasional oge daerah) kana kontribusi tulisan ti luar lingkunganana (penulis lepas). Terus terang, ngasupkeun tulisan aya kesan dihese-hese, kaasup dina soal teknis pengiriman. Aya media anu lamun ngirimkeun tulisan teh kudu bae ngaliwatan pos. Padahal pan jaman kiwari mah bisa ngaliwatan email (serelek) upamana, leuwih praktis tur gancang.
 
Aya oge nu nyebutkeun meunang ngirim ngaliwatan email, tapi angger we teu puguh bule hideungna. Padahal mah naon hesena, tinggal mere nyaho yen naskah geus katarima, atawa kadituna naskah teh bisa dimuat atawa henteu. Tinggal ngirim email, samenit dua menit ge beres.
 
Kesan dihese-hese teh beuki kaciri upama tulisan teh datangna ti penulis nu can terkenal, atawa minimalna can dikenal ku lingkungan redaksi. Padahal kontributor tulisan teh kacida pentingna, sok komo pikeun media daerah anu oplahna bisa kawilang saeutik, kitu deui jumlah penulisna. Lian ti sual ngarangkul pembaca, ieu oge nyangkut kana urusan regenerasi penulis-penulis senior anu tangtuna moal salawasna aya. Daek teu daek maranehna teh bakal diganti ku penulis-penulis anyar nu ayeuna kaasup junior atawa pemula. 
 
Aya sawatara media daerah (basa Sunda) nu geus ngamimitian narima naskah ngaliwatan email. Majalah Mangle upamana. Ngan hanjakal, layanan email anu jigana wae sapaket jeung hosting Mangle Online, geus teu jalan. Duka teu kabayar, duka kumaha. Nu jelas waktu kuring ngirim naskah kira-kira bulan Mei ka tukang, emailna balik deui. Jaba sababaraha tulisan nu geus dimuat oge, honorna teu dibayar nepi ka ayeuna, sok padahal nomer rekening, malah alamat imah geus dikirim bareto, memeh email account Mangle di-banned. Teu puguh pisan nya. Mudah-mudahan ieu kabaca ku urang Mangle. Kumaha ieu teh Lur?
 
Media sejen nu narima naskah ngaliwatan email nyaeta Cupumanik. Ieu oge majalah basa Sunda. Emailna masih berfungsi ieu mah. Tapi nyakitu, tanggapanana hare-hare, teu jiga watek urang Sunda dina umumna nu darehdeh hade ka semah. Atuh bejaan-bejaan yen email geus nepi upamana, pan ku kitu ge geus asa diaku, nyirikeun yen pribumi teh ngahargaan. Ieu mah boro-boro. Lempeng!
 
Saliwat mah ieu teh ngan ukur jiga curhat jelema saliwat anu - mungkin wae - dianggap cengeng, babarian. Padahal lamun dilenyepan tur ditarima ku hate anu beresih, ieu teh bisa jadi panggeuing, tanda kanyaah ti sasama urang Sunda, nu jero-jerona mah tangtu hayang nempo urang Sunda boga media nu gede, ma'mur, tur dibaca ku urang Sundana sorangan. Tapi lamun nempo galagat mediana saperti kieu, rek kumaha bisana media Sunda ngarangkul pembaca urang Sunda nu teu pati bisa basa Sunda nepi ka hayang diajar basa Sunda? Kuring wae nu cek rarasaan mah bisa basa Sunda, pan malah kuciwa ari tanggapanana saperti kitu mah, hare-hare, semu semu teu butuh. Tibatan nulis bari diapilainkeun bari jeung honor teu dibayar, mending keneh nulis dina blog najan teu dibayar - malah olok - tapi euweuh nu nyapirakeun.
 
Ke, naha ieu teh kaasup kahengkeran media kitu? Cek kuring, jelas-jelas ieu teh kahengkeran. Teu ngamangpaatkeun teknologi, ngamangpaatkeun teknologi tapi teu daria, tanggapan nu apilain tur teu nembongkeun sipat urang Sunda nu someah, atawa komo lamun kabeh nu ditataan bieu teh ngumpul kabeh, bakal kacida ngahambatna kana kamajuan media daerah, dina hal ieu media basa Sunda. Jelema bakal nungtutan mundur sabab ngarasa teu dibutuhkeun sarta teu dihargaan.
 
Itung-itunganan kieu. Sabaraha persen sih urang Sunda nu daek nulis make basa Sunda? Cek kuring ieu mah, mun aya 10 persen we, ieu teh geus kacida luar biasa! Sabaraha persen nu bisa nulis make basa Sunda? Komo ieu mah, pasti prosentasena beuki leutik. Ayeuna, lamun tinu 5 persen eta diapilainkeun, terus mogok, tinggal sabaraha persen? Duka tah, ngan nu jelas pasti ngurangan. Naha bisa media Sunda bertahan hirup ngandelkeun pangarang 'moyan' nu jumlahna moal nepi ka 5 persen tina jumlah sakabeh urang Sunda? Mangga aremutan!
 
Kumaha ari soal honor? Penting, penting pisan malah. Lain soal gede leutikna, da sarerea oge ma'lum, media Sunda mana nu geus bisa mere honor gede ka penulisna? Nu penting mah daria, teu nganggap enteng, jeung nu pang pentingna mah: BAYAR! Sanes kitu? Nya heueuh...

Friday, June 23, 2006

MULAN

Tata Danamihardja

Penyanyi Ratu? Pasti kitu nyangkana. Nya..eta oge teu nanaon sih :-) jang meresihan panon, tamba rumeuk tetenjoan. Tos, tos, ulah kateterasan..

Mulan di dieu mah maksud kuring teh ulin di luar imah mun pareng caang bulan. Ti peuting tangtuna oge, da ari beurang mah euweuh bulan. Momentum nu ngan sabulan sakali teh (caang bulan), kacida pisan ditungguanana ku barudak leutik, sabab poe-poe biasa mah keueung, ma'lum poek meredong, can asup listrik. Biasana kaulinanana teh rupa-rupa. Aya gobag sodor, galah asin, gatrik, ucing-ucingan (di lembur kuring mah disebutna guguikan, teuing naon sababna), jrrd.

Rame we pokona mah. Sora barudak pating jerewet, sora blag blig blug nu lulumpatan atawa sora kakawihan nu jadi bagian tina kaulinan barudak. Upamana wae:

Ayang-ayang gung, gung goongna rame,
menak ki Mastanu, nu jadi wadana,
naha maneh kitu, tukang olo-olo,
loba anu giruk, ruket jeung kumpeni,
niat jadi pangkat, katon kagorengan,
ngantos kangjeng dalem, lempa lempi lempong
ngadu pipi jeung nu ompong..

Atawa:

Oray-orayan luar leor mapay sawah
entong ka sawah parena keur sedeng beukah
mending ka leuwi, di leuwi loba nu mandi
saha anu mandi, anu mandina pandeuri..

Aya deui:

Bang bang kalima lima gobang bang
bangkong di tengah sawah wah
wahey tukang bajigur gur
guru sakola desa sa, saban poe ngajar jar
jarum paragi ngaput put, putri nu gareulis lis
lisung katinggang halu lu, luhur kapal udara ra
ragrag di Jakarta ta, taun dua rebu bu
buah meungang ngala la, lauk meungang nyobek bek
beker meunang muter ter, terus ka citapen pen
pena gagang kalam lam, lampu eujeung damar mar
mari kueh hoho ho, hotel pamandangan ngan
nganteur anu kawin win, Winta dagang oncom com
comel kanu gelo lo, lodong kosong ngentrung tung
tunggir hayam bikang kang, kangkung meunang meuli li
Lili leungit konci ci, ciak anak hayam!

Aya oge:

Slep dur slep dur, mantri mantri maan jedur
tandur tandur, kahijina kaduana
katilu boleh ditangkep!!

Kadang-kadang eta teh dipasieup ku sora ceurik mun aya budak nu labuh atawa diheureuyan ku papada baturna, estu nimbulkeun suasana endah nu cek kuring mah estu taya papadana.

Lain budak wungkul nu liar ti peuting dina mangsa caang bulan teh. Kolot oge sarua milu tingrariung jeung papada kolot. Barudak ngora, rumaja, nyakitu keneh. Masing-masing ngabogaan tujuan sewang-sewangan. Barudak leutik mah geus puguh niatna ge memang hayang ulin. Kolot-kolot mah biasana ngarobrol sakalian ngareureuhkeun awak jeung pikiran bari nyawang kaendahan bulan.

Ari rumaja? Biasana mah bobogohan atawa neangan kabogoh! Geus ti jaman Fir'aun keneh jigana mah, kaendahan bulan teh identik jeung suasana romantis. Tumaninah pisan bobogohan bari nyawang bulan nu ngempray, biasana rada misahkeun maneh ti nu sejen, diuk pagegeye bari haharewosan, bisi kadenge ku batur. Riweuh atuh mun heg kadenge ku batur, hayoh deuih hayang pipilueun romantis, pan matak barabe!

