Thursday, September 21, 2006

Basa Sunda Doel Sumbang

Buka MulutDoel Sumbang? Pasti sarerea ge pada apal. Penyanyi ballada urang Bandung nu banting setir jadi penyanyi pop Sunda. Nya manehna pisan nu sohor ngahaleuangkeun lagu 'Ai, Pangandaran, Somse, jrrd. Mimiti apal teh bareto jaman Iwan Fals anyar-anyar muncul. Teu lila ti harita ngaran Doel Sumbang mimiti sering disabit-sabit. Mun Iwan Fals mawakeun lagu-lagu ballada nu pinuh ku kritik sosial, Doel Sumbang ge sarua. Bedana, rumpaka lagu-lagu Doel Sumbang karasana leuwih garihal, malah sakapeung aya nu semu-semu jorang. Contona bae dina lagu Juwita atawa Ceu Romlah (duanana make basa Indonesia).
 
Di Indonesia (atawa lain di urang bae kitu?), dimana aya penyanyi nu ngajaul ngaranna, pasti dina waktu anu singget bakal loba anu nurutan, bari miharep bisa ngahontal sukses sarua jeung nu diturutanana. Jaman Ebiet G. Ade upamana, basa lagu Camelia mimiti jadi sabiwir hiji, loba pisan penyanyi anu gaya nyanyina nurutan Ebiet. Sebut bae upamana Jamal Mirdad jeung Ade Putra. Kitu deui basa Iwan Fals mimiti ngajaul ngaranna, ana breng teh penyanyi anu lagu katut gaya nyanyina nurutan Iwan Fals. Aya sababaraha urang, diantarana bae Doel Sumbang, Tom Slepe, jeung Suburtahu.
 
Ngaranna ge nu pipilueun, tangtu nasibna mimilikan. Aya nu terus nanjung, tapi aya oge nu terus ngalelep. Ceuk para ahli mah, ieu teh bagian tina seleksi alam. Dina enggoning milampah proses kreatipna, aya nu mogok, tapi aya oge nu terus-terusan ngulik sangkan manggihan ciri nu mandiri, nepi ka jadi beda jeung nu (tadina) diturutan. Sanggeus berproses sakitu lilana, Doel Sumbang ahirna manggihan ciri mandiri nu ngabedakeun manehna jeung Iwan Fals. Najan akarna mah sarua, lagu-lagu ballada nu ngandung protes atawa kritik sosial, tapi tetela Doel Sumbang mah leuwih napak tur leuwih karasa merenah dina adeg-adeg Sunda tur make basa Sunda tibatan ngagunakeun basa Indonesia.
 
Basa Doel Sumbang banting setir ngagunakeun basa Sunda pikeun media artikulasi daya kreatifna, teu saeutik nu ngajebian, tur nganggap yen Doel Sumbang geus 'ngalacurkeun karep'. Loba nu nuduh Doel Sumbang ngan saukur ngudag materi, tur ninggalkeun hanca nu geus dibaladah samemehna, tegesna ngalesotkeun fungsi protes jeung kritik sosial ngaliwatan lagu-laguna. Ma'lum, pas doel Sumbang banting setir teh keur booming lagu-lagu pop Sunda.
 
Tangtu teu kabeh nu dituduhkeun teh bener. Dina kanyataanana, sok sanajan mungkin bae sual ngudag materi jadi salah sahiji alesan, tapi tetela fungsi kritik jeung protes sosialna mah angger aya. Mangga tengetan lagu Pulisi Noban upamana. Noban teh hartina 20 rebu. Eusina ngritik sual pulisi nu nepi ka kiwari loba keneh nu sok pungli di jalan. Kritik ka tentara baris kapanggih dina lagu 'Sono ka Kodim', jrrd.
 
Tapi tukang kritik lain hartina teu bisa dikritik. Aya sababaraha kecap basa Sunda anu karasana aneh dina lagu Doel Sumbang. Upamana bae dina lagu Somse:
 
..dimana-mana ge sami
pameget mah cararunih..
 
Kahartina ku kuring, kecap 'cararunih' di dieu teh nuduhkeun jelema cunihin leuwih ti hiji. Jadi kuduna mah lain cararunih tapi carunihin. Jigana bae ieu teh ngudag rhyming jeung kecap dina pada saterusna:
 
..sawios, da sawios
cunihin ge kararasep
 
Jigana bae ngarah kadengena adumanis antara kecap cararunih jeung kararasep.
 
Najan kitu, tetep we ieu teh teu bisa dijadikeun alesan pikeun ngarobah kecap anu geus baku.
Aturanana, lamun kecap cunihin make rarangken 'ar' di tengah anu nuduhkeun plural atawa jamak alias leuwih ti hiji, kuduna teh jadi carunihin, sabab lamun jadi cararunih mah tangtu kecap asalna lain cunihin, tapi cunih. Padahal sakanyaho kuring mah, dina basa Sunda euweuh kecap cunih.
 
Atawa tengetan geura rumpaka dina lagu Meni-Meni:
 
..popolotot ih meni geuleuh
buad baeud ih meni geuleuh..
 
Bandingkeun jeung rumpakan dina lagu Somse:
 
Somse, alah mani somse,
Eneng mani somse, sombong sekali..
 
Mangga tingali kecap meni jeung mani dina dua lagu ieu. Dina basa Sunda, euweuh kecap meni, aya oge mani. Kecap mani teh nuduhkeun pasipatan kaleuleuwihi atawa kacida.
 
Ngarah leuwih gampang neuleuman hartina, mending urang contokeun dina kalimah sapopoe:
 
Basa Sunda: Maneh mah mani kitu ka urang teh..
Basa 'gaul': Lu kok gitu banget sih sama gue..
 
Dina conto rumpaka lagu di luhur, katingali Doel Sumbang henteu konsisten dina ngagunakeun kecap meni atawa mani. Lian ti eta, bisa wae kecap meni dianggap leuwih genah kana ceuli nu ngadengekeun. Bahayana, ninggang ka barudak jaman ayeuna nu lolobana teu dibekelan atikan nu nyunda ku kolot katut lingkunganana, bisa wae kecap meni malah dianggap bener. Kabuktian, mun pangangguran ngadengekeun barudak ayeuna ngobrol, kecap meni leuwih mindeng kadenge tibatan kecap mani.
 
Teu dileuleungit, Doel Sumbang boga andil nu teu bisa dilalaworakeun dina enggoning mopulerkeun basa Sunda ka generasi ngora atawa nonoman Sunda. Lagu-lagu pop Sunda Doel Sumbang dipikaresep ku balarea, teu kolot teu budak. Tina resep kana laguna, pan lila-lila jadi wawuh (deui) kana basana, basa Sunda. Jadi, dikritik soteh ku sabab memang aya kritikeunana. Ieu mah itung-itung bahan geusan ngalelempeng nu can pati lempeng, ngarautan nu can pati lemes, ngarah hasilna leuwih munel tur mangpaat dina raraga 'nyundakeun' deui urang Sunda.

 
BUKA MULUT

4 comments:

Anonymous said...

Punteun seja mairan kana seratanana. Ieu mah perkawis kecap /meni/ sareng /mani/. Numutkeun Akang yen kecap /meni/ teh salah, nu leres mah kecap /mani/. Leresan dieu mah, sim kuring teu sapagodos. Naon margina kecap /meni/ teu diaku minangka kecap basa Sunda? Bawirasa, kecap /meni/ teh raehan tina kecap /mani/, atawa sabalikna. Aya oge dina basa Sunda kecap nu sapertos kitu. Minangka contona, kecap /cek(e teleng)/=/cek (e pepet)/=/ceuk/; /dek (e teleng)/=/dek (e pepet)/=/deuk/; /siga/=/jiga/. Rupina mah nya leresan ieu pisan nu kedah ditalungtik teh, kunaon pangna dugi ka aya kecap nu sapertos kitu. Sasieureun sabenyereun, mangga nyanggakeun.

Tata Danamihardja said...

Saleresna sanes sual diaku atanapi henteuna, tapi langkung neueul kana sual atikan ka generasi kiwari. Sadaya ge tangtos maphum, budaya pop kacida ageung pangaruhna ka balarea. Upami nu nyanyina sanes Doel Sumbang, tapi mung saukur tukang ngamen nu teu kawentar, dina ayana ge nu nurutan, tangtos kecap 'meni' teh moal mahabu sapertos ayeuna. Malah dugi aya nu nganggap kecap mani teh jorang, teu sopan, margi disangkana hartosna teh malulu 'sperm' atanapi sperma. Padahal sakaterang, dina basa Sunda lulugu mah memang teu aya kecap meni. Nu aya teh, nya kecap mani tea. Minangka buktosna, dina karya-karya fiksi Sunda (nu kantos dibaca), asa can kantos mendak kecap meni. Duka tah ka payunna..

Singgih Nata said...

Ti keur budak, mung kecap "mani" anu seueur dianggo di Cicalengka, Garut, Bungbulang. harita pun Bapa teh pagawe pamarentah.

Dugi ka umur sim kuring nu meh 67 taun, mung kecap "mani" asana mah teu aya kecap "meni".

Upami "me'ni" upami teu lepat mah, cet nu koneng nu dianggo kanggo dadasar nu engkena di cet ku warna sanes.

Jigana mah anu ngamimitian nganggo kecap "meni", panginten jalmi anu "one way track" pikiranna, emut kana sperma. Isin sorangan.

Abah Joe

Anonymous said...

@ Bah Joe:
Duka kumaha mernahkeunana eta kecap /meni/ teh, ngan nu terang, kuring waktu harita keur budak mindeng ngunikeun kecap /meni/ kitu oge batur saulinan. Kuring urang Kawali, hiji kacamatan di Kabupaten Ciamis nu rerendengan jeung kacamatan Panjalu. Mun disebutkeun eta kecap /meni/ teh hiji kecap dialek ti wewengkon Ciamis, hese narimana da Kang Tata nu sidik urang Panjalu henteu ngabaeukeun kana eta kecap. Kumaha mun merenahkeunana eta kecap teh kana basa budak wae? Siga emam pikeun dahar, acin pikeun calana jste. Mangga nyanggakeun...