Friday, December 01, 2006
Friday, November 24, 2006
Rupa-rupa Kabeurangan
"Euh..Punten Pa Guru, abdi wangsul macekkeun heula domba nembe teh.." si Ibro murungkut.
"Macekkeun domba? Na atuh lain ku bapa maneh nu kitu mah?" Pa Guru beuki wera.
"Eu..eu..moal tiasa atuh Pa, kedah ku domba deui..." si Ibro ngalengis bingung, satengah ambek. Teungteuingeun ari Pa Guru, maenya bapana kudu macek domba!
Thursday, November 23, 2006
Basa Sunda Tereh Tumpur?
"Urang mah mun ngobrol jeung si eta pasti keketawaan.." (maksudna: seuseurian)
"Bapa urang ge bangga urang bisa rengking hiji.." (maksudna: reueus)
"Besok meunang teu urang maen ka rumah?" (maen dina basa Sunda hartina ngadu, judi. Padahal di dieu tangtuna ge maksudna ulin).
Teruskeun kalimah-kalimah di handap ieu ku hidep.
Soal : Ibu tuang, abdi ....
Jawab : hoyong.
Soal : Bapa angkat, abdi ....
Jawab : ngiring.
Soal : Ulah sok huhujanan bisi ....
Jawab : diteunggeul.
Soal : Cikaracak ninggang batu laun-laun jadi ....
Jawab : tarik.
Jawab : oge.
Soal : Pencuri itu lari tunggang ......
Jawab : tonggeng.
Saturday, November 18, 2006
Nyarekan
Najan sabenerna rada ngarti basa Inggris (saeutik-eutikeun), basa Indonesia (taram-taram), basa Cirebon (saeutiiik.. pisan), katut sababaraha basa sejenna (basa okem, basajan jeung basa kamari rapat di desa panggih jeung Pa Kuwu teu?), nu karasa teleb kana pipikiran mah teu aya deui iwal ti basa Sunda. Dalah ngimpi ngobrol jeung bule ge asana mah sok di-dubbing make basa Sunda. Komo eta mah palebah ngambek atawa nyarekan, da asana teh puleeen.. pisan ari make basa Sunda mah. Beda jeung lamun ngagunakeun basa sejen atawa basa deungeun.
Na ari basa Sunda teh keur nyarekan kitu? His lain, dimana-mana ge basa mah keur komunikasi. Tah bagian tina komunikasi teh pan diantarana nya nyarekan tea. He..he.. Angger nya tungtungna mah kana nyarekan.
Tapi dipikir-pikir mah jigana memang bener nyarekan teh mangrupa bagian tina komunikasi verbal. Dina basa naon bae oge pasti aya kecap-kecap husus nu digunakeun atawa dipakena ngan ukur waktu nyarekan. Biasana kecap-kecap jang nyarekan mah euweuh deui pilihan, iwal ti kecap-kecap kasar tur garihal, anu tujuanana sangkan jelema nu dicarekan ngarasa kasigeung jeung nyerieun hate. Jeung da asa teu lucu lamun nyarekan make basa lemes. Jadi inget ka pun lanceuk keur budak, pasea jeung kuring. Teuing pedah naon mimitina, ngan nu jelas mah kuring ngambek ka manehna. Pun lanceuk teu tarima, malik nyarekan. Ngan ku sabab ku pun biang sok diomat-omatan teu meunang ngomong kasar, pokna teh, "Naha sia teh bet bendu ka Teteh?" Atuh kuring ge kalah nyeuleukeuteuk ngadenge kitu mah. Abong budak.
Tangtu dina praktekna, nyarekan teh mangrupa katup atawa kelep darurat, lamun cara sejen geus teu katoong bisa ngarengsekeun masalah. Jadi ari masih keneh bisa ku cara sejen mah, usahakeun pikeun nyingkahan hal eta sakuat tanaga. Naon sababna? Ngaran-ngaran nyarekan tea pan kajurung ku napsu. Nu penting ngeunah bisa ngabudalkeun amarah. Nu kapikir paling-paling oge neangan kecap-kecap nu pangkasarna. Padahal ari enggeusna mah sok hanjakal jeung era mun panggih deui jeung jelema nu dicarekan. Komo mun waktu nyarekan teh kacaletot salah ngalarapkeun basa, nu kuduna keur ka batur, kalah dipake ka sorangan. Pan aya dongengna tateh.
Kieu cenah. Ma'lum jalma keur ngambek, amarahna tangtu muncugug nepi kana embun-embunan. Manehna hayang ngahina bebeakan, nyeksekeun yen beungeut jelema nu dicarekan ku manehna teh goreng kabina-bina. Na ari pokna teh, "Yeuh sia teh kudu ngarumasakeun, kudu loba ngeunteung. Nurustunjung siah, keur bujur sia jiga beungeut aing teh.."
Gusti, kalah ngajejeleh sorangan atuh eta mah. Duka lamun memang eta teh bakating ku jujur, nembrakkeun karumasaan :-). Matak oge, lamun teu kapaksa mah, mending tong nyarekan batur, bisi kacaletot jiga kitu. Isin, kulan?
Sunday, November 05, 2006
Reunian
Poe Saptu kamari maksakeun ka Bandung bari jeung macet-macet oge. Ma'lum kabeneran bareng jeung usum baralikna jelema ti lembur-lembur ka dayeuh, tempat maranehanana neangan pangupa jiwa. Hasilna nya macet. Nagreg biasana nu jadi langganan macet teh. Indit ti imah jam 7 isuk-isuk, datang ka Bandung satengah 3 sore!! Kacida nya... Padahal ditungguan ku barudak jam 10 isuk-isuk.
Tapi ari geus cunduk mah ka tempat ngumpul, leungit tah kacape, nyareri awak, jeung eungap gara-gara kakebulan di jalan teh. Bungah we nu aya. Panggih deui jeung jelema-jelema nu kungsi sagulung sagalang, jaman sangsara, jaman dahar 300 perakeun di Bu tunduh hareupeun kampus. Jaman roko sapotong sewang, atawa mun keur teu boga duit kadang-kadang mulung kuntung bari culang cileung sieun katenjo ku batur.. Najan teu boga duit ge,aya keneh ari kaera mah...:-)
Tapi nyakitu, nasib jelema mah beda-beda alias teu sarua. Sanggeus sakitu lilana teu panggih, ari gok tangtu loba robahna, boh sacara fisik atawa rejeki. Sacara fisik upamana aya nu buukna cepak terus make polet tilu baris jiga galengan (tong ngambek Wem!), aya nu jadi huisan. Sacara rejeki mah teu kudu dicaritakeun. Aya nu geus beunghar, aya nu can beunghar (jiga kuring!). Cek ahli psikologi, teu meunang nyebut teu beunghar, soalna eta teh nandakeun yen urang ngabogaan cara mikir negatif. Lamun nyebut can beunghar mah hartina aya keneh harepan pikeun jadi nu beunghar. Jadi ieu teh cara mikir positif. Cenah eta ge.
Untungna, nu parapanggih kamari mah euweuh (atawa can aya?) nu unggah adat! Ngobrolna, sikepna, masih jiga bareto, henteu nganyar-nganyari. Masih keneh ngobrol kasar (teuing ku naon, ngobrol lemes jeung babaturan deukeut teh asa nengterege, asa karagok). Teuing meureun pedah kuring mah lain menak, jadi kalakuanana ge orowodol! Kecuali mun ngobrol jeung nu teu pati loma mah, kuring ge bisa atuh ngobrol ala menak. Pan baheula ge basa keur SD, basa Sunda peunteun salapan! piraku we teu bisa nu kitu-kitu acan.
Pamustunganana mah reuni informal teh heboh, sagala ditatab. Ti mimiti ngobrol, ngadu rahul, silih sepet, nyanyi, malah nepi ka dipoto sagala. Sual fotogenik atawa henteu, eta mah urusan foto model, lain urusan urang. Peutingna diteruskeun begadang nepi ka jam tilu subuh. Padahal saukur ngobrol. Tapi bet asa balik deui ka jaman bareto. Jaman sarua papada boga angen-angen hayang sukses. Najan ayeuna kabuktianana teu sarua, tapi suasanana tetep jiga bareto.
Nuhun Gusti, aya keneh jelema-jelema nu teu unggah adat. Mugi-mugi we dugi ka engke angger teu unggut kalinduan, teu gedag kaanginan.


