Wednesday, August 22, 2007

Mirun Seuneu

Ayeuna mah arang kadéngé tah kecap mirun seuneu téh. Mirun seuneu hartina ngahurungkeun seuneu dina hawu atawa ngasakan dina hawu. Hawu téh kurang leuwih sarua jeung tungku, dijieunna tina taneuh porang (taneuh liat). Baheula mah sok aya nu dagang hawu ditatanggung, ngider ka ditu ka dieu. Kacipta capéna, mangkaning beurat éta téh.

 

Mirun seuneu di hawu lain maké minyak tanah tapi maké suluh, bisa kai, bisa awi, atawa naon baé nu bisa diduruk. Tangtu baé kudu nu garing, ngarah babari ngahurungkeunana. Lamun nu can garing mah pasti hésé hurung sabab henteu senget, dina hurungna gé tara lila jeung kalahka mulek ku haseup. Suluh nu kieu disebutna besek, sabalikna tina senget. Mun seuneu rek pareum, biasana ditiupan make songsong, nyaeta solobong nu dijieun tina awi leutik, gedéna kurang leuwih dua atawa tilu ramo, panjangna kira-kira 30 sénti.

 

Mirun Seuneu

 

Ku sabab bahan bakarna suluh, nepi ka baheula mah aya istilah ngala suluh. Barudak biasana sok mantuan kolot ngala suluh ka leuweung. Tapi tugas barudak mah tangtu teu disaruakeun jeung kolot. Mun kolot néangan (mulungan) kai nu rada galedé, barudak mah kitu wé mulungan pangpung nu laleutik, disebutna ngaroroték. Sanggeus ngumpul terus dihurun (dihijikeun ku jalan dibeungkeut maké tali) terus ditanggung (mun aya dua hurun) atawa dipanggul mun ukur sahurun mah. Barudak awéwé mah biasana mawana téh lain dipanggul tapi disuhun dina sirah, ditilaman ku sisinggel. Sisinggel téh nyaéta lamak uurutan nu dikumpel-kumpel, dipake nilaman sirah sangkan teu nyeri kadedetkeun ku babawaan nu disuhun.

 

Mirun seuneu biasana dua kali sapoé, isuk-isuk jeung pasosoré, disaluyukeun jeung waktu dahar. Dahar di kalangan somah mah memang ngan ukur dua kali sapoé. Nu tilu kali mah biasana ngan ménak wungkul. Mun hayang barangdahar diantara waktu dahar anu geus matok, biasana cukup ku ngadahar beubeutian saperti kulub sampeu, taleus, hui boléd, suuk, jeung séjén-séjénna deui. Kumaha ari ngahurungkeun seuneu di hawu? Kayu api atawa korék api jaman baheula kacida dirit-iritna. Mun rék ngahurungkeun seuneu biasana sok néang tatangga nu geus hurung hawuna bari mawa cempor. Tah cempor ieu nu dihurungkeun, terus dibawa ka imah, kakara ngahurungkeun hawu. Nya tina kabiasaan ieu pisan nu matak aya istilah ménta seuneu.

 

Barangasakan nu utama ngan nyangu wungkul. Gurang-goréng biasana arang pisan, mimindengna mah kukuluban, sabab minyak goréng atawa minyak keletik kaasup barang méwah di pikampungan mah. Lauk asin, minangka deungeun sangu 'paporit', sok cukup ku dibeuleum (dikurusukkeun kana ruhak) atawa disangray baé lamun laukna laleutik samodel teri mah. Tarasi sambeleun ogé biasana cukup ku dibeuleum, terus diteundeun dina catang hawu. Lian ti dipaké ngasakan, hawu oge ngabogaan fungsi séjén nyaéta pikeun siduru (ngahaneutan awak, basa lemesna: sidéang) dina mangsa usum tiris, utamana isuk-isuk. Jadi bari ngasakan, sakalian siduru. Dwifungsi hawu :-)

 

Kaistiméwaan make hawu, hasil pasakanana leuwih ngeunah jeung teu bau minyak. Ngan hanjakal haseupna loba pisan, nepi ka matak harideung kana bilik imah. Nu matak baheula mah tara aya dapur anu bodas beresih.  Lolobana mah malah tara dikapur-kapur acan, sabab percumah, engke oge pasti harideung kapuput haseup.

3 comments:

banjaran said...

meni nyeblak kana manah maca kecap mirun seuneu jeung ngala suluh teh, ingetan ngadadak jiga nu "Flash Back", nyoreang alam ka tukang mangsa keur budak ngarorotek sisi wahangan, duh nineung nya kang ??

Tata said...

He..he..leres waas, mung hanjakal abdi mah teu ngalaman langsung. Pami ngala (ngunjalan) cai mah kantos, dugi ka asa dengkleh tah taktak teh.. Tapi ari nuju budak mah, bubuhan sakantenan ulin, janten resep we nu aya :-)

ciburuan said...

Janten emut ka lembur. Waas kapungkur pami sepuh angkat ka kebon teh, bagean ngasur-ngasur suluh di hawu supados seuneuna ulah pareum