Saturday, November 21, 2009

17 Pupuh Sunda

Waktu di SD kuring kungsi diajar pupuh ku guru. Ngan nyakitu, lian ti teu kumplit, tetela lamun ditengetan ayeuna mah singhoreng loba nu kurang merenah, ma'lum pan aranjeunna (para guru) teu kabeh seniman, padahal sarerea oge pada terang di SD mah guru teh kudu bisa ngajar sagala rupa pangajaran. Najan kitu, ku diwanohkeun oge kana pupuh geus pirang-pirang nuhun, sabab eta geus jadi dadasar dina diri kuring enggoning ngipuk kadeudeuh kana basa jeung budaya Sunda.
 
Pupuh teh wangun dangding atawa lagu anu kauger ku aturan nu geus pararuguh. Jumlahna aya 17 nyaeta: Asmarandana, Balakbak, Dangdanggula, Jurudemung, Durma, Gambuh, Gurisa, Kinanti, Ladrang, Lambang, Magatru, Maskumambang, Mijil, Pangkur, Pucung, Sinom, Wirangrong.
 
Masing-masing pupuh ngabogaan watek tur aturan nu beda-beda, ngawengku jumlah padalisan (baris), guru wilangan atawa jumlah engang (suku kata) dina unggal padalisan (baris), sarta guru lagu atawa sora a-i-u-e-o dina tungtung padalisan. Sedengkeun jumlah pada (bait) mah henteu disengker, kumaha kahayang nu nganggit guguritan.
 
Baheula mah pupuh teh sok dipake ngarang carita, disebutna wawacan. Salah sahiji contona nu kuring masih keneh inget nyaeta wawacan Purnama Alam. Inget soteh judulna, bukuna mun teu salah aya dua jilid, da ari eusi caritana mah poho deui, ma'lum macana ge keur budak keneh tur kekecapanana loba nu can kaharti. Ngan nu masih keneh inget teh salah sahiji tokohna ngaranna Ratna Suminar.
 
Dina wawacan, suasana carita diluyukeun jeung watek pupuh. Upamana bae, nu keur nalangsa ditinggalkeun kabogoh moal mungkin dicaritakeun dina pupuh Durma, sabab Durma mah watekna heuras. Nu keur sedih mah leuwih cocog dicaritakeun make pupuh Mijil atawa Maskumambang. Sabalikna nu keur perang moal dicaritakeun make pupuh Pupuh Lambang anu watekna banyol atawa pikaseurieun.
  1. Asmarandana: Watekna silih asih silih pikanyaah atawa mepelingan. Unggal pada diwangun ku tujuh padalisan.
  2. Balakbak: Watekna pikaseurieun. Unggal pada diwangun ku 3 padalisan.
  3. Dangdanggula: Watekna bungah atawa agung. Unggal pada diwangun ku sapuluh padalisan.
  4. Jurudemung: Watekna kaduhung, atawa hanjakal. Unggal pada diwangun ku lima padalisan.
  5. Durma: Watekna heuras atawa siap rek tarung. Unggal pada diwangun ku tujuh padalisan.
  6. Gambuh: Watekna bingung, samar polah atawa tambuh laku. Unggal pada diwangun ku lima padalisan.
  7. Gurisa: Watekna pangangguran, lulucon atawa tamba kesel. Unggal pada di wangun ku dalapan padalisan.
  8. Kinanti: Watekna miharep atawa prihatin. Unggal pada diwangun ku genep padalisan.
  9. Ladrang: atawa pikaseurieun. Unggal pada diwangun ku opat padalisan.
  10. Lambang: Watekna banyol atawa pikaseurieun. Unggal pada diwangun ku opat padalisan.
  11. Magatru: Watekna lulucon deukeut deukeut kana prihatin. Unggal pada diwangun ku lima padalisan.
  12. Maskumambang: Watekna prihatin, sasambat atawa nalangsa. Unggal pada diwangun ku opat padalisan.
  13. Mijil: Watekna sedih, susah atawa cilaka. Unggal pada diwangun ku genep padalisan.
  14. Pangkur: Watekna napsu, lumampah atawa sadia rek perang. Unggal pada diwangun ku tujuh padalisan.
  15. Pucung: Watekna piwuruk, wawaran, atawa mepelingan. Unggal pada diwangun ku opat padalisan.
  16. Sinom: Watekna gumbira. Unggal pada diwangun ku salapan padalisan.
  17. Wirangrong: Watekna era atawa wirang. Unggal pada diwangun ku genep padalisan.
Bilih aya anu peryogi audio kanggo bekel diajar pupuh, mangga diundeur bae di dieu:
 
 
Nyanggakeun!
 

11 comments:

Lukmancom said...

sunda keren...........
pangajaran SD...

hatur nuhun..

Unknown said...

Duch..haturnuhun pisan yeuh. Maklum di cilacapmah teu aya pelajaran sunda. Nyuhunkeun pido'ana mudah2an pihak pemda nyatujuan mulok sunda di ayakeun deui di wilayah kecamatan Dayeuhluhur-cilacap.

Anu terakhir bade nyuhunkeun ijin majang alamat blogna di blog sunda cilacap. haturnuhun

Husnul Yakin Ali said...

Haturnuhun pisan audio pupuhna...

laboratorium bahasa said...

Hatur nuhun aya blog sunda geuning.Resep kana carios sunda.Boh carpon atanapi lalaguan.Maju sunda

Tata said...

@LN: sami-sami Kang..
@CAK: amiin, ngiring ngarojong ku du'a kang
@HYA: sami-sami..
@LB: sami2. amiin kang..

damkam1st said...

Hatur Nuhun Anu Parantos Ngadamel Ieu Blog, Abdi Ayeuna Jadi Tiasa Ngerjakeun Tugas

damkam1st said...

Hatur Nuhun Kang/Teteh, Anu Parantos Ngadamel Ieu Blog, Ayeuna Abdi Jadi Tiasa Ngerjakeun Tuhas ..Bahasa Sastra Sunda

Identitas said...

hatur nuhun...wilujeung sukses

Sabar S said...

Ngamumule basa sareng kasenian Sunda
Assalaamu'alaikum Warahmatullahi Wabarakatuh, nepangkeun kasadayana, Kamus ieu masih teras ditambihan sareng didangdosan, tapi tos diuningaan ku 100 nagara, anu pangseringna urang Amerika sareng tamu tos dugi ka 66.000 langkung. Mangga uningaan dugi ka vidiona oge, manawi tiasa ngarojong.
Punten masih seueur keneh anu kirangna sareng punten pami website ieu dibukana laun atanapi sesah, margi seueur vidio kasenian sunda tina youtube. Haturnuhun.
http://kamusindonesiasunda.blogspot.com/

Unknown said...

Kang hatur nuhun, kaangge materina :)

Anonymous said...

Tempat anu ngajual cd pupuh dimana nya. Nuhun