Tuesday, June 20, 2006

SESENYUMAN

Basa teh ciciren atawa identitas bangsa. Klise, tapi da memang kitu kanyataanana. Dengekeun obrolan jelema dina angkot, upamana. Ku ngadenge ngobrolna oge biasana bakal kateguh asal muasalna hiji jelema. Mun nu ngobrolna patorong-torong jiga nu pasea, biasana urang Batak. Nu bebeledugan karandel, eta mah pasti Jawa. Nu make sora sopran (nada dasarna luhur) biasana Ambon, jeung sajabana. Mun nu was wis wes, eta mah jigana bule, atawa bisa jadi nu keur mapatkeun ajian. Lamun nu utah? Eta mah pasti nu mabok! Najan teu mutlak, ieu teh bisa dijieun lilinggeran dina neguh lembur banjar karang pamidangan tina obrolan saliwat. Kumaha ari urang Sunda? Geus kawentar ti baheula, urang Sunda mah marahmay bear budi. Mun ngobrol teu weleh dibarungan ku seuri, lain seuri nyakakak, tapi seuri pinuh ku rasa hormat atawa rasa duduluran. Bisi teu percaya mah tengetan we ku sorangan, kumaha ari urang Sunda ngobrol. Bener pan?
Ngan wayahna ayeuna mah rada hese ngadengekeun urang Sunda ngobrol make basa Sunda nu “bener”, puguh undak usukna, puguh entep seureuhna. Komo di kota-kota gede (najan masih di tatar Sunda), dalah di kota leutik ge basa Sundana teh geus rada pabaliut. Nya ari ku kolot mah asana masih diparake (najan teu kabeh) basa Sunda nu bener-bener basa Sunda teh. Ngan palebah barudak, duka teuing ku naon, basana teh bet asa ngacapruk. Basa Sunda direumbeuy ku basa ‘malayu’ jakartaan, atawa sabalikna basa malayu jakartaan direumbeuy ku basa Sunda, jadi alat komunikasi sapopoe di antara maranehanana. Nya kitu lah, basa ‘elu-gua’ tapi masih keneh aya kecap ‘nyingcet, noong’ jsb.
Untung keur nu hirup di pasisian. Budaya jeung basa Sunda can pati loba kapangaruhan ku budaya jeung basa sejen. Lain euweuh, ngan teu sabaraha lamun dibandingkeun jeung di kota. Mun barudak di kampung keur arulin, heg aya salasaurang nu rada gaya ngomong make basa Indonesia nurutan dina sinetron, pan sok diparoyokan. Majarkeun teh, “Adeueuh...., gaya si eta, mani mamalayuan.” Atuh lempes tah budak teh dikitukeun ku babaturanana mah.
Ari di kota mah lain deui. Barudak leutik nepi ka barudak gede lolobana nyarita make basa Indonesia jeung babaturanana. Kaharti kituna mah. Nu jadi pangeusi kota teh lain urang Sunda wungkul, tapi ampir unggal seler nu aya di Indonesia tumplek di dinya. Batak, Ambon, Jawa, jsb. Hiji-hijina cara pikeun ngawangun komunikasi jeung maranehna, nya ngagunakeun basa nu dipiwanoh ku sarerea, basa Indonesia. Teu masalah sabenerna mah, da rek dikumahakeun deui atuh. Ngan nu jadi masalah teh upama (barudak) urang Sunda teu bisa nyarita make basa Sunda, padahal nya maranehna pisan sirung generasi manusa Sunda nu bakal datang teh. Ku naon pangna loba nu teu bisa? Singhoreng loba nu memang teu dipapatahan tur teu dibiasakeun nyarita make basa Sunda ku kolotna, minimal di lingkungan keluargana sorangan.
Kungsi boga tatangga di komplek, beunghar. Salakina urang Garut, pamajikanana pituin urang Bandung. Duanana ge mun ngobrol jeung kuring pasti make basa Sunda. Ngan palebah nyarita jeung anakna, aneh bin ajaib, bet make basa Indonesia. Naha nya? Pedah beunghar kitu? Padahal da najan nyarita make basa Sunda ge, moal ngadak-ngadak jadi miskin pan. Lieur ah..
Ku naon atuh basa Sunda teh bet ditaringgalkeun ku urang Sundana sorangan? Aya sababaraha sabab, diantarana:
1. Loba nu ngarasa turun gengsi lamun nyarita ku basa Sunda. Kadang-kadang kolotna mah komunikasi make basa Sunda, tapi anak-anakna teu dipapatahan nyarita make basa Sunda. Duka ku naon tah. Naha ieu teh alatan handap asorna urang Sunda, nepi ka lila-lila nimbulkeun perasaan rendah diri (inferiority complex) lamun geus adu hareupan jeung seler sejen? Atawa aya deui sabab lian ti eta?
2. Lamun ditengetan, beuki luhur strata sosial (baca: beuki beunghar) urang Sunda, beuki gede kamungkinan ngagunakeun basa non-Sunda (biasana basa Indonesia) dina gunem catur sapopoe di lingkungan kulawargana. Tangtu teu kabeh, tapi kalolobaanana saperti kitu.
3. Akulturasi jeung seler sejen, utamana di kota gede anu notabene lain urang Sunda wungkul, nimbulkeun masalah komunikasi upama urang maksa ngagunakeun basa Sunda. Jalan tengahna, nya ngagunakeun basa Indonesia. Lila-lila, mungkin wae teu ngahaja, basa Indonesia lain ngan ukur dipake komunikasi jeung seler sejen, tapi oge jeung sasama urang Sunda.
4. Kurangna jam pelajaran basa Sunda di sakola, padahal lingkungan keluarga jeung masarakat (Sunda) geus teu kondusif deui dina ngahangkeutkeun kamampuh ngagunakeun basa Sunda.
5. Kurangna guru-guru di tingkat pendidikan dasar jeung menengah anu bener-bener ngawasa basa Sunda.
Lima poin ieu, kabehanana oge ngan ukur opini, lain hasil panalungtikan nu nyosok jero, tapi hasil nengetan sabengbatan anu tangtu bae bisa bener bisa salah, rumasa lain pakar basa Sunda. Anggap we ieu mah katineung ti pituin urang Sunda, nu digedekeun di lingkungan Sunda, sok sanajan lain lulusan sastra Sunda.
***
Hiji mangsa tumpak angkot ka Dagokeun. Kosong, tapi teu lila burudul barudak SMA naek saabrulan, awewe wungkul. Rame tah na angkot teh ngarobrol papada baturna.
"Eh, tau nggak, si Zaky itu orangnya bodor yah?"
"Heeh, gue juga juga kalo ngobrol 'ma dia pasti 'sesenyuman' terus, abis ngocol banget sih," baturna ngahaminan.
"Tapi udah pada tau blom? Gue kemaren dianterin si Zaky," budak awewe nu rada centil mairan.
"Sumpe lo? Dianterin sampe rumah?" Budak geulis nu make kacamata jiga nu panasaran.
"Nggak, dianterin 'semet' gang. Mobilnya kan 'gak bisa masuk," si centil nembalan bari uman imen.
Kuring ngahuleng. Bodor? Sesenyuman? Semet gang? Barudak, urang Sunda di ibukota tatar Pasundan, jongjon guntreng dina dunya maranehanana, make basa gado-gado. Aya kahariwang, tapi da lain salah maranehanana. Lila-lila kuring bet kalah pipilueun ‘sesenyuman’, kapiasem.

No comments: