Monday, December 19, 2011

Bewara

Saparantos aya kana dua taunna diusahakeun, pamustunganana http://sundablog.blogspot.com teu tiasa diakses deui 'dapurna'. Nya teu aya deui jalan iwal ti kedah ngalih ka tempat nu enggal di http://sunda-blog.blogspot.com, supados langkung tumaninah ongkoh.

Ku margi kitu, seratan-seratan SundaBlog baris diupdate di tempat enggal. Anu tos ngalanggan via email teu kedah hariwang, margi baris dikintun update otomatis ti tempat nu enggal.

Mugia janten uninga.

Admin SundaBlog,

Tata Danamihardja

Monday, November 14, 2011

Ebook Sunda: Dalem Boncel

Angger, eBook basa Sunda nepi ka kiwari masih keneh samporet jumlahna. Dalah dikumaha, memang kitu kayaanana.

Tibatan terus-terusan humandeuar bari jeung teu ngayakeun tarekah sama sakali, mending oge nyieun sorangan. Nu kagiliran dijieun ebook ayeuna nyaeta seratan karya Ki Umbara anu judulna Dalem Boncel. Mun urang Sumatera boga Malin Kundang, urang Sunda mah boga dongeng Dalem Boncel.

Caritana sarua, ngeunaan budak sangsara anu kabeneran meunang kamulyaan, tegesna jadi jalma beunghar. Ngan hanjakal barang geus beunghar bet jadi poho ka temah wadi, nepi ka embung ngaku kanu jadi kolot.

Kumaha tungtungna nasib Dalem Boncel? Mangga aos bae nyalira. Dijamin moal hanjakal, margi dongengna rame tur ngandung misi pikeun ngalemesan budi.

Undeur eBook Dalem Boncel

Ceramah Agama Islam Dina Basa Sunda

Seueur nu naroskeun perkawis ceramah Islam dina basa Sunda, hapunten nembe tiasa katedunan ayeuna. Nyanggakeun, mugia sing ageung mangpaatna.

1. Drs. Jujun Junaedi - Nikah
2. KHAF Ghozali - Tugas Risalah
3. KHAF Ghozali - Syukur Nikmat
4. KHAF Ghozali - Sabagean Ciri Agungna Islam
5. KHAF Ghozali - Merangan Napsu
6. KHAF Ghozali - Ayat-Ayat Allah
7. Drs. Jujun Junaedi - Khitan
8. Ceramah Kang Ibing
9. Kang Ibing & KH Athian Ali 1
10. Kang Ibing & KH Athian Ali 2
11. Kang Ibing & KH Athian Ali 3
12. Kang Ibing & KH Athian Ali 4
13. KH Zakaria - Ni'mat-Ni'mat Allah

Sunday, November 13, 2011

Lebaran poe Juma'ah 2

Kanggo anu nineung kana karya-karya Ahmad Bakri (alm.), pangarang moyan teureuh Ciamis, kasanggakeun salah sahiji carpon anu diserat ku anjeunna. Diposting deui, wireh aya kalepatan teknis. Supados maosna langkung tumaninah, sumping bae ka http://sunda-blog.blogspot.com. Diantos.

ku: Ahmad Bakri

Cilamping teh desa gegek tapi sikluk, jauh ka ditu-ka dieu. Pernahna di lamping gunung. Tara pati kasaba ku urang beh tengah, da nya eta jalanna rumpil. Urang dinyana nya kitu tara pati laliar ari lain barudak mah nu ngadugdag ngadon sakola ka desa sejen, da di dinya mah taya sakola. Kitu ge teu loba, ukur hiji-dua.

Imah-imahna kabaheulaan keneh, hateup injuk julang ngapak, bilikna kepang anyam satampah. Masjidna nya kitu deuih, ka cungcung-cungcungna ku injuk. Kawilang gede sakitu mah, ngan teu pati kapiara, da nu ngeusianana oge Lebe wae jeung nu dareukeut ka dinya. Barudak lembut waeh nu ngadon ngaji tepung magrib. Ka-peutingnakeun pinuh ku barudak bujang nu ngadon marondok.