***

Mun dilenyepan, kabeh oge eta teh mangrupa cara sosialisasi tradisional ala lembur. Paling henteu, sabulan sakali mah urang lembur - teu budak teu kolot - pasti guyub ngalakukeun prosesi mulan. Euweuh nu ngeprik, teu kudu dititah ku RT atawa Tua Kampung, sarerea pipilueun ilubiung kalawan sukarela.

Nya di dinya urang lembur silih kanyahokeun kondisi katut pribadi masing-masing warga komunitas, dina ruang komunikasi informal anu elegan, jujur, tur sing sarwa rineh, jauh tina gaya komunikasi palsu nu artifisial. Ieu sababna, urang lembur leuwih raket dina soal hubungan antar sasama warga. Beda jeung di kota, nu kahirupanana sing sarwa individualistis, nepi ka kadang-kadang jeung tatangga paadek suhunan oge teu wawuh.

Ngan hanjakal, naon nu ku kuring digambarkeun di luhur teh kabeh oge ngan saukur panineungan. Ti barang listrik asup ka kampung-kampung, tradisi mulan lambat laun ngiles, leungit tanpa lebih, ilang tanpa karana. Caang bulan geus lain moment anu dianti-anti deui. Kaendahan cahaya bulan kasilih ku marakbakna lampu neon, anu bisa dihurungkeun sakahayang, teu kudu nungguan caang bulan. Caang bulan geus leungit dangiang, leungiteun kaendahanana.

Bulan alum di langit pasundan, cuang cieung sorangan euweuh nu malire. Dina implengan, hawar-hawar kadenge keneh kakawihan barudak baheula: Bulantok, bulantok, bulan sagede batok....

Thursday, June 22, 2006

Alesan Kuring Nulis Dina Blog

Sama sakali teu aya maksud nyaingan Enda Nasution - embahna blog - anu nulis 8 Sebab Memiliki Blog. Ieu mah estu alesan pribadi ku naon pangna kuring nulis dina blog.
 
Pinter nulis? Paralun, teu rumasa, da puguh nulis ge sakacamprung. Sakainget. Rajeun nulis soteh pedah we sok heran nempo batur bisa nulis. Mun batur bisa, piraku kuring henteu? Pan sarua dahar sangu, lin?
 
Sacara prinsip, nulis mah sarerea oge pasti bisa (kecuali nu buta hurup). Anu ngabedakeunana teh paling-paling oge hasil tulisanana. Aya nu alus, matak resep nu maca, aya nu lempeng, tiis: teu matak resep teu matak ngewa, aya oge nu goreng: ieu mah mun dibaca matak hayang utah :-)
 
Ari kuring kaasup nu mana? Ah, eta mah teu langkung nu maca. Rek resep rek tiis-tiis bae, rek hayang utah, teu langkung. Nu penting kuring nulis, meungpeung gratis, tur teu kauger ku tetek bengek aturan redaksi nu kadang-kadang teu kaharti. Cenah eta euweuh nu mayar, keun bae ah, da nulis di media ge kadang-kadang teu dibayar. Aya rajeun dibayar, nagihna oge satengah paeh. Cape, jeung kadang-kadang kalahka era sorangan, padahal kuduna mah itu nu era.
 
Penulis, komo nu henteu atawa acan terkenal, leuwih hese nembus media. Biasana eleh ku nu geus kasohor, atawa paling henteu nu geus jadi langganan redaksi (mun nulis artikel). Sok padahal soal kualitas mah kadang-kadang nu anyar ge teu eleh geleng (ngan eleh alus :-)). Ngan nyaeta, penulis anyar mah tangtu eleh jam terbang, salian ti can dipikawanoh ku balarea.
 
Ngomong kitu teh, sabab rumasa kuring teu boga bakat nulis istimewa. Da ari nu boga bakat istimewa mah, Andrea Hirata upamana, sakalina nulis novel, langsung jadi best seller. Bari jeung cenah mah ditulisna oge ngan ukur jero 3 minggu ( bayangkeun: 3 minggu!). Ck, ck,ck..
 
Ari kuring? Beu, nulis sakieu oge mikirna teh 7 taun. Tah, nya ku sabab eta pisan, mending nulis dina blog. Aya nu maca nuhun, teu aya nu maca piraku. Nu jelas, nulis dina blog teu kudu ngaliwatan tetecean prosedural nu rumit bin pabeulit (cek kuring ieu mah). Rumasa babarian rudet, hoream loba mikir.
 
Murah? Ah henteu (cek kuring deui wae ieu mah, nu teu boga duit). Maksakeun nulis, connect kana internet make dial-up, istuning matak jebol pesak! Telkom teaa..MAHALLL!!! Iraha atuh telepon di Indonesia bisa murah? Akses internet bisa murah? Hayang pinter di Indonesia teh mahal pisan sodarah-sodarah!
 
Ke naon deui nya? Geus aya dalapan kitu? Ih, pan tadi ge lain rek nyaingan 8 Sebab Memiliki Blog nya. Jadi? Nya enggeus we sakieu. Kesimpulanana: alesan kuring nulis dina blog teh gara-gara ARAL! (Nu ngaraos tos rada ngurel, enggal milari keresek, bisi utah nyebrot kana monitor).
 
Marangga ah!
 
 

Wednesday, June 21, 2006

FENOMENA THE BEATLES

bitel kelimaKeur budak mah buuk teh galing, kitu lah ngombak. Mun tas dimandian, biasana sok terus disisiran ku pun biang. "Kieu geura meresanana, urang dibetel," saurna. Maksudna teh diponi. Naha nyebutna dibetel? Teu ngarti harita mah. Pokona, diponi teh di-betel.

Nincak SD, kitu lah kelas 5-an, mun teu salah, harita teh jaman-jamanna Ebiet G Ade mimiti sohor, lanceuk kuring mindeng pisan nyetel kaset The Beatles. Teu beurang teu peuting eta teh. Daek teu daek kuring oge milu ngadengekeun. Teu ngadengekeun kumaha atuh, da kadenge.

Tina mindeng ngadenge, lila-lila jadi resep. Kabeneran sok diajar ngagitar ku lanceuk. Laguna pasti lagu The Beatles. Inget keneh, lagu The Beatles nu mimiti pisan bisa gitarna teh lagu Love Me Do. Unggal ngagitar laguna angger, da puguh kakara eta-etana nu bisa.

Asup SMP mimiti ben-benan (nge-band). Mun aya acara di sakola kuring pasti mawakeun lagu The Beatles. Laguna ge geus nambahan. Kelas dua SMP geus bisa lagu Ticket ti Ride. Heuheuh..gaya lah, asa pang akangna we!

SMA, kuliah, beuki maceuh. Mung teu kasengker ku teu boga duit mah jigana geus jadi kolektor. Ngan hanjakal, nya kitu tea, teu gaduh cicis! Jadi sakumaha resepna oge, wayahna saaya-aya. Ngan nu jelas, perbendaharaan lagu beuki loba, kurang leuwih 150 lagu mah apal cangkem.

Kungsi sok maen di kafe-kafe di Bandung. Pernah oge dikontrak di TD's Cafe (Hotel Preanger) Bandung. Malah ampir dikontrak di New York Cafe bogana Subronto Laras di Jakarta, hanjakal teu jadi, gara-gara personnel band aya nu indit gawe ka Surabaya.

Nu weleh teu kaharti, naha kuring nu hirup di jaman The Beatles geus bubar, bisa sakitu muhitna? Nyaho ge henteu basa maranehna keur meujeuhna sohor teh. Kuring mah ngan nyaho dongengna wungkul. Nu leuwih hemeng mah, loba penggemar The Beatles ayeuna nu umurna masih wewelasan (di Bandung & Jakarta ayeuna aya penggemar The Beatles nu sakolana masih keneh SMP!).

Mungguh sareat mah asa pamohalan jelema nu teu ngajamanan bisa resep ka musisi nu sohorna teh puluhan taun ka tukang. Tapi da geuning kitu kanyataanana, malah kaalaman pisan ku kuring. Ceuk para ahli perbitelan, aya sababaraha hal anu bisa ngajelaskeun fenomena ieu, diantarana:

Kahiji, lagu-lagu the Beatles henteu rumit, henteu matak kerung nu ngadenge, sederhana, tur babari diapalkeunana.

Kadua, temana loba anu diangkat tina kahirupan sapopoe, nepi ka loba nu ngarasa 'terwakili'

Katilu, ceuk Jelly Tobing mah lagu-lagu The Beatles ngandung tilu unsur utama: Love, Peace and Freedom (Cinta, Katengtreman jeung Kabebasan). Ieu tilu unsur teh ngarupakeun tema universal anu bisa dilarapkeun di mana bae.

Kaopat, ceuk kuring ieu mah, lian ti anu geus disebutan di luhur, harmonisasi vokal jadi unsur nu ngajadikeun kuring kataji. Asa ni'mat teh lamun mawakeun lagu The Beatles jeung barudak band, aya sora hiji, dua, tilu (sora maung mah henteu..). Jigana, kurang leuwih saperti lamun urang ngadengekeun lagu-lagu Koes Plus. Tah raosna teh cek kuring mah mirip-mirip kitu..

Fenomena The Beatles lain ngan ukur ngagalaksak dina widang musik. Gejala Beatlemania ngarambah kana widang kahirupan sapopoe. Model potongan buuk upamana. Indung kuring wae nu sabenerna lain penggemar The Beatles, pan nyaho istilah di-betel alias moptop alias potongan buuk poni ala The Beatles. Padahal cicing di kampung, di nagara nu jauhna ratusan rebu kilometer ti lemburna The Beatles. Potongan buuk ieu teh jadi mode nu nerekab ka sakuliah dunya.

***

Mun pareng mukaan internet, nepi ka ayeuna, loba pisan band anu husus mawakeun lagu-lagu The Beatles. Di Australia aya The Rutles. Di Swedia ya Liverpool. Di Chicago aya American English jsb. Kumaha ari di Indonesia? Sami mawon. Loba kacida. Di Jakarta aya Bharata Band, G-Pluck. Di Bandung aya Mat Bitel, Silver Beat, Old Crack jrrd. Di Jogja aya Blangkon. Ieu mah sakadar conto. Mun panasaran hayang leuwih kumplit soal The Beatles, kantun muka internet. Balatak. Ngarah gampang, bisa dimimitian ti dieu. Wilujeng nga-bitel!!

Tuesday, June 20, 2006

TELEPON "KEUPEUL"

Jaman keur budak, sok ulin teteleponan. Lain meuli, da duitna ge teu boga, tapi nyieun ku sorangan. Make dus urut wadah kok (shuttle cock), dipotong dua, terus disambungkeun make benang. Ulinna kudu duaan, benang nu panjangna kira-kira lima meteran dipanteng, masing masing nyekel ‘gagang telepon’. Ngomong jeung ngadengekeun kudu piligenti, sakali sewang. Kitu teorina, sabab ari praktekna mah najan teu make ‘telepon’ oge da kadenge ieuh atuh nu ngomong teh, bubuhan teu jauh, jaba ngomongna gogorowokan. Tapi dunya budak mah pan beda, imajinatif. Resep we nu aya. Aranteng tah ku kitu oge.
 
Ari jaman kiwari mah beda deui. Alo-alo kuring ge sarua boga teteleponan. Ngan ayeuna mah teu kudu nyieun sorangan. Cocooan nu bentukna persis telepon nyaan. Hargana duka teuing sabaraha, da dipangmeulikeun ku indung bapana masing-masing. Malah ayeuna mah katambahan ku telepon keupeul alias telepon genggam alias mobile phone alias hand phone. Hape cenah. Kitu populerna di urang. Ieu oge sarua aya imitasina dina bentuk cocooan budak. Mani geus dengdek-dengdek we eta mah alo, budak nu keur meumeujeuhna tuturut munding, nyeta-nyeta ari kolot keur nelepon. Sarua kabungahna mah, kabungah budak, ngan prosesna wungkul nu beda jeung budak baheula.
 
Basa telepon keupeul mimiti asup ka Indonesia, teu rea nu boga, ma’lum hargana mahal kabina-bina. Harita mah bentukna oge teu jiga ayeuna, gede, gagarubang jeung beurat, nepi ka jigana mah bisa dipake maledog anjing. Nu bogana oge teu sambarangan: jelema baleunghar, pengusaha, artis, pokona mah nu laloba duit. Nu samporet duit mah cukup ku pager atawa penyeranta (duka naon tah basa Sundana). Bisa narima pesen, tapi teu bisa ngirim. Lamun rek ngahubungi, nya angger kudu ngagunakeun telepon, boh telepon imah, telepon umum atawa wartel.
 
Harita mah telepon umum koin jeung telepon umum kartu masih jadi primadona. Inget keneh, di gerbang Unpad Dipati Ukur, luhureun pos Satpam, aya booth telepon koin jeung kartu ngajajar kurang leuwih sapuluh siki. Da pinuh pinuh wae eta teh, teu beurang teu peuting. Nu makena rupa-rupa, ti mimiti mojang geulis nu sareungit, nepi ka barudak sastra nu jalabrig, jeung semu kuleuheu. Di dinya sering jadi tempat cuci mata, ma’lum loba nu harerang. Rada tiiseun teh biasana ti jam sapuluh peuting ka luhur, geus usum sare. Isukna mah rame deui we saperti biasa.
 
Kadang-kadang sok aya telepon koin nu geus pinuh, nepi ka teu bisa dipake. Kungsi sakali mangsa nelepon teu nyambung-nyambung, jigana duit kencringna geus metet. Rek pindah ka nu sejen keur pinuh, kabeh diparake. Keuheul tah, booth telepon digubrugkeun bari jeung rada ambek. Na ari burudul teh duit receh, aya kana tilu rebueunana jigana. Ah dirawu weh, lumayan jang nelepon deui.
 
Sanggeus muncul hape generasi awal nu sagede bata tea, teknologi telepon keupeul terus dikembangkeun. Disainna beuki alus jeung bentukna beuki meotan, teu sagede bata teuing, malah nepi ka bener bener bisa kakeupeul ayeuna mah. Hargana oge beuki murah, sabab diproduksi sacara massal, nepi ka hargana bisa ditekan. Najan kitu, angger we aya ari kelas-kelas mah. Murah soteh anu memang fasilitasna terbatas, cukup nyumponan sarat bisa dipake nelepon jeung ngirim SMS. Ari kelas high-end (jang konsumsi kelas atas) mah, angger we teu kabeuli ku jelema leutik model kuring. Fasilitasna canggih, desain mewah, fiturna pabalatak, tangtu we mangaruhan kana harga.
 
Taun duarebuan telepon keupeul mahabu di mana-mana, ka suklakna ka siklukna. Teu di cacah teu di menak, kabeh pada-pada boga. Telepon umum koin loba nu nganggur, euweuh nu make. Kondisi saperti kieu teh lian ti mayukeun pabrik hape, oge muka lapangan usaha keur balarea. Di ditu di dieu dug deg nu muka counter hape. Pasar hape second hand (urut) jadi rame. Nu ngajualan voucher pulsa pabalatak nepi ka kampung-kampung. Nu nelepon ayeuna mah bisa ti mana wae, teu kudu ti imah, wartel atawa telepon umum wungkul. Asal aya sinyal, jadi. Nu baheula ngan ukur bisa nenjo gambarna dina film atawa sinetron, ayeuna mah geus jadi ‘pemandangan’ sapopoe.
 
Naha ieu teh aya pangaruhna kana gaya hirup (life style) masarakat? Jelas, gede pisan malah. Gaya hirup pragmatis nu sarwa instan bisa kacumponan ku ayana alat komunikasi samodel hape. Geura we, mun baheula nyanghareupan lebaran teh geus siap-siap meuli kartu lebaran, ayeuna mah cukup ku ngirim SMS (short message service) dina waktuna. Teu kudu disiapkeun ti anggalna. Aya nu ulang taun, nyakitu keneh. Rek pesen barang, balanja, pesen tiket, malah pesen pulsa oge cukup ku nelepon atawa SMS. Barudak rumaja anu bobogohan, geus teu usum susuratan. Cukup ku es-em-es-an. Ringkes, praktis, murah, tur teu kudu make panglayar.
 
Ngan di sagedengeun eta, tangtu aya oge ekses negatifna. Remen kabejakeun rumah tangga anu pakucrut alatan SMS ti Mahmud (mamah muda) kabaca ku Mahlot (mamah kolot). Aya oge panipuan via SMS. Biasana ngeneng-ngeneng hadiah puluhan juta atawa mobil, atas nama perusahaan nu geus kawentar, bari jeung tungtungna teh sok kudu transfer heula duit keur ‘biaya administrasi’. Aya deui nu disebut SMS berantai. Ieu mah biasana kudu nyebarkeun deui SMS (forward) ka welasan nomer, sarta mun ieu diestokeun, cenah bakal manggih ‘kejutan yang menyenangkan’. Di internet mah nu kieu teh disebutna hoax, kurang leuwih sarua jeung spam (imel/serelek runtah). Rupa-rupa kajahatan, nepi ka kasus sogok jeung suap oge loba nu kajadianana ngagunakeun fasilitas handphone.
 
Ceuk para sepuh, sagala rupa oge pasti aya sisi hade jeung sisi gorengna (lain gorengan), lir ibarat peso. Pan peso ge ari dipake bener mah kacida mangpaatna. Ibu-ibu keukeureut sayuran di dapur jadi gampang. Meuncit hayam, pasti make peso, mangpaat tah kana perbaikan gizi. Sabalikna peso oge bisa dipake kajahatan. Jambret, tukang todong, rampog, bisa make peso pikeun alat bantu nyingsieunan korbanna. Memang sagala rupa oge gumantung kana niat nu makena. Kumaha ari telepon keupeul? Sarua we. Dipake tujuan hade nya hade, dipake goreng nya goreng. Omat hape teh ulah dipake ngalakukeun kajahatan, nipu batur, salingkuh, komo dipake ngeureutan sayur mah, da lain kitu fungsina. Jadi, sakali deui, sagala ge gumantung kana niat nu makena.

SESENYUMAN

Basa teh ciciren atawa identitas bangsa. Klise, tapi da memang kitu kanyataanana. Dengekeun obrolan jelema dina angkot, upamana. Ku ngadenge ngobrolna oge biasana bakal kateguh asal muasalna hiji jelema. Mun nu ngobrolna patorong-torong jiga nu pasea, biasana urang Batak. Nu bebeledugan karandel, eta mah pasti Jawa. Nu make sora sopran (nada dasarna luhur) biasana Ambon, jeung sajabana. Mun nu was wis wes, eta mah jigana bule, atawa bisa jadi nu keur mapatkeun ajian. Lamun nu utah? Eta mah pasti nu mabok! Najan teu mutlak, ieu teh bisa dijieun lilinggeran dina neguh lembur banjar karang pamidangan tina obrolan saliwat. Kumaha ari urang Sunda? Geus kawentar ti baheula, urang Sunda mah marahmay bear budi. Mun ngobrol teu weleh dibarungan ku seuri, lain seuri nyakakak, tapi seuri pinuh ku rasa hormat atawa rasa duduluran. Bisi teu percaya mah tengetan we ku sorangan, kumaha ari urang Sunda ngobrol. Bener pan?
Ngan wayahna ayeuna mah rada hese ngadengekeun urang Sunda ngobrol make basa Sunda nu “bener”, puguh undak usukna, puguh entep seureuhna. Komo di kota-kota gede (najan masih di tatar Sunda), dalah di kota leutik ge basa Sundana teh geus rada pabaliut. Nya ari ku kolot mah asana masih diparake (najan teu kabeh) basa Sunda nu bener-bener basa Sunda teh. Ngan palebah barudak, duka teuing ku naon, basana teh bet asa ngacapruk. Basa Sunda direumbeuy ku basa ‘malayu’ jakartaan, atawa sabalikna basa malayu jakartaan direumbeuy ku basa Sunda, jadi alat komunikasi sapopoe di antara maranehanana. Nya kitu lah, basa ‘elu-gua’ tapi masih keneh aya kecap ‘nyingcet, noong’ jsb.
Untung keur nu hirup di pasisian. Budaya jeung basa Sunda can pati loba kapangaruhan ku budaya jeung basa sejen. Lain euweuh, ngan teu sabaraha lamun dibandingkeun jeung di kota. Mun barudak di kampung keur arulin, heg aya salasaurang nu rada gaya ngomong make basa Indonesia nurutan dina sinetron, pan sok diparoyokan. Majarkeun teh, “Adeueuh...., gaya si eta, mani mamalayuan.” Atuh lempes tah budak teh dikitukeun ku babaturanana mah.
Ari di kota mah lain deui. Barudak leutik nepi ka barudak gede lolobana nyarita make basa Indonesia jeung babaturanana. Kaharti kituna mah. Nu jadi pangeusi kota teh lain urang Sunda wungkul, tapi ampir unggal seler nu aya di Indonesia tumplek di dinya. Batak, Ambon, Jawa, jsb. Hiji-hijina cara pikeun ngawangun komunikasi jeung maranehna, nya ngagunakeun basa nu dipiwanoh ku sarerea, basa Indonesia. Teu masalah sabenerna mah, da rek dikumahakeun deui atuh. Ngan nu jadi masalah teh upama (barudak) urang Sunda teu bisa nyarita make basa Sunda, padahal nya maranehna pisan sirung generasi manusa Sunda nu bakal datang teh. Ku naon pangna loba nu teu bisa? Singhoreng loba nu memang teu dipapatahan tur teu dibiasakeun nyarita make basa Sunda ku kolotna, minimal di lingkungan keluargana sorangan.
Kungsi boga tatangga di komplek, beunghar. Salakina urang Garut, pamajikanana pituin urang Bandung. Duanana ge mun ngobrol jeung kuring pasti make basa Sunda. Ngan palebah nyarita jeung anakna, aneh bin ajaib, bet make basa Indonesia. Naha nya? Pedah beunghar kitu? Padahal da najan nyarita make basa Sunda ge, moal ngadak-ngadak jadi miskin pan. Lieur ah..
Ku naon atuh basa Sunda teh bet ditaringgalkeun ku urang Sundana sorangan? Aya sababaraha sabab, diantarana:
1. Loba nu ngarasa turun gengsi lamun nyarita ku basa Sunda. Kadang-kadang kolotna mah komunikasi make basa Sunda, tapi anak-anakna teu dipapatahan nyarita make basa Sunda. Duka ku naon tah. Naha ieu teh alatan handap asorna urang Sunda, nepi ka lila-lila nimbulkeun perasaan rendah diri (inferiority complex) lamun geus adu hareupan jeung seler sejen? Atawa aya deui sabab lian ti eta?
2. Lamun ditengetan, beuki luhur strata sosial (baca: beuki beunghar) urang Sunda, beuki gede kamungkinan ngagunakeun basa non-Sunda (biasana basa Indonesia) dina gunem catur sapopoe di lingkungan kulawargana. Tangtu teu kabeh, tapi kalolobaanana saperti kitu.
3. Akulturasi jeung seler sejen, utamana di kota gede anu notabene lain urang Sunda wungkul, nimbulkeun masalah komunikasi upama urang maksa ngagunakeun basa Sunda. Jalan tengahna, nya ngagunakeun basa Indonesia. Lila-lila, mungkin wae teu ngahaja, basa Indonesia lain ngan ukur dipake komunikasi jeung seler sejen, tapi oge jeung sasama urang Sunda.
4. Kurangna jam pelajaran basa Sunda di sakola, padahal lingkungan keluarga jeung masarakat (Sunda) geus teu kondusif deui dina ngahangkeutkeun kamampuh ngagunakeun basa Sunda.
5. Kurangna guru-guru di tingkat pendidikan dasar jeung menengah anu bener-bener ngawasa basa Sunda.
Lima poin ieu, kabehanana oge ngan ukur opini, lain hasil panalungtikan nu nyosok jero, tapi hasil nengetan sabengbatan anu tangtu bae bisa bener bisa salah, rumasa lain pakar basa Sunda. Anggap we ieu mah katineung ti pituin urang Sunda, nu digedekeun di lingkungan Sunda, sok sanajan lain lulusan sastra Sunda.
***
Hiji mangsa tumpak angkot ka Dagokeun. Kosong, tapi teu lila burudul barudak SMA naek saabrulan, awewe wungkul. Rame tah na angkot teh ngarobrol papada baturna.
"Eh, tau nggak, si Zaky itu orangnya bodor yah?"
"Heeh, gue juga juga kalo ngobrol 'ma dia pasti 'sesenyuman' terus, abis ngocol banget sih," baturna ngahaminan.
"Tapi udah pada tau blom? Gue kemaren dianterin si Zaky," budak awewe nu rada centil mairan.
"Sumpe lo? Dianterin sampe rumah?" Budak geulis nu make kacamata jiga nu panasaran.
"Nggak, dianterin 'semet' gang. Mobilnya kan 'gak bisa masuk," si centil nembalan bari uman imen.
Kuring ngahuleng. Bodor? Sesenyuman? Semet gang? Barudak, urang Sunda di ibukota tatar Pasundan, jongjon guntreng dina dunya maranehanana, make basa gado-gado. Aya kahariwang, tapi da lain salah maranehanana. Lila-lila kuring bet kalah pipilueun ‘sesenyuman’, kapiasem.

E-BOOK

Duka ku naon, kana maca teh mana resep-resep teuing. Naon wae dibaca. Buku, komik, koran, majalah, tabloid, bungkus kacang ...ah pokona mah sagala we. Nu ngaran-ngaran aya aksaraan mah pasti dibaca. Matak, basa loba nu rumahuh majar hese pisan ngaronjatkeun minat baca, naha barudak sakola atawa oge masyarakat umum, rada hemeng. Cek rarasaan, da ti keur leutik oge kuring mah ujug-ujug resep kana maca teh, sok padahal kolot teh sabenerna lain kutu buku atawa sastrawan nu boga gudang buku atawa perpustakaan pribadi. Samporet malah. Bacaan saaya-aya, tara ngahajakeun meuli. Kitu we sakasampeurna. Tapi anehna, saimah-imah resep maca. Ti mimiti indung, bapa, lanceuk-lanceuk nepi ka kuring, mun aya majalah, koran, atawa buku anyar (nginjeum) teh sok parebut. Kadang-kadang nu pangheulana ‘nimu’ sok nyempod, ngadedempes ngonci karep di kamar, ngadon maca, da embung kapiheulaan ku batur.
 
Umur 6 taun kuring geus bisa maca. Euweuh nu ngahaja mapatahan diajar maca. Kitu we tetelepek. Mun lanceuk, atawa indung keur maca, kuring sok pipilueun. Nanya, ieu aksara naon, ieu gambar naon. Inget we, mimiti pisan bisa maca teh, ngantetkeun aksara dina cangkang odol merek Holdent, warnana beureum. Teuing aya keneh teuing henteu tah odol merek eta teh ayeuna mah. Ti dinya mimiti bisa maca buku, majalah, buku-buku palajaran sakola (pun bapa ngawulang di SD, jadi ari buku palajaran mah balatak) jsb. Matakna, umur 6 taun teh geus bisa maca Mangle, najan bari jeung teu kaharti sawareh oge. Bisa maca jeung resep maca istuning euweuh nu maksa nitah.
 
Tapi teu ngaleuleungit ketang. Pun bapa almarhum pernah muka taman bacaan leuleutikan keur nambah-nambah resiko dapur. Eusina rupa-rupa. Ti mimiti komik silat (jaman komik-komik RA Kosasih, Jan Mintaraga, Ganes TH, Man, Djair, Abuy Ravana jrrd), komik barudak (diantarana adaptasi carita HC Andersen), carita-carita koboy (terjemahan), petualangan Karl May (Winnetou, Old Shatterhand), buku-buku sastra (Tenggelamnya Kapal Van Der Wijk, Salah Asuhan, Salah Pilih, jrrd), nepi ka buku-buku carita silat Sunda karangan S. Sukandar, Ki Masram, Wahyu Adam, K. Sukarna jrrd. Sok atoh pisan mun dititah tunggu teh da bisa maca saseubeuhna. Najan dipeupeujeuhan ulah waka maca buku-buku jang kolot, tapi ku sabab buku bacaan jang budak geus kabaca kabeh, angger we sok susulumputan. Nu matak jaman SD keneh oge kuring geus nyaho saha ngaran asli Si Buta dari Gua Hantu, saha ari Old Shatterhand, Old Firehand, Winnetou, Hanafi, Mang Pi’i, Kinong, Kartaran, Jaka Sembung, Si Buntung Jago Tutugan, Gumilar, Nini Bo’ol Kerod, Mandala jeung sajabana.
 
Memang teu ngabibisani, alam baheula beda jeung alam ayeuna. Baheula mah teu loba teuing ‘gogoda’ nu ngahalangan minat baca. TV can mahabu jiga ayeuna. Nu boga TV masih bisa diitung ku ramo. Can usum PlayStation deuih. Hartina, waktu jang maca can kaganggu ku hayang lalajo TV, maen PS, atawa gogoda sejenna. Maca dina mangsa harita jadi hiburan murah meriah. Matak teu aneh mun loba nu boga pamadegan yen salah sahiji sabab moyodokna minat baca teh gara-gara loba media hiburan non-baca (lalajoaneun, kaulinan jsb), sok sanajan ieu pamadegan teh can tangtu 100% bener. Buktina, alo-alo kuring, nu hirup dina jaman kiwari, kabehanana bareuki maca. Aya aturan rek dahar, geus nyiuk sangu kana piring, nguliyeng heula neangan buku atawa naon bae nu bisa dibaca bari dahar. Majarkeun teh ‘rencang sangu’ cenah.
 
Lamun nilik bacaan jaman kiwari, kadang-kadang sok ngarasa sirik. Buku ngaleuya di mana-mana. Dapon boga duit, moal kakurangan bacaeun (sanajan keur sakuringeun, memang masalahna teh angger ti baheula tepi ka ayeuna, teu boga duit keur meulina). Rek majalah, koran, tabloid, buku, tinggal milih sakahayang. Mun hayang nu hargana rada ‘miring’, neangan we di Palasari atawa Bursa Buku di Suci (aya keneh kitu?). Ari buku-buku urut mah biasana neangan di Cikapundung. Hargana murah pisan (ngaranna ge buku loak), tapi mun kabeneran, bisa meunang buku-buku langka nu geus teu terbit deui.
 
***

Ngaranna ge abad informasi. Pagaliwotana rupa-rupa beja, naha dina wangun tulisan, gambar atawa sora geus teu bisa dibendung. Ku kamajuan teknologi, buku nu ‘beredar’ teh sihoreng lain ngan ukur buku biasa anu bahanna tina keretas. Aya oge buku anu disebut e-book pondokna tina electronic book alias buku elektronik atawa buku digital. Ieu mah memang lain buku nu bisa dijingjing kamana-mana (kecuali dina laptop, disket, flash disk, CD, PDA, atawa media elektronik sejenna), sabab saenyana ngan ukur mangrupa data elektronik. Macana oge make media husus, diantarana komputer (bisa PC/laptop) atawa PDA. Lian ti eta, jenis e-book oge rupa-rupa, gumantung kana software nu dipake nyieunna. Aya nu bentukna .exe, chm, .pdf,  .pdb, .lit, jeung sajabana. Lamun file e-book teh bentukna .exe, pasti bisa dibaca dina komputer mana wae, asal make operating system Windows. Tinggal klik, langsung bisa dibaca dina layar. Tapi lian ti eta mah biasana kudu make software husus, upamana Adobe Reader, Palm/PDB Reader, Microsoft Reader jsb.
Beda jeung file MS Word, upamana, ebook mah bisa di-protect sangkan teu bisa diutak-atik ku nu maca, bari tetep bisa dibaca. Ieu teh lantaran ebook dijieunna make software husus. Jadi kaaslian naskah kajamin, leuwih aman ti batan buku konvensional (buku tina keretas). Ampir sagala widang bisa dipidangkeun dina wangun ebook. Teknologi, budaya, pulitik, ekonomi, sosial, nepi ka hiburan (upamana bae novel atawa carpon), bisa - jeung geus kacida lobana - nu dijieun dina wangun ebook. Ebook, minangka salah sahiji bentuk atawa sarana nyebarna elmu jeung informasi, geus jadi kabutuhan, utamana pikeun nu geus wanoh jeung dunya internet. Kondisi saperti kieu teh nyababkeun sawatara penerbit buku ‘konvensional’, utamana di nagara-nagara maju, ngarasa hariwang. Maranehanana ngarasa sieun karebut alas.
 
Padahal, sabenerna mah teu perlu hariwang-hariwang teuing, da jelema teh rupa-rupa pangaresep. Komo di Indonesia mah, sabab mun dibandingkeun jeung jumlah penduduk, masih kacida saeutikna jelema nu wanoh jeung media nu ngaranna ebook. Akses internet nu mahal, kualitas telepon anu lambat tur teu stabil (mindeng pareum, gangguan, jsb), sarana pendukung (contona warnet) nu jajauheun kana walatra, mangrupa sawatara hal anu ngahambat popularitas ebook di urang.
 
Nepi ka danget ieu, ebook nu ngaleuya di internet masih didominasi ku ebook nu make basa Inggris. Sabenerna geus mimiti aya ebook nu make basa Indonesia, tapi perbandinganana masih ‘jauh tanah ka langit’. Mun rek neangan ebook basa Indonesia, cobaan di http://bukubagus.multiservers.com atawa situs sejenna anu pabalatak di internet.  Kumaha ari ebook basa Sunda? Berekah, nepi ka ayeuna can kungsi manggihan. Tuh pan, geus katinggaleun deui wae. Na kamarana atuh urang Sunda teh nya?
 
Kacipta, dina hiji mangsa mah, teuing iraha, urang Sunda teh bisa reueus silih tukeuran ebook basa Sunda di internet. Mangkaning internet mah bisa diakses ti sakuliah dunya. Jaba naskah-naskah Sunda nu geus ditulis teh moal leungit, moal rikes, moal saroek, moal ku ngenget, pasti aman salilana. Bisa kabaca ku anak, incu, buyut, bao janggawareng, udeg-udeg, gantung siwur, jst. Tapi, iraha nya?

PLAYBOY INDONESIA

Asa mindeng nya ngadenge istilah ieu teh. Playboy. Enya da ti baheula ge geus jadi kacapangan atuh. Biasana dipake pikeun nuduhkeun lalaki anu resep gunta ganti kabogoh. Lalaki leumpeuh yuni, teu kaopan ningali istri rancunit, sok tuluy hayang  ngeukeupan. Ngan anehna, euweuh istilah playgirl, najan dina kanyataanana, aya oge awewe anu lalampahanana teu jauh ti playboy.
 
Ayeuna-ayeuna ieu, kecap playboy deui-deui jadi sabiwir hiji. Malah aya tambahna ayeuna mah, Playboy Indonesia. Geunjleung tah. Di mana-mana jadi bahan obrolan. Ieu teh taya lian lantaran di Indonesia geus medal majalah Playboy versi Indonesia.
 
Sarerea oge tangtu geus mafhum, naon jeung kumaha ari majalah Playboy. Ieu teh majalah ‘parno’ nu bibit buitna ti Amerika, kasohor ka sakuliah dunya, jadi bacaan lalaki careraman. Majalah ‘cap kelenci’ anu menu utamana naon deui, ari lain potret awewe dina pose ‘sensual’ jeung bulucun mah.  Duh...
 
