Friday, September 07, 2007

Ebook Gratis: Tamba Sare Sore-Sore

Sok inget jaman keur budak, mun beres ngapalkeun (mun keur purun eta ge..) biasana sok maca buku bari nungguan jam satengah salapan, waktuna sare. Sabenerna lain pedah kutu buku, tapi ku sabab euweuh deui hiburan. Ma'lum cicing di kampung, can aya listrik. Lian ti maca, paling-paling bari ngadengekeun radio. Tapi eta oge mun kabeneran aya lagu-lagu atawa sandiwara sunda "Di Pasisian" ti RRI Bandung. Mun teu kitu neangan siaran radio luar negeri. BBC, Radio Australia, Korea, Cina, Rusia, pokona mah neangan hiburan saaya-aya. Cek paribasana nya tamba sare sore-sore. Nungguan datangna tunduh. Tah, jadi maca oge dina raraga tamba sare sore-sore tea.
Ebook Gratis: Tamba Sare Sore-Sore
Bisi aya nu teu kungsi ngalaman kumaha rasana maca bari nungguan datangna jurig tunduh, mangga dicobian geura. Mun bacaeunana teu aya, cobian download ebook Tamba Sare Sore-Sore di dieu. Eusina  duka mirip gado-gado, duka mirip wadah runtah, teu langkung nu maca. Tapi nu paling penting, jigana nepi ka kiwari kakara kuring hiji-hijina blogger anu nyieun ebook dina basa Sunda :-)
 
Sombong? Ah henteu. Sabenerna ieu mah ajakan. Maksudna, sok atuh ka blogger sunda, nu sok nulis dina basa Sunda, geura prung nyarieun ebook dina basa Sunda. Komo mun aya penulis atawa pangarang enyaan nu daek nulis jang bagikeuneun gratis di internet. Keun urusan konversi kana ebookna mah bagean kuring, gratis lah (husus pangarang jadi nya, nu teu acan jadi mah wayahna .. mayar :-))
 
Kacipta pisan reueusna mun dina hiji mangsa, ngetikkeun kecap ebook basa Sunda di Google teh bakal murudul pirang-pirang ebook basa Sunda. Piraku atuh urang Sunda nu jumlahna puluhan juta teh eleh ku seler deungeun nu narulis ebook dina basana sorangan.
 

8 comments:

Anonymous said...

Katingalna sae, kang Tata.
Nanging hanjakal abdi teu tiasa muka, da kaleresan nganggo Linux.
Aya versi PDF henteu nya?

Anonymous said...

Kaleresan teu acan aya Kang, ke mudah-mudahan ka payun. Nuju rada riweuh puguh. Antos bae, insya Allah.

Anonymous said...

Assalamu'alaikum Pak Tata,

Alhamdulillah ahirna aya oge e-book basa sunda. Eusina khas urang sunda teu ngaguruan, teu patos formal tapi kirang cocok sareng judulna.

Ngawitan maca panginten teh leres bacaan tamba sare sore-sore, tapi lami-lami tunduh teh ical kumargi bukuna lucu pisan. Saur pun istri mah " batan sare kalah seseurian maca e-bbok ieu teh, Pah.."

Mugi-mugi kapayunna tiasa ditambihan ku tulisan sanes anu kirang langkungna patula-patali sareng upacara adat nikah urang sunda.

Nami abdi Robby, linggih di Bekasi. Sababaraha kali disuhunkeun janten MC dina acara pernikahan urang sunda ngan sok kapaksa nolak kumargi ngaraos teu gaduh elmu nu cekap.

Sakitu heula ah.. bilih panjang teuing.

Wassalam,
Robby Adhilni (byanca2000@yahoo.com)

Anonymous said...

Hatur nuhun Kang Robby di Bekasi. Alhamdulillah, geuning sanaos linggih di Bekasi, basa Sundana sae pisan.

Ebook ieu mah saleresna minangka "trigger" Kang, margi harepan ka payunna mah supados seueur "pakar" basa Sunda anu "turun gunung" nyerat basa Sunda dina wangun ebook, komo upami haratis mah.

Pami tos kitu mah tangtos kana bakal euyeubna seratan-seratan marunel dina basa Sunda di internet.

Anonymous said...

Bonjour! Andrew Gil . payday loans

Anonymous said...

cash advance toronto This website is the most beneficial I loved it greatly
AAA Toronto Payday Loans 1172 Bay St #101, Toronto, ON M5S 2B4 (416) 477-2817

Aris said...

Emh... kalintang bingahna abdi, gening parantos aya, blogger anu tos kawilang sepuh ngeblog, nganggé basa sunda deuih. Telat uninga abdi. Tapi najan kitu, Alhamdulillah...

Ah, perkawis é-bookna nu di luhur, kintun-kintun tiasa atuh Pa, link-na diperbarui deui, pados tiasa di-unduh *aduh, naon di-unduh téh deuih basa sundana* ku blogger anu liyan.

Tur perkawis persuasi yén blogger Sunda kedah ngabudayakeun nulis/ngadamel é-book dina basana nyalira sangkan basa sunda tiasa tetep jumeneng di ieu alam dunya teu sapertos basa-basa nu sanésna, kalem Bapa, abdi insya Alloh janten pionir generasi ayeuna. Margi dina sasih ieu abdi nuju swa-proyek nulis é-book basa sunda sareng perkawis basa sunda. Kintun-kintun kin tiasa atuh, abdi nyuhunkeun saran-saran sareng pariosanana pami é-book-é-book sunda abdi parantos badé rilis.

Cekap mung sakitu panginten. Hatur nuhun. Punten kasuhun bilih aya cariosan nu matak raheut manah. Aih, hilap, deuih, tepangkeun, Pa, abdi Aris, kawit ti Cianjur. Haturan salam.

Mangga, assalamu'alaik.

Tata said...

Ayi Aris, hatur nuhun.. Reueus lah, aya keneh nonoman anu nyaah kana basa Sunda.

Insya Allah nu kadada kaduga mah dibantos. Kaleresan Akang teu acan kalebet panginten ari kolot mah, masih keneh kaduga maen band, masih keneh rock n' roll :)

Kanggo update SundaBlog, linggih bae ka dieu: http://www.facebook.com/sundablog

Salam kanggo urang Cianjur.