Tapi dina tanggal lilikuran Puasa mah masjid nu sasarina cakueum tiiseun teh ngadak-ngadak hegar, bilikna dikapur, buruanana dikored lening.

Tanggal tujuh likur pasosore loba jelema ngarariung di bale malang bari gorgar ngawarangkong. Di juru deukeut bedug sa­watara urang ngadareluk ngaromean terebang pakeeun eng­ke ari nyalawat maleman Lebaran. Lebe andekak nyarande kana tihang, ngagigirkeun boboko tilu wadah beas jeung blek urut minyak tanah, wadah duit.

"Seg-seg atuh rek saletor pitrah mah, meungpeung beu­rang," cek Lebe, "sor ka dieu, Arjangi, tong asa-asa …. Sabaraha jiwa nya? Tujuh lain?"

"Tilu, Kiai …. Kuring, budak nu cikal jeung indungna …."

"Ari nu opatan deui?"

"Har, ari Kiai, pan can manjing puasa eta mah …. Pitrah kuma urusanana, bolon keneh sasatna!"

"Nya atuh, kuma nyaneh wae ari kitu mah …," cek Lebe, "tilu kulak nyah rek meuli teh?"

"Tilu," cek Arjangi bari ngudar cangreud rajut, dicicikeun, borolo benggol wungkul. Milihan genep, sesana diasupkeun deui, purilit ret dicangreudkeun deui. "Tah, Kiai, kuring seja meser beas tilu kulak ku duit limalas sen …."

"Genep benggol kitu, pan eta duitna ge benggol wungkul!" cek Lebe bari kerung.

"Seug atuh …, kana duit genep benggol," cek Arjangi mindo ijab bari ngentepkeun benggol dua-dua, sakulakeun-sakulakeun.

"Kula ngajual beas tilu kulak kana duit genep benggol …. Tah rawatan, tilu boboko …. Sing percaya, geus meunang ngayon eta teh, jejeg sakulak-sakulak …. Sok ayeuna geura setorkeun deui ka kaula …. Setor pitrah kitu!"

"Kuring setor pitrah tiluaneun …. Ieu kawajiban kuring, ngaran Arjangi …. Nu ieu kawajiban awewe, Si Narti …., tah nu ieu kawajiban anak nu cikal, Si Awisah …. Lain kawajiban popotonganana keneh, Kiai…? Dan can lubar idah!" cek Arjangi bari tanggah neuteup beungeut Lebe, "teu datang-datang si selud teh, katempuhan bapana wae tungtungna teh!"

"Tarima kaula pitrah Arjangi jeung Nyi Narti jeug Nyi Awisah …. Sok kadinyah amin urang dungaan," cek Lebe bari nandekeun dampal leungeun duanana.

"Ke heula, Kiai, tobat sanes nyanyahoanan …. Ulah ku dunga indal-maot, kuring mah sok kukurayeun …."

"Ari geus …. Dunga naon kahayang teh …?"

"Indal-salamet wae atuh sugan, ambeh salamet panjang umur …."

Lebe kapaksa ngelehan. Beres ngadunga, benggol nu genep teh dirawatan, goloprak-goloprak diasupkeun kana blek tea.

Geus dimimitian ku Ki Arjangi mah sungsong paheula-heula, rata ukuran sakulak lima sen. Nu ngurung budak wae aya, nu geus rada enyay-enyay ngarti mah, nu nurutan Ki Arja­ngi wae loba.

"Punten, ah, kuring mah ti dieu wae ti luar, sangeuk siba­nyo," cek lalaki tengah tuwuh bari melenyun udud. Leungeun­na ngarongkong nyodorkeun duit lima sen ka nu diuk pang­deukeutna, menta ditepikeun ka Lebe.

"Geuning sia geus udud, Adma? Kakara ge asar ahir, deulu!" cek Lebe.

"Har, ari Kiai, lalay geus rabeng ti tadi tukangeun imah kuring mah …," cek Adma bari ngenyot rokona.

"Baruk lalay …? Lain gugueun, deuleu, nu kitu mah! Da kudu geus reup-reupan …. Malah cek sakaol mah kudu geus teu kadeuleu bulu bitis …!"

"Ari kitu …, matak batal deuih udud teh?" cek Adma bengong.

"Puguh wae, deuleu!" cek Lebe nyereng.

"Ke … ke … ke … Kiai, da cek nu nyarios mah sami sareng nyusur cenah …. eta duit kuring ulah dipesakan, Harip, bisi kapopohokeun," cek Adma bari ngareret ka nu mang­nam­panan­keun duitna tadi.

"Dipesakan soteh lain rek diarah, bisi Kiai kaliru kaasup­keun kana kaleng, pajar geus diijabkeun," cek Sanharip moro­ngos, teu ngeunah disangka boga niat goreng.

"Euh …, heug … heug … atuh …. Bisi wae kuring mah, bisi poho," cek Adma ngelemes era.

"Sarua jeung nyusur kumaha tadi teh, Adma?" cek Lebe panasaran.

"Sumuhun … sami … bako-bako keneh …. Bedana teh dikemil jeung diseuneuan …."

"Ari kitu … teu batal ari nyisig?"

"Pedah wae Pa Mukasan nyisig wae sapopoe bari puasa teh …."

"Paingan atuh ari nyanghulu ka dinya mah …. Pan si eta mah manggih gaang ge sok dideang dina cempor, ditambul harita keneh …. Sia beuki nya, gaang?"

"Yey … palias nagir, keuyeup ge loba keneh, teu kudu nam­bulan gaang …. Diturutan soteh pedah wae tukang bilal tukang ngunggahkeun, sahenteuna meureun aya taram-taram kana ajian …."

"Sok dititah nunggahkeun soteh tamba wudu, pedah taya deui nu daekeun," cek Lebe, "baliju-baliju ge lumayan ku sona­garna."

"Mun nyana batal mah, nyatu wae sakalian tadi teh," cek Adma bari miceun rokona.

"Unggal poe nya sia sok udud teh?"

Teu nembal, anggur malik ka Sanharip. "Sok, Harip, seren­keun duit kuring ka Kiai …. Ijabkeun sakalian, kawajiban Si Anisah kituh!"

"Ari kawajiban sia mana, Adma?" cek Lebe.

"Moal tulus kuring mah, Kiai …. Pan cek Kiai ge bareto, pitrah teh nyampurnakeun puasa, sanes? Ari kapalang batal balas udud, nyampurnakeun naon atuh …? Pengkolkeun wae ka Si Anisah …. Tadina mah manehna nu moal, da cek mitoha ge rubiah mah karawu kapangku ku salakina …. Ari geus kieu mah jadi teu bisa mangku kuring teh. Nu matak manehna ayeuna mah nu ka hareup …."

"Deulu ituh, Juragan Kuwu ka dieu!" cek nu diuk tukang­eun Lebe. Sarerea tinglalieuk ka jalan. Lebe ngesod rada mun­dur, nu sejen-sejen nyedek ngumpul di juru. Sup Juragan Kuwu ka masjid, jemprak sila nyarande kana sarigsig.

"Geuning sisinarieun Juragan angkat ku anjeun?" cek Lebe, "pan sasarina ge sok diteang ku abdi ka bumi."

"Ah, entong, da rek ditajongkeun …. Dipikir-pikir asa renced. Ayeuna kami setor ka Lebe, engke bulan Hapit, usum dibagikeun, kami narima pancen ti Lebe. Kadang-kadang duit kami keneh pulang deui ka kami …. Tajongkeun wae ayeuna mah. Kawajiban kami jeung Nyi Kuwu potong engke tina pancen …."

"Dupi ijabna kumaha atuh ayeuna?" cek Lebe sanggeus ngahuleng sajongjongan.

"Geuning belet Lebe mah …. Ayeuna mah kami bere nganjuk beas dua kulak, bayarna engke nyontang pancen kami keneh …!"

"Euh … leres …, mangga!" cek Lebe bari ngeserkeun boboko dua ka hareupeun Kuwu.

Dirongkong, dirampa beasna dipuruluk-puruluk kawas nu hayang naksir bear-bearna, pok nyarita, "Tarima kami nganjuk beas dua kulak, bayareun engke nyontang tina pancen kami nu sok katarima dina bulan Hapit …."

Dijawab ku Lebe, "Tarima abdi nganjukkeun beas dua kulak kana harga dua kali lima benggol …."

"Lain dua kali lima sen …? Pan ka batur ge sakitu, lain?" cek Kuwu nyelang.

"Ka Juragan mah ngabantun pangaos pasar, margi … margi …."

"Pedah nganjuk …? Seug atuh, kuma dinya wae, da bayar­na oge ti dinya-dinya keneh …."

"Ngeunah kadengena ari kieu mah …. Mun ka urang dirag­ragkeun sarega pasar, kana luput meureun moal setor, nya Harip!" cek Adma ceuleungeung ti luareun bilik cabol.

"Ka somah mah diragragkeun lima sen sakulak soteh sarat wungkul. Wajibna pitrah teh sakulak, ari saletor lima sen wae ti baheula. Diijabkeun waeh kana sakitu …."

"Tuda enya kudu kitu, kudu heman ari ka somah," cek Adhani ti juru, "malah mun nuluy mah unggal poe Kiai dagang beas murah, sarerea ge moal ngaleok ka nu sejen, nya Harip …. Malaur jauh ka pasar ari di dieu aya nu murah mah."

Lebe ngalieuk ka lebah nu ngomong bari seuri koneng. "Dibere sajeungkal hayang sasiku, dirugal-rigel dieentengan sataun sakali hayang mayeng unggal poe …. Ku salebaran sakali ge sabaraha pirugieunana. Kurang-kurang bisa ngatur laporan mah, rugi tilu benggol tina sajiwa, jaba barudak nu can manjing puasa loba nu teu dipitrahan, malah Si Adma mah angkohna rubiahna ge moal disetoran …."

"Tuda cek mitoha kitu …, geus karawu kapangku ku kuring …. Ayeuna onaman da enggeus, lain?"

"Heueuh, meunang mengkolkeun …! Pan salakina belaan henteu!"

"Ari kitu sia teu setor, Adma?" cek Kuwu bari ngareret ka nu nyangheuy dina bilik cabol.

"Ah juragan, da abdi mah puasana ge lapur …. Sugan ari udud teh cara nyisig teu matak batal …."

Ger pada nyeungseurikeun, kayungyun ku beletna.

"Aeh-aeh …, na ieu beas dikukucel wae …. Reungeukeun, Lebe, kami setor kawajiban kami jeung kawajiban Nyi Kuwu, sakulak sewang," cek Kuwu bari nyodor-nyodorkeun boboko beas.

"Nampi …," cek Lebe bari nampanan. Gorolang, nga­dunga, diaminan ku sarerea.

"Horeng babari ari menak mah, teu make duit ge hade ditujang-tajong," cek Si Adma teu kireum-kireum kawas nu euweuh wae kaserab ku dunungan teh.

"Babari soteh lebah dieuna, pedah boga pancen sampeur­eun, kituna ge pan regana sabaraha tikeleun ka batur. Kadenge lain tadi?"

"Kakuping …," cek Si Adma, "ngan leuheung wae soteh, Juragan mah teu kudu ngodok saku …."

"Heueuh, lebah dinyana meureun pikabitaeun sia teh, Adma. Tapi lebah gawena mah paralun ampun, aing teh nepi ka kuru cileuh kentel peujit balas mikiran somah sadesa …. Nepi ka teu kaduga … aeh, teu meunang puasa-puasa acan Kuwu mah, da eta cenah matak panas heabna ka somah …."

