Tuesday, February 06, 2007

Surat Terbuka keur Mangle

Ngabelaan hak, kadang-kadang jadi masalah. Kondisi anu henteu kondusif mindeng ngaburak-barik kamistian anu logis. Upamana, soal honor tulisan, ku sabab nagih teu dipalire bae, tungtungna kalahka era nu nagih. Di dieu logika geus diburak-barik, sabab sakuduna mah nu era teh tangtu nu ditagih.
 
Ieu teh kaitanana jeung pasualan profesionalisme. Beuki profesional hiji media, beuki taliti tur apik dina enggoning ngajalankeun usahana, boh nu urusanana di jero pausahaan, komo deui nu urusanana jeung pihak-pihak di luar pausahaan, sabab baris rambat kamale kana urusan 'nama baik'.
 
Kamari-kamari, kungsi patelak jeung hiji translation agency ti India, sarua ieu ge sual bayaran proyek voice over nu gawena geus beres tapi teu dibayar-bayar. Nileyna 800 dollar Amerika. Manehna nunda-nunda transfer ku rupa-rupa alesan. Sanggeus bosen nagih, bakating ku keuheul tungtungna dicarekan laklak dasar (bari jeung teu puas, da nu pangeunahna saalam dunya mah taya deui iwal nyarekan ku basa Sunda). Kuirng menta remmitance copy, pikeun klaim ka bank di Indonesia. Tungtungna, aya tanggapan sanggeus satengah diancam rek diuar-uar di internet. Minggu ieu kuring nungguan jangjina.
 
Ari jeung Mangle mah, nyakitu, tulisan geus dimuat, tapi teu dibayar-bayar. Ditanyakeun, euweuh tanggapan pisan, nepi ka jiga kuring teh nu baramaen. Padahal, kuring mah lain jajaluk, lain barangpenta, tapi nungtut hak kuring nu geus kagawean. Geus sababaraha kali ditanyakeun eta teh. Sabenerna lain nominalna nu jadi masalah, tapi leuwih nyoko kana sual profesionalisme media dina ngahargaan pangarang. Ku euweuhna tanggapan, kuring ngarasa teu dihargaan, ngarasa dilelece. Kajurung ku kitu, kamari kuring ngirim deui email ka Mangle, nagih.
 

Sareng hormat,
 
Sim kuring, Tata Danamihardja, kantos nulis kolom sababaraha kali dina Mangle. Nu matak reueus, dugi ka ayeuna, honorna teu dikintun. Reueus, margi ieu teh salah sahiji ciri profesionalisme media Sunda nu kawentar.
 
Sim kuring parantos ngintun email sababaraha kali, ti ngawitan nuju aya keneh website, dugi ka ngulapesna nganggo email gratisan majalahmangle@yahoo.co.id, sareng ayeuna, saparantos ditambihan email gratisan deui bae rumpaka-mangle@plasa.com. Dugi ka ayeuna teu aya waleran, tiis, padahal nomer rekening diserat kumplit.
 
Omat, ulah naroskeun dina Mangle nomer sabaraha tulisan sim kuring dimuat, margi sim kuring teu langganan Mangle. Komo saparantos honor tulisan dianjuk mah, tara pangangguran ngeteng oge. Sareng omat, ulah dianggap sim kuring jajaluk atanapi baramaen. Ibarat kuli nu tos ngabedug, tangtos narima bayaran teh sanes pedah dipikarunya, nanging estu ngaladangan kesang, boh ageung boh alit.
 
Upami administrasi di Mangle memang leres profesional, tangtos sadaya data aya dina database, kalebet tulisan anu teu acan dibayar. Tangtos moal sesah milarian, ka dituna, tangtos moal sesah mayar honor anu memang tos kaladangan, tos kakesangan. Kitu oge upami leres Mangle profesional sakumaha sawangan balarea.
 
Mudah-mudahan email sim kuring ieu dibaca ku nu gaduh kawenangan nangtoskeun kawijakan di Mangle, sarta henteu di-DELETE ku 'kuricakan' nu alim dilepatkeun, alim ngangken kana kalepatan, teu beres dina sual tartib administrasi, hususna sual pembayaran honor tulisan.
 
Sakali deui, sim kuring sanes jajaluk atanapi baramaen. Ieu mah bakating ku seueul, nagih sababraha kali, teu aya tanggapan pisan. Upami memang teu aya kanggo mayarna, lillahi ta'ala, asal wakca, sareng katangen aya perhatosan ku jalan ngabalesan email sim kuring ieu sacara formal, boh ti bagian keuangan, oge ti rumpaka. Peryogi ditegeskeun, sim kuring nagih ladang kesang, sanes baramaen.
 
Baktosna,
 

 
Aya tanggapan ti Pa Rudi H. Tarmidzi, duka naon posisi anjeunna di Mangle.
 

Hatur nuhun kana koreksina. Serat Bapa parantos di tembuskeun ka Bag. Keuangan. Seratan Bapa, datana masih aya.
 
1. Fenomena The Beatles, edisi 2079
2. Cikaracak Ninggang Batu, edisi 2078
3. Kota Kagok, edisi 2064
4. Blog, edisi 2060
 
Hatur nuhun.
 

Aya kamajuan. Ku sakieu ge matak ngeunah kana hate. Henteu dianggap angin teuing, sok sanajan telat kabina-bina, tur ieu teh email kuring nu teuing ka sabaraha hiji, kakara aya walonan. Lumayan, tamba henteu teuing.
 
Ngan, tangtu ieu teh kudu dijieun conto ku Mangle, lamun memang bener-bener hayang jadi media nu profesional. Ngabina 'hubungan baik' sakuduna lain ngan ukur jeung para pangarang moyan atawa pangarang 'inner circle' wungkul (baraya, kawawuhan) tapi oge jeung sakumna pihak nu aya patula-patalina jeung aktifitas media. Conto ekstrimna, lamun kabeh pangarang moyan jeung pangarang 'inner circle' maraot kabeh, saha nu rek neruskeun lacakna lamun lain pangarang-pangarang 'kutukupret' samodel kuring?
 
Nu masih keneh ngaganjel, mun ditingali tina email jawaban di luhur, teu aya sakecap oge nu nuduhkeun rasa hanjakal soal telatna pembayaran honor. Komo menta dihampura mah ti Mangle, hiji media masa Sunda nu umurna geus puluhan taun. Tetela menta dihampura teh hiji sikep anu MAHAL kabina-bina. Tangtu lamun kuring tokoh nu terkenal mah sikep Mangle salaku media teh baris beda, moal saperti kieu. Nya ieu pisan nu kuring sering disebut diskriminasi media teh. Feodalisme tetela ayana lain ngan ukur dina tatanan kamasyarakatan wungkul, da geuning media nu sakuduna egaliter oge masih ngeukeuweuk sikep samodel kieu. Lenyepaneun sarerea.
 
Ayeuna kuring keur nungguan jangji. Hayu urang barandungan.
 

13 comments:

Ifoeng said...

Janten emut kapungkur waktos sim kuring es-em-pe. Sok ngintun ka Mangle. Diajar tutulisan kanggo rubrik pepetetan. Kengeng honor lima rebu oge meni bingah nu taya papadana.:).

Anonymous said...

Leres Kang, nu janten masalah teh lebah profesionalismena. Bade iraha majuna atuh media Sunda teh, pami kontributor naskah teu diajenan.. Linggih teh di Dago atanapi Jakarta? Taun 2000-an abdi sering nongkrong di Tea Huis atanapi di Dago Pojok, ben-benan :-)

Rollick said...

satuju kang, memang media-media sunda teh kedah diajar profesional.

Anonymous said...

Leres Kang, asa teu lucu pan, media Sunda nu umurna tos puluhan taun, masih keneh ulukutek dina kabiasaan teu merenah.

Nuhun Kang..

Ifoeng said...

Leres pisan sim kuring panuju pisan yen profesionalisme memang kedah ditanjeurkeun. Kritik ti urang teh mugia sing janten panggeuing boh bilih ku tambihna yuswa teh malah janten balangah. Asa aing taya saingan janten bisa samemena.

Padumukan sim kuring sadidinten di Jakarta da Ku Alloh Alhamdulillah dikersakeun gaduh pakasaban matuh didieu.

Dagona di Tubagus Ismail ka palih tonggoh sakeudik. Dago nyingcet..sun :)

Anonymous said...

Oh, nuhun atuh, mudah-mudahan sing betah sareng teu kabanjiran.. Reueus Kang, linggih di Jakarta, tapi basa Sundana sae pisan.. tigin dina jatidiri kasundaan..

Ifoeng said...

Hatur nuhun kana pidu'ana. Mugia ku Alloh diijabah. Ah ieu mah sanes pedah lihey basa Sunda nyerat komentar teh. Mung sabulang bentor wae. Neger-neger maneh we sareng ngawani-wani sorangan. Da saleresna mah jajauheun kana ngartos undak usuk basa unda nu baku mah. Salam hormat kanggo Pak Tata nu tos masihan conto nu nyata ka balarea kumaha ngamumule basa sorangan. Pami urang Sunda sapertos Pak Tata sadayana sigana Ki Sunda teh bakal ajeg moal unggut kalinduan gedag kaanginan (leres teu ieu teh paribahasana? :) ). Moal gampang kalindih ku bangsa deungeun. Komo jajauheun kana tumpur mah. Sanes kitu???....

Anonymous said...

Ih, sae puguh ge.. Jarang-jarang nonoman kiwari (urang Sunda) nu basa Sundana beres. Akang mah kaleresan we digedekeun di lingkungan nu nyunda, ma'lum di kampung. Di rorompok, di lingkungan, seuseueurna urang Sunda wungkul. Nanging da ari ngobrol sadidinten sareng rerencangan nu tos loma mah, dugi ka ayeuna ge angger we kasar, urang maneh, sakitu tos karolot ge. Nu penting mah tiasa ngalarapkeunana, gumantung kana kondisi sareng situasi.

Paralun, ieu mah sanes nyontoan, pilakadar ceuceuleuweungan, bari can kantenan aya nu malire. Dalah para ahli basa anu rubak elmuna wae, katingalina teh semu-semu nu taak. Nu penting mah, saur A Agim oge (sanes ngawayuhna) mimitian ti diri sorangan, ti lingkungan nu pangcaketna, nyatana ti lingkungan kulawarga. Perkara hasil sareng henteuna, efektif sareng henteuna, eta mah sane urusan urang. Nu penting mah tos usaha sakamampuh urang..

Serius? He..he.. ah henteu.. Anggap we obrolan jalmi nu nuju lalanjung, weureu berita korupsi jigana mah..

Anonymous said...

Kuring mah ngirim carpon 2 kali ka Mangle, make email, geus ampir sataun, teuing dimuat teuing henteu da henteu langganan Mangle. Ma'lum hirup di Jakarta - Tangerang, teuing dimana bisa meuli mangle. Ayeuna keur nyieun blog anu eusina carpon jeung cerpen meunang nulis sorangan. Tibatan euweuh nu maca, meuning digratiskeun bae dina blog Sugan bisa jadi panglipur dulur-dulur nu sok lolongok kana blog.
Barang nempo blog Kang Tata anu make Blogger, asa kataji. Siga alus yeuh. Make blogger bae kitu? Ngarah bisa silih longok.

Anonymous said...

Eh geuning ngaran kuring jadi Mr. Anonymous Said. Bisi disangka dulurna Prof Gumbira Said, atawa bisi aya anu ngageroan : "Kang Ano ... Kang Ano ...", sigana kudu diklarifikasi heula. Ngaran kuring Bambang Setiawan, sumangga linggih ka blog kuring : http://360.yahoo.com/bsetiawan55

Anonymous said...

Kitu nya Kang? Matakna ditalak tilu mangle teh, tuman :-)
He..he.. aya aya wae Kang Ano eh Kang Bambang mah.. Leres Kang, gampil keneh di blogspot, pangpangna tiasa posting nganggo email, teu kedah muka blogna.
Ke..ke.. ieu Kang Bambang penerjemah sanes?

Bambang Setiawan said...

Eh kutan ... geuning aya deui urang Sunda anu namina Bambang. Nu ieu mah tara jadi penerjemah ... tapi ari aya order mah moal ditampik. He3x. Sumangga sindang heula ka http://blogtinahate.blogspot.com/

Anonymous said...

Keukeuh peuteukeuh oge mungguhing manusa hirup kemelendang di alam dunya, pan geus aya pincukna. Gusti Nu Maha Suci geus nagtukeun. Tigal kawajiban urang pikeun nyiar eta pincuk, da moal ujug-ujug dumadakan bro ragrag kana sungut urang atuh. Cobi Sim kuring ayeuna mun seug dilegleg hiu di tengah laut moal aya nu nyarahoeun Boh urang sunda, boh urang alak paul. Anging Allah Nu Uninga. Atuh keur nanahaon angkleung-angkleungan sorangan di tengah laut/ pan keur nyiar pincuk diri pridos. janten ayeuna mah salian ihtiar kalawan doa, nya pasrahkeunwe Ka Manten-Na. Pon kitu deui Mangle nu teu profesional. Nya keun wae atuh nu penting urang geus ngageuingkeun. Punah kawajiban pan.