Thursday, June 25, 2009

Usum Ngabustam

Ngabustam teh ngawadul. Biasana loba bohongna tibatan benerna. Tujuanana bisa rupa-rupa, ngan utamana mah ngarah piandel, hayang dipercaya. Ku naon pangna kitu? Sabab nu ngabustam hayang nutupan kahengkeran dirina, susuganan ku cara kitu ku batur jadi dianggap hebat, dianggap bisa, dianggap mampuh.
 
Padahal da ari kamampuh atawa kabisa jelema mah da nonggerak. Najan ditutupan oge pasti kaciri ku batur, sabab pangabisa mah katenjona dina karya nyata. Mun aya jelema ngaku-ngaku sakti teu teurak dikadek, tong waka percaya. Mending cobaan we kadek, pan pasti katempo teurak henteuna :-) Komo jelma nu ngaku-ngaku kasep atawa geulis mah, hese ngabohongna, da eta mah langsung aya buktina.
 
Kamampuh jelema teu bisa diukur tina omonganana wungkul, tapi kudu katempo buktina. Beuki mindeng jelema nabeuh karep, urang kudu beuki curiga kana naon anu diomongkeunana. Sabab biasana jelema nu loba pangaweruhna mah tara rea omong, tara hayoh wae ngagul-ngagul karep. Cindekna tara goong nabeuh maneh. Tah nu loba omong bari euweuh kanyaho, kurang kamampuh, nya ngabustam tea disebutna.
 
Mun rajin nengetan pintonan dina tipi, ayeuna-ayeuna ieu loba pisan goong nabeuh karep. Para calon presiden jeung calon wakil presiden paciweuh paloba-loba omong, nepi ka silih cempadna pisan. Rupa-rupa pamolahna. Aya nu agul ku turunan. Aya nu ngagul-ngagul hasil gawe manehna salila jadi pejabat, sok padahal eta mah memang geus jadi tugasna, da pararuguh buruhna. Pan pejabat teh digajih lain? Aya oge nu ngagogoreng batur, jiga manehna tara salah atawa tara pikasebeleun. Kalakuan nu ditataan tadi kabeh oge tujuanana mah sarua: hayang meunang simpati, hayang dipikaresep. Mun geus dipikaresep, pan pamustunganana mah hayang dipilih.
 
Ngan jigana bae, maranehna teh poho yen ra'yat teh lain budak olol leho nu gampang dibobodo. Cara-cara nu dipilampah kiwari, upamana ku cara ngabustam tea, geus hese payu. Sarerea ge geus pada ngarti, lamun enya nyaah tur deudeuh ka ra'yat, nu penting mah gawe nu bener, teu kudu loba ngomong teu puguh. Jeung pamingpin mah kudu pinter deuih. Tangtuna oge eta kapinteran teh ulah dipake minteran batur, dipake nyalikong, tapi estu dipake pikeun ngokolakeun nagara sangkan ra'yatna raharja.
 
Pamustunganan, urang kudu ati-ati dina milih pipamingpineun. Ulah kagelo ku jangji, mun kieu rek kieu, komo bari jangjina teu realistis mah. Nu kitu mah ngabustam tea ngaranna. Sanes kitu? Kateuing ah, lieur!
 

6 comments:

LieZMaya said...

Heheh basa jadul paragi nyirik nu api2 teu damang lamun sieu rek ulangan :P

Tata said...

Tah, geuning, ayeuna mah ngaku :-D Kumaha damang Liez?

lisung said...

ngiring gabung.. da kumaha bangsa urang mah leuwih resep di bobodo keneh geuning

siAyi said...

sakapeung rasa sebel kanu sok ngabustam teu katahan.. ahirna murang-maring... paling parah anu ngabustamna dibaledog ku sendal... hehe..

Anonymous said...

Punten ah ngring ngarewong, kanggo dulur lisung, sanes bangsa urang anu resep di bobodo, kusabab ngabobodo budak tos ngabudaya janten we ngabustam teh sok teu euleum2x anu enya di lain2x, anu lain di enya2x ^_^

Hatur Nuhun, Wass.

Tata said...

@lisung: duka tah pami kitu mah :)
@ayi: ih, teu kenging ku sendal mah nyerieun atuh, mending ku.. batu :D
@anonymous: untung abdi mah tara dibobodo nuju budak teh :)