Tuesday, March 03, 2009

Berekat

Nginget-nginget jaman keur budak, salah sahiji nu kainget teh berekat. Teuing kunaon, asa napel bae nepi ka kiwari. Ongkoh meureun pedah ayeuna mah tara manggih deui berekat.
 
Ke naon kitu ari berekat teh? Sabenerna mah dahareun ti nu hajat (biasana sunatan) atawa sukuran, teu kurang teu leuwih. Dahareun ieu teh diwadahan dina pipiti (anyaman tina awi, wangunna segi opat, aya tutupan), eusina sangu jeung deungeunna: daging (sapi atawa embe), kukumbu kacang, sambel goreng kentang, pasak bihun, kadang-kadang ditambahan ku ranginang atawa opak jeung cau. Mun teu make daging, biasana diganti ku endog hayam. Sangu biasana diteundeun panghandapna, ditilaman ku daun cau. Geus kitu ditutupan deui ku daun cau. Tah deungeun sangu diteundeunna dina daun cau nu ieu.
 
Nu sukuran biasana sok peuting, bada isa. Mun pun bapa diulem ka nu sukuran, sok ditungguan tunduh-tunduh oge, sabab engke pasti mawa berekat. Mani asa ngeunaaah... teh da. Pedah arang manggih meureun ongkoh, ma'lum sagala samporet. Biasa sapopoe dahar jeung beuleum peda atawa sangray teri, pan ari aya berekat mah bisa dahar daging, najan ukur sakeureut bari jeung dibagi-bagi.
 
Ayeuna mah geus euweuh berekat dina pipiti teh. Diganti ku nasi dus, dahareunana leuwih marodel, leuwih aralus. Kadang-kadang diganti ku atahan nu hargana leuwih marahal. Tapi kani'matan ngadahar berekat dina pipiti tetela teu bisa ditukeuran ku naon bae oge.
 
Nineung.

6 comments:

Anonymous said...

Kang sanes berekat wae nu nganggo besek, ayeuna mah di restoran oge tiasa pesen wadah tina besek supados "ramah lingkungan", bilihna bade nyobian yu nganjang ka rorompok abdi heula

salam sono

bunda tea

Anonymous said...

Tah eta bentenna teh Bunda. Kapungkur mah teu kedah nguyang ka hotel, margi sanaos henteu bari 'sosoak' ramah lingkungan, urang sadaya nganggo besek atanapi pipiti kanggo wadah tuangeun. Sareng eta nu teu tiasa dihihilian teh, suasana-na.. Wa'aas pisan...

Anonymous said...

berekat asal kata barokah meureun nya... leres pisan, matak sugema kana hate abi mah ari nampi berekat/ besek teh.
komo enya lamun seug dina eta jero besek teh aya surat cintaan ti kabogoh. moal teu bungah kacida pisan bgt pastina urang teh, heuheuy!!!!!!!!!!!!!

Budy Santoso said...

Enyak boss kahayang na teh meni luhur sigana ngaleuwihan langit mung kitu teu kalaksanakeun janten we garelo... amit² jabang baby hehehe...

doublesoulholic said...

punten salam sono......abdi teh nuju milarian lagu sunda kang...judul na teu apal....tpi bilih teu repat laguna anu jiga keiu kang....tadi peuting abdi teupang jeung anjeun na...kaditu na hilap deui.....reff na mah kokorongok hayam welu...punten kaditu na ge abdi hilap deui....punten kang abdi nyuhun keun bantosan na kang...di antos pisan ku abdi......nuhun pisan sateuacan na.....

Tata said...

@anonymous: ah aya2 wae akang mah.. surat cinta ti ustad panginten :)
@budy: bilih atuh kang budy bade ngiringan..gelo :D
@doublesoulholic: waduh, kirang terang kang, cobian di googling atuh..