Thursday, August 14, 2008

HEUHEUY JEUNG DEUDEUH

Hirup mah heuheuy jeung deudeuh. Kitu cek si Kabayan. Aya mangsana meunang kabungah, aya kalana nyorang kasusah. Ngan ceuk nu pinter, bungah jeung susah mah kumaha cara nenjo jeung ngararasakeunana. Conto gampangna, dahar jeung uyah oge ari pikiran senang mah ngeunah we nu aya. Komo mun uyahna dipurulukan daging hayam mah, pasti ngeunaaah.. pisan!
 
Hirup oge lain komik nu kelirna ukur hideung jeung bodas. Kadang-kadang kulawu, antara hideung jeung bodas, antara susah jeung senang. Antara pikaseurieun jeung pikasebeleun. Unggal jelema pasti ngalaman susah jeung senang. Rek tukang tani, rek dokter, rek pejabat, tukang beca, blogger, tukang nerjemahkeun, atawa anggota dewan. Pasti kungsi ngarandapan susah atawa senang.
 
Tatangga kuring nu anggota dewan, katempona senang bae. Pansiun boga, gajih ti DPRD mayeng, jaba anak geus jareneng. Lain eta wungkul. Anyar-anyar ieu, basa kabaud korupsi 200 milyar leuwih, manehna teu ngalaman diberok. Padahal baturna nu papada milu ngasaan duit meunang korupsi geus ngararingkuk di pangberokan. Manehna mah senang we, bisa keneh luntang-lantung, jogging saperti biasa.
 
Jadi inget basa kamari maca koran, nu korupsi 5 juta perak nepi ka dipasang fotona sagala, jadi DPO pulisi jeung Kejaksaan. Naha ari nu kasusna milyaran diantepkeun sina senang-senang ngahenang ngahening? Mun teu garelo ge, pasti pulisi jeung kejaksaan teh leutik burih, wanina ngan ka jelema leutik. Atawa, maranehanana pasti kabagean duit suap hasil korupsi tea. Pan tina milyaran mah meureun suapna ge puluhan atawa ratusan juta. Pasti lah...
 
Tapi naha enya kitu manehna ngarasa senang? Ah duka teuing, da senang soteh dina penenjo batur. Boa manehna mah ngarasa era, da najan teu dipanjara oge sarerea pada nyaho yen manehna geus ngagasab duit ra'yat. Tapi bisa oge manehna teu ngarasa era, sabab biasana nu kitu mah geus kurang kaera, mun henteu geus leungit kaera oge.
 
Buktina, sababaraha poe ka tukang manehna ngedarkeun formulir ka tatangga-tatangga, menta dukungan, rek nyalon deui jadi anggota dewan! Jadi, jigana mah memang geus teu boga di kaera. Atawa kaerana disakuan heula meureun. Hebat pan?
 
Piraku teu bisa kitu-kitu acan mah. Pan ngagarong duit ra'yat ge teu era. Komo deui ieu. Pira ge nyumputkeun kaera, piraku teu bisa. Ngan memang ceuk kuring mah manehna jelema nu luar biasa.
 
Naha? Mangga wae emut. Ibaratna urang geus ngagarong jelema, terus teu sabaraha lila urang menta dukungan rek nyalon deui jadi garong ka jelema nu tas digarong. Hebat pan? Pasti hebat mun teu eusleum oge.
 
Formulir nu dianteurkeun ku pacalangna masih keneh ngagoler dina meja. Rek dieusian? Ah moal, antepkeun we sina kosong. Kecuali mun kuring rek miluan jadi garong atawa jadi nu gelo.
 
Lieur ah.

3 comments:

opixies said...

eta mah kandel kulit beungeut weh atuh kang....
apan geningan ayeuna mah geus garaya,,, nu di palingan ge eleh jauu...
aduh eta tuangna upami ngaggo uyah sareng dipurulukkan daging hayam kirang genah keneh atuh,, banjur deui ku cai sop ambeh ngabret....

Herri Achya Suryadikatma said...

Sim kuring kayungyun ku undak usuk basana, punten bade mundut nyutat carita na bade di aplod dina FB, manawi diwidian ku pangersa ... hatur nuhun pangersa..

Tata said...

@opixies: he..he.. pasti janten ngaleor tah. kumaha pami ditambihan ku kulit raray anu karandel?

@herri: Nuhun Kang, mangga..