Monday, April 11, 2011

Gedong DPR

Jaman keur budak, imah gedong di lembur kuring beunang diitung ku ramo. Imah gedong di dieu maksudna imah nu dijieunna tina bata jeung aduk semen campur keusik jeung apu we saeutik. Kalolobaanana mah imah panggung, malulu dijieun tina kai jeung awi, teu make tembok. Ka beh dieunakeun mimiti aya sababaraha imah duduk jandela. Disebut kitu teh cenah pedah tembokna ngan ukur sajangkung jandela. Tina jandela ka luhur mah bahan nu dipake nya angger we kai jeung bilik tina awi.
 
Ku sabab arang, imah gedong jaman harita kaasup mewah. Teu unggal jalma mampuh ngadegkeun imah gedong. Ra'yat biasa saperti kolot kuring mah cukup imah panggung bae. Matakna nu boga imah gedong jaman harita geus pasti jalma beunghar. Najan kitu, harita mah modelna oge henteu aneh-aneh, malah mun dibandingkeun jeung imah-imah jaman ayeuna mah kacida basajanna. Hareupna biasana make teras nu dikuribeng ku tembok sajangkung tuur. Na tembok ieu biasana sok dipake dariuk mun ngadaweung pasosore bari nungguan magrib.
 
Kiwari tibalik. Imah panggung beuki arang, lolobana malah imah gedong. Naha ieu teh bisa dijadikeun ciri yen kama'muran ra'yat geus ngaronjat? Duka tah lebah dinyana mah, sabab najan sarua gedong, angger we kualitasna mah gumantung kana duit. Jalma beunghar tangtu nyieun imahna make bahan-bahan kualitas nomer hiji. Giliran jalma nu kurang duit mah nya wayahna make bahan-bahan kualitas saaya-aya.
 
Basa ngadenge Gedong DPR rek direnovasi, mimitina mah atoh we nu aya. Tuh pan ayeuna mah tong boro ra'yat, wakil ra'yat wae boga imah gedong. Ngan barang ngadenge biayana trilyun-trilyun kitu mah bet matak ngajenghok. Mahal-mahal teuing? Da basa Haji Udin nyieun imah oge biayana ngan ukur pupuluhan juta. Eta teh geus kaasup rohaka, da puguh Haji Udin mah jalma jugala. Jaba Haji Udin teh ra'yat deuih, lain wakil. Naha ari jang wakil biayana bet gede kabina-bina?
 
Logikana pan kieu. Mun direktur gajihna 50 juta, wakil direktur gajihna tangtu moal ngaleuwihan direktur. Jadi mun haji Udin (ra'yat) nyieun imah nu hargana 50 juta, imah wakil ra'yat mah tangtu teu meunang leuwih ti 50 juta. Ari ieu? Hiji koma tilu trilyun! Enolna oge teuing sabaraha siki. Pokona mah loba pisan, mun dibeulikeun kurupuk teh jigana mah bisa dipake nutupan gunung!
 
Kacindekanana? Jelema nu utang itung biaya renovasi Gedong DPR teh teu cageur, teu make logika, jeung jigana na jero dadana geus euweuh hatean. Gedong nu ayeuna dipake oge sabenerna mah alus keneh jeung masih "layak-pakai", kitu cek sawatara ahli. Malah ceuk Mang Endang tukang cilok mah, gedong nu ayeuna teh masih mewah kabina-bina, sabab sok dibandingkeun jeung imah manehna nu mirip kandang embe. Disebutna ge karaton ku Mang Endang mah. Tah ceuk Mang Endang keneh, anggota dewan nu di laluhur teh garelo cenah, alias burung, alias teu gableg cedo. Uyuh ku dua merjoangkeun ra'yat, ieu mah kalah hayoh ngamonyah-monyah duit ra'yat.
 
Basa diseleksek, ku naon cengteh pangna Mang Endang siga nu ambekeun pisan, manehna nembalan, "Har ari Encep, pan Amang teh geus ngawakilkeun ka maranehna sangkan ra'yat leutik samodel Amang teh diperjoangkeun ku maranehanana, ditingkatkeun kahirupanana, kama'muranana, kapinteranana. Lain ieu mah kalah hayoh duit ra'yat dimonyah-monyah bari jeung dilalebokan ku maranehanana, duka sawareh duka lolobana. Keuheul Amang mah, napsu lah, hayang nyabok tah ka nu karitu teh!"
 
Mang Endang ngabamblam bari kekerot, leungeunna meureup-meureup bae. Kuring unggut-unggutan, kayungyun ku pamanggih manehna. Keur pahuleng-huleng kitu, ujug-ujug pok mang Endang nanya, "Ke, ke, ke... na ari Encep katingalna ku Amang teh siga tenang-tenang bae. Na Encep teu ngaraos keuheul?"
 
Kuring nyerengeh, pok nembalan, "Ah henteu Mang, da abdi mah teu rumaos ngawakilkeun ka maranehna ieuh. Pan tos lami oge abdi mah tara ngiring nyoblos lamun PEMILU teh!"
 
Mang Endang colohok, kuring ngaleos bari ngahariringkeun pupuh, teuing Pangkur teuing Durma.
 
Copyright © 2011 - Tata Danamihardja.
 
Hak Cipta ditangtayungan ku undang-undang. Salira diwenangkeun nyutat ieu tulisan - boh sapalih atanapi sagemblengna - kalawan sarat kedah nyebatkeun sumber sareng ngaran nu nulis. Mugia janten uninga. 
 
 
 

12 comments:

Rizqi said...

bener, wakil ra'yat ayeuna mah teu gableg kaera, jeung boga uteuk teu dipake.. padahal geus tibaheula sok disindir ku bang iwan (fals), cenah "wakil ra'yat seharusnya mera'yat//jangan 'nonton' waktu sidang soal ra'yat"

tentang hidup said...

lieur jadina teh kang ,

tentang hidup said...

kumaha ari wkil teh ,kitu kitu teuing jeung make nongton sagala keur sidang deuih

saung iqro said...

teu kedah dicatur

agis cevi said...

sae kang caritana. kritis pisan. Sanajan aya sababaraha hiji kata anu teu ngartos hehehe.
dupi ari hartosna basajan,
kacindekanana sareng kayungyun teh naon tah kang? hehehe

asaz said...

tegep tah sae kang , abdi mah tos teu tiasa nyerat ku sunda, wilujeng

as issues said...

nice blog

asep oktob iskandar said...

enya kang lamun dipikir-pikir mah asa lalieur kahirupan jaman ayeuna mah... nu salah jadi bener nu bener jadi salah... kumah atuh urang nyanghareupanana nya....?

Agus bueks said...

Satuju...
Deukeut jeung rakyat leutik teh pas rek nyoblos weh hungkul bari ngaharuntu ngaler ngidul ...arek anu rek merjuangkeun anu .. Jeung sajabana
geus jeneng mah di gedong dpr teh hilap ...kul bari ngaharuntu ngaler ngidul ...arek anu rek merjuangkeun anu .. Jeung sajabana
geus jeneng mah di gedong dpr teh hilap ...

Tata said...

@sadaya: hatur nuhun parantos mairan
@agis: basajan=sederhana;
kacindekan=kesimpulan; matak kayungyun=matak pikaresepeun

Abah Tunggara said...

Salam Pangwanoh.

Hermankadi said...

kang sanes DPR wae,, pamarentahan di tempat abdi oge cobi tinggal ieu http://www.kaskus.us/showthread.php?t=12828059 salah sawios buktosna,, sareng nyuhunkeun di sebarkeun ka sadyana, mugia aya nu tiasa mesihan solusi sareng saenggalna tiasa ngalirenkeun kegiatan eta,, hatur nuhun kang