Wednesday, August 17, 2011

Tujuhbelasan

ku: Tata Danamihardja
 
Ti sainget, di lembur kuring sok kacida ramena dina poean 17 Agustus teh. Lain rame ku sponsor deuih, sabab sagala kamonesan nu dipintonkeun dina poean mieling kamerdekaan teh estuning hasil gawe babarengan warga. Arak-arakan diwangun ku rupa-rupa pintonan. Aya bebegig, rombongan 'pejuang' lengkap jeung 'tentara Walanda' , gotongan nu eusina rupa-rupa kadaharan, calung, angklung barudak sakola, jeung rea-rea deui. Memeh upacara sok diabringkeun heula muru ka lapang. Sanggeus upacara, kabeh pintonan sok dipaenkeun kalawan gembleng (utuh), minangka hiburan haratis keur balarea.
 
Kagiatan samodel kitu teh geus jiga tradisi taunan. Sarerea ngarasa miboga tanggung jawab pikeun ngareuah-reuah poe kamerdekaan, minangka wujud tina rasa sukur rehna nagara urang geus diparengkeun merdeka. Ti mana biayana? Tadi ge geus dicaritakeun, tara pangangguran aya sponsor sagala. Udunan, sabogana-sabogana. Nu boga duit ku duit. Nu boga tanaga ku tanaga. Nu kabeneran po'os pisan, udunan ku do'a :) Tara aya basa ngarasula. Tukang kuli, belaan pere heula. Nu boga warung, tutup heula. Cindekna, kabeh ngarasa 'wajib' mieling poe kamerdekaan sakadugana.
Ngan beuli dieu, asa beuki tiiseun. Teu jiga baheula. Puncakna mah dina taun ieu. Euweuh kamonesan nu dipintonkeun. Euweuh abringan nu laleumpang muru ka lapang rek upacara. Jelema jiga hare-hare. Ku naon? Duka tah....
 
Nu aya ngan ukur rajegna tihang bandera di unggal buruan. Ngelebet jiga nu sedih. Alum, semu lungse. Kuring galecok sorangan na jero hate. Palangsiang ieu teh alatan urang ngarasa dihianat ku para pamingpin. Ngarasa diteungteuinganan. Ngarasa diantep tur teu dipalire. Para pamingpin sibuk nguruskeun partey, golongan, kelompok, jeung dirina masing-masing. Sibuk ngarewodan duit anu sakuduna dipake jang kama'muran ra'yat. Der weh parasea diantara maranehna. Pasea ku sabab teu walatra dina babagi duit meunang maok!
 
Mun kitu, meujeuhna we lamun ra'yat jadi hare-hare. Bongan pamingpin teu bisa dipercaya. Ra'yat jadi apatis. Amanat para luluhur anu baheula guyang getih geusan ngahontal kamerdekaan geu kapopohokeun. Nagara anu sacara 'de jure' geus leupas tina penjajahan bangsa deungeun, singhoreng sacara 'de facto' masih keneh dijajah. Saha nu ngajajah Indonesia kiwari? Singhoreng lain bangsa deungeun, tapi bangsa sorangan, nyatana para pamingpin anu tega meres ra'yatna. Anu katempona siga nu enya melaan ra'yat, sok padahal saukur panipuan!
 
Jadi, rek iraha atuh bangsa urang bener-bener merdeka? Nepi ka kiwari kuring can manggih kelemeng walonan anu matak sugema. Matak ngangres, matak nalangsa. Lir bandera anu ngelebet semu seunggah. Iraha atuh? Anging Gusti anu uninga. Inna lillahi. (17082011) 
 
Copyright © 2011 - Tata Danamihardja.
 
Hak Cipta ditangtayungan ku undang-undang. Salira diwenangkeun nyutat ieu tulisan - boh sapalih atanapi sagemblengna - kalawan sarat kedah nyebatkeun sumber sareng ngaran nu nulis. Mugia janten uninga.

12 comments:

Fatahillah said...

Hatur Nuhun kanggo infona..mangga diantos silaturahmina ka rorompok abdi di www.fatahillah.net

Elang84 said...

Assalamu'alaikum...
Salam wanoh kang... Resep maca ari di dieu teh... Bahasa na mernah raoseun..
Simkuring ogè gaduh Mblog mblogan, nganggo basa sunda, mung bahasa sadidinten.. Hoyong tiasa bahasa nu mernah sapertos didieu... :)

Tata said...

@Fatahillah: nuhun dilinggihan.. insya Allah

@elang84: wa'alaikumsalam... ah, ieu mah basa pakampungan, tetebiheun tina sae :) nuhun...

Anonymous said...

Ngiringan ngalangkung ah di dieu

gobelz said...

salam pangwanoh kang
http://sakahayang.se.gp

Oxe Blog said...

kaanggo kang ...di antos linggihana

obat herbal alami said...

merdeka kang !

Riadi Sabda Djati said...

sae pisan kang,,,.

Anonymous said...

sae kang sanajan abi sanes urang sunda tapi abi resep kana budaya sunda,,di antos silahturahminya ya kang.. hehe

roby wakas said...

kunaon tutp kang lebar atuh kang

Zyachrwan said...

Punteun ngiring ngalangkung di blog ieu kang... Hatrnuhun..

Biantara Dina Pertikahan said...

Mugia semangat teras ngabudayakeun basa sunda.
Biantara Basa Sunda