Thursday, September 06, 2007

Nu Lain atawa Nu Sejen?

"Geus daratang kabeh ieu teh?" saur Pa RT bari muril-muril kumis, siap-siap rek muka rapat.
"Teu acan kumplit Pa," tembal Encid, Ketua Karang Taruna. "Nembe aya limaan."
"Har na kamarana nu lainna?" Pa RT rada kerung.
"Warangsul heula, kesel cenah ngantosan Pa RT lami pisan," tembal Encid rada nyerengeh.
 
Mangga tingali deui paguneman di luhur. Saliwat asa biasa bae. Tapi lamun ditengetan, tetela aya nu kurang merenah. Tingali kekecapan Pa RT: Har, na kamarana nu lainna?
 
Dina basa Sunda lulugu (lain basa wewengkon, lain dialek), kecap nu merenah lain 'nu lainna' tapi 'nu sejenna' atawa 'nu lianna'. Jadi kuduna mah: "Har, na kamarana nu sejenna?"
 
Jigana bae Pa RT kapangaruhan ku basa Indonesia: "Lho, yang lainnya ke mana?"
 
Ringkesan:
  • yang lain = nu sejen/nu lian

3 comments:

Ayana Team said...

Kang tata anu bageur....
upami kecap "wungkul" sareng "wae". sok ngupìng aya nu nyarìos "kamana wungkul euy ?" naha leres eta teh ?

Anonymous said...

Sami, jigana mah ieu oge kapangaruhan ku basa Indonesia. Analogi-na sapertos kieu:

Cuma ada kuah sayur 'saja'.
Ngan aya cai angeun 'wungkul'.

Maatak ieu teh dilarapkeun kana kalimah di handap ieu:

Kemana 'saja'?
Ka mana 'wungkul'?

Padahal, esensina benten.

Panginten eta oge...

Anonymous said...

Hapunten bilih lepat margi sim kuring nuju diajar basa sunda anu leres. kapungkur mah kang, 'kamana wungkul' teh memang heureuy, maksadna 'narjamahkeun 'kemana saja' tea... sok diwalerna oge heureuy: 'aya wungkul', bari teras seuseurian... duka kumaha kadieuna janten dianggap leres. duka saha nu lepat tah...