Thursday, July 06, 2006

RADIO

Ku: Tata Danamihardja

 

Lamun nyebut kecap radio, asosiasi urang pasti kana dua hal. Nu kahiji, pesawat penerima (receiver) frekwensi radio, nu ku kolot-kolot baheula mah ilahar disebut (radio) transistor. Nu kadua, stasiun pemancar gelombang radio atawa radio transmitter alias radio siaran tea. Mun hayang ngadengekeun siaran radio, dua hal tadi kudu aya, sabab mun salah sahiji teu nyampak, tangtu moal nyambung.

 

Pesawat penerima radio ayeuna geus jadi barang anu bisa dipimilik ku saha bae. Hargana fleksibel, pilihan bentuk jeung kualitasna rupa-rupa. Ti mimiti nu mahal nepi ka nu kacida murahna. Ti mimiti nu canggih nepi ka nu alakadarna. Ti mimiti nu hargana jutaan nepi ka nu ukur pupuluhan rebu perak. Kabeh aya, tinggal milih, tinggal disesuaikeun jeung kamampuh urang. Ti jaman penjajahan nepi ka jaman merdeka, ti jaman tai kotok dilebuan nepi ka jaman komunikasi global, jelema tetep ngadengekeun radio. Najan sarana hiburan jaman kiwari kacida ngaleuyana, radio tetep teu galideur. Radio tetep ngabogaan segmen anu satia. Waktu televisi muncul, loba nu hariwang radio bakal kasilih tur kasoro hancengan. Tapi kanyataanana teu kitu. Radio tetep jadi media anu mampuh ajeg dina tangtungan. Ku naon pangna bisa kitu?

 

Aya fungsi-fungsi radio katut kaunggulanana nu teu bisa disisilihan ku media sejen, diantarana:

 

1.      Radio penerima (receiver) hargana murah, nepi ka saha bae oge ampir bisa dipastikeun ngabogaan radio. Kiwari malahan aya radio nu hargana 20 rebu perak!
2.      Interaksi antara penyiar jeung pendengar atawa pendengar jeung pendengar bisa leuwih intens tur raket, nepi ka sering pendengar sosobatan jeung penyiar. Komo deui antar pendengar jeung pendengar mah, geus lain caritakeuneun. Malah sering kajadian nu manggih jodo gara-gara sering panggih antar pendengar.
3.      Ngadengekeun radio henteu kudu konsentrasi penuh. Hartina masih bisa bari migawe pagawean sejen. Ibu-ibu bisa bari masak, sasapu, atawa bari maca. Bapa-bapa bisa bari neangan nu ngora..eh, bari neangan napakah maksud teh. Barudak bisa bari ngapalkeun jrrd. Nu teu bisa teh iwal ti bari sare tibra. Beda jeung lalajo tipi upamana. Mun lalajo bari keukeureut, aya kamungkinan kakeset, sabab mata malaweung kana tipi.
4.      Radio ngambah ka ruang-ruang pribadi. Tipi mah teu kitu, ku sabab hargana mahal, jadi ilaharna hiji keluarga ngan ukur boga hiji tipi, disimpen di ruang keluarga. Sedengkeun radio, bisa wae tiap anggota keluarga boga, jadi bisa ngadengekeun di kamar sewang-sewangan.
5.      Mobilitas radio kacida fleksibelna. Ieu teh lumangsung ti barang diproduksina radio nu make transistor, nepi ka bentuk sagemblengna oge jadi kacida leutikna lamun dibandingkeun jeung radio tabung. Ku sabab kitu, radio bisa didengekeun di mana wae, dina mobil, di warung, bari jalan-jalan, di pasar, dina angkot,  di kamar mandi, jsb.
6.      Energi nu dipake pikeun ngahurungkeun pesawat penerima kacida iritna, jadi teu kudu malulu ngandelkeun listrik. Radio bisa make (batu) batre, nu kapakena bisa mulan malen.
 

Acara favorit kuring baheula, euweuh deui iwal ti dongeng Sunda. Tapi teu kabeh resep eta ge, dipilihan. Lamun nu ngarang caritana S Sukandar (almarhum), masing saha wae nu jadi juru dongengna, kuring pasti manco ngadengekeun radio. Ieu pangarang buku Sunda teureuh Garut teh kacida tapisna dina nulis carita anu settingna ‘dunia persilatan’ di tatar Pasundan. Lamun nyaritakeun nu bobogohan, estu nu kacipta ku nu maca atawa ku nu ngadengekeun dongengna teh endahna suasana cinta nu jauh tina unsur-unsur porno. Endah we nu aya.

 

Komo lamun geus nyaritakeun padungdung atawa gelut cek barudak ayeuna mah, estu matak kataji. Lain saukur nyaritakeun buk bek teu pararuguh, tapi ngaleunjeur metakeun jurus-jurus nu memang aya sumberna. Contona wae ulin Kari jeung ulin Madi. Ieu teh lain sakadar rekaan, tapi memang aya buktina mangrupa jurus jurus silat anu baheula mah diparake keneh. Duka ayeuna mah.

 

Mun teu kitu, kuring sik ngadengekeun siaran radio luar negeri seksi Indonesia. Dina mangsa berita ti radio ‘dalam negeri disungkeret ku pamarentah, TVRI nyakitu keneh, radio siaran luar negeri (versi basa Indonesia) jadi alternatif. Najan beritana teu dijamin 100% bener, tapi biasana leuwih saimbang sarta sering ngabejakeun berita-berita anu di urang teu meunang diuar-uar. Ongkoh harita mah nu meunang nyieun berita teh ngan RRI jeung TVRI anu tangtu wae nyiarkeun berita-berita ‘versi pamarentah’. Komo geura ari geus lalajo berita ‘gunting pita’ di TVRI, da mani sok ngurel, hayang utah!

 

Tapi ayeuna jamanna geus robah. Radio siaran swasta dug deg di mana-mana, nepi ka kampung-kampung. Acarana lain ngan ukur hiburan mangrupa lagu atawa dongeng, tapi oge informasi anu leuwih saimbang. Radio dina mangsa kiwari geus jadi bagian tina kahirupan urang sapopoe, teu mandang status sosial. Ti mimiti presiden nepi ka ra’yat biasa saperti kuring ngadengekeun radio. Ti mimiti nu boga mobil nepi ka nu nikreuh taya nu ngalarang. Jeung nu matak hemeng, najan kacida lobana media nu leuwih canggih (upamana wae VCD, TV, internet jsb.), radio tetep dipicinta, dina harti tetep aya nu ngadengekeun. Duka rek nepi ka iraha.

 

Panjalu, 6 Juli 2006 

 

1 comment:

Anonymous said...

*****************************
Haturan ....
Kang, perkawis radio .... upami keresa, dihaturan kanggo ngeuyeubkeun radiosundaonline, upami kagaleuh, bahanna insya alloh disanggakeun ka Akang.

Pihaturna,

-pun Adi-
*****************************