Monday, August 14, 2006

Semara

Pasti bingung pan? Naon ari semara? Basa naon eta teh? Smara atawa asmara kitu? Ah sanes. Diteangan dina kamus panglengkepna oge asana moal manggih. Dina ayana oge pasti hartina beda jeung anu dimaksud ku kuring. Aya sejarahna eta teh.
 
Bareto, jaman kuliah, boga babaturan. Masih aya bau-bau Tionghoa ti akina, tapi asa teu kaciri saeutik-eutik acan, ari lain panonna
nu rada sipit mah. Budakna lenger, kulitna hideung, kabeukina gelut, tapi paripolahna kacida nyundana. Nu paling kaciri Sundana teh utamana mah lamun ngobrol. Najan jeung sasama barudak tara ngobrol lemes, tapi karasa pisan sundana. Mun sakalieun ngobrol make basa Indonesia, pasti baceprot, pabaliut jeung basa Sunda.
 
Kadang-kadang sok digareuhgeuykeun, da lain sakali dua kali kacaletot ngomong basa Sunda, padahal keur suasana 'dines' di ruang kuliah. Tapi pikeun manehna mah teu ieuh dijieun pikiran. Pokna ge, "Kajeun lah urang mah diparoyokan ge, nu penting mah ngeunah. Da di sadunya mah euweuh deui nu pangeunah-ngeunahna lian ti ngomong Sunda." Jeung da enya ketang karasa ku kuring, memang kitu. Komo mun ngambek, pek kudu make basa Inggris, asa kurang afdol,  teu pulen,  teu sugema we pokona mah.
 
Geus teu aneh, barudak mahasiswa resep ngarumpul. Kadang-kadang bari ngalaliwet, meuleum asin, kitu we nu teu kudu icil duit gede. Paling-palung mun keur aya nu 'beunghar' -kakara datang kiriman ti kolotna- acara ruang-riung teh sok aya onjoyna.
 
"Deungeunna mah urang meuli sate we yu.." cek kuring basa kabeneran keur ngalaliwet. "Entong ah lebar, dagingna mah aya da. Meuli samarana we," cek si Deni, cina hideung tea. "Keun urang nu meuli ka hareup. Anteur euy," pokna deui.
 
Jung dianteur ka tukang sate di sisi jalan. Ari pok teh eta ka tukang sate, "Mbak, beli semara sate..."
"Bumbunya aja Mbak," cek kuring nempas, sabab katempo si Mbak tukang sate hulang-huleng teu ngarti. Geus dikitukeun, kakara
we diladangan. Paingan atuh sajajalan semu malaweung. Jigana bae ti tadi teh manehna uleng mikiran basa Indonesiana samara, da katempo semu hulang-huleng.
 
Didongengkeun ka barudak, puguh we pada ngekeak. Teu ngambek ieuh diseungseurikeun teh. "Urang mah kajeun teuing ngahuleng mikiran basa indonesiana samara, tibatan kudu hulang-huleng mikiran basa sundana bumbu mah," manehna kalah nambalang. Ngadenge kitu, kuring ngahuleng.
 
Najan katempona padu heuay, tapi mun dilenyepan, eta teh estu mangrupa katineung kana basa indung, nu dina anggapan manehna teu bisa disisilihan ku basa naon wae oge. Padahal kiwari loba pisan urang Sunda nu katempona teh teu reueus saeutik-eutik acan kana basana sorangan. Malah kadang-kadang aya nu tepi ka semu nu era mun kanyahoan ngomong basa Sunda!! Lain teu meunang pinter basa sejen, tapi basa indung mah tetep kudu dimumule tur diutamakeun, sabab rek ku saha deui atuh dimumulena lamun lain ku urang Sundana sorangan?

No comments: