Tuesday, June 20, 2006

E-BOOK

Duka ku naon, kana maca teh mana resep-resep teuing. Naon wae dibaca. Buku, komik, koran, majalah, tabloid, bungkus kacang ...ah pokona mah sagala we. Nu ngaran-ngaran aya aksaraan mah pasti dibaca. Matak, basa loba nu rumahuh majar hese pisan ngaronjatkeun minat baca, naha barudak sakola atawa oge masyarakat umum, rada hemeng. Cek rarasaan, da ti keur leutik oge kuring mah ujug-ujug resep kana maca teh, sok padahal kolot teh sabenerna lain kutu buku atawa sastrawan nu boga gudang buku atawa perpustakaan pribadi. Samporet malah. Bacaan saaya-aya, tara ngahajakeun meuli. Kitu we sakasampeurna. Tapi anehna, saimah-imah resep maca. Ti mimiti indung, bapa, lanceuk-lanceuk nepi ka kuring, mun aya majalah, koran, atawa buku anyar (nginjeum) teh sok parebut. Kadang-kadang nu pangheulana ‘nimu’ sok nyempod, ngadedempes ngonci karep di kamar, ngadon maca, da embung kapiheulaan ku batur.
 
Umur 6 taun kuring geus bisa maca. Euweuh nu ngahaja mapatahan diajar maca. Kitu we tetelepek. Mun lanceuk, atawa indung keur maca, kuring sok pipilueun. Nanya, ieu aksara naon, ieu gambar naon. Inget we, mimiti pisan bisa maca teh, ngantetkeun aksara dina cangkang odol merek Holdent, warnana beureum. Teuing aya keneh teuing henteu tah odol merek eta teh ayeuna mah. Ti dinya mimiti bisa maca buku, majalah, buku-buku palajaran sakola (pun bapa ngawulang di SD, jadi ari buku palajaran mah balatak) jsb. Matakna, umur 6 taun teh geus bisa maca Mangle, najan bari jeung teu kaharti sawareh oge. Bisa maca jeung resep maca istuning euweuh nu maksa nitah.
 
Tapi teu ngaleuleungit ketang. Pun bapa almarhum pernah muka taman bacaan leuleutikan keur nambah-nambah resiko dapur. Eusina rupa-rupa. Ti mimiti komik silat (jaman komik-komik RA Kosasih, Jan Mintaraga, Ganes TH, Man, Djair, Abuy Ravana jrrd), komik barudak (diantarana adaptasi carita HC Andersen), carita-carita koboy (terjemahan), petualangan Karl May (Winnetou, Old Shatterhand), buku-buku sastra (Tenggelamnya Kapal Van Der Wijk, Salah Asuhan, Salah Pilih, jrrd), nepi ka buku-buku carita silat Sunda karangan S. Sukandar, Ki Masram, Wahyu Adam, K. Sukarna jrrd. Sok atoh pisan mun dititah tunggu teh da bisa maca saseubeuhna. Najan dipeupeujeuhan ulah waka maca buku-buku jang kolot, tapi ku sabab buku bacaan jang budak geus kabaca kabeh, angger we sok susulumputan. Nu matak jaman SD keneh oge kuring geus nyaho saha ngaran asli Si Buta dari Gua Hantu, saha ari Old Shatterhand, Old Firehand, Winnetou, Hanafi, Mang Pi’i, Kinong, Kartaran, Jaka Sembung, Si Buntung Jago Tutugan, Gumilar, Nini Bo’ol Kerod, Mandala jeung sajabana.
 
Memang teu ngabibisani, alam baheula beda jeung alam ayeuna. Baheula mah teu loba teuing ‘gogoda’ nu ngahalangan minat baca. TV can mahabu jiga ayeuna. Nu boga TV masih bisa diitung ku ramo. Can usum PlayStation deuih. Hartina, waktu jang maca can kaganggu ku hayang lalajo TV, maen PS, atawa gogoda sejenna. Maca dina mangsa harita jadi hiburan murah meriah. Matak teu aneh mun loba nu boga pamadegan yen salah sahiji sabab moyodokna minat baca teh gara-gara loba media hiburan non-baca (lalajoaneun, kaulinan jsb), sok sanajan ieu pamadegan teh can tangtu 100% bener. Buktina, alo-alo kuring, nu hirup dina jaman kiwari, kabehanana bareuki maca. Aya aturan rek dahar, geus nyiuk sangu kana piring, nguliyeng heula neangan buku atawa naon bae nu bisa dibaca bari dahar. Majarkeun teh ‘rencang sangu’ cenah.
 
