Saturday, August 05, 2006

Nasionalisme Urang Kampung

Bah Ijen, tukang runtah urang Cimendong tangtu rungah-ringeuh mun ditanya naon ari hartina nasionalisme. Kitu deui Bi Neroh. Dalah Jang Tarman nu kaasup generasi ngora ge teu timu ditanya nu kararitu mah. Mending keneh ditanya sual macul, ngarambet, tandur, atawa ngurek belut. Pasti jawabanana bakal ngagorolang, jiga dukun mapatkeun ajian.
 
Beda deui mun patalekan nu sarua ditanyakeun ka urang kota, komo kanu sarakola luhur. Ieu teh tangtu patalekan 'cetel' pekeun maranehanana mah. Jawabanana pasti ngagorolang, dibarengan ku teori itu, teori ieu, dumasar kana analisis si anu, dijejeran ku buku teks karangan si anu, jsb.
 
Tapi naha tina dua hal ieu urang bisa narik kasimpulan yen urang kota leuwih nasionalis tibatan urang kampung? Palebah dieu mah urang kudu ati-ati, ulah gurunggusuh tur gagabah, ngagampangkeun nyieun kasimpulan sorangan.
 
Nasionalisme anu dina harti salancar mah mangrupa kadeudeuh tur kareueus (sanes kareueuseun) ka lemah cai, bisa dipimilik ku saha bae, urang mana bae. Teu mandang urang kota atawa urang kampung. Teu mandang sakola luhur atawa henteu.
 
Panenjo kana kadar nasionalisme hiji manusa teu bisa disederhanakeun saukur ku ngagorololangna sual teori nasionalisme. Teu bisa saukur ditaker tina ngolotokna jawaban kana patalekan sual nasionalisme. Sabab dina enas-enasna mah, nasionalisme teh nyangkaruk dina ati sanubari, sarta baris katenjo dina kalakuan urang sapopoe.
 
Naha ieu teh hartina jelema anu sok dahar di MacDonald, make sapatu Nike, meuli gitar Ibanez, boga hendphone Motorolla, henteu mibanda rasa nasionalisme? Tangtu teu bisa kitu bae. Tapi minimalna bakal katenjo kontradiktif lamun aya nu gogorowokan sual nasionalisme bari nembongkeun gaya hirup anu samasakali teu ngagambarkeun naon anu digorowokkeun ku manehna. Bakal aneh karasana lamun madungdengkeun sual ngagejretna rasa nasionalisme bari ngagayem goreng hayam di Kentucky Fried Chicken upamana.
 
* * *
 
Nyanghareupan 17 Agustus, mieling poe kamerdikaan Indonesia, di kampung mah mangrupa hajat rongkah anu lain lulumayanan. Mangga tengetan, sarerea pada sibuk ilubiung enggoning tatahar nyanghareupan Agustusan ti anggalna keneh. Bari jeung euweuh buruhna eta teh. Mimindengna mah nombokan malah. Tapi tara aya kacaritakeun anu ngarahuh. Seuri we, bungah we, senang we nu aya, mestakeun nagara, anu sok sanajan loba nu ngekeak, tapi tetep dipicinta. Da enya rek ku saha deui atuh dipicinta, dipikanyaah, dipikadeudeuhna hiji nagara, ari lain ku wargana sorangan.
 
Gapura dug-deg dijieun, diluas-luis, imah dilabur, dicet, buruan imah diberesihan. Lalening, bareres, matak resep. Rupa-rupa lomba diayakeun. Kitu deui pintonan kasenian ra'yat. Sarerea ngarasa boga kawajiban nembongkeun kanyaahna, katineungna ka lemah cai ku cara sederhana. Nembongkeun momones, nembrakkeun kanyaah, ngareuah-reuah pesta nagara disesuaikeun jeung kamampuh sewang-sewangan. Tara aya nu kacaritakeun ngarasula, sok padahal loba nu ngabelaan teu indit ka sawah, ka kebon, teu dagang, malah nepi ka ucul duit sorangan.
 
Ieu teh lain pedah loba duit, lain pedah beunghar, lain pedah sagala aya, da geus puguh kiwari teh keur meujeuhna werit, nyiar pangupa jiwa estu jadi pagawean nu kacida banggana. Ieu mah istuning bakating ku hayang milu mikanyaah ka nagara, sok sanajan keur ukuran kota mah saukur ala kadarna. Euweuh parade band nu bentang tamuna musisi sohor. Euweuh lomba nu hadiahna jutaan. Euweuh sokongan ti pangusaha gedean. Tapi aneh bet asa nyari, sanajan hiburanana ge ukur calung kelas kampung. Hadiah lombana ukur pangaji pupuluhan rebu. Tapi asa nyerep kana ati, neumbag kana mamaras. Reueus, bungah, sedih, gumulung dina hiji rasa anu hese digambarkeunana.
 
* * *
 
Bah Ijen, nu teu nyaho ata-utuna sual nasionalisme, tanggal 17 Agustus salin rupa jadi nini-nini jete, ujat-ajet, gumeulis, najan kumisna anggel katingali rogok. Bi Neroh ngajanggelek jadi 'pejuang', beungeut curang-cerong, sirah dibengker ku lamak beureum, bari mawa bambu runcing. Jang Tarman ngabelaan teu ngider nagihan kiriditan, da poe eta kabagean pancen jadi pejabat gandang, make safari meunang nginjeum ti Pa Guru Tisna, disapatu herang, make kopeah, bari kudu pidato sapanjang jalan ngajugjug ka lapang tempat upacara.
 
Nu seuseurian, nu mesem, nu jejerewetan, kabeh ge nembongkeun kabungah, tur kanyaah ka lemah cai, sok sanajan ku cara anu kadang-kadang dijebian ku jalma palinter, dianggap nembongkeun nasionalisme 'deet' tur saukur cangkang. Tapi keur sakuringeun, nya ieu pisan nasionalisme kampung anu lamun dilenyepan tetela mangrupa gambaran rasa nasionalisme anu kacida jembarna. Maranehanana rela ngorbankeun waktu, tanaga katut waragad, embung tinggaleun nembongkeun kanyaah ka lemah caina, sok sanajan sapoe eta mah teu bisa usaha, teu meunang duit, malah bisa jadi aya nu ngabelaan teu dahar sabab teu beubeunangan tea.
 
Maranehanana, Bah Ijen saparakanca, ngabogaan harga diri ratusan kali lipet dibandingkeun jeung koruptor nu pagaweanana ngagasab duit nagara, anu boro-boro aya rasa nyaah deudeuh komo reueus mah ka lemah cai. Nasionalisme kampung ala Bah Ijen saparakanca memang euweuh dina buku teori, tapi darajatna jauh leuwih unggul  tibatan nasionalisme nu ngan saukur teori, saukur papaes lambe. Merdeka!!
 
 

2 comments:

Anonymous said...

Kang sae pisan ieu jejer artikel teh, teu burung jadi pinunjul hadiah bulanan kolom di majalah Mangle geura. Kumaha Kang, naha sok teras dikintunkeun ka majalah atanapi tabloid basa Sunda seratan-seratan Akang teh?

Tata Danamihardja said...

He..he..hoream ah..Wios di dieu we..