Saturday, September 02, 2006

Inferiority Complex Urang Kampung

"Ah abdi mah urang kampung Kang!"
 
Pernah ngadangu kekecapan saperti kitu? Ieu teh ilahar tur mindeng kapireng dina obrolan urang Sunda. Aya kesan yen nu ngomongna (urang kampung) ngarasa kadudukanana leuwih handap ti batan nu diajak ngobrol (urang kota?). Naha ieu teh mangrupa bagian tina budaya handap asor urang Sunda?
 
Sacara prinsip, urang Sunda memang kawentar handap asor, tara nabeuh karep, tara ngagul-ngagul diri sorangan. Sanajan pinter upamana, biasana urang Sunda tara guminter, komo bari jeung nyaritakeun kapinteran sorangan mah. Sikep saperti kieu teh sabenerna kacida hadena, sabab kapinteran - upamana - lain kudu didongengkeun, tapi kudu ditembongkeun dina karya nyata.
 
Cindekna, sikep handap asor memang sikep nu hade tur kudu diipuk sangkan tumuwuh kalayan subur dina jiwa urang Sunda. Ngan hanjakalna, kadang-kadang sikep handap asor teh dilarapkeun kana hal-hal anu lain sakuduna. Contona ucapan "Ah abdi mah urang kampung Kang!" saolah-olah mangrupa judgment yen kampung leuwih handap kalungguhanana tibatan kota. Padahal, ceuk saha kampung leuwih handap darajatna tibatan kota? Mana buktina? Mana data statistikna?
 
Loba urang kampung nu pinter ngaleuwihan urang kota. Dina tim Olympiade Fisika nu anyar kaliwat, mun teu salah aya salah saurang anggotana nu asalna urang Irian. Dina persepsi budaya (pulo) Jawa, salila ieu Irian dianggap 'kampung'. Geuning etah, budak kampung teh bisa sajajar jeung anggota tim sejenna nu urang 'kota'?
 
Hartina, lamun salila ieu aya anggapan yen urang kampung salawasna katinggaleun ku urang kota, ieu teh kasalahan anu kacida gedena. Naha disangka para gegeden nagara nu manggung ayeuna teh lain urang kampung kitu? Mun rajin ngotektak riwayat hirup jalma-jalma kawentar, tetela nu sarukses teh lain urang kota nu sagala lubak-libuk, tapi lolobana mah urang kampung nu fasilitas hirupna sagala samporet. Saha nu teu terang yen Pa SBY urang kampung, upamana?
 
Ieu teh nandakeun yen (urang) kampung henteu identik jeung hengkerna kualitas atawa ajen inajen. Sabalikna (urang) kota oge henteu identik jeung kaunggulan alias superioritas. Duanana sabenerna aya dina kalungguhan anu sajajar, henteu silih ungkulan. Jeung ulah poho, penduduk kota teh lolobana urang kampung nu mukim di kota.
 
Kacindekanana, kanu kaleresan dilahirkeun di kampung saperti kuring, naha make jeung kudu mamandapan bari ngucapkeun "Ah abdi mah urang kampung Kang!"? Geus cunduk kana mangsana urang kudu reueus jadi urang kampung. Asana teu salah mun urang ngucapkeun "Abdi ti kampung Kang. Ayeuna nuju nyusun desertasi..", upamana. Tangtuna kareueus ieu teh kudu dibarengan ku usaha ngaronjatkeun pangaweruh tur ajen inajen diri sangkan kareueus nu diipuk teh sajalan jeung kualitas nu nyampak dina diri urang.
 
Prung ah, urang kampung, geura makalangan!

4 comments:

Anonymous said...

Kang, kuring seja ngiringan, sapaneja pisan..., hirup hirup urang kampung sugan teu keuna ku paribasa urang kampung bau lisung (hehehehe)

Tata Danamihardja said...

Amin. Pan saleresna mah nu bau lisung ieu nu jadi supplier pangan bangsa urangteh. Mun tu aya nu borokoh jiga bulu taneuh, na saha atuh nu kersa maraban 200 juta langkung manusa Indonesia?
Tos ngundeur ebook basa Sunda munggaran sa alam dunya? :-)

Anonymous said...

Parantos Kang..., jadi kabita nu aya. Manawi teh nu namina e-book mah ngan dina format pdf wungkul, geuning akang mah tiasa dina extension javascript. Kumaha carana tah Kang, pasihan bongbolongan lah. Tapi panginten engke dianggena ge, da seratan abdi mah teu acan seueur sapertos Akang. Ngalalanyahan ieu mah...Baktosna pun Candra urang Rawa-Kawali.

Anonymous said...

Ngadamelna nganggo html biasa, engke di convert kana format .chm. format ebook rupi2, aya pdf, pdb, lit, chm, ssjb. Nu pang entengna mah nya dina html we, jiga ngadamel web, kitu lah...