Tuesday, June 20, 2006

KOTA KAGOK

Tata Danamihardja
 
Sok waas lamun nyoreang alam ka tukang. Asa tingtrim tur teu loba pikiraneun jeung pikarudeteun. Taun tujuhpuluhan awal, lembur kuring, Panjalu, masih kampung nu bener-bener kampung. Lir ibarat parawan jekekan. Mun ti peuting, estu rehe comrek ti wanci magrib keneh. Masih napel dina ingetan, mun ngapalkeun peuting-peuting teh biasana make lampu teplok. Harita mah can mantra-mantra aya listrik, komo deui telepon. Hiburan hiji-hijina nyetel radio transistor tilu batu, ngadengekeun RRI, oge siaran hiji-hijina. Kadieunakeun, sanggeus rada gede, kitu lah SD kelas limaan, mimiti resep ngadengekeun siaran radio luar negri versi basa Indonesia, Radio Ustrali, BBC, VOA jrrd.
 
Ayeuna, sanggeus sakitu puluh taun, lembur teh ngajanggelek jadi ‘kota kagok’. Naha kagok? Disebut kota, sabenerna mah lain, acan, sabab masih keneh katingali jeung karasa suasana kampungna, najan geus loba robahna. Disebut kampung, lain oge! Asa baribin; motor, mobil pagaliwota sasat unggal usik. Mun ti peuting lampu listrik baranang di unggal imah. Lalajo TV teu kudu ngulayab ka imah batur, da di unggal suhunan geus pada boga.TV, telepon, geus jadi kabutuhan unggal hulu.
 
Untungna teh euweuh pabrik, jadi polusi lingkungan teu ngagalaksak teuing. Eta ge angger aya polusi sabenerna mah. Cai di Situ Lengkong upamana, baheula mah estu herang ngagenyas, matak seger mun dipake mandi, ayeuna katenjona coklat jeung matak arateul mun dipake mandi. Lain ti pabrik ieu mah, da memang euweuh, tapi bejana tina bahan bakar parahu motor jeung jaring apung tempat miara lauk.
 
Pokona mah ayeuna beda jeung baheula. Ditilik tina fasilitas jelas ngeunah ayeuna. Nu rek ngasakan di dapur teu kudu ngala suluh heula, sabab loba cara sejen nu teu kudu make suluh. Bisa make kompor minyak tanah, gas, atawa kompor listrik. Hayang ngobrol jeung baraya nu jauh nu deukeut, tinggal nelepon. Hayang maca? Teu kudu beurang wae, peuting oge teu jadi masalah. Tinggal cetrek ngahurungkeun lampu baca, anteng tah sapeupeuting. Ceuk saha teu ngeunah?
 
Tapi nyakitu tea, sok aya aya we pikarudeteun teh. Listrik, contona. Aya ku ayana, tapi mindeng pisan pareum, bari jeung tara bebeja heula. Aya aturan tilu kali sapoe, jiga ngadahar ubar wae. Ieu teh utamana mun usum hujan, nepi ka ku barudak lenger mah PLN teh disebutna oge PLTA (Perusahaan Listrik Takut Air), soalna tiap hujan pasti we kudu pareum. Kumaha ari telepon? Sarua, mindeng pareum. Matak ngagokan pisan. Komo lamun kabeneran migawe pagawean nu kudu ngagunakeun internet. Keur tengah-tengah pisan, ujug-ujug jepluk putus, boh lantaran pareum listrik, atawa teleponna ngadat. Atuh kudu balikan deui. Orokaya palebah kateterusan, lapur man! Pagawean nu ditarget mah ulah ngaharepkeun lancar, soalna gangguan teu bisa diprediksi. Kacow! Padahal listrik jeung telepon teh geus jadi kabutuhan balarea ayeuna mah.
***
Bisa jadi ieu teh lain ngan karandapan ku kuring wungkul. Pasti lah nu sejen oge loba nu sanasib, pangpangna nu cicing di kota kagok saperti kuring. Wewengkon transisi anu sagalana sing sarwa kagok jeung satengah hate, ti mimiti sual fasilitas, nepi ka sual pelayanan sarana vital saperti listrik jeung telepon. Dua perusahaan nu ngokolakeunana, PLN jeung TELKOM, mindeng jadi sorotan publik, utamana mun geus nyoko kana sual pelayanan. Aya kesan, pelayanan di kota (baca: tempat nu loba pabrik, loba pejabat, loba LSM, loba gegeden), beda jeung pelayanan di ‘kota kagok’ nu pangeusina ge (meureun) dianggap barodo, teu ngarti, jeung moal loba protes. Cing rek nanya ka urang kota, sabaraha kali pareum listrik dina jero sabulan? Atawa, sabaraha kali dina sabulan telepon imah teu bisa dipake?
 
Sadar atawa henteu, ieu teh mangrupa diskriminasi sarta nembongkeun sikep anu jauh tina daria dina ngokolakeun perusahaan nu sakuduna profesional. Diskriminasi, sabab apan tarif listrik atawa telepon teh sarua. Naha ari giliran pelayanan bet diwilah-wilah? Rek pejabat rek rahayat, rek di kota rek di lembur, mayar mah kitu-kitu keneh, gumantung kana loba saeutikna make. Hartina, mun listrik di kota tara pareum, di lembur ge kudu sarua atuh, ulah diwiji-wiji, sabab cek tadi ge, mayar mah sarua. Mun telepon di kota lancar, naha di lembur bet luplep? Malah sabenerna, resiko karugian konsumen mah gede keneh nu di lembur. Alat-alat nu ngagunakeun listrik tereh ruksak lantaran mindeng pareum, transaksi bisnis mindeng gagal gara-gara telepon mindeng ngadat jsb. Mangga kalikeun kana sakitu juta jiwa, kali sakitu kali gangguan dina sataun...
 
***
Sawatara poe ka tukang, komputer siaran di radio lokal tempat kuring cacalawakan unggal isuk, ruksak. Lagu, data, 60% leungit. Radio off salila tilu poe. Komputer dibawa ka tempat servis. ”Ku naon ieu teh nya?” cek kuring panasaran. “Ku Nyi Een. Sering teuing pareum listrik, Kang!” tukang servis nembal bari nyerengeh. Geus kajudi. Padahal ampir unggal isuk kuring siaran ngabahas sual pelayanan publik, boh ti pamarentah atawa swasta. Rupa-rupa keluhan ditampung, dipangomongkeun. Ngan asana can pernah aya tanggapan ti pihak-pihak anu sakuduna tangginas mere respons. Sugan aya ti pihak humas datang, ngajelaskeun, da henteu. Eh, tiis-tiis we, damang.
 
Ieu oge beda jeung di kota. Respons biasana leuwih daria. Fungsi humasna jalan, jadi fasilitator komunikasi antara konsumen jeung perusahaan. Jeung da sabenerna mah ieu teh mangrupa promosi teu langsung pikeun maranehna mah, jaba gratis deuih! Pek jelaskeun masalahna, piraku konsumen ge teu daek ngarti ari jelas mah. Da urang mah, pangpangna urang Sunda, sabenerna ngabogaan sipat ‘lautan hampura’, gampang poho kana kasalahan atawa kataledoran batur, komo anu teu dihaja mah. Dalah anu dihaja ge kadang-kadang gampang pisan pohona teh.
 
Jadi inget kana ‘himbauan’ pamarentah. Cenah, jelema-jelema nu ngumbara, nu nyiar elmu di kota teh diharepkeun balik ka lembur, bebetah di lembur, sangkan kota teu heurin teuing, sakalian bari paheuyeuk-heuyeuk leungeun ngamajukeun lembur. Ana pek geus datang ka lembur, fasilitas sing sarwa disungkeret ku rupa-rupa hal nu sabenerna teu kudu kajadian, lamun perusahaan-perusahaan jasa vital saperti listrik jeung telepon upamana, ngabogaan sikep bisnis profesional. Ari kanyataanana saperti kieu mah, rek kumaha betahna di lembur atuh. Kumaha tah, Nyi Een, Nyi Kokom?
 
*dimuat di majalah Mangle

No comments: