Sunday, January 13, 2008

eBook 700 Paribasa Sunda

Sabaraha persen urang Sunda nu wawuh keneh kana paribasa Sunda? Duka ari persen-persenna mah tah. Ngan nu jelas, pasti saeutik, utamana ti kalangan generasi ngora. Tapi ieu teh memang lain salah maranehanana.
 
Loba faktor nu ngalantarankeunana. Di sakola, waktu pangajaran basa Sunda beuki samporet. Di imah, loba kolot anu kalah ngajak nyarita ka anak-anakna make basa Indonesia, najan duanana pituin urang Sunda. Di luar imah mah geus puguh deui. Media basa Sunda (majalah Sunda) asana teh jiga nu aranteng sorangan, sibuk dina dunyana sorangan. Dunya pangarang Sunda, dunya 'seniman' Sunda, bari siga nu tara ngalieuk ka sisi ka gigir. Deukeut-deukeut kana masturbasi intelektual. Hayoh we pabeulit tur ulukutek dina lingkungan anu kacida heureutna. Buku-buku basa Sunda di toko buku arang aya nu meuli. Padahal urang Sunda teh mayoritas di Jawa Barat mah. Aneh pan?
 
Nu matak ulah kaget lamun budak hulang-huleng teu ngarti basa Sunda. Sok komo deui mun kudu ngajawab patalekan-patalekan saperti: Nu kumaha ari nulungan anjing kadempet? Naon ari disakompetdaunkeun? Jiga kumaha ari jelema nu ngabudi ucing?
 
Aya nu nyebutkeun, jamanna ge cenah geus beda, geus robah. Naha mun jaman geus robah hartina kudu cicing wae? Euweuh guam pikeun ngungkulanana? Nu palinter jiga nu teu paduli. Tapi, nu pinter mah memang kudu kitu meureun nya :-)
 
eBook 700 Paribasa Sunda
 
Ah, tibatan ngomongkeun batur bari jeung sarua cicing mah, kateuteuari. Najan kuring teu pinter, lain inohong, lain pangarang, lain budayawan, lain seniman, lain si utu si eta, asa taya salahna mun pipilueun mikanyaah basa jeung budaya Sunda. Mun tea mah ieu meunang dianggap katineung kana basa Sunda, nyanggakeun tah ebook 700 paribasa Sunda. Nu nulisna lain kuring, tapi yasana Bapa R. Maskar Gandasudirdja. Ieu mah itung-itung milu nyebarkeun elmu, bisi aya nu teu acan gaduh.
 

12 comments:

ARMAN said...

Hatur Nuhun,
Saya download peribahasa sunda dan arulin di pilemburan untuk anak saya
sekali lagi hatur nuhun

Anonymous said...

Sami-sami, Kang Arman, mugia sing janten mangpaat.

Anonymous said...

Hatur nuhun kang, diantawis persen2 eta abdi salah sawiosna hehe, duh jajauheun tina pangabisa atuh da...nuju diajar kapungkur tara diregepkeun :(

Anonymous said...

He..he..sami atuh Liez. Eta mah ngarah gaya we, sugan atuh nu palinter teh kareuheuleun, janten kalersa 'turun gunung', ulah mung saribuk nyalira. Pan urang nu untung tah pami kitu mah :-)

Anonymous said...

alhamdulillah, tiasa pendak sareng blog ieu.
Lereus pisan, mangga urang ngamumule ki sunda sakamampu urang sewang-sewangan.
Mugi-mugi kahoyong sareng cita-cita urang diijabah ku Gusti nu Maha Suci. Amin

Anonymous said...

Amiin, Kang Tony. Memang kitu kedahna. Pami teu ku urang, bade ku saha deui atuh nya?

Anonymous said...

Salam Ti Perhimpunan Mahasiswa Bandung ...tea lah

Anonymous said...

salam kenal,
nyuhunkeun widi, nge-link blog ieu
hatur nuhun

Anonymous said...

Mangga Kang :-)

arsdc said...

Ngiring Nyedotan ibuk didieu ah. Geuningan didieu ge seueur ibuk

Rudi said...

Nuhun ah file sharing-na.

hilman susila said...

hatur nuhun, bade mipit amit, keur ngatik diri jeung barudak...insya allah manpaat