Taun salapan puluhan awal, jaman masih keneh kuliah, sok mindeng jalan-jalan ka Cikapundung. Sakali mangsa, basa keur hunting buku loakan, nu dagangna ngadeukeutan, bari ngaharewos, “A, milarian naon? Pebe A?”
“Naon PB teh?”, kuring rungah-ringeuh. 
“Ah si Aa mah sok api-api,” pokna.
Sanggeus dijelaskeun, kakara kuring ngarti. Sihoreng PB teh majalah Playboy loakan, selundupan ti luar negeri. Matak haharewosan, manehna sieun katohyan ku pulisi.
“Sabaraha?”, cek kuring nanya. Manehna nawarkeun harga 60 rebu. Kuring gideug. Mahal tuda. Duka tah lamun murah mah ....
 
***
Indonesia, hiji-hijina nagara nu penduduk muslimna panglobana sadunya, geus hasil ditembus ku majalah pangpornona sadunya, Playboy. Kitu unina, berita di salah sahiji media berita internet internasional. Jadi nu geunjleung teh lain di Indonesia wungkul. Sakuliah dunya kaget. Naha Playboy bisa lolos - kalayan resmi – di Indonesia, nu majar urang Islamna panglobana sadunya? Padahal ieu teh kacida patukangtonggongna jeung ajaran Islam anu jelas-jelas ngaharamkeun hal-hal anu saperti kieu. Malaysia wae, anu penduduk muslimna jauh leuwih saeutik batan Indonesia, langsung taki-taki, bisi aya Playboy Indonesia selundupan asup ka nagarana.
 
Nu matak, rame di ditu di dieu. Elemen-elemen masarakat anu pro jeung nu kontra padungdengan. Cek anu kontra, cing atuh tong ditambahan riceuwna nagara teh. Geus puguh loba kajahatan seksual gara-gara tongtonan jeung bacaan porno (atawa ‘semi’ porno) legal jeung ilegal, hayoh deuih ditambahan kunu kitu. Asa euweuh pisan kamelangna ka lemah cai nu geus sakieu amburadulna teh. Ceuk anu pro, tong munapek lah, na teu resep kitu ningali ‘kaendahan’ wanita? Jaba ieu teh pan muka ‘kesempatan kerja’ keur urang Indonesia. Jeung cenah mun erek ge, larang heula tuh peredaran VCD porno jeung tabloid ‘esek-esek’ produk ‘dalam negeri’ nu dijual bebas di mana-mana. Geuning kalah mubat-mabit ka batur nya?
 
Kumaha ari pamarentah? Asa can kadenge ketakna. Piraku ari teu apal mah. Jeung matak bisa medal ge pan meureun aya ijin ti pamarentah. Naha teu eungeuh kitu yen nagara jadi harengheng gara-gara medalna Playboy? Atawa api-api bae, lantaran aya kauntungan finansial pikeun pribadi-pribadi di pamarentahan? Ah, asa jadi lieur ngabandunganana...
 
Pihak Playboy Indonesia teu gedag bulu salambar. Najan masarakat jadi harengheng, najan didemo di ditu di dieu, teu unggut kalinduan, teu gedag kaanginan. Basa kantorna didemo ku FPI (Front Pembela Islam), terus aya kaca kantorna nu pareupeus alatan dibaledogan, pingpinan majalah Playboy kalah jiga nu nangtang. Manehna ngomong di media, rek ‘menempuh jalur hukum’. Duka hukum saha tah nu dipake.
 
***
Majalah Playboy edisi munggaran geus medal. Anehna, bet payu kabina-bina. Ditareangan. Lolobana panasaran. Naha rek jiga majalah ‘ninina’ di Amerika, atawa rek disesuaikeun jeung kondisi sosio-kultural di Indonesia. Loba nu ngarenghap badag. Aya nu kuciwa, aya oge nu bungah saheulaanan. Singhoreng euweuh potret istri bulucun, najan tetep we potret sensual mah reuteum. Cover girl-na mun teu salah Andara Early, model jeung presenter nu – mun teu salah - kungsi jadi penyiar radio di Bandung. Aduh, eta si eneng geulis, na teu lebar kitu awak dimurah-mareh? Atawa mangpang meungpeung? Meungpeung can pareot ...
 
Najan edisi munggaran dina kanyataanana henteu nepi ka ngamuat poto istri bulucun, kahariwang tetep aya. Bisa wae ieu teh mangrupa bagian tina strategi bisnis. Teu beda ti nu maen langlayangan. Keun uluran heula, bere omber heula. Engke lamun suasana geus rada reureuh, geus loba nu poho, kakara ngaluarkeun jurus utama. Nya naon deui atuh lamun lain potret bulucun!
***
Ku naon bet make ngaran Playboy? Ku naon henteu make ngaran Lalaki Purunyus upamana? Atawa majalah Lalaki Cunihin Indonesia? Atawa mun hayang rada gaya, naha henteu ‘Toloheor Magazine’? Pan asana leuwih mengindonesia? Nyunda malah.
Ieu teh teu leupas tina strategi bisnis. Sabenerna, di urang ayeuna geus loba media (cetak) anu menu-na kurang leuwih memper-memper kana menu majalah Playboy. Bisi teu percanten, mangga tingalian di kios-kios koran (news stand). Loba tabloid, majalah jeung koran anu midangkeun potret awewe dina pose anu ngahudang birahi. Malah laporan kantor berita Associated Press (AP) nyebutkan, Indonesia aya dina urutan kadua sanggeus Rusia dina urusan pornografi. (Republika, 17 Juli 2003). Tapi ku naon teu ‘heboh’ jiga Playboy?
 
Nya ieu pisan sabab utamana. Playboy geus jadi merek dagang anu kawentar, geus bisa jadi jaminan. Tegesna, lamun make merek Playboy, moal teu payu. Lamun make merek nuansa lokal, hartina perlu gawe ekstra pikeun nanjeurkeun ngaran sangkan jadi “established brand”. Jelas ieu teh lain gawe lalawora, padahal tadi ge geus disebutkeun, saingan media nu aya dina lahan nu sarua, sakitu ngaleuyana. Nu matak, mending keneh kaluar duit gede pikeun meuli lisensi merek nu geus kawentar (Playboy), tibatan kudu naratas deui jalan ti handap anu can puguh hasil. Ari modalna aya mah, nanaonan make jeung nyangsara karep! Meuli we lisensi nu geus puguh nanjung. Najan kaluar duit gede, tapi ka hareupna ‘prospektif’. Kitu jigana.
 
Kumaha urusanana meuli merek saperti kitu? Ieu teh teu jauh tina sistem nu dipake kunu daragang goreng hayam. Beuli we merek luar negeri, ngaliwatan sistem franchise (waralaba). Kentucky, upamana. Pan geus kasohor, hayam goreng ‘bergengsi’. Ari urang Indonesia tea (kaasup urang Sunda?), biasana sok serab ku naon bae anu datangna ti luar negeri. Mental sesa jajahan masih keneh napel pageuh dina uteuk. Nu matak, sagala rupa nu datangna ti luar negeri, biasana dianggap leuwih alus ti batan produk dalam negeri, sok sanajan can tangtu kitu. Nya sikap mental inferior atawa rendah diri ieu pisan anu dimangpaatkeun ku para pebisnis luar negeri pikeun ngeduk kauntungan anu mucekil di Indonesia.
 
Sistem nu dipake ku Playboy ge teu jauh ti kitu. Sedengkeun dina sistem bisnis model waralaba, aya standar nu teu bisa diongget-ongget. Mun dina kadaharan, biasana resep atawa racikan bungbu teu kaci beda-beda, kudu sarua. Hartina, lamun urang dahar goreng hayam Kentucky di Indonesia, eta teh rasana pasti sarua jeung Kentucky di Amerika, Eropa, atawa di nagara mana wae. Atawa lamun nginum Es Teler 77 di Jakarta, rasana pasti sarua jeung di Bandung, Cirebon, atawa di mana wae tempat nu make ngaran eta.
 
Kumaha ari media? Sarua bae. Aya rambu-rambu nu jadi kawijakan perusahaan, anu teu bisa diongget-ongget. Filosofi perusahaan induk wajib diterapkeun ku perusahaan-perusahaan mitra anu kabeungkeut dina sistem franchise alias waralaba. Geuning Playboy Indonesia edisi munggaran teu singna jiga Playboy Amerika? Teu aya istri bulucun? Bisa wae ieu teh mangrupa salah sahiji strategi dagang. Ku sabab masih keneh harengheng, keun we ayeuna mah menuna teu kudu maksa persis ‘ninina’. Engke mun geus parohoeun, geus teu harengheng, geus teu jadi padungdengan, saeutik-saeutik mimiti dirobah, nepi ka gembleng wujudna, sakumaha nu dipikahayang kunu boga merek. Nya bulucun tea meureun! Analogina, lamun goreng hayam di Amerika teu make kejo, pan di urang mah dimodifikasi jadi aya kejoan, sabab urang Indonesia mah mu dahar hayam pasti jeung sangu, lain jeung frenchfries (goreng kentang).  Hartina aya toleransi pikeun ngadumaniskeun produkna jeung warna lokal.
 
Ka hareupna saha nu nyaho, menu sangu teh dileungitkeun, sabab ayeuna ge urang Indonesia geus mimiti loba nu ‘nga-holland’ (istilah indung kuring), nyeta-nyeta teu beuki sangu. Lamun ieu oge diterapkeun di media (Playboy Indonesia), gede kamungkinan sababaraha taun nu bakal datang urang bakal bisa nyaksian wanoja-wanoja Indonesia ‘mejeng’ di dinya bari teu make baju sama sakali. Pan ayeuna oge dina majalah luar negeri mah geus aya sababaraha mojang Indonesia nu dipotret tataranjang. Salah sahijina kungsi diwawancara dina TV. Ih, da teu riuk-riuk semu era atawa kagok, malah katempona teh kalah jiga nu reueus!
 
Lamun kitu kajadianana, saha atuh nu kudu tanggung jawab? Saha anu kudu ngalelempeng? Sarerea! Pamarentah, ulama, guru, pejabat, media masa, ormas, partey politik, kaasup urang salaku pribadi-pribadi. Dasar-dasar kaagamaan katut moral budi pekerti asana salila ieu geus jadi nomer ka sakitu dina enggoning ngadidik generasi ngora (jeung generasi kolot). Loba budak nu diabur sadaekna, diwowoy ku materi, bari jeung teu dipalire soal ‘kesejahteraan’ ruhanina. Boro-boro mun dicepret alatan teu daek ngaji, upamana. Apan kajadian, jaman ayeuna mah loba nonoman, kaasup nu geus rarumah tangga, malah geus baroga anak, teu nyaho di alip bingkeng. Atuh rek kumaha bisana ngadidik sual agama ka anak-anakna ari maranehna sorangan sakitu kabuktianana. Alokasi pelajaran agama di sakola kacida samporetna. Ditambah deui ku mahabuna infiltrasi media (domestik jeung luar negeri) anu kalolobaanana nimbulkeun pangaruh goreng kana perkembangan psikologis barudak (jeung kolot oge), anu nungtun kana gaya hirup hedonis (mangeran kana kasenangan dunya). Ku kamajuan teknologi, informasi bisa diakses kalawan gampang bari jeung euweuh filter pisan.
 
Sakalina aya majalah porno medal, pamarentah (pusat) anu dipiharep tangginas mere respon, kanyataanana jiga nu api lain. Jiga nu norek. Jadi kudu kumaha atuh? Nya ari pamustunganana mah tangtu gumantung kana sikep kolektif urang salaku hiji bangsa anu tangtu bae teu ngarepkeun jadi bangsa nu ancur-ancuran, teu puguh identitasna. Bangsa nu tengtrem kerta raharja, diwangun ku mental anu kuat didadasaran ku ajaran agama katut moral. Hartina, kabeh elemen bangsa kudu sauyunan, babarengan ngungkulan rupa-rupa masalah anu karandapan ku urang ayeuna. Lamun teu kitu, nya kari tungguan we naon-naon anu bakal karandapan atawa tumiba ku urang,  anak urang, incu urang, katut generasi nu bakal datang. Mangga aremutan!
 
ditulis Mei 2006

KOTA KAGOK

Tata Danamihardja
 
Sok waas lamun nyoreang alam ka tukang. Asa tingtrim tur teu loba pikiraneun jeung pikarudeteun. Taun tujuhpuluhan awal, lembur kuring, Panjalu, masih kampung nu bener-bener kampung. Lir ibarat parawan jekekan. Mun ti peuting, estu rehe comrek ti wanci magrib keneh. Masih napel dina ingetan, mun ngapalkeun peuting-peuting teh biasana make lampu teplok. Harita mah can mantra-mantra aya listrik, komo deui telepon. Hiburan hiji-hijina nyetel radio transistor tilu batu, ngadengekeun RRI, oge siaran hiji-hijina. Kadieunakeun, sanggeus rada gede, kitu lah SD kelas limaan, mimiti resep ngadengekeun siaran radio luar negri versi basa Indonesia, Radio Ustrali, BBC, VOA jrrd.
 
Ayeuna, sanggeus sakitu puluh taun, lembur teh ngajanggelek jadi ‘kota kagok’. Naha kagok? Disebut kota, sabenerna mah lain, acan, sabab masih keneh katingali jeung karasa suasana kampungna, najan geus loba robahna. Disebut kampung, lain oge! Asa baribin; motor, mobil pagaliwota sasat unggal usik. Mun ti peuting lampu listrik baranang di unggal imah. Lalajo TV teu kudu ngulayab ka imah batur, da di unggal suhunan geus pada boga.TV, telepon, geus jadi kabutuhan unggal hulu.
 
Untungna teh euweuh pabrik, jadi polusi lingkungan teu ngagalaksak teuing. Eta ge angger aya polusi sabenerna mah. Cai di Situ Lengkong upamana, baheula mah estu herang ngagenyas, matak seger mun dipake mandi, ayeuna katenjona coklat jeung matak arateul mun dipake mandi. Lain ti pabrik ieu mah, da memang euweuh, tapi bejana tina bahan bakar parahu motor jeung jaring apung tempat miara lauk.
 
Pokona mah ayeuna beda jeung baheula. Ditilik tina fasilitas jelas ngeunah ayeuna. Nu rek ngasakan di dapur teu kudu ngala suluh heula, sabab loba cara sejen nu teu kudu make suluh. Bisa make kompor minyak tanah, gas, atawa kompor listrik. Hayang ngobrol jeung baraya nu jauh nu deukeut, tinggal nelepon. Hayang maca? Teu kudu beurang wae, peuting oge teu jadi masalah. Tinggal cetrek ngahurungkeun lampu baca, anteng tah sapeupeuting. Ceuk saha teu ngeunah?
 
Tapi nyakitu tea, sok aya aya we pikarudeteun teh. Listrik, contona. Aya ku ayana, tapi mindeng pisan pareum, bari jeung tara bebeja heula. Aya aturan tilu kali sapoe, jiga ngadahar ubar wae. Ieu teh utamana mun usum hujan, nepi ka ku barudak lenger mah PLN teh disebutna oge PLTA (Perusahaan Listrik Takut Air), soalna tiap hujan pasti we kudu pareum. Kumaha ari telepon? Sarua, mindeng pareum. Matak ngagokan pisan. Komo lamun kabeneran migawe pagawean nu kudu ngagunakeun internet. Keur tengah-tengah pisan, ujug-ujug jepluk putus, boh lantaran pareum listrik, atawa teleponna ngadat. Atuh kudu balikan deui. Orokaya palebah kateterusan, lapur man! Pagawean nu ditarget mah ulah ngaharepkeun lancar, soalna gangguan teu bisa diprediksi. Kacow! Padahal listrik jeung telepon teh geus jadi kabutuhan balarea ayeuna mah.
***
Bisa jadi ieu teh lain ngan karandapan ku kuring wungkul. Pasti lah nu sejen oge loba nu sanasib, pangpangna nu cicing di kota kagok saperti kuring. Wewengkon transisi anu sagalana sing sarwa kagok jeung satengah hate, ti mimiti sual fasilitas, nepi ka sual pelayanan sarana vital saperti listrik jeung telepon. Dua perusahaan nu ngokolakeunana, PLN jeung TELKOM, mindeng jadi sorotan publik, utamana mun geus nyoko kana sual pelayanan. Aya kesan, pelayanan di kota (baca: tempat nu loba pabrik, loba pejabat, loba LSM, loba gegeden), beda jeung pelayanan di ‘kota kagok’ nu pangeusina ge (meureun) dianggap barodo, teu ngarti, jeung moal loba protes. Cing rek nanya ka urang kota, sabaraha kali pareum listrik dina jero sabulan? Atawa, sabaraha kali dina sabulan telepon imah teu bisa dipake?
 
Sadar atawa henteu, ieu teh mangrupa diskriminasi sarta nembongkeun sikep anu jauh tina daria dina ngokolakeun perusahaan nu sakuduna profesional. Diskriminasi, sabab apan tarif listrik atawa telepon teh sarua. Naha ari giliran pelayanan bet diwilah-wilah? Rek pejabat rek rahayat, rek di kota rek di lembur, mayar mah kitu-kitu keneh, gumantung kana loba saeutikna make. Hartina, mun listrik di kota tara pareum, di lembur ge kudu sarua atuh, ulah diwiji-wiji, sabab cek tadi ge, mayar mah sarua. Mun telepon di kota lancar, naha di lembur bet luplep? Malah sabenerna, resiko karugian konsumen mah gede keneh nu di lembur. Alat-alat nu ngagunakeun listrik tereh ruksak lantaran mindeng pareum, transaksi bisnis mindeng gagal gara-gara telepon mindeng ngadat jsb. Mangga kalikeun kana sakitu juta jiwa, kali sakitu kali gangguan dina sataun...
 
***
Sawatara poe ka tukang, komputer siaran di radio lokal tempat kuring cacalawakan unggal isuk, ruksak. Lagu, data, 60% leungit. Radio off salila tilu poe. Komputer dibawa ka tempat servis. ”Ku naon ieu teh nya?” cek kuring panasaran. “Ku Nyi Een. Sering teuing pareum listrik, Kang!” tukang servis nembal bari nyerengeh. Geus kajudi. Padahal ampir unggal isuk kuring siaran ngabahas sual pelayanan publik, boh ti pamarentah atawa swasta. Rupa-rupa keluhan ditampung, dipangomongkeun. Ngan asana can pernah aya tanggapan ti pihak-pihak anu sakuduna tangginas mere respons. Sugan aya ti pihak humas datang, ngajelaskeun, da henteu. Eh, tiis-tiis we, damang.
 
Ieu oge beda jeung di kota. Respons biasana leuwih daria. Fungsi humasna jalan, jadi fasilitator komunikasi antara konsumen jeung perusahaan. Jeung da sabenerna mah ieu teh mangrupa promosi teu langsung pikeun maranehna mah, jaba gratis deuih! Pek jelaskeun masalahna, piraku konsumen ge teu daek ngarti ari jelas mah. Da urang mah, pangpangna urang Sunda, sabenerna ngabogaan sipat ‘lautan hampura’, gampang poho kana kasalahan atawa kataledoran batur, komo anu teu dihaja mah. Dalah anu dihaja ge kadang-kadang gampang pisan pohona teh.
 
Jadi inget kana ‘himbauan’ pamarentah. Cenah, jelema-jelema nu ngumbara, nu nyiar elmu di kota teh diharepkeun balik ka lembur, bebetah di lembur, sangkan kota teu heurin teuing, sakalian bari paheuyeuk-heuyeuk leungeun ngamajukeun lembur. Ana pek geus datang ka lembur, fasilitas sing sarwa disungkeret ku rupa-rupa hal nu sabenerna teu kudu kajadian, lamun perusahaan-perusahaan jasa vital saperti listrik jeung telepon upamana, ngabogaan sikep bisnis profesional. Ari kanyataanana saperti kieu mah, rek kumaha betahna di lembur atuh. Kumaha tah, Nyi Een, Nyi Kokom?
 
*dimuat di majalah Mangle

B L O G

"Rek ka mana, blog?" tangtu bae beda jeung "Naon ari blog teh?" Kade ulah reuwas. Kalimat nu kadua mah lain nyarekan atawa nyarita kasar, tapi hiji istilah nu keur jadi 'trend' di internet. Dina kalimat nu kahiji mah kecap 'blog' teh pondokna tina kecap (punten) goblog, ari nu kadua mah beda deui. Ari geus, naon atuh blog teh? Tangtu pertanyaan model kieu teh mindeng kadenge mun pareng urang teu pati nitenan kana kamekaran nu karandapan di dunya internet.
 
Upama sawatara taun ka tukang rame ngeunaan website pribadi, ayeuna mah geus beda deui. Baheula mah boga website pribadi teh jadi kareueus gede, ayeuna mah asa kurang 'gaya' mun teu ngabogaan 'blog'. Mibanda blog estuning leuwih gampang tibatan mibanda website. Nu matak, blog jadi leuwih gancang populer, ku sabab pikeun ngabogaan blog mah teu kudu make jeung diajar nyieun website sagala rupa. Komo deui diajar HTML mah. Istuning tinggal prung!
 
Sacara prinsip, blog teh teu kurang teu leuwih ti 'diary' atawa buku harian. Kecap blog-na sorangan asalna tina kecap 'weblog' anu lila-lila disingget jadi 'blog' wungkul. Saha bae oge bisa mibanda blog pribadi kalawan teu kudu mayar sapeser oge, ari lain biaya pulsa mah. Fungsina keur nulis sarupaning kereteg nu aya dina hate. Sarua pan, jeung buku harian?
 
Mun hayang ngabogaan blog, tinggal neangan (search) make 'mesin pencari' (search engine) saperti Google, Yahoo, jrrd. Tinggal ngetik kecap 'free blog', pasti murudul ngaran-ngaran situs nu nyadiakeun fasilitas blog gratis di internet. Beda jeung situs pribadi (personal website), blog mah teu kudu mikiran soal desain, tampilan jsb. Sagalana geus disadiakeun mangrupa 'template' atawa pola. Urang mah tinggal daptar, jeung
-kadituna- nulis kalawan mayeng pikeun ngeusian blog nu geus jadi milik urang tea. Sawatara 'blog provider' gratis diantarana Blogger (www.blogger.com), Blogdrive (www.blogdrive.com), Blogstream (www.blogstream.com), Blogsome (www.blogsome.com), Multiply (www.multiply.com) jrrd.
 
Cara ngeusianana oge rupa-rupa, jeung kabehanana oge teu hese. Mun nga-update website kudu dijieun heula dina komputer (local host), kakara bisa di upload sanggeus jadi file HTML, ieu mah tinggal log in kana alamat blog urang tea, terus ngetik. Bisa oge ku cara 'copy & paste' (naskah geus disiapkeun ti heula, upamana make Notepad). Nu paling gampang mah urang ngirim tulisan make email/serelek (serat elektronik). Ngan hanjakal teu kabeh provider blog nyadiakeun fasilitas jang ngirim tulisan make email. Nu paling galib mah biasana nya kudu log in heula, kakara bisa nulis. Malah aya oge ‘plug-in’ produk Blogger jang MS Word  sangkan bisa nulis di dinya, terus bisa langsung dikirim kana blog gratisan anu dikokolakeun ku Blogger (tungtung ngaran blog-na biasana blogspot.com).
 
Kumaha ari sual eusi tulisan dina blog? Tadi ge geus dicaritakeun yen nulis dina blog teh teu beda jauh jeung nulis buku harian. Tapi sok sanajan kitu, memang aya sababaraha hal anu ku urang kudu diperhatikeun. Mun buku harian bisa bebas sabebas-bebasna lantaran nu macana oge ngan urang wungkul, blog mah teu bisa kitu. Ku sabab blog teh disimpenna di internet, tangtu tulisan urang teh sacara prinsip bisa dibaca ku saha wae. Jadi, daek teu daek, urang tetep kawatesanan ku ugeran ugeran sosial jeung etika, ulah nepi ka ngabarubahkeun batur. Komo bari jeung ngahina batur mah, dipahing pisan.
 
Nurutkeun panalungtikan, saban poe rebuan blog anyar medal di internet. Nu matak fungsi blog oge geus mimiti ngeser deui bae. Anu tadina fungsina teh ngan saukur keur nepikeun kereteg hate, ayeuna mah geus loba blog anu dipake dagang/komersial. Minimalna, blog dipake komunikasi virtual antara produsen jeung konsumen hiji produk. Hal ieu dimungkinkeun, sabab dina blog biasana aya fasilitas 'comment' pikeun ngomentaran 'posting' nu aya dina blog, nepi ka bisa gunem catur sok sanajan teu langsung. Tina jalur komunikasi sarupa kieu bakal ngalahirkeun mimitran anu karasana leuwih  raket antara produsen jeung konsumen. Perusahaan-perusahaan gede mimiti sadar yen ngaraketkeun mimitran jeung konsumen sacara langsung teh mangrupa cara anu kacida efektifna dina ningkatkeun volume penjualan. Ku kituna, perusahaan-perusahaan gede, utamana di Amerika jeung Eropa, geus mitembeyan nyarieun blog.
 
Kumaha ari di Indonesia? Sarua bae rame, sanajan kalolobaanana masih leuwih condong dipake 'curhat', can nepi ka dipake bisnis. Tapi ulah salah, ayeuna geus mimiti loba 'pakar' nu nulis dina blog, nepi ka hal nu dibahasna oge leuwih jero jeung nyoko tina panginditan nu leuwih 'ilmiah'. Basa keur rame bisnis ala Anne Ahira, blog oge rame ngabahas soal eta. Dina blog Priyadi jeung Enda Nasution upamana, dibahas soal kahengkeran bisnis Anne Ahira, nepi ka Priyadi katut Enda 'direntog' ku para 'downline' Anne Ahira anu ngarasa kasigeung. Leupas tina mana nu bener mana nu salah, hal ieu bisa jadi wacana anu sehat, sangkan masarakat bisa nilik sagala pasualan ku sikep nu leuwih kritis, henteu padu ngiluan, henteu padu ngaenyakeun.
 
Ngan hanjakalna, nepi ka danget ieu, kuring asa can manggihan blog anu make basa Sunda, sok sanajan rumasa can pernah ngasruk neangan blog basa Sunda sacara daria. Padahal, media blog bisa dimangpaatkeun pikeun ngeuyeub-ngeuyeub media basa Sunda. Minimal, nunjukkeun bukti yen urang Sunda oge teu tinggaleun dina urusan teknologi informasi. Lian ti eta, blog oge bisa jadi sarana ngamumule basa Sunda nu kiwari asa beuki kaleled ku basa-basa sejen, utamana basa Indonesia 'jakartaan'.
Hayu atuh, saha anu wani ngamimitian?
 
Tata Danamihardja
pernah dimuat di majalah Mangle

Alihan

Tamba kosong teuing, posting di bukamulut anu nganggo basa Sunda dialihkeun ka dieu, supados ngumpul.

Wilujeng Sumping

Sih tawakup anu kasuhun, nembe ngawitan, janten teu acan aya eusina. Neda pidu'a ti sadayana, mudah-mudahan lancar teu aya halangan harungan.
Baktosna
Tata