Saturday, November 18, 2006

Nyarekan

Maca komentar dina shoutmix, bet asa kaingetan. Geus rada lila puguh teu nulis dina basa Sunda. Lain tambelar, lain mopohokeun basa Sunda, sabab jigana najan tepi ka iraha wae oge, kana basa Sunda mah moal poho. Ieu mah istuning ku sabab pabeulit jeung neangan eusi peujit (tuh, murwakanti pan?).

Najan sabenerna rada ngarti basa Inggris (saeutik-eutikeun), basa Indonesia (taram-taram), basa Cirebon (saeutiiik.. pisan), katut sababaraha basa sejenna (basa okem, basajan jeung basa kamari rapat di desa panggih jeung Pa Kuwu teu?), nu karasa teleb kana pipikiran mah teu aya deui iwal ti basa Sunda. Dalah ngimpi ngobrol jeung bule ge asana mah sok di-dubbing make basa Sunda. Komo eta mah palebah ngambek atawa nyarekan, da asana teh puleeen.. pisan ari make basa Sunda mah. Beda jeung lamun ngagunakeun basa sejen atawa basa deungeun.

Na ari basa Sunda teh keur nyarekan kitu? His lain, dimana-mana ge basa mah keur komunikasi. Tah bagian tina komunikasi teh pan diantarana nya nyarekan tea. He..he.. Angger nya tungtungna mah kana nyarekan.

Tapi dipikir-pikir mah jigana memang bener nyarekan teh mangrupa bagian tina komunikasi verbal. Dina basa naon bae oge pasti aya kecap-kecap husus nu digunakeun atawa dipakena ngan ukur waktu nyarekan. Biasana kecap-kecap jang nyarekan mah euweuh deui pilihan, iwal ti kecap-kecap kasar tur garihal, anu tujuanana sangkan jelema nu dicarekan ngarasa kasigeung jeung nyerieun hate. Jeung da asa teu lucu lamun nyarekan make basa lemes. Jadi inget ka pun lanceuk keur budak, pasea jeung kuring. Teuing pedah naon mimitina, ngan nu jelas mah kuring ngambek ka manehna. Pun lanceuk teu tarima, malik nyarekan. Ngan ku sabab ku pun biang sok diomat-omatan teu meunang ngomong kasar, pokna teh, "Naha sia teh bet bendu ka Teteh?" Atuh kuring ge kalah nyeuleukeuteuk ngadenge kitu mah. Abong budak.

Tangtu dina praktekna, nyarekan teh mangrupa katup atawa kelep darurat, lamun cara sejen geus teu katoong bisa ngarengsekeun masalah. Jadi ari masih keneh bisa ku cara sejen mah, usahakeun pikeun nyingkahan hal eta sakuat tanaga. Naon sababna? Ngaran-ngaran nyarekan tea pan kajurung ku napsu. Nu penting ngeunah bisa ngabudalkeun amarah. Nu kapikir paling-paling oge neangan kecap-kecap nu pangkasarna. Padahal ari enggeusna mah sok hanjakal jeung era mun panggih deui jeung jelema nu dicarekan. Komo mun waktu nyarekan teh kacaletot salah ngalarapkeun basa, nu kuduna keur ka batur, kalah dipake ka sorangan. Pan aya dongengna tateh.

Kieu cenah. Ma'lum jalma keur ngambek, amarahna tangtu muncugug nepi kana embun-embunan. Manehna hayang ngahina bebeakan, nyeksekeun yen beungeut jelema nu dicarekan ku manehna teh goreng kabina-bina. Na ari pokna teh, "Yeuh sia teh kudu ngarumasakeun, kudu loba ngeunteung. Nurustunjung siah, keur bujur sia jiga beungeut aing teh.."

Gusti, kalah ngajejeleh sorangan atuh eta mah. Duka lamun memang eta teh bakating ku jujur, nembrakkeun karumasaan :-). Matak oge, lamun teu kapaksa mah, mending tong nyarekan batur, bisi kacaletot jiga kitu. Isin, kulan?

1 comment:

Anonymous said...

kang ngiringan promosi
cobian lebet kadieu geura :

muncugug.blogspot.com

ngiring ngaramekeun

hatur nuhun