Monday, September 22, 2008

Lelengkah Halu

Alhamdulillah, SundaBlog geus nincak umur 2 taun 4 bulan kumelendang di blogosphere. Lelengkah halu, kitu meureun pibasaeunana lamun dilarapkeun ka budak mah. Najan jajauheun kana nyugemakeun, tapi kuring muji sukur ka nu Maha Kawasa, masih keneh bisa ngalalakon, nulis sasieureun sabeunyeureun make basa Sunda. Ari kitu aya nu maca? Ah, rumasa kuring mah lain sastrawan Sunda, jadi euweuh nu maca oge teu jadi masalah. Cenah eta aya nu kalandep, nya nuhun nu aya.
 
Mun kitu carana, naon atuh tujuan kuring nulis make basa Sunda? Kadang-kadang kuring oge bingung lamun ditanya kitu. Ngan nu jelas aya ari sasakalana mah. Mimitina sok tulas-tulis dina blog make basa Indonesia jeung basa Inggris sakapeung-kapeungeun. Sakali mangsa pangangguran nulis kolom basa Sunda dina Mangle. Alhamdulillah dimuat sababaraha kali. Ngan hanjakal palebah nagih honor, hararese pisan, malah tepi ka ayeuna ge teu dibayar. Keuheul tah, asa teu dihargaan pisan. Tibatan keuheul teu pararuguh, nya sakalian we nulis dina blog ari sarua keneh teu dibayar mah. Katambah-tambah, aya nu ngahatean pedah kungsi maca tulisan kuring dina Mangle, majarkeun teh, "Resep panginten Kang upami sakantenan nyerat nganggo basa Sunda dina blog."
 
Dikitukeun komo, nya lahaola mitembeyan nulis dina blog make basa Sunda taun 2006. Dirasa-rasa teh bet asa ngeunah keneh kieu. Bebas, teu kudu ngarep-ngarep honor nu teu sabaraha :-) Alhamdulillah, SundaBlog kaasup blog anu lumayan dina peringkat Google. Page rank atawa rengking SundaBlog meunang peunteun 4 (tingali page rank di gigir beulah katuhu, handpeun jam). Estu teu gampang meunang rengking opat teh, sabab ditangtukeun dumasar kana lobana nu ngakses (muka atawa maca) blog versi mesin kotektak (search engine) pangpopulerna sadunya: Google. Komo lamun ngingetkeun yen nu maca basa Sunda henteu loba jiga nu maca basa Indonesia atawa basa Inggris.
 
Nu lucu, kungsi sababraha kali aya nu nyangka yen ieu blog teh dikokolakeun ku Mangle, nepi ka aya nu nanyakeun kumaha carana mun hayang ngirim carpon jeung tulisan sejenna. Padahal geus sababaraha kali kuring nandeskeun yen SundaBlog mah estu dikokolakeun ku kuring pribadi, tur euweuh pakuat-pakait jeung media citak mana wae oge.
 
Lian ti nu maca langsung dina blog, aya oge nu maca via email. Ieu mah biasana keur nu sibuk nepi ka teu kaboro atawa euweuh waktu pikeun muka SundaBlog. Carana, mangga tingali di beulah katuhu (sidebar) aya tulisan Caraka. Kari ngeusikeun email, engkena baris dikirim unggal kuring nulis posting anyar sacara otomatis ku 'kantor pos' nu ngaranna FeedBurner, haratis. Ngan kade nulis emailna ulah salah. Sababaraha kali kuring manggih nu nulis alamat email, di hareupna make www. Padahal eta mah kode husus paragi nulis alamat web, jadi tangtuna moal diproses ku FeedBurner.
 
Nepi ka danget ieu geus aya 195 urang nu langganan SundaBlog ngaliwatan email. Lamun loba nu maca via email, naha teu sieun kakurangan semah? Ah, da tadina oge lain hayang populer, lain hayang kapuji. Insya Allah, moal kakurangan nu maca atawa nu nyemah langsung ka SundaBlog. Nu penting mah du'akeun sangkan kuring masih keneh bisa nulis, sangkan beui loba oge urang Sunda nu nulis jeung cumarita make basa Sunda, boh dina blog, dina media citak, atawa dina gunem catur sapopoe.
 

4 comments:

Anonymous said...

Hayu kang urang tuker pangalaman,salam ti abdi

Anonymous said...

Wa'alaikum salam. Hayu atuh.. Ngadamel blog Sunda geura, atanapi tos gaduh?

Anonymous said...

cing atuh kang upami gaduh kamus undak unduk basa sunda mah kintunkeun atuh kaabdi ka : t0t0.leo1@gmail.com diantos pisan kasumpinganana. Htr nuuhun.

Anonymous said...

Kaleresan teu gaduh eta mah Kang..