Tuesday, August 29, 2006

Pundungan

Ku kolot sok dipapatahan, ulah sok pundungan cenah. Goreng kalakuan kitu teh. Matak ngajauhkeun rejeki. Di sakola, ku bapa kalih ibu guru oge kitu dipapatahan teh. Pundungan, belikan, delitan, hartina eta-eta keneh. Kabehanana oge sipat anu dipahing, sabab mangrupa sipat anu leuwih loba madorotna ti batan mangpaatna.
 
Jaman keur SD sok kapeto nyanyi anggana sekar. Nyanyi solo tea mun ceuk basa legegna mah. Kapake, da di sakola teh tara nitah sasaha deui. Teuing bakating ku alus, teuing pedah euweuh deui. Pokona mah matak sumanget we ka kuringna. Padahal da teu diburuhan ieuh eta teh. Paling lamun diadu antar sakola heg kabeneran meunang, hadiahna teu pira, biasana ukur buku tulis 'Letjes' sapuluh siki. Tapi da kabungah mah teu salawasna diukur ku materi. Aya kareueus nu mandiri mun kabisa urang diajenan, najan ukur ku omongan cek paribasana.
 
Nincak SMP, mimiti loba pamolah. Ngamen. Ngabring jeung babaturan. Kuring maen gitar bari nyanyi. Nu sejen ngilu keprok. Asa reueus teh mun ditanggap nepi ka anggeus. Asa diajenan, najan mere duitna saeutik. Pasti teu salawasna kitu. Kadng-kadang nepi ka lagu anggeus euweuh nu nolol-nolol acan. Mun kaluar-kaluar atuh ti imah, pek ngomong, "Laguna raoseun, tapi punten nya nuju teu gaduh artos." Ngeunah kadengena, ngeunah kana hate. Cek paribasa ge, hade ku basa, goreng ku basa. Nu ruaban mah beda deui. Kakara ge engab rek nyanyi, geus dipiheulaan,"Persaben!" cenah, disaruakeun jeung kanu jajaluk. Padahal mah matak naon dengekeun we tepi ka anggeus. Daek sumpah, teu dibayar ge teu nanaon, da niatna ge lain rek jajaluk. Dibere sukur, teu dibere kajeun. Nu penting mah nyanyi.
 
Kungsi aya bejana ka kolot, kuring sok ngamen. Diseukseukan. "Pan ngarah teu pundungan," ngan sakitu nembal teh. Kadieunakeun sok rajeun tulas-tulis, gumbur-gambar. Sok dikirimkeun ka koran lokal. Honorna ukur rerebuan tapi babasaanana matak genah kana hate. "Terus berkarya, ya.." Pernah honorna telat, pek ditanyakeun. Singhoreng pohoeun meureun, da teu lila terus dikirim, bari menta dihampura. Dihapunten pisan Kang, pan hade ku basa, goreng ku basa.
 
Kamari kamari mimiti resep deui nulis. Dikirim via email, ngarah teu renced jeung teu kudu kaluar ti imah. Sababaraha kali dimuat, tapi teu dibayar. Ku kitu-kitu teu nanaon ari euweuh mah. Ngan estuning teu basa-basa acan. Ditanyakeun kalah ngabigeu. Na bet jiga kanu jajaluk nya? Ditanyakeun ge pantes da eta mah hak kuring. Kahayang teh pek ngomong sing bener ari moal dibayar mah. Pan ka kuringna ge genah, asa diajenan. Ieu mah dianggap angin pisan. Deudeuh teuing media basa Sunda, nepi ka kituna. Geuning lalampahanana teh teu saeutik-eutik acan nembongkeun sikep urang Sunda nu someah, nu tara ngajeblug :-)...
 
Ti harita teu hayang deui kuram-kirim ka dinya. Nulis mah nulis we, di mamana ge bisa. Mending di dieu we, dina blog nu sorangan. Aya nu maca nuhun, euweuh nu maca kajeun. Dina media citak, dina blog, sarua we teu dibayar.. Jadi mending dina blog. Pundung? Meureun..

Wednesday, August 23, 2006

Paporit Siah Enjin

Saleresna mah rada kaleuleuwihi mun Favourite Search Engine diunikeun Paporit Siah Enjin atawa Paporit Seuc Enjin, sabab ceuk beja mah letah urang Sunda teh pang fleksibelna mun dibanding seler sejen. Tapi ku sabab loba nu teu pede (jigana), nya urang urang 'sundakeun' we atuh nya!

Tah ieu dua di antara Seuc Enjin anu kacida populerna di urang.


Tata Creative Design


Tata Creative Design

Friday, August 18, 2006

Software Panggebah Koruptor

Lamun nengetan kaayaan nagara mangsa kiwari, asa euweuh euih-euihna. Ti taun ka taun teh angger we loba..koruptor. Kuduna mah pan loba duit nya? Ari ieu bet kalah loba bangsat duit! Nu korupsi tea atuh, lain saeutik-saeutik. Lain pangaji saratus dua ratus rewu,  tapi nepi ka ratusan milyar. Padahal pan duit nu digarong teh jang kapentingan balarea. Ari ieu kalah hayoh dipake poya-poya roroyalan, dipake kapentingan pribadi.
 
Sakapeung sok pusing, cacakan ukur ngabandungan beja eta teh. Komo jigana mun kapapancenan ngaberantas korupsi, kacipta asa bejad sirah meureun. Tah, tibatan murukusunu sorangan, tamba kesel uprak-oprek nyieun kaulinan. Canggih mah henteu. Tapi sugan we jadi panggeuing keur nu kakara niat atawa oge nu geus 'hatam' jadi koruptor. Bisa dipasang di komputer kantor, utamana nu di kantorna loba beurit nu marake dasi.
 
Bilih aya nu peryogi kanggo ngagebahan koruptor di kantor atanapi di mana bae, mangga diundeur di dieu. Haratis!!
 
buku bagus® eBook

Wednesday, August 16, 2006

Blogger 'bungbu' weuteuh!!

Horee... blogger versi anyar, ahirna mucunghul oge. Tanggal 14 Agustus 2006 nak, Blogger in Beta dirilis. Ku sabab ngaranna ge versi beta, tangtu masih tacan sampurna sarta terus diutak-atik sangkan nepi kana tahap nyugemakeun. Dibanding versi ti heula, aya sababaraha fitur anyar diantarana wae:

- Posting bisa dikelompokkeun ngagunakeun fitur label (mirip categories dina WordPress)

- Urang bisa nangtukeun saha wae nu meunang maca blog urang

- Ngarobah jengglengan katut eusi blog teu kudu ngutak-ngatik HTML, tapi cukup ku ngagunakeun beubeuritan (mouse).

Mun geus teu sabar hayang nyobaan fitur anyar, wayahna kudu nyieun account anyar di dieu, sabab account nu baheula mah can bisa otomatis pindah kanu versi beta. Najan kitu, nurutkeun pihak Blogger, ka hareupna mah, kabeh ge bakal otomatis bisa pindah kana versi anyar. Ngan jigana mah rada lila keneh.

Bisi panasaran hoyong ningali tampilan blog nu ngagunakeun versi beta, mangga
klik di dieu. Wilujeng ngaraosan!!

Monday, August 14, 2006

Semara

Pasti bingung pan? Naon ari semara? Basa naon eta teh? Smara atawa asmara kitu? Ah sanes. Diteangan dina kamus panglengkepna oge asana moal manggih. Dina ayana oge pasti hartina beda jeung anu dimaksud ku kuring. Aya sejarahna eta teh.
 
Bareto, jaman kuliah, boga babaturan. Masih aya bau-bau Tionghoa ti akina, tapi asa teu kaciri saeutik-eutik acan, ari lain panonna
nu rada sipit mah. Budakna lenger, kulitna hideung, kabeukina gelut, tapi paripolahna kacida nyundana. Nu paling kaciri Sundana teh utamana mah lamun ngobrol. Najan jeung sasama barudak tara ngobrol lemes, tapi karasa pisan sundana. Mun sakalieun ngobrol make basa Indonesia, pasti baceprot, pabaliut jeung basa Sunda.
 
Kadang-kadang sok digareuhgeuykeun, da lain sakali dua kali kacaletot ngomong basa Sunda, padahal keur suasana 'dines' di ruang kuliah. Tapi pikeun manehna mah teu ieuh dijieun pikiran. Pokna ge, "Kajeun lah urang mah diparoyokan ge, nu penting mah ngeunah. Da di sadunya mah euweuh deui nu pangeunah-ngeunahna lian ti ngomong Sunda." Jeung da enya ketang karasa ku kuring, memang kitu. Komo mun ngambek, pek kudu make basa Inggris, asa kurang afdol,  teu pulen,  teu sugema we pokona mah.
 
Geus teu aneh, barudak mahasiswa resep ngarumpul. Kadang-kadang bari ngalaliwet, meuleum asin, kitu we nu teu kudu icil duit gede. Paling-palung mun keur aya nu 'beunghar' -kakara datang kiriman ti kolotna- acara ruang-riung teh sok aya onjoyna.
 
"Deungeunna mah urang meuli sate we yu.." cek kuring basa kabeneran keur ngalaliwet. "Entong ah lebar, dagingna mah aya da. Meuli samarana we," cek si Deni, cina hideung tea. "Keun urang nu meuli ka hareup. Anteur euy," pokna deui.
 
Jung dianteur ka tukang sate di sisi jalan. Ari pok teh eta ka tukang sate, "Mbak, beli semara sate..."
"Bumbunya aja Mbak," cek kuring nempas, sabab katempo si Mbak tukang sate hulang-huleng teu ngarti. Geus dikitukeun, kakara
we diladangan. Paingan atuh sajajalan semu malaweung. Jigana bae ti tadi teh manehna uleng mikiran basa Indonesiana samara, da katempo semu hulang-huleng.
 
Didongengkeun ka barudak, puguh we pada ngekeak. Teu ngambek ieuh diseungseurikeun teh. "Urang mah kajeun teuing ngahuleng mikiran basa indonesiana samara, tibatan kudu hulang-huleng mikiran basa sundana bumbu mah," manehna kalah nambalang. Ngadenge kitu, kuring ngahuleng.
 
Najan katempona padu heuay, tapi mun dilenyepan, eta teh estu mangrupa katineung kana basa indung, nu dina anggapan manehna teu bisa disisilihan ku basa naon wae oge. Padahal kiwari loba pisan urang Sunda nu katempona teh teu reueus saeutik-eutik acan kana basana sorangan. Malah kadang-kadang aya nu tepi ka semu nu era mun kanyahoan ngomong basa Sunda!! Lain teu meunang pinter basa sejen, tapi basa indung mah tetep kudu dimumule tur diutamakeun, sabab rek ku saha deui atuh dimumulena lamun lain ku urang Sundana sorangan?

Sunday, August 13, 2006

Heureuy Sunda

Cenah urang Sunda mah teu bisa leupas tina heureuy, sabab eta teh geus jadi sakulit sadaging. Lain urang Sunda mun teu bisa heureuy. Di mana wae, dina kasempetan kumaha wae, pasti aya heureuyna. Nepi ka ayeuna kuring teu nyaho, ku naon pangna kitu.

Dina dunya lawak nasional, pangaruh heureuy Sunda teu bisa dilalaworakeun. Sebut wae upamana grup lawak de Bodor (Abah Us us saparakanca) atawa de Kabayan (Kang Ibing saparakanca). Maranehanana bisa disebut panaratas dina ngawanohkeun kasundaan sacara nasional. Mun teu salah, De Kabayan lahir tina acara bobodoran di radio Mara Bandung. Malah nepi ka kiwari, Kang Ibing jeung Aom Kusman, dua di antara personil De Kabayan, masih pirajeunan siaran di Radio Mara.

Taun 90-an, grup bodor Sunda kungsi nyirorot pamorna, kasilih ku Srimulat, bobodoran dina nuansa Jawa. Mahabu malah, nepi ka acara-acara bodor atawa lawak dina TV didominasi ku Srimulat atawa para anggotana sacara pribadi.

Basa Srimulat mimiti nyirorot pamorna, grup bodor Sunda nguniang deui. Upamana bae grup P Project, nu sanajan ngaranna make basa Inggris, tapi bobodoranana tetep nyoko dina bobodoran Sunda nuansa modern. Idiom-idiom Sunda mimiti akrab dina pentas bodor nasional. Grup anu tadina dingaranan Padhyangan ieu oge asalna tina acara bobodoran di radio Oz Bandung, Ozerba. Personilna campuran mahasiswa Unpad jeung Unpar. Sering manggung di kampus kampus di Bandung. Awal karir nasionalna dimimitian basa dikontrak ku SCTV. Ti dinya ngaran Iszur, Denny Chandra, jeung Joe saparakanca geus jadi sabiwir hiji. Nya kelompok ieu pisan nu mimiti ngagarap bodor sacara daria. Maranehanana ngabogaan sababaraha divisi pikeun ngagarap ilustrasi musik, sound effect, kostum, naskah jsb.

Kabehdieunakeun aya acara Extravaganza di Trans TV. Pamaenna didominasi ku urang Sunda. Beda ti kalolobaanana grup lawak saperti Srimulat upamana, extravaganza ngandelkeun script tur teu kaci loba teuing improvisasi. Ku sabab loba urang Sundana, grup atawa acara ieu oge karasa pisan nuansa Sundana.

