CIKARACAK NINGGANG BATU
Tata Danamihardja
Cikaracak ninggang batu, laun-laun jadi legok. Cek nu heureuy: Tai cakcak ninggang huntu, laun-laun mah ....dilebok!
Cikaracak teh cai anu nyakclakan (leutik tangtuna oge, da lamun gede mah ngaranna ngagolontor) boh tina dangdaunan, tatangkalan, atawa tina naon bae anu sipatna alami, teu ngahaja, teu dijieun-jieun. Mun ditengetan kamana ngeclakanana atawa ragragna, biasana kana lebah nu legok. Nu legokna teh bisa taneuh, bisa batu, bisa naon bae. Ke, ke, ke, legok heula atawa nyakclakan heula? Jawabanana: pasti nyakclakan heula, kakara legok, sabab legok nu muncul teh mengrupa hasil gawe si cikaracak ieu. Ku leukeun jeung teu galideur, najan lila jeung butuh kasabaran, tapi teu burung aya hasilna, teu burung legok.
Paribasa nu disebut di luhur teh sabenerna mangrupa pepeling, mun lain filosofi kahirupan urang Sunda ge, ti kolot-kolot urang, karuhun urang dina enggoning kumelendang di alam dunya. Mun hayang hasil maksud, nya kudu leukeun, wekel, tur sabar, bari jeung angger usaha sangkan naon nu dijalankeun ku urang tetep ajeg (istiqomah), teu unggut kalinduan, teu gedag kaanginan. Sabar dina harti baru tetep usaha satekah polah sangkan naon rupa nu jadi udagan urang bisa laksana. Kitu saur para sepuh, karuhun urang Sunda.
Najan ieu teh mangrupa paribasa Sunda, niley filosofisna sabenerna universal tur lintas budaya, sabab sok sanajan teu dilembagakeun dina wangun paribasa upamana, hal ieu teh bisa dilarapkeun di mana wae, ku saha wae jeung dina komunitas budaya mana wae. Komo deui upama hal ieu kabeneran dilembagakeun dina wangun nu mirip-mirip alias memper-memper. Ieu tangtu beuki ngajentrekeun yen memang filosofi cikaracak oge dipuhit dina budaya seler sejen. Dina basa Jawa upamana, pan aya paribasa 'alon-alon asal kelakon', anu sok sanajan teu nyeples sarua jeung filosofi cikaracak, tapi ngakar tina panginditan anu kurang leuwih sarua.
Nu jadi patalekan, naha sipat-sipat saperti cikaracak ieu teh masih diparake ku urang Sunda? Atawa mun ambahanana hayang leuwih lega, naha hal ieu teh masih diparake ku urang Indonesia? Tangtu kuring teu bisa kitu wae nyebutkeun 'henteu' atawa 'masih'. Leuwih hade, hayu urang tengetan ku sarerea.
Dina budaya nu sing sarwa instan, urang biasana leuwih milih hal-hal praktis tibatan kudu ngadeluk dina proses. Contona wae, urang leuwih milih meuli deungeun sangu ka warung tibatan kudu masak di imah. Alesanana, kadang-kadang biaya nu kudu dikaluarkeun leuwih mahal. Jaba cape deuih jeung olok waktu. Jadi, tibatan masak, mending meuli ti warung. Di imah mah cukup nyangu, kitu ge mun kabeneran teu rariweuh. Gejala saperti kieu teh pangpangna bisa ditengetan di kawasan urban, nu kahirupanana ngaharib-harib kota gede, dina scope anu leuwih heureut. Cek sakaol, ieu teh kapangaruhan ku budaya luar (baca: barat) anu memang mikaresep hal-hal anu sing sarwa praktus tur instan.
Jelema, pagawe, pejabat pemerintah, anggota legislatif, biasana sok teu sabar hayang geura beunghar. Teu cukup ku gajih nu mayeng unggal bulan, maranehna biasana usaha satekah polah sangkan bisa beunghar dina waktu sagancang-gancangna. Carana? Mun geus poekeun ku cara halal, teu saeutik nu ngagunakeun cara-cara sakacamplung, teu ngitung deui urusan halal-haram. Ieu teh taya lian ku lantaran urang geus poho kana filosofi nu sakuduna jadi padoman dina enggoning hirup kumbuh sapopoe. Kiwari beuki loba jelema nu teu sabaran, babari kapangaruhan ku niley-niley nu datang ti jauhna, bari jeung euweuh filter pisan, sok komo deui dijejeran ku dadasar agama anu kuat.
Jigana, mun nempo gejalana saperti kieu mah, moal lila deui oge paribasa cikaracak ninggang batu laun laun jadi legok teh baris musna, leungit tina khasanah budaya nu dianut ku urang, jati kasilih ku junti. Kasilih ku budaya atawa filosofi sejen nu dianggap leuwih nguntungkeun. atawa dina masih ayana oge, ngan saukur papaes lambe, ngan saukur bisa diucapkeun, tapi keri, garing, leungiteun ruh-na. Persis saperti cikaracak dina harti sajalantrahna anu beuki hese kapanggihna, sabab leuweung tur tatangkalan beak nungtutan ditaluaran.
Panjalu, 5 Juli 2006
3 comments:
Kang, nya nu kieu pisan bisa kakolomkeun seratan genre kolom nu beuneur teh..., sageuy tah mun teu diajenan ku redaktur media basa Sunda. Tabe...
Alhamdulillah, aya keneh wargi urang anu nyaah kanu basa sunda . Jaman kiwari mah, sanajan urang bandung oge, seueur anu alim, duka teu tiasa, atanapi gengsi meureunan nyarios nganggo basa sunda teh...
salam hormat ti abdi ka akang-akang sareng teteh-teteh anu mikacinta basa sunda
Thiis is a great post
Post a Comment