Sunday, February 04, 2007

Apel

Lain buah ieu mah, sabab ngunikeunana jiga jiga urang nyebut kelek: apel. Taun 70-an disebutna nganjang. Nu rada malayuna: wakuncar (wajib kunjung pacar). Cek Bimbo eta teh.

Duka tina basa naon tah asalna. Sabab upacara oge geuning disebutna teh apel. Jadi lamun ngadenge apel pagi, eta mah hartina lain bobogohan isuk-isuk, tapi upacara isuk-isuk.

Jigana kabiasaan apel atawa teh geus aya ti jaman tai kotok dilebuan keneh (meureun). Waktuna biasana malem Minggu, sabab mun malem Juma'ah mah cenah usumna apel jurig. Tara beurang atawa isuk-isuk deuih, da eta meureun bisi pahili jeung upacara. Der keh bobogohan make lagu Indonesia Raya. Pan teu lucu.

Tradisi atawa kabiasaan apel teh tetela rupa-rupa pisan, gumantung kana tempat jeung jaman. Baheula, cenah nu apel teh sok barangkirim ka nu diapelanana. Disebutna mahugi. Kitu we sabangsaning dahareun, martabak, bala-bala, atawa kurupuk nu ditiiran. Mun teu kitu, bako mole. Tangtu ieu mah lain jang kabogohna, tapi jang bapana nu sok udud bako mole. Mun teu boga duit, naon we saaya-aya. Malah cek beja, kungsi aya nu mahugi anak ucing. Pokona mah mahugi.

Tapi jaman ayeuna, bobogohan teh jiga nu teu ngawaktu. Teu beurang teu peuting. Malah bisa isuk-isuk sagala. Kadang-kadang aya oge nu tilu kali sapoe, jiga dahar ubar. Isuk, beurang, jeung peuting. Tradisi mahugi jigana geus euweuh. Atawa mungkin bae istilahna lain mahugi.

Kungsi aya budak tatangga, kakara kelas tilu SMP, tapi bobogohanana mani nyorokcok. Teu beurang teu peuting, idek liher we di imah kabogohna. Teuing iraha diajarna tah budak teh, da mani jiga sibuk pisan, waktuna beakeun ku bobogohan. Ngan nu jelas, mun di sakolana aya pelajaran bobogohan, budak eta pasti peunteun sapuluh!

Nu matak paur, apel barudak ayeuna mah geus dibekelan elmu nu 'jero', boh tina TV, pilem atawa bacaan 'XXX' nu balatak di mana-mana. Najan can aya statistikna, tapi ku panenjo saliwat oge geus bisa kajudi, kumaha gampangna neangan VCD porno atawa buku-buku jorang di 'lapak-lapak terdekat'. Hargana murah, kahontal ku pesak budak sakola. Mun teori ladang maca atawa lalajo eta dipraktekkeun, beu, cilaka! Matak wirang sarerea.

Baheula, jaman kuring SMP, boga kabogoh teh saestuna ngan aku-akuan wungkul. Kasebutna we kabogoh, da papanggih ge sok kalah nyorodcod tuur. Apel? Boro-boro, kitu we di sakola wungkul. Jadi boro-boro cubuk-cabak, teu wararantun. Cek paribasana, kakara nempo sendalna ge geus seseblakan. Nempo suhunan imahna ge geus cukup, wareg. Jeung gede keneh kaera deuih, da eta we sakalieun diadeuh-adeuh ku batur ge sok hayang ceurik, bakating ku era (najan bari atoh).

Nincak SMA, kakara rada wani apel. Alesanana mah biasa, 'belajar bersama'. Kitu ge bari kudu siap diboro ku pamuda 'lokal', mun kabeneran aya tatanggana nu sarua naksir. Acarana euweuh deui, ukur ngobrol. Minangka nu rada mewahna, pacekel-cekel leungeun, silih rames ramo. Eta ge mani geus asa bungah kabina-bina, bari jeung ngadegdeg, nirisan saawak-awak. Bari jeung culang-cileung deuih, bisi kapanggih ku bapana. Mun kapanggih, cilaka, moal meunang apel deui. Rugi tah!

***

Kahariwang nempo kondisi jaman kiwari, tangtu lain perkara gampang dina ngungkulanana. Mahabuna pangaruh ti luareun imah (media, pergaulan jrrd.), mangrupa masalah anu kacida beuratna. Carana, teu aya deui iwal ti mekelan barudak urang ku pangaweruh bagbagan agama anu kuat. Lian ti eta, kudu ditandeskeun yen sagala kalakuan urang baris aya konsekuensina. Barudak kudu dibekelan kasadaran yen maranehna ngabogaan tanggungjawab ka dirina pribadi, kulawarga, jeung nu pang pentingna, tanggung jawab ka Pangeran, Gusti Allah Subhanahu Wata'ala.

Sugan ari tarekahna geus diketrukkeun mah, moal hariwang teuing!

Monday, January 22, 2007

The Complete Beatles Chronicle (FREE!)

Ngungkab kalawan gemet tur imeut sajarah The Beatles, hususna ngeunaan hal-hal anu pakuat-pakait jeung sesi rekaman. Euyeub ku mangpirang-pirang dokumen ngeunaan kahirupan ieu grup, boh nu sipatna umum atawa pribadi, ti mimiti lelengkah halu nepi ka bubarna pisan.
 
Judul: The Complete Beatles Chronicle
Yasana: Mark Lewisohn
Pamedal: Harmony
ISBN: 0517581000
Medal kaping: 22 September 1992
Jumlah kaca: 365
 
Supados teu panasaran, mangga diundeur bae, HARATIS. File-na lumayan ageung (30.1 Mb)
http://rapidshare.com/files/12635283/Complete_Beatles_Chronicle.pdf

Sunday, January 21, 2007

Ngalarapkeun Kecap

Soal undak usuk basa, soal ngalarapkeun kekecapan, tetela lain ngan ukur masalah generasi ngora. Mun salila ieu aya kesan yen nu sok salah ngalarapkeun kecap teh barudak, sabenerna mah teu kitu. Kolot oge teu kabeh tapis ngalarapkeun basa, utamana dina ngagunakeun basa keur sorangan jeung keur batur. Ieu teh kadang-kadang sok mindeng pahili, atawa ngacapruk.
 
Kuirng mindeng ngadenge kecap 'pun rama', 'pun ibu', 'pun rai', 'pun raka', 'pun istri', jrrd. Ieu teh kabehanana mangrupa kekecapan keur sorangan anu ngacapruk, euweuh dina 'buku rusdi-na'. Kuduna mah 'pun bapa', 'pun biang', 'pun adi', 'pun lanceuk', 'pun bojo', jst. Kumaha mun hayang ngabasakeun 'salaki kuring' ka batur? Pake we kecap 'pun lanceuk', sabab kecap pun lanceuk hartina bisa 'lanceuk' atawa 'salaki'. Jadi omat ulah ngomong caroge abdi atawa istri/garwa abdi, sabab ieu teh kaasup 'adab lanyap'. Maksudna mah adab alias sopan, tapi teu merenah.
 
Mun kekecapan di luhur ditujukeun ka batur, tangtu kudu ganti jadi 'tuang rama', 'tuang ibu', 'tuang raka', 'tuang rai' (bisa adi atawa pamajikan). Conto dina gunem catur:
 
"Kumaha tuang rama sareng tuang ibu daramang?"
"Kamari abdi pendak sareng garwana/geureuhana Pa Camat di Bale Desa."
"Pun lanceuk nu cikal mah tos bumen-bumen di Jakarta." (lanceuk)
"Abdi ngarangkep sareng pun lanceuk teh tos aya kana tujuh taunna." (salaki)
"Dupi Bu Yanti angkat ka Palembang teh sareng carogena?"
 
Kungsi aya kajadian pikaseurieun. Dina hiji mangsa aya nu pupuntenan ka imah, bapa-bapa umur limapuluhan, dikopeah. Dititah ka jero teu daekeun, kalah pok ngomong, "Sawios Cep, da moal lami Emang teh. Ieu mah ka dieu teh wireh aya taroskeuneun."
"Ari kitu aya naon Mang?" cek kuring panasaran.
"Kieu puguh...eueu..dupi pun bapa teh saha nya jenengan kumplitna?"
 
Kuring ngahuleng sajongjongan. Boro-boro apal ka ngaran bapana, dalah ngaran si Emang ieu ge sumpah kuring teu nyaho. Untung otak MacGyver ngolebat na jero sirah. Kuring ujug-ujug surti, yen manehna teh maksudna mah nanyakeun ngaran lengkep pun bapa (bapa kuring). Duh, ari Emang, untung kuringna calakan!!
 

Wednesday, January 10, 2007

Adab Ngobrol Urang Sunda

Kecap adab, jigana mah tina basa Arab. Duka naon tah harti asalna dina basa Arab mah. Ngan nu jelas, kecap adab geus jadi basa Sunda. Hartina, mun teu salah, kurang leuwih tata cara, tata titi, sopan santun, dina enggoning ngalakukeun hiji hal. Upamana bae, adab maca Kur'an, adab nyanghareupan semah, adab ngobrol ka saluhureun, jsb.
 
Urang Sunda geus ti dituna keneh kawentar someah tur bear budi. Suranyeh, berehan ku imut (kade, imut di dieu hartina senyum, lain lucu saperti dihartikeun ku barudak ayeuna). Mun ngobrol biasana sok dibarung ku seuri, najan sabenerna teu hayang seuri. "Sumuhun, Bapa..eheheh.. Abdi mah kaleresan nuju cuti..eheheh.. Janten rada nyalse..heu..heu..heu..." Padahal naon lucuna cuti nya?
 
Tapi da seuri di dinya mah lain seuri jiga keur lalajo bodor, tapi istuning seuri hormat, nandakeun yen urang ngarasa bungah papanggih jeung jelema nu diajak ngobrol. Kumaha carana ngabedakeun antara seuri lalajo bodor jeung seuri dina conto obrolan di luhur? Beda dina lentongna. Mun seuri ku sabab hayang seuri nempo bodor mah nyakakak, ieu mah henteu kitu. Seurina diawer. Seuri hormat. Ieu teh kaasup kana salah sahiji adab ngobrol urang Sunda.
 
Nu kumaha ari imut? Imut mah 'senyum' tea. Seuri tapi teu katembong huntu, tur taya soraan. Imut biasana 'dibikeun' ka saha bae, kaasup ka jelema nu teu wawuh. Pan ibadah tea. Urang oge pasti kabawa hegar mun nempo beungeut jelema anu marahmay, teu tinggaleun ti imut. Komo lamun nu imutna teh geulis, tangtu matak poho kana hutang:-)
 
Lian ti imut atawa seuri, nu teu kurang pentingna oge nyaeta lentong (lain lontong!) dina nyarita atawa gunem catur. Intonasi. Mun urang Sunda ngobrol, estu ngeunaheun kadengena, pangpangna ku urang Sunda deui, da ari ceuk seler sejen mah can tangtu ngeunaheun. Buktina pan sok diparodikeun, najan kadang kadang kaleuleuwihi. Ma'lum, ngaranna ge parodi, tangtu kudu karikatural.
 
Kabeh nu ditataan tadi masih kurang lengkep mun teu dibarengan ku rengkuh. Rengkuh sabenerna leuwih ngawakilan sikep urang sacara integral, anu gumulung dina dina wangun 'gesture' alias 'bahasa tubuh' (basa awak?). Mun ngobrol jeung jelema nu dipihormat, awak biasana rada doyong ka hareup, leungeun katuhu ngusap-ngusap leungeun kenca. Unggeuk dibarengan imut mun pareng pasalandog jeung nu sejen (rek wawuh rek henteu), oge kaasup bagian tina sikep rengkuh. Eta mah sakadar conto. Sikep rengkuh nu sagemblengna bakal leuwih karasa dina kanyataan sapopoe.
 
Nu pamungkas, kahade, kudu ati-ati ngagunakeun sesebutan ka batur. Ulah pararadu nyebut Nini, Aki, Emang, Bibi, atawa Euceu ka batur nu teu katalian baraya. Mending pake bae sesebutan anu leuwih umum saperti Bapa, Ibu, Akang atawa Teteh. Anu leuwih hade, tengetan heula kumaha batur biasana nyebut ka jelema nu ku urang rek diajak ngobrol, bisi jinisna teu ngeunaheun, bisi asa disapirakeun. Nu penting, ulah 'sok akrab', sabab sipat tur watek jelema teh teu sarua. Hal ieu oge wajib dijieun lilinggeran dina komunikasi tinulis saperti surat, SMS, email jeung sajabana.
 
Kecap Ujang jeung Nyai oge geus teu pati ilahar dipake, ari lain di lingkungan kulawarga deukeut mah. Jadi, tibatan nyebut Ujang atawa Nyai, mending sebut bae ngaranna, atawa gunakeun sesebutan Eneng jeung Encep. bisa oge make sesebutan 'ayi', kecap nu sipatna 'unisex' pikeun ka sahandapeun nu umurna teu sabaraha geseh jeung urang.
 
Pabaliut? Ah, henteu lamun geus biasa mah. Pan ieu teh bagian tina ngaraksa atawa ngamumule  budaya Sunda, bari jeung angger ngahargaan batur. Mun urang hayang dihargaan batur, nya tangtu urang oge kudu ngahargaan ka batur. Mangga emut, kumaha mun urang ujug-ujug disebut Emang atawa Euceu/Bibi ku kenek angkot nu teu dulur teu baraya? Kungsi aya tatangga ngalaman kajadian saperti kitu. Da eta mah mani geuneuk beungeutna bari nembalan ka kenek, "Na ti iraha urang kawin ka bibi maneh?"

Friday, December 01, 2006

Saembara Ngarang Novelet Sunda

Dina raraga mieling Hari Bahasa Ibu (Basa Indung) Internasional tanggal 21 Pebruari 2007, Paguyuban Panglawungan Sastra Sunda (PP-SS) baris ngayakeun “Lomba Ngarang Novelet Barudak Basa Sunda”. Pamilon lomba teu diwatesanan (umum), ditutup tanggal 31 Desember 2006 (cap pos). Novelet ditulis dina basa Sunda, diketik komputer 2 spasi antara 20-40 kaca, ukuran keretas A4. Tema karangan bebas, tapi kudu disaluyukeun pikeun bacaeun barudak umur 12-15 taun.
 
Naskah wajib dilengkepan ku identitas pangarang, dikirim ka Jln. Taman Kliningan II No. 5 Buahbatu Bandung 40264, kalawan dina amplopna ditulisan “Saembara Ngarang Novelet Barudak PP-SS”, atawa bisa dikirim ka alamat serelek (email) pangarangsunda@yahoo.co.id. Para juara lomba nu hadiah totalna Rp 9 juta ieu teh baris diumumkan tanggal 21 Februari 2007.
 
Sok atuh, nu ngaraos kagungan bakat tulas-tulis, ngariringan ah..
 
 

Friday, November 24, 2006

Rupa-rupa Kabeurangan

Cek sakaol, kabeurangan teh aya dua rupa: kabeurangan nu dihaja, kabeurangan rada dihaja, jeung kabeurangan nu teu dihaja. Baruk aya kabeurangan nu dihaja kitu? Seueur, kulan. Eta geuning sok loba PNS nu ngantorna sakainget. Kuduna ngantor jam tujuh, ku sabab asa digawe di kantor nini aki, der datang jam sapuluh. Mending mun digawena teh suhud, balik jam opat atawa jam lima. Ieu mah henteu. Jam satengah satu geus anggalesoh, bujurna ngadadak lenjong. Alesan itu ieu, leos we balik. Na ngaladangan naon atuh nya ari nu kitu? Eta ku geus teu asa jeung jiga tea meureun..
 
Anehna ari di kantor-kantor swasta gedean mah leuwih disiplin. Lain euweuh, ngan asana moal ngabudaya jiga di kantor-kantor pamarentah. Ieu teh taya sanes ku lantaran di swasta mah biasana jelas dina soal 'reward and punishment'. Bolos sakitu jam, nya potong we gajihna, kitu conto nu gampangna mah. Nya ieu pisan nu teu dilarapkeun di kantor-kantor pamarentah teh. Pagawe negeri mah jongjon, sabab gajih geus maneuh unggal bulan. Perkara bolos atawa melencing, wah, nu dilaluhur ge sarua we melencing. kitu biasana alesanana teh.
 
Pun lanceuk kabeneran pagawe nagri di Cirebon. Ngadongeng, cenah eta mah aya anak buahna nu digawena teh ngan ukur sapoe dina sabulan, istuning datangna teh ngan poean nyokot gajih wungkul. Dipapatahan mah dipapatahan, hih angger we kitu. Alesanana teh cukup ku, "Teu gaduh ongkos Pa.." Dasar euweuh kaera.
 
"Naha atuh lain carekan, atawa laporkeun we ka atasan?" cek kuring mangloh.
 
"Teu wasa," tembal ki lanceuk, "Sidik si eta teh dulurna atasan Akang.."
 
Wah, teuing atuh ari kitu mah!
 
Kumaha ari kabeurangan nu rada dihaja? Ieu mah sabenerna teu hayang kabeurangan, tapi aya hal sejen nu nyababkeun kabeurangan. Contona mun keur usum mengbal Piala Dunya tea. Pan sarerea ge tangtu lain hayang kabeurangan, tapi hayang lalajo mengbal. Kadang-kadang sapeuting jeput tah teu sare ngabelaan karesep kana mengbal teh, bari jeung nu mengbalna mah teu dulur teu baraya, teu hir teu walahir. Ngan orokaya isuk-isukna sok tunduh. Jadi we kabeurangan. Teu dihaja pan kabeuranganana mah? Tapi lalajo mengbalna - nu matak tunduh nepi ka kabeurangan ngantor, eta mah dihaja. Jadi, nu kieu nu kabeurangan rada dihaja teh.
 
Nu katilu, kabeurangan nu teu dihaja. Ieu mah bener-bener teu dihaja. Tangtu kabeuranganana oge moal terus-terusan jiga PNS. Bisa wae peutingna aya nu gering, terus kudu kemit, teu bisa sare. Ngaranna ge musibah. Jadi mun isukna kabeurangan, nya dima'lum, da lain kahayangna tur lain ngahaja.
 
Di kampung, sok loba pisan budak sakola nu kabareurangan. Alesanana oge kuat, babantu digawe ka kolotna. Ma'lum budak di kampung mah, najan leutik keneh, loba nu geus diandelkeun mantuan kolot. Ngarit jang domba tea, ngala cai tea, narokan suluh tea, jeung sajabana. Kitu soteh da meureun kajurung ku kaayaan. Mun kolotna sagala aya mah, piraku teuing tega anakna kudu migawe pagawean kolot nepi ka matak kabeurangan sakola sagala. Ngan dalah dikumaha deui atuh. Matak guru-guru di sakola ge sok loba ngama'lum, tamaha, bongan pamarentah can bisa ngama'murkeun sakabeh rahayatna.
 
Sanajan kitu, ari mindeng-mindeng teuing mah, keuheul oge pa Guru teh. Saperti si Ibro anak Mang Daman. Eta mah da teu sirikna unggal poe atuh kabeurangan teh. Memang sabenerna mah memeh sakola teh manehna sok guwa-gawe heula mantuan kolotna. Ngan ku sabab mani unggal poe pisan, Pa Guru teh antukna mah bendu oge.
 
Basa si Ibro kabeurangan deui, Pa Guru nyentak, "Tas naon heula atuh maneh teh Ibro? Tuh batur mah geus ngerjakeun soal aya kana sapuluhna!"
"Euh..Punten Pa Guru, abdi wangsul macekkeun heula domba nembe teh.." si Ibro murungkut.
"Macekkeun domba? Na atuh lain ku bapa maneh nu kitu mah?" Pa Guru beuki wera.
"Eu..eu..moal tiasa atuh Pa, kedah ku domba deui..." si Ibro ngalengis bingung, satengah ambek. Teungteuingeun ari Pa Guru, maenya bapana kudu macek domba!
 

Thursday, November 23, 2006

Basa Sunda Tereh Tumpur?

Ngajawab ieu patalekan sabenerna enteng bangga. Enteng, da memang tinggal ngajawab. Naon hesena ngajawab? Tapi oge bangga sabab lamun hayang ngajawab kalawan bener tangtu kudu dirojong ku rupa-rupa alesan nu ngarojong jawaban urang. Jadi? Ah kuring mah moal ngajawab, rumasa kurang elmuna. Keun eta mah bagean para ahli anu memang rubak bekelna.
 
Kahariwang yen basa Sunda bakal tumpur memang asup akal, lamun urang nengetan basa Sunda nu dipake ku sabagian gede kalangan nonoman Sunda. Basa nu dipake geus pabaliut jeung basa deungeun atawa basa sejen, utamana basa Indonesia 'jakartaan'.
 
"Aduh, nggak mau maneeehh.." (pemeo temporer taun 90-an, euweuh hartina iwal ti nembongkeun kagumbiraan. Contona: wanoja panggih jeung jajaka kasep, terus nyarita ka baturna papada wanoja, "Aduuh, nggak mau maneh.. na eta mah mani kasep-kasep teuing nya?")
"Urang mah mun ngobrol jeung si eta pasti keketawaan.." (maksudna: seuseurian)
"Bapa urang ge bangga urang bisa rengking hiji.." (maksudna: reueus)
"Besok meunang teu urang maen ka rumah?" (maen dina basa Sunda hartina ngadu, judi. Padahal di dieu tangtuna ge maksudna ulin).
 
Loba keneh sabenerna kalimah-kalimah anu direumbeuy ku basa Indonesia, nu hartina baris jadi nyaliwang lamun urang pengkuh nyekel kana tetekon kana basa Sunda anu 'bener'. Sanajan kitu, kadang-kadang kuring sok mikir sorangan. Basa teh pan diciptakeunana pikeun komunikasi anu tujuanana sangkan nu ngobrol jeung nu diajak ngobrol papada ngarti kana naon anu diobrolkeun atawa anu jadi jejer obrolan. Lamun nilik kana tujuanana, atuh meureun teu salah sapanjang nu ngobrol make basa Sunda campur aduk teh papada ngarti, da tadi ge tujuanana teh nya komunikasi tea. Nyambung, mun cek barudak ayeuna mah.
 
Nya ieu pisan anu kadang-kadang nu ngondang pebentar paham teh. Cek kaum 'konvensional', komunikasi teh lain saukur papada ngarti, tapi oge kudu bener, boh kekecapanana, boh undak usukna. Cek kaum 'moderat', keun we rada teu bener oge, nu penting mah daek keneh ngagunakeun basa Sunda, tinimbang lapur pisan. Malah cek nu 'revolusioner' mah, rek ngobrol make basa naon ge nu penting mah nyambung, papada ngarti, na make kudu riweuh sagala?
 
Sababaraha pamanggih nu disebut di luhur nepi ka ayeuna masih terus dipadungdengkeun. Ngan keur sakuringeun, idealna mah nonoman atawa generasi ngora angger kudu apal tur ngarti mana basa Sunda nu 'bener', sabab ieu teh modal nu kacida gedena. Cenah eta dina waktu ngobrol jeung babaturanana make basa Sunda 'teu bener', keun we teu nanaon, nu penting manehna nyaho kumaha basa Sunda nu sakuduna. Mun teu kitu, tangtu baris aya 'gap' anu beuki anggang antara generasi 'kolot' jeung generasi ngora, da masing-masing boga 'basa sorangan' tea.
 
Carana? Nya kudu aya komunikasi antara kolot jeung budak tea. Lengkah awal nu kacida utamana, euweuh deui iwal ti ngatik tur ngajak barudak di imah sewang-sewangan sangkan wawuh kana basana sorangan. Ulah ngarasa reueus mun anak urang - nu indung bapana pituin urang Sunda - palahak polohok teu ngarti basa Sunda.
 
Anu kadua, mun budak salah ngomong basa Sunda, ulah diseukseukan. Anggur deukeutan, terus perenahkeun kumaha kuduna. Lamun dicarekan, tibatan jadi bener, budak kalahka tinggar kalongeun. Tungtungna kalah hoream nyarita ku basa Sunda, sabab sieun dicarekan tea. Lapur weh mun geus kieu mah.
 
Kadang-kadang sok loba dongeng pikaseurieun mun pangangguran nengetan basa Sunda barudak jaman kiwari. Di handap ieu aya sababaraha dongeng nu dicutat tina pangalaman guru basa Sunda di SD.
 
Soal Basa Sunda
Teruskeun kalimah-kalimah di handap ieu ku hidep.

Soal  : Ibu tuang, abdi ....
Jawab : hoyong.
Soal  : Bapa angkat, abdi ....
Jawab : ngiring.
Soal  : Ulah sok huhujanan bisi ....
Jawab : diteunggeul.
Soal  : Cikaracak ninggang batu laun-laun jadi ....
Jawab : tarik.
Soal  : Nini kulem, abdi ....
Jawab : oge.
 
Nu ieu mah soal basa Indonesia, dijawab ku budak anu 'nyunda' pisan.

Soal  : Pencuri itu lari tunggang ......
Jawab : tonggeng.
 
Keur mimiti ngadenge dongeng-dongeng tadi, kuring ngagakgak. Tapi lila-lila kalah ngahuleng. Enya kitu basa Sunda teh tereh tumpur? Tetela, ieu teh pikiraneun urang sarerea.