Sunday, November 05, 2006

Reunian

Reunian alias reuni, asal kecapna tina reunion. Ngumpul deui anggeus sawatara lila papisah, kitu kurang leuwih hartina. Pokona mah ngarumpul jeung babaturan, boh babaturan kuliah baheula, babaturan ulin, atawa babaturan maen band.

Poe Saptu kamari maksakeun ka Bandung bari jeung macet-macet oge. Ma'lum kabeneran bareng jeung usum baralikna jelema ti lembur-lembur ka dayeuh, tempat maranehanana neangan pangupa jiwa. Hasilna nya macet. Nagreg biasana nu jadi langganan macet teh. Indit ti imah jam 7 isuk-isuk, datang ka Bandung satengah 3 sore!! Kacida nya... Padahal ditungguan ku barudak jam 10 isuk-isuk.

Tapi ari geus cunduk mah ka tempat ngumpul, leungit tah kacape, nyareri awak, jeung eungap gara-gara kakebulan di jalan teh. Bungah we nu aya. Panggih deui jeung jelema-jelema nu kungsi sagulung sagalang, jaman sangsara, jaman dahar 300 perakeun di Bu tunduh hareupeun kampus. Jaman roko sapotong sewang, atawa mun keur teu boga duit kadang-kadang mulung kuntung bari culang cileung sieun katenjo ku batur.. Najan teu boga duit ge,aya keneh ari kaera mah...:-)

Tapi nyakitu, nasib jelema mah beda-beda alias teu sarua. Sanggeus sakitu lilana teu panggih, ari gok tangtu loba robahna, boh sacara fisik atawa rejeki. Sacara fisik upamana aya nu buukna cepak terus make polet tilu baris jiga galengan (tong ngambek Wem!), aya nu jadi huisan. Sacara rejeki mah teu kudu dicaritakeun. Aya nu geus beunghar, aya nu can beunghar (jiga kuring!). Cek ahli psikologi, teu meunang nyebut teu beunghar, soalna eta teh nandakeun yen urang ngabogaan cara mikir negatif. Lamun nyebut can beunghar mah hartina aya keneh harepan pikeun jadi nu beunghar. Jadi ieu teh cara mikir positif. Cenah eta ge.

Untungna, nu parapanggih kamari mah euweuh (atawa can aya?) nu unggah adat! Ngobrolna, sikepna, masih jiga bareto, henteu nganyar-nganyari. Masih keneh ngobrol kasar (teuing ku naon, ngobrol lemes jeung babaturan deukeut teh asa nengterege, asa karagok). Teuing meureun pedah kuring mah lain menak, jadi kalakuanana ge orowodol! Kecuali mun ngobrol jeung nu teu pati loma mah, kuring ge bisa atuh ngobrol ala menak. Pan baheula ge basa keur SD, basa Sunda peunteun salapan! piraku we teu bisa nu kitu-kitu acan.

Pamustunganana mah reuni informal teh heboh, sagala ditatab. Ti mimiti ngobrol, ngadu rahul, silih sepet, nyanyi, malah nepi ka dipoto sagala. Sual fotogenik atawa henteu, eta mah urusan foto model, lain urusan urang. Peutingna diteruskeun begadang nepi ka jam tilu subuh. Padahal saukur ngobrol. Tapi bet asa balik deui ka jaman bareto. Jaman sarua papada boga angen-angen hayang sukses. Najan ayeuna kabuktianana teu sarua, tapi suasanana tetep jiga bareto.

Nuhun Gusti, aya keneh jelema-jelema nu teu unggah adat. Mugi-mugi we dugi ka engke angger teu unggut kalinduan, teu gedag kaanginan.

No comments: