Thursday, December 18, 2008

Bush Dibaledog Ku Sapatu

Jadi jelema mah kudu mindeng ngaca. Lain ngaca dina harti sajalantrahna, tapi dina harti injeuman. Maksudna kudu loba introspeksi, ngalenyepan diri, nyaliksik paripolah sorangan, sangkan teu pikakeuheuleun batur. Naon sababna? Jalma nu dipikakeuheul biasana tara dihargaan batur, malah bisa-bisa diunghak.
 
Naon nu kaalaman ku presiden AS Bush, bisa dijieun pieunteungeun. Ku sabab kaceuceubna ka Bush geus teu kawadahan, Al Zaidi, wartawan TV Albaghadia nekad maledog Bush dua kali ku sapatu, bari ngagorowok, "This is the farewell, kiss your dog!" Duka kumaha tah nasibna eta wartawan TV ayeuna.
 
Loba jelema nu ceuceub kana kalakuan George Bush. Tapi boh kitu boh kieu, jelema tara sagalana goreng. Tingali we, pan Bush oge reflekna mah alus keneh, nepi ka dibaledog ge masih keneh bisa nyingcet :-)
 
 
 

4 comments:

Anonymous said...

Kang Tata, kumaha damang? Deuh meni 'bangblas' teh, ningal presiden Amrik dibaledog ku sapatu.
Eh, kirang sae ketang, batur kenging musibah, urang naha bingah..he..he.

Abdi ge, kantos kang dibaledog (malih sering ketang), mung dibaledogna ku 'senyum manis si bibir tipis tea..'..janten weh, gaduh bati hiji... (heuheuy deuh)

Mugia urang sadaya dipasihan kakiatan lebet ka taun 2009. Amin

Anonymous said...

He..he, sapatu sareng imut mah benten kabina-bina atuh Kang...

Amiin, mugi-mugi sing langkung sae sagala rupina..

eza urang sunda tea said...

aduh kang hatur nuhun ah abdi tos maos sadayana asa kataji karya karya akang duh meni bangga abdi jaten urang sunda aya gening anu uteuk na mutakhir sepertos akang tapi kang abdi mah teu tiasa sapertos akang ieu ge ngadamel blog nembe di ajar sugan we kapayuna sapertos akang heheheh
hatur thank you ahh hehehe

Anonymous said...

Nuhun Kang Eza. Pami sanes urang-urang, bade saha deui atuh nu mikareueus ki Sunda? Mangga ah, urang sasarengan mitembeyan sakadugana. You're welcome oge ah :-)