Thursday, January 24, 2008

NGARAH CALAWAK

Asa kakara ngajaran nganjang ka parawan tanpa aya halanganana. Asa tara-tara, ngadak-ngadak, sabab saacanna mah kadang-kadang rada gagabah. Maksadna, tara tatanya saacanna naha sang parawan kacangcang manah ka jajaka gandang atawa tacan. Pan salah-salah, matak mamala tah!
 
Sang parawan ngaranna Anah, anak Mang Karta panyawah Babah Can. Najan sakadar anak panyawah, Anah gandang taya papadana. Awakna rada panjang, rarayna matak nahnay jajaka mata karanjang. Balatak jajaka nyaah ka Anah, hayang nganjang, hayang nyangcang. Hanjakal Anah narah, sabab hayangna ngan ka kang Jaja, jajaka bala dadana, malah bala saawak-awak, ngan hanjakal na mastakana mah rada carang.
 
Anah nyaah ka Kang Jaja, Kang Jaja nyaah ka Anah. Pas. Matakna, saban Ahad Kang Jaja nganjang ka Anah. Basana ngarah tambah nyaah. Padahal nyatana mah hayang nyabak ... tangkal kalapa na pakarangan Mang Karta. Naha? Sabab na tangkal kalapana aya Anah :-)
 
Basa Kang Jaja nganjang tanggal salapan Sawal, Anah kasampak rada balangah, kawas aya masalah na manahna. Panasaran, Kang Jaja nanya, "Naha kawas aya masalah, Nah? Katarana balangah.."
 
"Ah, taya masalah Kang.." Anah narah.
 
"Wah, Akang mah cangcaya.. Balaka lah ka Akang mah, ngarah janglar kana manah," Kang Jaja maksa.
 
"Abah Kang.." Anah kapaksa balaka.
 
"Abah? Naha Abah?"
 
"Abah maksa Anah sangkan nampa panglamar Jang Amat anak bandar kalapa, balatak hartana. Padahal anak Jang Amat aya kana dalapanna, katambah-tambah raray Jang Amat mah kawas panakawan. Jaba balatak randa anyar gara-gara Jang Amat kawas jalma sawan, saban parawan hayang kaasaan. Anah narah, ngan Abah kalahka amarah. Anah kapaksa nampa panglamarna..."
 
Kang Jaja rarayna rada asak, nahan amarah. Hanjakal ngadadak taya tangan pangawasa, sabab Kang Jaja aya panyawat asma. Hayangna ngawakwak, ngan awakna ngadadak nahnay. Kalahka nyangsaya na tangkal kalapa.
 
Anah calangap, ngarasa salah.
 
Kang Jaja katarajang asma. Kahayangna napas, malah calawak. Manahna mah ngagantawang, nyasalah ka Abah, ka Jang Amat, ka Anah. Taya bayana, tamaha kasawat asma, katambah jalma sangsara. Kapaksa pasrah. Dadah Anaaahhh...!
 
Cag ah. 

Sunday, January 13, 2008

eBook 700 Paribasa Sunda

Sabaraha persen urang Sunda nu wawuh keneh kana paribasa Sunda? Duka ari persen-persenna mah tah. Ngan nu jelas, pasti saeutik, utamana ti kalangan generasi ngora. Tapi ieu teh memang lain salah maranehanana.
 
Loba faktor nu ngalantarankeunana. Di sakola, waktu pangajaran basa Sunda beuki samporet. Di imah, loba kolot anu kalah ngajak nyarita ka anak-anakna make basa Indonesia, najan duanana pituin urang Sunda. Di luar imah mah geus puguh deui. Media basa Sunda (majalah Sunda) asana teh jiga nu aranteng sorangan, sibuk dina dunyana sorangan. Dunya pangarang Sunda, dunya 'seniman' Sunda, bari siga nu tara ngalieuk ka sisi ka gigir. Deukeut-deukeut kana masturbasi intelektual. Hayoh we pabeulit tur ulukutek dina lingkungan anu kacida heureutna. Buku-buku basa Sunda di toko buku arang aya nu meuli. Padahal urang Sunda teh mayoritas di Jawa Barat mah. Aneh pan?
 
Nu matak ulah kaget lamun budak hulang-huleng teu ngarti basa Sunda. Sok komo deui mun kudu ngajawab patalekan-patalekan saperti: Nu kumaha ari nulungan anjing kadempet? Naon ari disakompetdaunkeun? Jiga kumaha ari jelema nu ngabudi ucing?
 
Aya nu nyebutkeun, jamanna ge cenah geus beda, geus robah. Naha mun jaman geus robah hartina kudu cicing wae? Euweuh guam pikeun ngungkulanana? Nu palinter jiga nu teu paduli. Tapi, nu pinter mah memang kudu kitu meureun nya :-)
 
eBook 700 Paribasa Sunda
 
Ah, tibatan ngomongkeun batur bari jeung sarua cicing mah, kateuteuari. Najan kuring teu pinter, lain inohong, lain pangarang, lain budayawan, lain seniman, lain si utu si eta, asa taya salahna mun pipilueun mikanyaah basa jeung budaya Sunda. Mun tea mah ieu meunang dianggap katineung kana basa Sunda, nyanggakeun tah ebook 700 paribasa Sunda. Nu nulisna lain kuring, tapi yasana Bapa R. Maskar Gandasudirdja. Ieu mah itung-itung milu nyebarkeun elmu, bisi aya nu teu acan gaduh.
 

Thursday, January 03, 2008

Ka Jogja

Geus welasan taun asana mah teu nincak kota Jogja. Lain sibuk-sibuk teuing, pangpangna mah teu boga duit :-) Matak basa ki Lanceuk ngajak ka ditu, kabita oge. Ngan eta rada hemar-hemir teh pagawean keur rada numpuk. Tapi mun teu daek, iraha deui atuh? Nya ahirna mah daek we, meungpeung aya nu ngongkosan pangpangna mah..
 
Beuki nambahan umur mah beuki karasa cape indit-inditan jauh teh. Beda jeung 'jaman keur ngora', asa tara karasa cape. Ma'lum tanaga geus beuki suda, kawantu geus lila tara indit-inditan jauh. Datang ka panginepan, nu pangheulana teh hayang mandi. Tujuh jam lalakon memang lain perkara edel-edel, awak asa paregel. Komo supir meureun nya?
 
Mandi, dahar, ni'mat geuning. Orokaya, teu sawatara lila geus mimiti merelek heuay. Jurig tunduh geus teu kaampeuh, ngaguher di kamar nepi ka wanci subuh...
 
Nganjang ka Jogja mah, pasti nu dituju moal jauh ti Borobudur, karaton jeung sabudeureunana. Barudak biasana hayang ka Gembiraloka. Rarasaan, kayaanana teu jauh beda ti barang kuring panungtungan nganjang ka kota Gudeg. Nu rada beda teh, eta tukang dagang asong asa beuki ngalobaan jeung beuki 'agresif'. Matak bosen gideung jeung engab nyebut 'nggak!' Bakat ku pusing mah, tungtungna ditembalan ku basa Sunda, "Pan cek aing ge moal titadi ge!" Tapi ngomongna bari seuri, sieun ngartieun, der keh ditumbuk!
 
Jadi 'turis' lokal
 
 
Balik ti Borobudur, pun lanceuk keukeuh ngajak neangan Saung Makan Bu Empat. Panasaran cenah, maca dina majalah. Bu Empat teh geureuhana Pa Ajip Rosjidi nu kiwari nganjrek di Yogyakarta.
 
Ku diteangan mah teu burung kapanggih, di wewengkon Pabelan nu hawana tiis. Pas jonghok sareng Bu Empatna pisan. Barang terangeun yen nu nyerbu teh urang Sunda tulen, anjeunna jadi leuwih galehgeh. Pa Ajip kaleresan nuju tuang di saung nu memang disadiakeun pikeun tempat tamu dalahar.
 
Sareng Pa Ajip
 
Tempatna asri tur tumaninah. Tempat dahar diwangun ku saung-saung tina awi. Di tukangeun saung-saung aya susukan leutik herang ngagenyas. Numutkeun Bu Empat, eta teh asalna tina cinyusu nu aya di kebon kagunganana. Di tukangeun tempat dahar, aya kebon salak pondoh, beh dituna tambak udang. Pansiun tina janten dosen di Osaka Jepang, Pa Ajip kalih garwana milih bumetah di Yogyakarta. Basa ditanyakeun ku naon henteu milih di wewengkon Pasundan, Bu Empat kalah gumujeng. "Ah, tos nasib we panginten," saurna.
 
Bari ngahanca udang bakar bumbu madu, ngobrol ngaler ngidul. Resep ari papanggih jeung sasama urang Sunda di lembur batur. Ongkoh Pa Ajip estu teu jiga-jiga budayawan moyan, angger darehdeh nyanghareupan kuring nu 'lain nanaon'. Kira-kira tabuh lima sore kuring saparakanca pamitan. Apaleun yen kuring jeung ki lanceuk sok resep maca tulisan-tilisan anjeunna, Pa Ajip mekelan majalah Cupumanik tilu eksemplar. Ari Bu Empat mah mekelan salak pondoh nu amis tea mani sakantong gede.
 
Cek babasan, balakatiktrik balakacomrang, beuteung mutiktrik, berekat meunang :-)