Tuesday, December 04, 2007

Kekecapan Nu Beuki Arang Dipaké

Kiwari loba pisan kekecapan dina basa Sunda anu beuki arang dipaké. Hal ieu mémang rada susah disinglar, sabab jigana geus jadi hukum alam. Kamajuan dina widang informasi jeung média, pagilinggisikna urang Sunda jeung sélér séjén, beuki nyirorotna urang Sunda nu daék maké basa Sunda, jrrd, mangrupa sawatara hal anu nyababkeun mingkin lobana kekecapan anu beuki arang dipaké, hususna dina paguneman sapopoé.

 

Naon baé kekecapan anu beuki arang dipaké téh? Ieu diantarana: 

  • célé: kotak-kotak laleutik, biasana motif lawon atawa kaén
  • jeté: centil, cumentil
  • reueus: loba nu ngaganti ku kecap bangga. Padahal bangga dina basa Sunda mah hartina hése.
  • lamak: sesebitan atawa popotongan lawon sésa ngaput
  • cempor: damar atawa lampu minyak tanah sederhana, teu make tutup atawa semprong.
  • semprong: tutup lampu minyak tanah, dijieunna tina beling
  • oncor: dina basa Indonésia disebutna obor. Bisa jadi ieu mah ku sabab barangna ogé geus arang dipaké.
  • hanaang/halabhab: hayang nginum, ayeuna leuwih loba nu maké kecap haus (tina basa Indonesia)
  • boyot/lembon: lalaunan, dilarapkeunana kana leumpang atawa lajuna kendaraan/tutumpakan
  • tibatan/timanan: kasilih ku kecap daripada (basa Indonesia)
  • boboko: wadah sangi dijieunna tina awi.
  • téténong: wadah kadaharan dijieunna tina anyaman awi, fungsina jiga lomari
  • mumuluk/sasarap: dahar isuk-isuk, basa Indonésiana 'sarapan'
  • ngawadang: dahar tengah poé, tapi sanguna teu dihaneutkeun, biasana meunang nyangu isuk-isuk
  • silalatu: kekebul tina durukan, biasana harideung tur haliberan kabawa angin
  • cunihin/guranyih: biasana dilarapkeun ka lalaki nu resep ngaheureuyan awéwé bari jeung pikasebeleun
  • nurustunjung: pikasebeleun (sacara umum)

Ngan sakitu? His, loba kénéh sabenerna mah. Tapi nu kainget ayeuna kakara sakitu. Bisi aya nu badé nambihan, mangga dihaturanan kanggo mairan.

7 comments:

Tamrin said...

Kang, kumaha carana upami urang hoyong muter lagu format mid dina web urang.

Sapertos lagu cingcangkeling dina blog akang.

hatur nuhun.

http://m3-private.blogspot.com

Anonymous said...

nambihan :)
-kekecapan
-arang
-disinglar
-widang
-pagilinggisikna
-sélér séjén
-nyirorotna
-sawatara
-mingkin
-paguneman

Anonymous said...

@new_techno

Duh punten pisan, ku margi teu tiasa login, hilap deui persisna. Nu jelas, file midi-na disimpen di tempat sanes (di luar blogspot), lajeng 'dipanggil' nganggo script. Cobi dipilarian nganggo Google..

Anonymous said...

@anonymous kekecapan

Hatur nuhun panambihna..

Tamrin said...

Hatur Nuhun Kang, Abdi Parantos rengse ngadamel blog anu aya sora-an, siga blog akang. Sakali deui hatur nuhun .... Wilujeng Kaping hiji Muharram 1429 H.


http://m3-private.blogspot.com/

Anonymous said...

Tah, nuhun atuh ari tos kapendak mah :-)

BSet said...

Cik urang tambahan : (dulur kuring nepi ka seuseurian ngadengena, pajar teh mani geus lawas teu ngadenge kecap-kecap ieu)
lidig : jalan mindeng ditincak atawa digeleng ban
jiih : tina tatu atawa borok kaluar sabangsa cai
ledeh : kira-kira sarua jeung jiih
ngulahek : posisi sirah lamun keur sare bari diuk, tarang napel kana dada. Kudu dahar Viagra atawa Cialis 2 sakaligus
munu'u : ngajendol
ngabeledeh : dosol jeung beuteung budugan katempo lantaran calana morosot atawa baju pungsat (tapi lamun beuteung J Lo mah lucu bae nu aya)
kiih : kaluar cari tina larangan
meleketetet : rek mekar teu jadi
Engke urang tambahan deui.