Monday, March 14, 2011

Radio Basa Sunda

Radio basa Sunda nu dimaksud teh nyaeta radio anu basa panganteurna malulu ku basa Sunda. Ari eusina mah rupa-rupa, aya lagu indonesia, aya lagu barat, malah lagu wetan oge teu jadi masalah. Tos aya? Nyeta teu acan :)
 
Eta mah ngalamun. Kabeneran ngalamun teh kadang-kadang sok dianggap aneh ku batur. Dianggap mahiwal. Padahal naon salahna? Keun we da ngalamun ieuh, moal matak bohak. Pan ayeuna mah ngalamun nu mahiwal teh sok diparake dina elmu manajemen. Disebutna 'think out of the box'. Maksudna? Nya ngalamun atawa mikir mahiwal tea, kaluar tina kabiasaan anu ilahar.
 
Geus loba conto, ide anu baheula dianggap mahiwal, kiwari kabuktian jadi kanyataan anu teu dianggap aneh teu sing. Kapal udara upamana. Pan baheula mah dianggap lahuta sabab jelema mah ceuk palikir jalma nu 'cageur' moal bisa ngapung sabab teu boga jangjang. Tapi tetela ku jalma mahiwal mah eta teh dipikiran, nepi ka ahirna jadi kanyataan, najan carana henteu nyieun jangjang terus ditapelkeun kana awak. Tapi nu penting, jelema bisa ngapung, make kapal udara.
 
Lomo atuh ieu, pira oge radio anu basa panganteurna basa Sunda. Teu mahiwal teu sing. Sacara teori mah gampang malah, sabab nu make jeung nu ngarti kana basa Sunda masih keneh loba. Terus ku naon atuh pangna euweuh radio anu saperti kitu?
 
Tah di dieu mah masalahna lain mahiwal atawa aneh. Masalahna teh nyoko dina urusan kawani. Euweuh jelema loba duit nu daek ngamodalan ngadegna radio samodel kitu. Basana teh sieun rugi tea, sieun teu balik modal tea jeung sajabana. Padahal rek nyaho bakal rugi kumaha, da dicobaan oge acan. Kumeok memeh dipacok, kitu meureun pibasaeunana.
 
Padahal lamun dilenyepan, ieu teh bisa jadi selling point (niley jual) pikeun icikibung dina bisnis radio. Sok inget kana kasauran Pa Temmy Lesanpura almarhum, pakar radio, nu kungsi nyebatkeun yen dina bisnis radio mah kudu 'dare to be different' (wani minculak ti batur). Tong sieun mun dianggap beda, sabab eta teh justru bakal jadi paniten batur. Pada nempo. Mun geus pada nempo pan panasaran, hayang nyaho jero-jeroanana. Keur nu dagang mah pan kakara ditempoan oge geus kaasup 'satengah ngajual'. Digilekkeun saeutik ge, iklan mo burung murudul.
 
Komo deui mun nu boga modalna idealis mah, keyeng hayang nanjeurkeun sunda jeung kasundaan. Ngan nyaeta hese neangan jelema nu model kitu teh: loba duit, jeung gede katineungna ka Ki Sunda.
 
Kacipta lah, mun lamunan kuring teh bisa ngawujud. Gogoleran di kamar bari ngadengekeun radio. "Pamiarsa, mangga urang sami-sami kupingkeun galindengna The Beatles ti babakan Liverpool, anu baris ngagalindengkeun lagu Michelle, dilajengkeun kana lagu Blackbird anu dipundut ku Kang Tata ti Ciamis. Wilujeng ngadangukeun," cek penyiar radio Urang Sunda.
 
Rungah-ringeuh, da asa teu menta lagu. Leungeun gupuy-gapay neangan telepon, guluprak gelas ragrag katepak. Korejat, kuring hudang. Euh, can aya geuning radio nu jiga kitu mah. Sok atuh nu saleueur artos, aya kawani teu? Kuring mah rek ngadengekeun we ah....
 
Tata Danamihardja © 2011
 
Hak Cipta ditangtayungan ku undang-undang. Salira diwenangkeun nyutat ieu tulisan - boh sapalih atanapi sagemblengna - kalawan sarat kedah nyebatkeun sumber sareng ngaran nu nulis. Mugia janten uninga. 

12 comments:

rava said...

haturan kang, kumaha daramang sadayana ?
rada akur sareng sim kuring implengan sareng lamunan teh,sok rajeun ngalamun upami aya Radio anu siaran ngagunakeun basa sunda rada legeg sigana nya..?
sigana tiasa ngawujud upami aya jalmi nu seuseur acis bari mikaheman kana kajembaran ki sunda ,mugi atuh kapayun mah aya anu kataji ku lamunan urang nya.../? he he hehhh

Tata said...

Alhamdulillah kang Rava, aya hibar pangdu'a ti sadaya.

Eta ku sami atuh nya implengan teh :) Amiin, mudah2an laksana, da sanes hal anu pamohalan atuh, kantun prak ari kanggo nu seueur artos mah...

Rizqi said...

sok atuh para inohong diantos sumbanganna boh acisna boh kahemannana kana basa sunda, abi mah sarua we jeung tata rek ngadengekeun wungkul hehe

Unknown said...

enya, abdi oge satuju pisan upami cenah mah aya radio bahasa sunda, tapi kedahna mah di luar jabar nya kang

blog bandung said...

saena mah nya aya radio sunda nu nasional weh jadi urang sunda dimana wae tiasa ngadangukeun. atawa radio sunda online weh, tepangkeun akang2 sadaya http://bandung.blogspot.com

Raden wiraatmadja said...

Radio Sunda Subang
http://www.facebook.com/home.php?sk=group_166734543386000
haturnuhun.

Raden wiraatmadja said...

punten sim kuring bade ngenalkeun,website kusus urang sunda:
www.kalangsunda.net

grup facebook:
skks,sim kuring katurunan sunda
http://www.facebook.com/pages/SKKS-SIM-KURING-KATURUNAN-SUNDA/349305302068?ref=ts

haturnuhun

abahtahya said...

Mang Yaya RSS: Hehehehe...ide anu munel turta merenah. Mangga antos di RSS. Programna nuju diolah keneh ..hehehehe...Wilujeng ngadangukeun.

Ksatria Putih said...

Orang Sunda yang pake basa Sunda udah dikit tau, malu kata nya haha

arya said...

kang script banner na tos di pasang di http://solutions-teknik.com

Tata said...

Alhamdulillah.. Radio Sunda Subang nya? Hanjakal waktos diteang nuju pareum geuning :)

Boh kitu boh kieu, ngiring ngarojong...

Obat Kencing Manis said...

sok enakeun mun bade bobo ngupingkeun heula radio teh .