Saturday, September 06, 2008

Residivis Romadon

Ku teu karasa ari nyerelekna waktu. Asa cikeneh tas lebaran, ayeuna geus bulan Romadon deui bae. Saur Mama Ajengan, bulan puasa teh bulan anu wajib dianti-anti ku sakumna umat Islam. Bulan suci, bulan nu pinuh ku barokah. Bulan tempat 'diklat' sangkan urang jadi manusa pinunjul anu mampuh ngadalian napsu, nyengker kahayang anu taya anggeusna lamun diturutkeun. Tegesna, kawajiban nyengker hawa napsu, lain ngan ukur dina bulan puasa, tapi kudu jadi kabiasaan dina kahirupan sapopoe.
 
Hanjakal dina kanyataanana mah teu kitu. Bulan puasa mindeng dianggap panjara, nepi ka di mana 'leupas' tina ugeran Romadon, urang jadi 'residivis' deui. Mun dina bulan puasa reureuh ngomongkeun batur, di luar bulan puasa mah dikeureuyeuh deui. Baju muslimah dibarukaan deui, ganti ku baju nu tingboleklak. Nu korupsina eureun sabot bulan puasa, kanceuh deui, jeung sajabana.
 
Salah? Tangtu bae, sabab cek tadi ge, lulus tina 'diklat' bulan Romadon kudu jadi leuwih alus tibatan samemehna. Ngan lamun dibandingkeun, nu kitu masih 'mending' tibatan anu sagala dirumpak salawasna, rek bulan puasa rek lain. Najan kitu, lain hartina 'residivis' bulan puasa leuwih alus tibatan nu sagala dirumpak, sabab nu alus mah tangtuna oge nu salawasna ngalakukeun kahadean.
 
***
 
Saperti Romadon nu geus kaliwat, poe mimiti sumanget pisan niat taraweh di masjid. Hanjakal nu tadina rek solat husu teh kaganggu ku nu gogorowokan sataker kebek, "Allohumma sholli wasalim 'alaa sayyidinaa Muhammaaaaad!!!" Mangkaning tiap aweh salam eta teh.
 
Astaghfirulloohal adziem! Maenya muji kangjeng Nabi kudu digorowokkeun siga nu siwah? Mending lamun budak leutik, di ma'lum keneh. ieu mah kolot atuda! Niat rek sholat taraweh dibarengan ku sumanget opat lima ngadadak lempes, dumadakan ilang tanpa karana. Rek ngejat asa teu pantes, nya ngawayahnakeun milu solat nepi ka anggeus. Balik ti masjid aya budak ngalungkeun petasan, ngabeledag tarik pisan. Emh, Gustiii.. Sabaaar, sabaaar... Ku loba pisan gogoda jeung piambekeun teh.
 
Isukna kuring taraweh sorangan, di imah. Tiis ceuli herang mata. Gusti, mugi-mugi katampi. Sanaos tetebiheun tina sampurna, mugi-mugi abdi sing tiasa ngeker diri sapapanjangna sarta henteu kalebet kana golongan residivis Romadon. Amin.

2 comments:

Anonymous said...

ih teu kenging moyok kitu yi komo nganggap nu siwah mah, mangkaning seuseurna nu ngagorowokeun sholawat nabi teh, saleresna eta teh bahan panalungtikan pikeun wawasan ayi naha dugi kakitu, kakang ge hoyong terang asal usulna, punten nya yi kakang ngelingan.

Anonymous said...

Hapunten upami abdi sasanggem keleuleuwihi. Namung asana kirang merenah upami urang ngadu'a carana sapertos kitu. Analogina sapertos urang baranpenta tapi bari sosorongot jiga nu ambek. Kapan cenah ngadu'a atanapi ngucapkeun salam oge aya adabna:-)

Hatur nuhun kana 'panyintreukna'.