Wednesday, January 10, 2007

Adab Ngobrol Urang Sunda

Kecap adab, jigana mah tina basa Arab. Duka naon tah harti asalna dina basa Arab mah. Ngan nu jelas, kecap adab geus jadi basa Sunda. Hartina, mun teu salah, kurang leuwih tata cara, tata titi, sopan santun, dina enggoning ngalakukeun hiji hal. Upamana bae, adab maca Kur'an, adab nyanghareupan semah, adab ngobrol ka saluhureun, jsb.
 
Urang Sunda geus ti dituna keneh kawentar someah tur bear budi. Suranyeh, berehan ku imut (kade, imut di dieu hartina senyum, lain lucu saperti dihartikeun ku barudak ayeuna). Mun ngobrol biasana sok dibarung ku seuri, najan sabenerna teu hayang seuri. "Sumuhun, Bapa..eheheh.. Abdi mah kaleresan nuju cuti..eheheh.. Janten rada nyalse..heu..heu..heu..." Padahal naon lucuna cuti nya?
 
Tapi da seuri di dinya mah lain seuri jiga keur lalajo bodor, tapi istuning seuri hormat, nandakeun yen urang ngarasa bungah papanggih jeung jelema nu diajak ngobrol. Kumaha carana ngabedakeun antara seuri lalajo bodor jeung seuri dina conto obrolan di luhur? Beda dina lentongna. Mun seuri ku sabab hayang seuri nempo bodor mah nyakakak, ieu mah henteu kitu. Seurina diawer. Seuri hormat. Ieu teh kaasup kana salah sahiji adab ngobrol urang Sunda.
 
Nu kumaha ari imut? Imut mah 'senyum' tea. Seuri tapi teu katembong huntu, tur taya soraan. Imut biasana 'dibikeun' ka saha bae, kaasup ka jelema nu teu wawuh. Pan ibadah tea. Urang oge pasti kabawa hegar mun nempo beungeut jelema anu marahmay, teu tinggaleun ti imut. Komo lamun nu imutna teh geulis, tangtu matak poho kana hutang:-)
 
Lian ti imut atawa seuri, nu teu kurang pentingna oge nyaeta lentong (lain lontong!) dina nyarita atawa gunem catur. Intonasi. Mun urang Sunda ngobrol, estu ngeunaheun kadengena, pangpangna ku urang Sunda deui, da ari ceuk seler sejen mah can tangtu ngeunaheun. Buktina pan sok diparodikeun, najan kadang kadang kaleuleuwihi. Ma'lum, ngaranna ge parodi, tangtu kudu karikatural.
 
Kabeh nu ditataan tadi masih kurang lengkep mun teu dibarengan ku rengkuh. Rengkuh sabenerna leuwih ngawakilan sikep urang sacara integral, anu gumulung dina dina wangun 'gesture' alias 'bahasa tubuh' (basa awak?). Mun ngobrol jeung jelema nu dipihormat, awak biasana rada doyong ka hareup, leungeun katuhu ngusap-ngusap leungeun kenca. Unggeuk dibarengan imut mun pareng pasalandog jeung nu sejen (rek wawuh rek henteu), oge kaasup bagian tina sikep rengkuh. Eta mah sakadar conto. Sikep rengkuh nu sagemblengna bakal leuwih karasa dina kanyataan sapopoe.
 
Nu pamungkas, kahade, kudu ati-ati ngagunakeun sesebutan ka batur. Ulah pararadu nyebut Nini, Aki, Emang, Bibi, atawa Euceu ka batur nu teu katalian baraya. Mending pake bae sesebutan anu leuwih umum saperti Bapa, Ibu, Akang atawa Teteh. Anu leuwih hade, tengetan heula kumaha batur biasana nyebut ka jelema nu ku urang rek diajak ngobrol, bisi jinisna teu ngeunaheun, bisi asa disapirakeun. Nu penting, ulah 'sok akrab', sabab sipat tur watek jelema teh teu sarua. Hal ieu oge wajib dijieun lilinggeran dina komunikasi tinulis saperti surat, SMS, email jeung sajabana.
 
Kecap Ujang jeung Nyai oge geus teu pati ilahar dipake, ari lain di lingkungan kulawarga deukeut mah. Jadi, tibatan nyebut Ujang atawa Nyai, mending sebut bae ngaranna, atawa gunakeun sesebutan Eneng jeung Encep. bisa oge make sesebutan 'ayi', kecap nu sipatna 'unisex' pikeun ka sahandapeun nu umurna teu sabaraha geseh jeung urang.
 
Pabaliut? Ah, henteu lamun geus biasa mah. Pan ieu teh bagian tina ngaraksa atawa ngamumule  budaya Sunda, bari jeung angger ngahargaan batur. Mun urang hayang dihargaan batur, nya tangtu urang oge kudu ngahargaan ka batur. Mangga emut, kumaha mun urang ujug-ujug disebut Emang atawa Euceu/Bibi ku kenek angkot nu teu dulur teu baraya? Kungsi aya tatangga ngalaman kajadian saperti kitu. Da eta mah mani geuneuk beungeutna bari nembalan ka kenek, "Na ti iraha urang kawin ka bibi maneh?"

No comments: