Monday, September 04, 2006

Banner Blog Urang Sunda


Tetela sanggeus dikorehan mah loba geuning urang Sunda nu nge-blog teh. Basa nu dipakena rupa-rupa, aya nu make basa Indonesia, basa Inggris, basa Sunda, malah aya oge nu direumbeuy, tiluanana dipake.

Asa reugreug nempo kitu mah. Tetela urang Sunda teh henteu tinggaleun-tinggaleun teuing, najan tacan walatra oge. Enya da memang can kabeh urang Sunda bisa akses internet. Susuganan ka hareup mah (duka iraha!) pamarentah "mampuh jeung niat" nyadiakeun sarana katut prasarana sangkan internet bisa murah, fasilitasna teu hese, tur kahontal ku sarerea.

Najan balatak blog bogana urang Sunda, tapi rada hese rek neguhna, iwal mun geus pancakaki atawa wawanohan. Naon sababna? Da euweuh cirina atuh. Tah, ku sabab kitu, ieu mah usul ka sadaya nu maca, kumaha lamun blog urang Sunda teh urang cirian make banner leutik. Keur sementara, kuring nyieun banner ukuran 120x60 pixel, bisa disimpen dina side bar, jadi moal matak hareurin.

Ieu mah sementara we, pami aya nu langkung sae mah gentos we ku nu sae, nu penting mah aya cirina. Jadi moal hese neguh, yakin, da make ciri atawa tetengger tea.

Tapi ampun paralun, ieu teh lain rek ngagung-ngagung chauvinisme atawa sumanget kadaerahan nu heureut. Maksudna ge ieu mah manjangkeun tali mimitran di antara urang Sunda nu nge-blog di Internet. Maenya ari batur meunang reueus kana sarakan, ari urang Sunda teu meunang reueus?

Saha cenah anu meunang masang banner Blog Urang Sunda teh? Ah saha we nu ngarasa urang Sunda, nu ngarasa nyaah ka ki Sunda. Rek bisa basa Sunda, rek henteu. Rek blogna ditulis dina basa Indonesia, dina basa Inggris, komo nu make basa Sunda mah, dianjurkeun pisan.

Tapi eta ge upami kamanah, pami henteu mah sawios ah. Rek tuang jinis we, dipasang dina blog nu kuring. Reueus sosoranganan? He..he..sawios ah.. Nu bade nganggo, script-na aya di handap. Kantun di copy paste, beres.

Nyanggakeun.

Mimitran Blog Urang Sunda


Script Banner Blog Urang Sunda

8 comments:

Nandar said...

Mang Tata leres pisan! Seratan dina majalah Manglé sababaraha waktu ka tukang nu masih kénéh natanyakeun ayana blog Sunda téh salah, da tétéla geus loba.

Di blog abdi aya sababaraha tumbu ka blog urang Sunda sanésna, lajeng aya ogé grup di multiply.com. Malihan mah, pan Wikipédia gé tos aya vérsi basa Sundana.

Ngeunaan banner, saé pisan pamendak téh. Asana mah sababaraha bulan ka pengker (duka taun kamari kitu, pokona mah tos rada lami), aya nu tos ngadamel sarupaning banner kitu téh. Simkuring poho deui. Banner Emang gé saé, mung baé teu cocog kanggo simkuring mah, kaleresan teu resep nu konéng2... Heuheu...

Anonymous said...

Haturan Kang. Leres parantos seueur blog urang Sunda teh. Waktos sim kuring nyerat dina Mangle, SundaBlog nu sim kuring mah teu acan lahir.Perkawis banner, eta mah teu langkung,da tadi ge mung saukur saran. Nuhun.

Joe said...

Assalamu'alaikum,
Nepangkeun sim kuring, sebat wae, Joe, kawit ti Tasikmalaya.
Asa reueus tur bagja mendakkan ieu blog sunda, asa pinanggih jeung iiuh di tengah-tengah legana sagara keusik nu panas.
Perkawis micinta tur ngamumule ki Sunda ku 'media' blog na Internet, sim kuring panuju pisan. Ngan hanjakal, ku kabodoan sim kuring, ngan saukur bisa ngalalajoan jeung ngomentaran wungkul, lir ibarat lalajo menbal na tivi, bari sim kuring mah teu bisa maenna. Atuh ngeunaan masang banner khusus dina masing-masing blogna urang sunda, asana teu aya lepatna, malih mah sim kuring ge bade nyobian.
Sakitu wae, hapuntenna bilih undak usuk basa-na taregtog keneh. Ma'lum, nuju diajar keneh.
Wassalam.

Anonymous said...

Haturan Kang, peranakan Tasik sareng Indian kitu? Eta jenenganana nganggo Navajo :-)
Mangga atuh geura ngawitan nyerat, ke Insya Allah dilongok..
Basa Sundana sae, saur saha taregtog atanapai dalegdog? Wilujeng....

Anonymous said...

kumaha kang mun ngadamel sunda blog award sakalian?

simkuring tos lami kapikiran eta teh. tapi teu aca gaduh script na.

mangga tingal di

http://patromax.com/kamana-kang-adsense/

Anonymous said...

Sae tah gagasan teh. Urang wangsulkeun deui we ka para blogger Sunda. Tangtos konsepna, kalebet kriteria sareng sajabina oge kedah asak heula panginten. Prak-prakanana mah mangga nyanggakeun ka para ahlina. Insya Allah, Akang ngiring ngarojong ku du'a..

arsdc said...

Tuh Kang, bannerna tos dipasang di blog simkuring. Tukeuran nya! hehe

bunga raya said...

selamat sore kang