Saturday, April 12, 2008

Pilkadal

Pemilihan kadal? Pemilihan para kadal? Ah duka teh teuing. Ngan cenah tanggal 13 April 2008 aya pemilihan kadal, eh..gubernur Jawa Barat. Cek beja, pilkadal teh hartina pemilihan kepala daerah langsung. Enya langsung dicolok kitu meureun. Pan baheula mah tara make kudu ripuh kudu milih gubernur sagala. Nyaho-nyaho geus aya we. Cek kuring, pilkadal teh angger we pemilihan kadal!
 
Ti saprak aya otonomi daerah, jadi loba pisan acara. Bupati, kudu dipilih langsung. Gubernur, presiden, nyakitu keneh. Baheula mah pan nu dipilih langsung teh mun milih RT, RW, jeung milih kuwu wungkul. Ari ayeuna jadi nambahan pagawean teh. Teu sirikna unggal pamingpin kudu dipilih langsung, kudu dicoblos.
 
Leuwih demokratis. Kitu pamanggih sawatara pihak. Enya kitu? Tah lebah dinya oge kuring teu nyaho. Ngan nu jelas mah, nambahan biaya! Pan ari pemilihan teh kudu make duit: nyiapkeun sarana prasarana, sistem, sarta sarupaning bubuk leutik anu daek teu daek kudu diayakeun. Keretas jang nyoblos, kotak jang tempat hasil nyoblos, buruh nu digarawe, biaya nyitak, jeung rea-rea deui.
 
Eta teh nu kacipta wungkul ku kuring. Dina kanyataanana pasti leuwih loba deui hal-hal anu perlu biaya. Tah, ari duitna ti mana? Tangtu wae duit ti ra'yat. Jadi duit urang sarerea. Keun we, pan sagala nu dilakukeun ku para pamingpin oge jang kapentingan ra'yat. Kitu dongengna mah. Kitu idealna.
 
Tapiii.. kadang-kadang cita-cita teh sok geseh jeung kanyataan. Dina emprona, loba pisan hal-hal anu nyalenggor tina kamistian. Duit atawa anggaran anu kuduna dipake A, kalah dipake B. Acan lamun si duitna teh dikurud, diteangan paleuleuwihna. Mun teu kitu, biayana digedean tinu sakuduna. Mun anggaran keretas upamana cukup ku duit 20 juta, der ditulisna 50 juta. Ka mana anu 30 juta? Leungit!
 
Lian ti nambahan celah jang korupsi, mindengna 'pesta demokrasi' oge cek kuring mah nambahan momot anu kudu ditanggung ku nagara. Mun baheula nu ngaranna pamilihan cukup ku lima taun sakali, ayeuna mah jadi leuwih kerep. Anu scope-na nasional wae pan dua kali: pemilihan legislatif jeung pemilihan presiden. Acan anu ruang lingkupna daerah. Mangga etang, pisabarahaeun teuing biayana.
 
Cek kuring ieu mah, tibatan duit dipake ngayakeun pemilihan nu hasilna kitu-kitu keneh, mending oge dipake meuli beas jang warga nu kalaparan. Teu kudu reueus mun Indonesia disebut-sebut minangka nagara demokratis, ari nu maot alatan kalaparan di ditu di dieu, nu nganggur balatak, nu miskin ngaleuya, nu korupsi mahabu. Na teu era, ari hayang disebut nagara demokratis, adil ma'mur, bari jeung loba keneh jalma nu kalaparan?
 
Gubernur, cek kuring mah asa can perlu dipilih langsung. Naon sababna? Fungsi gubernur mah leuwih nyoko kana soal koordinasi sakaligus 'kepanjangan tangan' pemerintah pusat. Masing gubernur gogorowokan ka unggal bupati di wilayahna sangkan biaya sakola gratis upamana, tetep we kaputusan mah aya dina leungeun bupati. Pan otonomi daerah tea. Gubernur moal bisa maksa bupati, sabab euweuh dasar hukumna.
 
Jadi? Rek dipilih langsung atawa ditunjuk, fungsi gubernur mah kitu-kitu keneh. Nu matak, cek kuring mah pemilihan gubernur langsung teh ngan ukur ngamonyah-monyah biaya, nambah-nambah kariweuh, jeung nyieun lolongkrang pikeun nu boga niat korupsi. Enya, pan loba proyek dadakan.
 
Kumaha atuh tanggal 13, rek nyoblos moal? Eta mah teu langkung. Bade nyoblos mangga, moal bae teu sawios-wios. Ngan kuring mah moal. Naha? Ah teu parurun we. Ongkoh pan milih mah hak, lain kawajiban. Mending keneh nganggeuskeun terjemahan nu geus lila kaboler gara-gara asam urat :-)