Basa TPI ngayakeun Lomba Lawak API (Audisi Pelawak Indonesia), loba grup lawak asal Bandung (baca: Sunda) nu katembong potensina. Malah juarana ge ti Bandung, SOS. Nu kaitung nyongcolang ti grup SOS, aya personilna nu alus ngawih Sundana, Sule. Ngadenge gelak-gelikna Sule nembang Sunda, kuring jadi inget ka Mang Ukok jeung Mang Utun ti Jenaka Sunda (mun teu salah). Jaman kiwari geus arang pisan budak ngora nu mibanda kamampuh saperti Sule. Lian ti eta, aya Oni anu ti rupa nepi ka rengkak paripolahna nyeples Kang Ibing.

Mun nengetan hal-hal anu ditataan di luhur, asa teu salah mun urang ngarasa reueus. Urang Sunda, leupas tina sagala kahengkeranana, tetep mibanda potensi anu teu bisa dilalaworakeun. Buktina maranehanan bisa kitu teh salah sahujuna ku sabab teu era ngasongkeun konsep anu nyoko dina ajeg-ajeg kasundaan. Idiom idiom ekspresi kasundaan nu dikahareupkeun ku maranehanana tetela geus jadi ciri nu mandiri, tur dipikaresep lain ku urang Sunda wungkul.

Lamun dina dunya hiburan (dina hal ieu: lawak) urang Sunda bisa nembongkeun 'sihung', asa piraku mun dina ambahan sejen urang teu bisa kitu. Nu penting kudu aya kasadaran ti urang salaku urang Sunda, ulah nepi ka era nembongkeun jatidiri kasundaan. Tong era ngaku urang Sunda, tong era nyarita ku basa Sunda, tong era nembongkeun yen urang mibanda jatidiri kasundaan.

Mun urang boga budak, ajak nyarita ku basa Sunda, wawuhkeun kana budaya Sunda. Ulah ngarasa reueus mun anak urang palahak-polohok teu ngarti basana sorangan: Basa Sunda. Kudu hariwang mun anak urang kerung ngadenge kacapi suling. Atik maranehanana sangkan ngimpi ge mun bisa mah ku basa Sunda. Ulah ngan ukur nyalahkeun pangaruh budaya deungeun nu mahabu bari jeung euweuh tarekah ti urang pribadi pikeun ngadadasaran kulawarga sangkan panceg dina ajeg-ajeg kasundaan. Mun kabeh urang Sunda boga niat ngamumule budaya Sunda tur ngamimitian jeung prakna di lingkungan kulawargana, insya Alloh urang Sunda teh moal pareumeun obor. Mudah-mudahan.

My name's Ade, I'm a Sundanese!

Pun alo, budak awewe umur 4 taun, keur meujeuhna capetang. Sagala diomongkein, sagala dicaritakeun. Mun sakalieun diajak ka warung atawa jalan-jalan, heg diaropenan, eh da kalah diajakan ngobrol tah nu ngopenan teh. Dasar budak.
 
Mimiti diajak ka warung, ditanya ku tukang warung, "Mau beli apa Neng?"
"Bade ngagaleuh peremen," pokna. Puguh we tukang warung ngajenghok, majar teh, "Aduh eneng, mani lucu, pinter nyarios basa Sunda.." Har, ari Ceuceu, na marukan aya di mana kitu urang teh? Asana can pindah da Panjalu teh. Masih angger aya di Ciamis, Jawa Barat, di tatar Pasundan.
 
Rek heran pantes ketang. Kalolobaanana, barudak papantara ki alo teh ku kolotna sok dipirucaan nyarita basa Indonesia. Padahal cicing teh di lembur nu pangeusina ampir kabeh urang Sunda. Tapi nyakitu, jigana loba nu ngarasa kurang 'bergengsi' mun anakna dipapatahan nyarita basa Sunda. Nu matak pantes mun si Ceuceu tukang warung heran oge.
 
Pun alo ge lain teu kapangaruhan. Mindeng mun tas ulin jeung batur, ari balik sok pirajeunan nyarita basa Indonesia. Ngan sok dipapatahan ku bapana. "Ade, di bumi mah nyariosna kedah basa Sunda nya. Sanes udah, tapi parantos." Eta pedah si Ade ditanya ku indungna geus mandi atawa acan, si Ade ngajawab 'udah'.
 
Kuring sadudulur memang dilahirkeun di tanah Pasundan. Indung bapa asli urang Sunda. Digedekeun di lingkungan Sunda. Asa lebar mun budak nepi ka teu ngarti basana sorangan. Minimal, di imah mah wajib nyarita ku basa Sunda, sabab eta teh mangrupa fondasi anu nangtukeun jatidiri ka hareupna. Lamun fondasina geus kuat, najan di luar imah pangaruh budaya atawa basa sejen kacida kuatna oge, asana moal nepi ka bobor karahayuan. Moal nepi ka jati kasilih ku junti. Jati dirina baris tetep ajeg tur pengkuh dina kasundaan.
 
Tadi sore si Ade, pun alo tea, ngaharempoy nyampeurkeun. "Mang, Dede palay diajar basa Inggris ku Emang, wios?" pokna bari ngagigiwing buku pelajaran basa Inggris nu lanceukna. "Naha Ade naros kitu sagala?" cek kuring.
"Pan bilih Emang bendu, bilih teu kenging", tembalna semu sieun.
"Nya kenging atuh bageur. Teu kenging soteh nyarios di bumi atanapi nyarios sareng urang Sunda deui ku basa deungeun."
"Atuh Ade sareng Emang oge engke teu kenging nyarios ku basa Inggris?"
"His, kapan ieu mah nuju diajar, janten teu nanaon," walon teh. Abong budak.
"Papah sareng Mamah moal bendu?" pokna deui.
"Moal, dijamin.." cek kuring bari mesem, kagugu ku celembengna.
 
Si Ade nyerengeh. Kahariwangna leungit. Panonna herang ngenclong, kebek ku sumanget. Bade diajar saratus basa oge mangga teh teuing geulis, nu penting mah ulah lali ka purwadaksina, ulah poho kana wiwitan. Da urang mah urang Sunda, ngomong sapopoe ge wajib ku basa Sunda, hate kuring ngagerentes. Na implengan kabayang mojang Sunda ampuh timpuh, ngagalindeng, "Hello, my name's Ade, I am a Sundanese, native Sundanese."

Saturday, August 05, 2006

Nasionalisme Urang Kampung

Bah Ijen, tukang runtah urang Cimendong tangtu rungah-ringeuh mun ditanya naon ari hartina nasionalisme. Kitu deui Bi Neroh. Dalah Jang Tarman nu kaasup generasi ngora ge teu timu ditanya nu kararitu mah. Mending keneh ditanya sual macul, ngarambet, tandur, atawa ngurek belut. Pasti jawabanana bakal ngagorolang, jiga dukun mapatkeun ajian.
 
Beda deui mun patalekan nu sarua ditanyakeun ka urang kota, komo kanu sarakola luhur. Ieu teh tangtu patalekan 'cetel' pekeun maranehanana mah. Jawabanana pasti ngagorolang, dibarengan ku teori itu, teori ieu, dumasar kana analisis si anu, dijejeran ku buku teks karangan si anu, jsb.
 
Tapi naha tina dua hal ieu urang bisa narik kasimpulan yen urang kota leuwih nasionalis tibatan urang kampung? Palebah dieu mah urang kudu ati-ati, ulah gurunggusuh tur gagabah, ngagampangkeun nyieun kasimpulan sorangan.
 
Nasionalisme anu dina harti salancar mah mangrupa kadeudeuh tur kareueus (sanes kareueuseun) ka lemah cai, bisa dipimilik ku saha bae, urang mana bae. Teu mandang urang kota atawa urang kampung. Teu mandang sakola luhur atawa henteu.
 
Panenjo kana kadar nasionalisme hiji manusa teu bisa disederhanakeun saukur ku ngagorololangna sual teori nasionalisme. Teu bisa saukur ditaker tina ngolotokna jawaban kana patalekan sual nasionalisme. Sabab dina enas-enasna mah, nasionalisme teh nyangkaruk dina ati sanubari, sarta baris katenjo dina kalakuan urang sapopoe.
 
Naha ieu teh hartina jelema anu sok dahar di MacDonald, make sapatu Nike, meuli gitar Ibanez, boga hendphone Motorolla, henteu mibanda rasa nasionalisme? Tangtu teu bisa kitu bae. Tapi minimalna bakal katenjo kontradiktif lamun aya nu gogorowokan sual nasionalisme bari nembongkeun gaya hirup anu samasakali teu ngagambarkeun naon anu digorowokkeun ku manehna. Bakal aneh karasana lamun madungdengkeun sual ngagejretna rasa nasionalisme bari ngagayem goreng hayam di Kentucky Fried Chicken upamana.
 
* * *
 
Nyanghareupan 17 Agustus, mieling poe kamerdikaan Indonesia, di kampung mah mangrupa hajat rongkah anu lain lulumayanan. Mangga tengetan, sarerea pada sibuk ilubiung enggoning tatahar nyanghareupan Agustusan ti anggalna keneh. Bari jeung euweuh buruhna eta teh. Mimindengna mah nombokan malah. Tapi tara aya kacaritakeun anu ngarahuh. Seuri we, bungah we, senang we nu aya, mestakeun nagara, anu sok sanajan loba nu ngekeak, tapi tetep dipicinta. Da enya rek ku saha deui atuh dipicinta, dipikanyaah, dipikadeudeuhna hiji nagara, ari lain ku wargana sorangan.
 
Gapura dug-deg dijieun, diluas-luis, imah dilabur, dicet, buruan imah diberesihan. Lalening, bareres, matak resep. Rupa-rupa lomba diayakeun. Kitu deui pintonan kasenian ra'yat. Sarerea ngarasa boga kawajiban nembongkeun kanyaahna, katineungna ka lemah cai ku cara sederhana. Nembongkeun momones, nembrakkeun kanyaah, ngareuah-reuah pesta nagara disesuaikeun jeung kamampuh sewang-sewangan. Tara aya nu kacaritakeun ngarasula, sok padahal loba nu ngabelaan teu indit ka sawah, ka kebon, teu dagang, malah nepi ka ucul duit sorangan.
 
Ieu teh lain pedah loba duit, lain pedah beunghar, lain pedah sagala aya, da geus puguh kiwari teh keur meujeuhna werit, nyiar pangupa jiwa estu jadi pagawean nu kacida banggana. Ieu mah istuning bakating ku hayang milu mikanyaah ka nagara, sok sanajan keur ukuran kota mah saukur ala kadarna. Euweuh parade band nu bentang tamuna musisi sohor. Euweuh lomba nu hadiahna jutaan. Euweuh sokongan ti pangusaha gedean. Tapi aneh bet asa nyari, sanajan hiburanana ge ukur calung kelas kampung. Hadiah lombana ukur pangaji pupuluhan rebu. Tapi asa nyerep kana ati, neumbag kana mamaras. Reueus, bungah, sedih, gumulung dina hiji rasa anu hese digambarkeunana.
 
* * *
 
Bah Ijen, nu teu nyaho ata-utuna sual nasionalisme, tanggal 17 Agustus salin rupa jadi nini-nini jete, ujat-ajet, gumeulis, najan kumisna anggel katingali rogok. Bi Neroh ngajanggelek jadi 'pejuang', beungeut curang-cerong, sirah dibengker ku lamak beureum, bari mawa bambu runcing. Jang Tarman ngabelaan teu ngider nagihan kiriditan, da poe eta kabagean pancen jadi pejabat gandang, make safari meunang nginjeum ti Pa Guru Tisna, disapatu herang, make kopeah, bari kudu pidato sapanjang jalan ngajugjug ka lapang tempat upacara.
 
Nu seuseurian, nu mesem, nu jejerewetan, kabeh ge nembongkeun kabungah, tur kanyaah ka lemah cai, sok sanajan ku cara anu kadang-kadang dijebian ku jalma palinter, dianggap nembongkeun nasionalisme 'deet' tur saukur cangkang. Tapi keur sakuringeun, nya ieu pisan nasionalisme kampung anu lamun dilenyepan tetela mangrupa gambaran rasa nasionalisme anu kacida jembarna. Maranehanana rela ngorbankeun waktu, tanaga katut waragad, embung tinggaleun nembongkeun kanyaah ka lemah caina, sok sanajan sapoe eta mah teu bisa usaha, teu meunang duit, malah bisa jadi aya nu ngabelaan teu dahar sabab teu beubeunangan tea.
 
Maranehanana, Bah Ijen saparakanca, ngabogaan harga diri ratusan kali lipet dibandingkeun jeung koruptor nu pagaweanana ngagasab duit nagara, anu boro-boro aya rasa nyaah deudeuh komo reueus mah ka lemah cai. Nasionalisme kampung ala Bah Ijen saparakanca memang euweuh dina buku teori, tapi darajatna jauh leuwih unggul  tibatan nasionalisme nu ngan saukur teori, saukur papaes lambe. Merdeka!!