Tuesday, July 11, 2006

NGALA CAI

Tata Danamihardja
 
Dunya teh muter. Nya ku sabab ieu pisan dunya teh ngabogaan sipat dinamis. Henteu statis. Kitu cek para ahli. Nu matak teu kudu heran lamun urang nempo parobahan nu aya di sabudeureun urang. Aya jelema nu tadina beunghar, ayeuna jadi sangsara, tapi aya oge nu beuki beunghar. Leuweung nu tadina geledegan, ayeuna tatangkalanana beak, bulistir diparaokan. Pokona mah pasti aya wae parobahan, boh leuwih alus, atawa sabalikna jadi leuwih goreng.
 
Jaman keur budak, kitu lah SD kelas limaan, balik sakola teh biasana teu bisa terus ulin, sabab boga kawajiban: ngala cai. Naha cai teh jiga buah kitu, make kudu diala sagala? His, nya henteu atuh. Ngala di dieu teh maksudna ngunjalan. Jadi pagawean kuring
teh ngunjalan cai ti Situ Lengkong ka imah, ditanggung make blek urut wadah kueh atawa minyak kalapa. Blek dua siki make salang (tali nu dikieunna tina tambang), ditanggungna make rancatan tina awi. Sakali ngunjal teh kurang leuwih opat embereun ukuran biasa. Dina sapoe biasana meunang sapuluh balikan. Jarak ti situ tempat ngala cai ka imah kurang leuwih limapuluh meter.
 
Teu pati jauh memang, tapi nanjak! Jadi mun nu teu biasa mah matak ngahegak, bubuhan lembur kuring teh aya di penclut gunung. Kacipta meureun nya, budak kelas lima SD, mawa momot anu lumayan beurat, jaba nanjak. Ari teu daek kumaha atuh da butuh. Jeung alam harita mah memang usumna. Barudak  sakola di lembur kuring, mun balik sakola teh sok sagawe-gawe mantuan kolot. Mun teu kitu teh sok diparoyokan: 'Ih, si eta mah tara digawe', cenah. Ngan hasilna, kuring teu bisa jangkung, jigana mah kadedetkeun ku blek wadah cai.
 
Naha atuh cai teh make jeung kudu diakutan sagala? Na euweuh ledeng? Bujeng-bujeng. Dalah nepi ka ayeuna ge can aya ledeng di lembur teh. Ngan ayeuna mah teu kudu ngunjalan atawa ngakutan, sabab ngarulik nyieun sumur make kompa listrik, terus disalurkeun ka piimahan. Nu langganan mayar ka pengelola, sabulan 45 rebu perak. Mahal, tapi da euweuh pilihan. Kungsi pihak pamarentahan desa ngokolakeun cai ti gunung, disalurkeun ka imah-imah, tapi teu lila. Teuing ku naon, ngan nu jelas cek kuring mah teu baleg ngokolakeunana. Kalahka geus meuli meteran sagala nu hargana ratusan rebu, ari ngocorna cai teu kungsi nepi ka dua bulan, kaburu teu pararuguh.
 
Kungsi cenah teu lila ti harita, PDAM aya niat rek ngokolakeun cai di Panjalu, tapi, cek beja ieu oge, pamarentahan desa teu mikeun. Ku sorangan teu belul, ku batur ulah, na hayang kumaha cenah nya?
 
***
 
Abong ngaranna ge budak, sagala hal oge pasti teu leupas tina ulin. Jadi bari ngala cai teh tangtu bae aya 'kegiatan sampingan'. Ngala simeut, ngadu hahayaman nu dijieun tina jukut, jrrd. Najan cape, tapi senang we nu aya, katambah-tambah loba batur papantaran nu sarua sok ngarala cai. Nu jelas, dina situasi kumaha wae, budak mah tara leupas tna nu ngaranna ulin. Hasilna, kolot kabantuan, ulin angger bisa. Pardu kasambut sunat kalampah.
 
Sakapeung sok sirik mun nempokeun barudak jaman kiwari. Sakola make seragam, disapatu, buku kumplit, mawa tas alus, jaba geus arang nu kudu babantu ka kolot di mana balik sakola. Datang ka imah tinggal dahar, ulin, atawa lalajo tipi. Mun teu kitu maen
PS.  Di sakola bisa jajan. Pokona dina panenjo kuring, barudak ayeuna sagalana leuwih ngeunah. Teu kabeh memang, ngan kalolobaanana ngalaman kondisi anu leuwih ngeunah dibanding generasi 'ngala cai'.
 
Tapi naha kondisi nu sing sarwa cukup bisa ngajamin budak pinter tur suhud diajar? Tetela hal ieu teu bisa dijadikeun jaminan. Najan bari samporet, tapi lamun dilakukeun kalawan iklas, hasilna teu nguciwakeun. Najan kuring kudu ngala cai unggal poe, teu make baju seragam, barangdahar saayana, jajauheun kana empat sehat lima sempurna, tara jajan, tapi unggal taun teu weleh jadi ranking hiji. Langganan eta teh. Jadi biasana tara kudu meuli buku tulis, da aya tina hadiah tea. Biasana hadiah teh eusina buku tulis, patlot jeung pulpen, teu kurang teu leuwih.
 
SMP angger ngala cai. Di sakola angger teu kaasup nu bodo, najan tara ranking hiji ge. Abus SMEA nya kitu keneh. Ngala cai mah tara, da puguh kost di lembur batur. Kuliah, abus ka universitas favorit, jurusan idaman. Lulus 'terpuji', IPK 3,45. Lumayan teu ngerakeun teuing lembur.
 
***
 
Ke..ke..ke..aya hiji deui patalekan teh. Naha budak nu pinter di sakola, dijamin baris hirup senang? Tetela henteu. Digawe hese, beunghar mah geus komo deui. Kadang-kadang kasempetan oge sok pasalingsingan jeung kahayang. Padahal keur jaman sakola teu weleh ranking hiji. Cek sangkaan urang lembur, paling henteu, jadi PNS mah kudu. Tapi kanyataanana mah teu kitu. Hayang 'mengabdikan ilmu' teh hese alahbatan Ujian Nasional. Keur kuring mah dunya teh jigana teu muter, atawa gejed muterna. Jadi kudu kumaha atuh? Saur pa ustadz, kedah seueur ngadu'a. Kitu cenah....
 
Mending ngala cai deui kitu?
 
Wussszzz.... (sound effect)
 
Tutup lawang sigotaka.

1 comment:

Unknown said...

tebih pisannya pa kahirupan barudak ayena sareng kapungkur, eta tea dunia mah kan dinamis. barudak ayena mah tos kirang duka teu aya ngamumule basa sunda teh. asana teh gengsi panginten pami nyarios sunda teh, pdhl bahasa indonesia atanapi bhs inggris mah tiasa di pelajari di sakola, mung basa sunda mah kan tada sesah. sanes kitu? hidup urang sunda