Lamun nilik bacaan jaman kiwari, kadang-kadang sok ngarasa sirik. Buku ngaleuya di mana-mana. Dapon boga duit, moal kakurangan bacaeun (sanajan keur sakuringeun, memang masalahna teh angger ti baheula tepi ka ayeuna, teu boga duit keur meulina). Rek majalah, koran, tabloid, buku, tinggal milih sakahayang. Mun hayang nu hargana rada ‘miring’, neangan we di Palasari atawa Bursa Buku di Suci (aya keneh kitu?). Ari buku-buku urut mah biasana neangan di Cikapundung. Hargana murah pisan (ngaranna ge buku loak), tapi mun kabeneran, bisa meunang buku-buku langka nu geus teu terbit deui.
 
***

Ngaranna ge abad informasi. Pagaliwotana rupa-rupa beja, naha dina wangun tulisan, gambar atawa sora geus teu bisa dibendung. Ku kamajuan teknologi, buku nu ‘beredar’ teh sihoreng lain ngan ukur buku biasa anu bahanna tina keretas. Aya oge buku anu disebut e-book pondokna tina electronic book alias buku elektronik atawa buku digital. Ieu mah memang lain buku nu bisa dijingjing kamana-mana (kecuali dina laptop, disket, flash disk, CD, PDA, atawa media elektronik sejenna), sabab saenyana ngan ukur mangrupa data elektronik. Macana oge make media husus, diantarana komputer (bisa PC/laptop) atawa PDA. Lian ti eta, jenis e-book oge rupa-rupa, gumantung kana software nu dipake nyieunna. Aya nu bentukna .exe, chm, .pdf,  .pdb, .lit, jeung sajabana. Lamun file e-book teh bentukna .exe, pasti bisa dibaca dina komputer mana wae, asal make operating system Windows. Tinggal klik, langsung bisa dibaca dina layar. Tapi lian ti eta mah biasana kudu make software husus, upamana Adobe Reader, Palm/PDB Reader, Microsoft Reader jsb.
Beda jeung file MS Word, upamana, ebook mah bisa di-protect sangkan teu bisa diutak-atik ku nu maca, bari tetep bisa dibaca. Ieu teh lantaran ebook dijieunna make software husus. Jadi kaaslian naskah kajamin, leuwih aman ti batan buku konvensional (buku tina keretas). Ampir sagala widang bisa dipidangkeun dina wangun ebook. Teknologi, budaya, pulitik, ekonomi, sosial, nepi ka hiburan (upamana bae novel atawa carpon), bisa - jeung geus kacida lobana - nu dijieun dina wangun ebook. Ebook, minangka salah sahiji bentuk atawa sarana nyebarna elmu jeung informasi, geus jadi kabutuhan, utamana pikeun nu geus wanoh jeung dunya internet. Kondisi saperti kieu teh nyababkeun sawatara penerbit buku ‘konvensional’, utamana di nagara-nagara maju, ngarasa hariwang. Maranehanana ngarasa sieun karebut alas.
 
Padahal, sabenerna mah teu perlu hariwang-hariwang teuing, da jelema teh rupa-rupa pangaresep. Komo di Indonesia mah, sabab mun dibandingkeun jeung jumlah penduduk, masih kacida saeutikna jelema nu wanoh jeung media nu ngaranna ebook. Akses internet nu mahal, kualitas telepon anu lambat tur teu stabil (mindeng pareum, gangguan, jsb), sarana pendukung (contona warnet) nu jajauheun kana walatra, mangrupa sawatara hal anu ngahambat popularitas ebook di urang.
 
Nepi ka danget ieu, ebook nu ngaleuya di internet masih didominasi ku ebook nu make basa Inggris. Sabenerna geus mimiti aya ebook nu make basa Indonesia, tapi perbandinganana masih ‘jauh tanah ka langit’. Mun rek neangan ebook basa Indonesia, cobaan di http://bukubagus.multiservers.com atawa situs sejenna anu pabalatak di internet.  Kumaha ari ebook basa Sunda? Berekah, nepi ka ayeuna can kungsi manggihan. Tuh pan, geus katinggaleun deui wae. Na kamarana atuh urang Sunda teh nya?
 
Kacipta, dina hiji mangsa mah, teuing iraha, urang Sunda teh bisa reueus silih tukeuran ebook basa Sunda di internet. Mangkaning internet mah bisa diakses ti sakuliah dunya. Jaba naskah-naskah Sunda nu geus ditulis teh moal leungit, moal rikes, moal saroek, moal ku ngenget, pasti aman salilana. Bisa kabaca ku anak, incu, buyut, bao janggawareng, udeg-udeg, gantung siwur, jst. Tapi, iraha nya?

No comments: