Saturday, September 20, 2008

Iklan Politisi

Sawatara waktu ka tukang, kungsi aya nu pesimis 'kueh' iklan media televisi bakal samporet sabab kudu parebut jeung media sejen. Tapi tetela eta kahariwang teh teu kabuktian. Jumlah media televisi nu kalahka ngarekahan, kaasup di daerah, jadi salah sahiji tanda atawa ciciren yen televisi henteu kakurangan iklan. Nya rek hirup ti mana atuh lamun lain tina iklan, sabab ngaran-ngaran media komersial mah hirup-huripna ngandelkeun iklan.

 

Saha bae nu masang iklan? Biasana, atawa lumrahna, perusahaan anu hayang produkna dipikawanoh ku balarea. Media televisi dianggap media iklan nu efektif dina mangaruhan pikiran konsumen, sabab ngagunakeun gabungan kakuatan audio tur visual. Jadi, lian ti kadenge, produkna oge katenjo. Beuki mindeng produkna ditayangkeun dina televisi, beuki gede harepan produsen sangkan produkna dibeulian ku masarakat nu lalajo televisi.

 

Jigana nempo pangaruh televisi nu kacida gedena, loba nu kabita milu ngamangpaatkeun. Salah sahijina nya politisi nu hayang meunang kalungguhan di pamarentahan, utamana nu hayang jadi presiden atawa gupernur. Mangga tingali, dina televisi kiwari rapang politisi nu masang iklan. Naha ngan ukur dua eta nu wani masang iklan dina televisi? Sabab jabatan nu leuwih handap mah moal kabedag mayar iklan nu hargana bisa ngahontal puluhan milyar! Kapala desa atawa kuwu upamana. Dina jadina oge jeneng kuwu, moal kabual hasilna, dipake mayaran hutang urut masang iklan. Batan lunas, pastina oge kalahka langlayeuseun!

 

Mun kitu, hartina calon presiden jeung calon gupernur laloba duit? Bisa jadi. Ngan lamun duitna dipake mayar harga iklan anu sakitu mahalna asa pamohalan. Komo deui lamun mikir yen nu nyalon can tangtu kabiruyungan jadi presiden atawa gupernur. Lamun kitu kajadianana tangtu duit puluhan milyar teh jadi gaplah. Duit lapur, jadi pejabat henteu. Pikeun ngurangan resiko, nya ti mana deui lamun lain ti donatur. Bageur atuh donatur teh? Ah henteu oge, sabab moal samata-mata wani ngaluarkeun duit lamun euweuh pangarahan. Para donatur – biasana pengusaha – tangti miharep kompensasi ti jelema nu dibere donasi mangrupa fasilitas sangkan usahana atawa dagangna leuwih mucekil. Jadi, win-win solution. Pejabat dimodalan, pengusaha dibere fasilitas atawa kadang-kadang prioritas. Pan aya undang-undang nu ngawatesanan jumlah donasi? Ah, pan cenah oge aturan teh dijieun pikeun dirempak atawa dilanggar.

 

Nu matak teu kudu ngarasa heran lamun calon nu eleh biasana sok murang-maring, ngerahkeun massa pikeun demo, susuganan ku jalan demo jabatan bisa pindah ka manehna. Pan mun jadi pejabat mah bisa balik modal tah, sanggeus bebeakan kampanye. Asana geus kacida hesena neangan pejabat nu hayang jeneng ku sabab hayang ngabelaan ra'yat leutik. Nu puguh mah, jabatan teh teu kurang teu leuwih ti pagawean nu bisa ngadatangkeun panghasilan. Itung-itunganana geus lain keur kapentingan masarakat, keur ngamajukeun nagara atawa ra'yat, tapi malulu itung-itungan bisnis, itung-itungan untung rugi. Modal saanu, kautunganana kudu saanu. Mun teu sakitu, rugi.

 

Ku sabab kitu, kaleuleuwihi lamun urang ngarep-ngarep pamingpin nu merjoangkeun kapentingan ra'yat. Cohagna, boro-boro mikiran kapentingan ra'yat, sabab panginditanana oge tina itung-itungan bisnis. Naon untungna merjoangkeun ra'yat ari euweuh kauntunganana mah? Euweuh dina buku rusdina ra'yat nguntungkeun pejabat, ari lain dina usum nyoblos mah. Kituna oge cukup ku dibebenjokeun ku kaos, duit sautak-saeutik, jeung jangji weh, pasti repeh, pasti jempe. Moal nagih jangji ieuh, pan ra'yat mah barodo. Singsieunan we, pasti murengked. Cenah aya nu murugul, tinggal nyewa pengacara dua puluh siki mah, pasti aman.

 

Pamustunganana, ulah kagelo ku jangji-jangji calon pejabat dina iklan atawa sajeroning kampanyeu. Ra'yat nu majar aya dina posisi pangluhurna dina sistem demokrasi, dina emprona mah ngan ukur jadi objek penderita, dipake bungbu salila kampanyeu. Pan keur kampanye mah sarerea oge pasti mamawa ra'yat. Ra'yat deui, ra'yat deui, jiga nu enya.  Ngan di mana geus hasil maksud, kabeh oge sok poho. Ra'yat ibarat nu ngadorong mobil, ari geus hurung mah biur bae ditinggalkeun bari teu nuhun-nuhun acan.

 

Ari geus, kumaha atuh engke dina waktuna milih? Ah, teu langkung eta mah. Bade milih mangga, henteu bae sawios. Ulah sieun dicap golput, lamun memang euweuh piliheun. Milih mah hak, lain kawajiban. Tibatan milih anu lain piliheun, anu jajauheun tina sikep hiji pamingpin, mending teu milih sakalian tibatan kudu kababawa milu tanggung jawab,  bongan pipilueun milih. Cindekna, kudu asak-asak tinimbangan memeh milih.

 

Tapi, ah teu langkung ketang. Bisi disebut provokator J

No comments: