Friday, September 22, 2006

Wilujeng Saum

Wilujeng Shaum - SundaBlog

3 comments:

Singgih Nata said...

Borojolna orok kadunya teh teu samana-mana asal borojol. Kahiji ay anu "miwarang" eta orok kaluar tina rahim indungna. Tah matak kaluar terus kirup jadi jalma kasep kumisan, aya ku gagah euy make pet sagala. Naha eureun didinya wae kituh? Tangtuna ge kudu aya alesan anu kuat yen eta orok borojol ka dunia terus jadi jelema jajag waringkas.
Nya naros wae ka sorangan, naon maksadna sim kuring aya didunya teh ? Piraku ngan har-do-lin wae mah. Sok pilarian tugas anjeun didunya teh naon. Anggo eta nu ngeusian mastaka jang milarian jawabanna.
Nothing to be proud of ?.....eta kumis blapang...teu unggal US boga kumis baplang jiga anjeun atawa jiga Jendral Adjie.

Tata Danamihardja said...

He..he.. Hatur nuhun Om, nembe ayeuna aya nu ngomentaran profile:-)..
Diestokeun pisan piwulangna.

Singgih Nata said...

Nya urang silih longokan. Pan anjeun parantos kersa sumping ka blog simkuring. Blog MangSi tea.