Friday, August 31, 2007

Malaysia, Si Loba Gaya

ku: Tata Danamihardja
 
Didenge-denge jeung ditenjo-tenjo teh Malaysia asa beuki loba gaya! Mangga geura tengetan. Ti saprak Malaysia Malaysia geus hasil 'nyengker' Sipadan jeung Ligitan nepi ka diakuna pisan jadi wilayah manehna - malah ti samemehna - asa loba pisan kalakuan 'sodarah serumpun' nu matak tugenah. Kasus TKI nu remen dikaniaya, warga Indonesia nu mindeng disamarutkeun dianggap pendatang haram, kasus-kasus tapel wates nagara, jrrd. Nu panganyarna kasus wasit karate ti Indonesia nu teu pagah-puguh digebugan (dikoroyok) ku sababaraha urang pulisi Diraja Malaysia nepi ka ngajurahroh teu manggapulia, dirawat di rumah sakit.
 
Nu matak mentegeg, pihak Malaysia keukeuh embung ngedalkeun kecap menta dihampura. Sanajan sacara hukum can kabuktian saha nu salah, tapi sacara diplomatis Malaysia geus sakuduna menta dihampura, sabab sacara prinsip manehna boga kawajiban nangtayungan warga nagara asing nu nganjang ka nagarana. Komo deui nu nganjang teh warga nagara sasama anggota ASEAN. Tapi kanyataanana, Malaysia jiga nu hare-hare. Jiga nu teu boga dosa. Pretend to be innocent!
 
Waktu Dubes Malaysia datang ka DPR - duka datang sorangan, duka diondang - manehna ngan ukur balangap-belengep bari nyebutkeun kasusna keur diusut. Teu sugan ngomong menta dihampura, atawa minimalna nembongkeun empati. Lempeng we.
 
Keuheulna teh, eta sang prabu nu nyakrawati ngabahudenda Indonesia, juragan presiden, jiga nu euweuh hojah pisan. Kahayang teh, cik atuh sakalieun aya pasualan jiga kieu mah sing rada nembongkeun wawanen. Pan cek paribasa, sireum ge ari ditincak-tincak teuing mah paeh, eh..ngegel. Ari ieu sakitu harga diri jeung kahormatan bangsa dicacampah, dileyek batur teh kalahka cicing. Atuh puguh meureun batur teh kalah beuki asa aing, beuki gede hulu, beuki logay (loba gaya).
 
Jigana bae, nurutkeun paniten analis kampung bau lisung model kuring, aya sababraha hal anu nyababkeun nagara-nagara tatangga beuki warani ngahina jeung nyacampah kahormatan Indonesia.
 
1. Maranehna ngarasa leuwih maju, leuwih ma'mur tibatan Indonesia. Biasa pan, dina kahirupan sapopoe oge, jelema beunghar jeung pinter (kodek) sok mikawani kanu miskin jeung bodo. Lebah dieuna kudu diaku, memang kanyataanana kitu, gara-gara duit jang ngama'murkeun ra'yat loba dikorup.
2. Sacara diplomatis, Indonesia geus sababraha kali keok dina pasamoan diplomatik internasional. Lesotna Timor Timur, Sipadan Ligitan contona, nembongkeun yen diplomasi Indonesia bener-bener 'memble', letoy, jeung cengos. Tangtu di henteu-henteu ge ieu teh mangaruhan kana pangajen ti nagara-nagara sejen. Cek kasarna, Indonesia dianggap euweuh kabelul, dianggap anak bawang.
3. Indonesia kiwari teu boga pamingpin sarta pamarentahan anu kuat tur dipikaserab ku bangsa deungeun. Lamun urang daek jujur, kapamingpinan Sukarno jeung Suharto - leupas tina sagala kakuranganana - mibanda pamor tur dipikagigis ku bangsa deungeun. Sual kategasan dina nyanghareupan bangsa deungeun, Sukarno jagona.
 
Tangtu bae analisa ieu teh can tangtu bener, da cek tadi ge ieu mah analisa ti urang kampung nu jajauheun kana rubak ijasah. Tapi ari saukur nyanghareupan Malaysia nu loba gaya mah jigana kuring ge bisa. Carana? Titah balik tah Dubes Malaysia teh ka lemburna, tuman. Kakara meunang balik deui ka Indonesia lamun Pamarentah Malaysia geus menta dihampura sacara resmi ka Indonesia. Mun keukeuh loba gaya wae, 'ganyang Malaysia'! 'Esmosi' lah!

4 comments:

Anonymous said...

muhun simkuring oge pami gaduh bom mah, dibom eta nagri malaysia teh ngarah ulah nyapelekeun indonesia nagara nu dipika heman. ganyang we lah malaysia teh, merdeka........

Anonymous said...

f**k ur people malaysia u son of the b**ch. podaran siah ku aing kabeh, kehed teh meni calutak.

Anonymous said...

eta urang malaysia geus neangan piributeun deui. teu pupuguh ngeklem yen lagu Rasa sayange teh boga manehna!! Si nurus tunjung, si begog teh ngaku-ngaku anu lain boga manehna, jeung dipake keur situs pariwisata nagara manehna! uing salaku urang Indonesia hayang ngaganyang teh eta ka malaysia! Uing masih inget ka kasus anu heubeul masalah angklung, si Borokokok oge ngeklem yen angklung asalna ti nagara manehna! Ari Pamarentah urang teh kumaha? geuning atuh cicing wae, jiga munding di cocok irung, ngajedog wae! uing mah salaku urang sunda, umumna urang Indonesia ngarasa nyeri hate pisan ku tingkah polahna malaysia.

Albar Site said...

duh,.. enyaan kang,eta kunyuk malaysia di titenan teh ngarunjak pisan, meni euweuh be kasopanan sok boro katatakramaan teh,.. sok sakapeung mah hayang ngajerit martan langit ngoceak maratan jagat keur numpas si kunyuk logay,ari manggih warta tinu sejen ngenaan malaysia nu ngahina jeung ngarogahala warga indonesia,... nu tungtungnamah ambek kapegung,.. da paminpin urang hare2.. euwuh simaan!! jadi nu puguh namah kang pamimpin urang nu epes meer,.. da baheula mah tong boro2 nepi ka warga urang di rogahala ceuk paribasana di toel ge henteu ,.. kubakat sieun ku pamimpin urang,.. na ari ayeuna,.. asa kieu kieu teuing,.."hampura lah kang rada naek darah" rungsing tuda ku sikunyuk logay teh,... asa aing uyah kidul jadinateh.