Wednesday, June 21, 2006

FENOMENA THE BEATLES

bitel kelimaKeur budak mah buuk teh galing, kitu lah ngombak. Mun tas dimandian, biasana sok terus disisiran ku pun biang. "Kieu geura meresanana, urang dibetel," saurna. Maksudna teh diponi. Naha nyebutna dibetel? Teu ngarti harita mah. Pokona, diponi teh di-betel.

Nincak SD, kitu lah kelas 5-an, mun teu salah, harita teh jaman-jamanna Ebiet G Ade mimiti sohor, lanceuk kuring mindeng pisan nyetel kaset The Beatles. Teu beurang teu peuting eta teh. Daek teu daek kuring oge milu ngadengekeun. Teu ngadengekeun kumaha atuh, da kadenge.

Tina mindeng ngadenge, lila-lila jadi resep. Kabeneran sok diajar ngagitar ku lanceuk. Laguna pasti lagu The Beatles. Inget keneh, lagu The Beatles nu mimiti pisan bisa gitarna teh lagu Love Me Do. Unggal ngagitar laguna angger, da puguh kakara eta-etana nu bisa.

Asup SMP mimiti ben-benan (nge-band). Mun aya acara di sakola kuring pasti mawakeun lagu The Beatles. Laguna ge geus nambahan. Kelas dua SMP geus bisa lagu Ticket ti Ride. Heuheuh..gaya lah, asa pang akangna we!

SMA, kuliah, beuki maceuh. Mung teu kasengker ku teu boga duit mah jigana geus jadi kolektor. Ngan hanjakal, nya kitu tea, teu gaduh cicis! Jadi sakumaha resepna oge, wayahna saaya-aya. Ngan nu jelas, perbendaharaan lagu beuki loba, kurang leuwih 150 lagu mah apal cangkem.

Kungsi sok maen di kafe-kafe di Bandung. Pernah oge dikontrak di TD's Cafe (Hotel Preanger) Bandung. Malah ampir dikontrak di New York Cafe bogana Subronto Laras di Jakarta, hanjakal teu jadi, gara-gara personnel band aya nu indit gawe ka Surabaya.

Nu weleh teu kaharti, naha kuring nu hirup di jaman The Beatles geus bubar, bisa sakitu muhitna? Nyaho ge henteu basa maranehna keur meujeuhna sohor teh. Kuring mah ngan nyaho dongengna wungkul. Nu leuwih hemeng mah, loba penggemar The Beatles ayeuna nu umurna masih wewelasan (di Bandung & Jakarta ayeuna aya penggemar The Beatles nu sakolana masih keneh SMP!).

Mungguh sareat mah asa pamohalan jelema nu teu ngajamanan bisa resep ka musisi nu sohorna teh puluhan taun ka tukang. Tapi da geuning kitu kanyataanana, malah kaalaman pisan ku kuring. Ceuk para ahli perbitelan, aya sababaraha hal anu bisa ngajelaskeun fenomena ieu, diantarana:

Kahiji, lagu-lagu the Beatles henteu rumit, henteu matak kerung nu ngadenge, sederhana, tur babari diapalkeunana.

Kadua, temana loba anu diangkat tina kahirupan sapopoe, nepi ka loba nu ngarasa 'terwakili'

Katilu, ceuk Jelly Tobing mah lagu-lagu The Beatles ngandung tilu unsur utama: Love, Peace and Freedom (Cinta, Katengtreman jeung Kabebasan). Ieu tilu unsur teh ngarupakeun tema universal anu bisa dilarapkeun di mana bae.

Kaopat, ceuk kuring ieu mah, lian ti anu geus disebutan di luhur, harmonisasi vokal jadi unsur nu ngajadikeun kuring kataji. Asa ni'mat teh lamun mawakeun lagu The Beatles jeung barudak band, aya sora hiji, dua, tilu (sora maung mah henteu..). Jigana, kurang leuwih saperti lamun urang ngadengekeun lagu-lagu Koes Plus. Tah raosna teh cek kuring mah mirip-mirip kitu..

Fenomena The Beatles lain ngan ukur ngagalaksak dina widang musik. Gejala Beatlemania ngarambah kana widang kahirupan sapopoe. Model potongan buuk upamana. Indung kuring wae nu sabenerna lain penggemar The Beatles, pan nyaho istilah di-betel alias moptop alias potongan buuk poni ala The Beatles. Padahal cicing di kampung, di nagara nu jauhna ratusan rebu kilometer ti lemburna The Beatles. Potongan buuk ieu teh jadi mode nu nerekab ka sakuliah dunya.

***

Mun pareng mukaan internet, nepi ka ayeuna, loba pisan band anu husus mawakeun lagu-lagu The Beatles. Di Australia aya The Rutles. Di Swedia ya Liverpool. Di Chicago aya American English jsb. Kumaha ari di Indonesia? Sami mawon. Loba kacida. Di Jakarta aya Bharata Band, G-Pluck. Di Bandung aya Mat Bitel, Silver Beat, Old Crack jrrd. Di Jogja aya Blangkon. Ieu mah sakadar conto. Mun panasaran hayang leuwih kumplit soal The Beatles, kantun muka internet. Balatak. Ngarah gampang, bisa dimimitian ti dieu. Wilujeng nga-bitel!!

1 comment:

yang terdzolimi said...

lain kitu caritana mah, teu jadi di kontrak ku new york cafe teh pedah pemaen lead guitarna ngomong cape ka manajerna...di jero mobil timor basa di tanya ku manajer band teh..puguh we atuh manajer band teh..ngambek...jadi di anterkeun ka gambir tah di ongkosan sajuta.jeung pemaen bassna henteu mood maen deui padahal kontrak tos di tanda tangan padahal sangsi hukumna teh dina eta surat kontrak " apabila grup band itu tidak bisa main, akan di kenakan denda sebesar 2 x biaya kontrak" Puguh we pemain rhytmna ador2an milarian pemain pengganti. dugikeun ka cilakana dina motor..tabrakan di jalan talaga bodas. Ungtungna pemain rhytm anu nanda tangan teh seueur rencangna...tungtungna mah janten oge maen di Grand Aquila teh bari pemaen rhytmna pinuh getih dina pianona jalaran jari telunjukna muter sareng kukuna coplok. Tah kitu kajantenan anu leresna mah....
Sok we emutan..saha nu lepat...saha nu teu propfesional..saya ngabelaan kaluar gawe ti kantor ngabelaan grup eta teh. anak pamajikan saya oge geus milu ka korbankeun tah...pikir....memang moal karasa kunu masih bujangan jeung ngora keneh mah hasil usaha sayah teh.
bisa maen di ditu di dieu teh atas usaha jeung relasi saya mun hayang nyaho mah...... sayah teh rek nulungan jelema nu keur nganggur gawe...eh...kalahka jadi garede hulu.... memangna bisa akses ka konglomerat teh gampang kitu?
karasa meureun sa prak na di tinggalkeun ku sayah...teu bisa maen ka mana2 nya? paling oge kelas 17 agustusan deui nya?
tah eta teh jang conto...keur nu lain....tong sok ngagampang keun ka jelema teh...komo kanu leuwih kolot mah...mangga di emutan kunu nyerat artikel beatles ieu....
wilujeng....