"Tah geuning, Kiai," cek Si Adma bangun giak, "hadena atuh puasa kuring teu kaci, mangkaning pamajikan keur bulan alaeun. Mun seug teh cara batur, mana teuing heabna ka si utuh ka si inji …."

"Hih, sia onaman teu ngurung batur, da anak-pamajikan sia ge dina seuhseuhanana mah angger tanggungan aing, pupuhu sadesa ieu …!"

"Rugi atuh nya abdi mah, Juragan. Hanas lentah-lenteh, teu nyatu teu nginum, puasa teu jadi, da kagoda ku udud …," cek Si Adma kerung bangun sedih, "cek abdi ge tadi …, sugan kawas nyisig pedah sarua bako …, kacek diseuneuan wungkul. Duka upami seuneuna nu matak batal teh, nya Juragan!"

"Nyao ah, hese ngomong jeung sia mah!" cek Kuwu bari ngalieuk ka Lebe, "ngadenge guyur-guyur di bale desa pajar Lebaran ninggang kana poe Jumaah?"

"Leres …," cek Lebe.

"Angsrodkeun kana Saptu, ulah sina ninggang poe Juma­ah, pamali!"

"Atuh langkung panginten puasana jadi tilupuluh hiji din­ten. Teu kenging ongkoh puasa poean Lebaran …."

"Kana Kemiskeun atuh, kajeun ngurangan sapoe …. Matak naon?"

"Panginten moal jejeg sasasih …. Hanas kental-kentel salapan likur dinten …. Abot ongkoh ka abdina, margi seu­seueurna nu setor pitrah teh dintenan ka tilupuluhna paso­son­ten. Ninggang dinten Kemis panginten taun ieu mah. Upa­mi dilebarankeun dinten eta teh, mana teuing hapana moal aya setorkeuneun ka ditu …."

"Enya … tapi kami teu idin Lebaran poe Jumaah," cek Kuwu kereng, "meureun kudu hutbah dua kali. Hutbah raya ongkoh, hutbah Jumaah ongkoh. Pantang di desa urang mah, matak dilongokan maung …. Pan aya maung ngamuk gajah meta mah Kuwu bagianana. Mangkaning kami geus kolot, teu cara baheula keur ngora, diganda lengoh ngudag maung sasiki mah …."

"Kitu wae atuh, Kiai, sered kana Kemis, ti batan kaanjangan urang leuweung mah. Hampang ongkoh ka somah …," cek Adtari.

"Ngomong naon tateh, Tari?" cek Lebe bari malik ka nu ngomong di juru.

"Muhun kitu, Kiai, sakumaha kasauran Juragan Kuwu …. Sae disered kana Kemis …. Hampang ongkoh ka somah, moal harengheng ongkoh, da sahanteuna kaanjangan ku urang leuweung mah pisakumahaeun, ari cadu mah di urang sapoe hutbah dua kali …. Leres kitu eta teh, Juragan?" cek Adtari bari neuteup ka Kuwu.

"teu percaya sia ka aing?" cek Kuwu rada kereng. Adtari tungkul, serab ku nu siga nyeuneu.

"Kieu atuh," cek Arjangi bari ngesod meueusan, "urang sina eled wae salasahiji. Hutbah raya atuh entong ari rek ngarah sakali wae mah, boh Jumaahan nu entong teuing, remen ieuh …."

"Ari Jumaahan ka mana ngeunteupkeunana …? Lumrah ti mana Jumaahan poe Kemis atawa Saptu …! Talung Lebaran, bisa dikasar-keser, da baheula ge tara angger," cek Lebe.

"Tah geuning enteng ari Lebaran bisa poe naon wae mah …. Geus wae lah poe Kemis, kurang sapoe mah itung-itung nyombo wae ka anu tas kental-kentel sakitu lilana …," cek Arjangi.

"Bisa kasar-keser soteh teu kudu matok poena, deuleu, lain hade dikabiri. Lumrah ti mana puasa teu jejeg tilu puluh …. Pan cek kitab ge, rumadon salasin …, eu … kuma geuning, poho deui ….. Salasin atawa salasun …?" cek Lebe rada ram­pang-reumpeung bari neuteup nu dariuk di juru saurang-sa­urang.

"Kuring mah angot atuh nyaho ti mendi …. Boro-boro maca, sakieu kakolotan kangaranan kitab mah neuleu ge can kawenehan …," cek Anjangi.

"Heueu …, kitu wae …. Kami manggih dalil dina kitab, romadon salasin … nyao … salasun … atawa salasatun kitu …? Aya poho-poho teuing …. Ngan kitu waeh maksudna mah …." Cek Lebe.

"Ah sanes Salasa ieuh," cek Adtari bari ceuleungeung, "inget pisan kuring mah, poe Rebo ngamimitian puasa teh, da basa munggah teh kuring muru saur ka warung Si Iboh, sa­kalian ka pasar …."

"Lain poe Salasa, deuleu, ari salatun teh. Mun rek basa urang mah hartina tilu puluh. Jadi bulan puasa teh umurna jejeg tilu puluh …. Geura urang itung … Rebo-Rebo Kemis Jumaah …. Sapuluh tah …. Saptu-Saptu Ahad Senen …, sa­puluh deui, jadi dua puluh jeung nu tadi …. Salasa-Salasa Rebo Kemis …, sapuluh deui, jadi tilu puluh …. Jejeg waeh dina poe Kemis teh, nu matak Lebaranana ninggang poe Jumaah …. Tah, dalilna aya rengkolna, diitung teu geseh ning­gang poe eta … rek kumaha deui …?"

"Jadi keukeuh wae nyah kudu poe Jumaah?" cek Kuwu kereng.

"Sumuhun, upami numutkeun dalil eta mah," cek Lebe.

"Tapi kami teu idin ari kudu hutbah dua kali mah …. Pamali di desa urang mah, pamali, matak dilongokan maung …. Talung ari semet lolongok wungkul, da cek pacaduanana oge tara daekeun balik lengoh."

"Perkawis hutbah dua kali mah teu jadi pambengan. Jura­gan, da cek jenatna pun bapa ge pantang soteh upami diheng­goy ku sorangan. Ambeh teu ngarempak pacaduan, hutbah lebaranana kedah ku pupuhu lembur …. Kapungkur ge sang­gem jenatna pun bapa teh … aeh baheula ketah, jaman tuang eyang ngeuyeuk desa ieu kantos lebaran dinten Jumaah. Hut­bah teu dikirangan, hutbah raya hutbah Jumaah ge taya nu di­langkung, salamet wae teu sakara-kara, da hutbah Leba­ranana ku tuang eyang tea …. Ayeuna ge mangga wae nyang­gakeun hutbah lebaranana mah …," cek Lebe bari ceuleu­ngeung.

"Baruk kami kudu maca hutbah ..? Teu … kami mah teu sararanggup teuing …. Enya wae aki mah jenatna pinter bejana, da kungsi masantren ka Demak ka Jombang naon ku hanteu cenah …. Ari kami apal ti mana aksara Arab, da teu ngaji teu masantren? Teu … kami mah teu sanggup, kajeun ngurangan puasa sapoe kana poe-Kemiskeun, dunya-aheratna tanggungan kami!" cek Kuwu, beungeutna euceuy.

"Hih ari Juragan, perkawis padamelan mah tiasa diwakil­keun ieuh. Keur naon seueur ponggawa? Pan seba distrik ge ari aya pambengan mah sok ngawakilkeun ka Jurutulis. Nu matak naon ieu oge digentenan ku nu sanes nu sakira sang­gemeun, asal ponggawa desa wae nu merenah ngawakilan Kuwu," cek Lebe ngabongbolongan.

"Meunang kitu disulurkeun ka batur …?" cek Kuwu, beungeutna marahmay, "kuma cik carana sangkan punah ka­wajiban kami …! Boa kudu mere panajir kawas ari sulur seba?"

"Kieu sanggem jenatna pun bapa mah," cek Lebe bari ngesod maju, "ponggawa nu bade ngawakilan tea kedah didangdanan, sina nyeples anggoan Juragan ari nuju dines kanagaraan. Udengna, raksukan hideungna katut solempang emasna, kebat naon ku hanteu. Kitu deui tudung polet teu kenging lesot …. Turun ti rorompokna, muru ka masigit teh dipapag pajeng kamantren, digondeng ku ponggawa-pong­gawa nu sanes. Kapaksa Juragan ge harita mah kedah ngiring ngagondeng, ngagentenan gawe itu …. Memeh bring, ikrarkeun heula sing asak … dijenengkeun cindekna mah …. Kitu sanggem pun bapa mah jenatna."

"Saha atuh ponggawa di urang nu bisaeun hutbah?" cek Kuwu, tarangna kerung, "asa euweuh deui ari lain Lebe mah …."

"Hih, abdi onaman pan siangna dina Jumaahan kedah hutbah deui."

"Heueuh pan harita mah geus jadi Lebe deui …! Turun imbar ge gawe Kuwu mah geus bubar, lain?"

"Aeh muhun nya …. Kitu sae atuh …," cek Lebe eleh deet.

"Heueuh, kitu wae, pek embarkeun ka sadesa, Lebaran engke mah Kuwu kitu nu rek hutbah teh, nyingkahan paca­duan, pedah lebaran ninggang poe Jumaah," cek Kuwu bari cengkat, leos balik.

"Sihoreng loba pisan unak-anikna nya ari agama teh," cek Adtari ka batur-baturna.

"Rumasa balilu puguh ge kami mah, da teu ngaji, teu nyaho alip bingkeng-alip bingkeng acan …, tembal Arjangi.

"Tapi kawilang pinter nya Lebe teh …. Juragan Kuwu mah siga nu geus poekeun kacida tadi teh …, ieu mah hih kawas nu babarieun pisan mesek mas'alah teh …," cek Sanharip.

"Tuda teu samanea, ti buyutna keneh turun-tumurun jadi Lebe. Piraku wae mun teu kakocoran komara teh," cek Adtari.

Lebe jongjon wae mulungan beas nu marurag kana palu­puh. Api-api tu ngadenge pada muji teh. Tapi kaciri irungna mah beukah.

Malem Jumaah, maleman lebaran. Lembur Cilamping nu sasarina combrek tiiseun teh ngadak-ngadak haneuteun. Di unggal buruan raang palita dina duwegan sabeulah, malah nu werat meuli minyak lantung mah aya nu nyieun damar sewu naon ku hanteu. Kolot-budak pada bungah. Nu puasana belang-betong atawa nu teu pisan oge, nu ngalap cukup ku setor pitrah lima sen ka Lebe, peuting eta mah kawas nu dikariaankeun. Geus lir nu kasebut leket mah, najan loba nu bari udud atawa nyisig oge.

Di masjid caang mabra diseungeutan lampu gambreng sadua-dua. Barudak lembut ngagonyo di hareup, ciweuh narewakan siraru, jorojos-jorojos direrab dina damar, belewek ditambul bari cingeus neangan deui tewakeun.

Barudak bujang maturan kolot di tengah masjid, takbiran ditabeuhan ku terebang. Luluguna Ki Mukasan, biwirna nga­jendol ngemil sisig. Nu nerebang kawas bari narundutan, awak lenjong ngenca-ngatuhu nuturkeun lagu. Beda jeung nu na­beuh dogdog, jaringas pisan eta mah. Dogdog dihompet ku suku kenca, leungeun pakupis duanana, awakna reureun­deukan kawas nu ngigel.

Ka-peutingnakeun takbiran ditunda, diganti ku lagu-lagu tandak buhun nu ilahar dina gembyungan. Tamba tunduh cenah. Lagu Dongdonghejo, Rincik Manik, Karembong Lokcan jeung rea deui. Naek kana lagu Kewer-kewer

Juljol nu nganteuran dahareun, aya lalawuh aya sangu katut tumas-tumisna, paalus-alus pangeunah-ngeunah, da niatna ge hayang katuang ku nu ibadah di masigit.

Brak dalahar balakecrakan. Nu geus seubeuh mundur ngadon nyarande kana bilik. Rek malikan deui, nerebang kaburu ku tunduh, tinggoledag saurang-saurang, tungtungna gempar samasigit. Nu pandeuri kabagean beberes, sesa dahareun dikumpulkeun, diwadahan ku dogdog.

Tengah peuting loba nu lilir kagebah, ngadenge nu ribut-ribut. Rek hudang hoream ku tunduh, reup waeh tibra deui, parat nepi ka subuh.

Lebaran gede taun eta mah cek sarerea oge. Ti jaman akina Kuwu nu ayeuna, kakara harita pareng deui ninggang poe Ju­ma­ah. Nu sasarina tara mantra-mantra ka masigit oge harita mah merlukeun indit, panasaran hayang ngadenge Kuwu hutbah.

Ti janari keneh masigit geus pinuh, barudak bujang kabagian di tukang, ditema ku nu lembut ngadeukeutan be­dug. Nu talakbir loba nu geus peura balas ti peuting keneh. Perbawa poe Lebaran, sora kitu, laguna kitu, ngagalindeng wanci kitu, tingsariak waas pabaur jeung ketir, rusras inget ka nu geus taya di kieuna. Loba nu teu kawawa ku cipanon.

Wanci carangcang tihang rombongan nu didadago teh da­tang, srog ka lawang. Pangheulana Kuwu digondeng kenca-katuhu, make papakean dines. Raksukan takwa kamhar hi­deung, kancing welem duawelas, solempang ermas, sinjang kebat lepe satampah. Dibendo ongkoh, didudukuy ongkoh, dudukuy dines polet ermas, jaba dipayungan deuih.

Sup ka masigit, nu asa rek kaliwatan hideng meled merean jalan. Jelema-jelema tingkecewis tingharewos pada baturna. Srog ka hareupeun paimbaran, ngajanteng heula ngadagoan anu komat.

Na atuh ari pok teh aya nu ngomong kalepasan, "Geuning siga kiai Lebe …? Lain Juragan Kuwu nu rek hutbah teh?"

Ditembalan ku baturna ti juru, "Puguh heueuh deudeu­leuan teh siga Kiai Lebe …. Nanahaonan cenah make dang­danan Kuwu?"

Ari porongos teh nu ngagondeng beulah kenca nyenghor ka nu ngomong pandeui, "Ngomong naon? Baruk Kia Lebe …? Deuleu tah kadinesanana! Nu make dangdanan kitu Kuwu ngaranna …!"

"Ke … ke … ke …," cek nu panasaran ngaludeung-ludeung maneh, "sanes eta Juragan Kuwu mah nu sasauran …?"

"Lain …! Kami mah keur teu jadi nanaon …! Tah ieu Kuwu mah nu disolempang …!"

"Naha da rarasaan mah awas keneh amta teh," cek nu keukeuh panasaran awahing ku handeueul asa dibobodo, tepung jeung Lebe unggal poe, piraku make kalinglap."

"Heueuh ieu ge Lebe … Lebe …! Tapi geus dijenengkeun Kuwu kamari, disaksian ku kokolot-kokolot …!"

"Euh …, duka atuh ari kitu mah …. Teu kawartosan ti tadina."

"Tuda lalawora pisan ngajenengkeun jelema teh, ting­harewos maranehanana wae. Mun di dieu mah hareupeun sa­rerea, moal cekcok," cek nu di gigireunana kukulutus lalaunan.

Reres salat sunat, imam ngalieuk ka tukang nitah ngung­gahkeun.

Srog Ki Mukasan ka paimbaran, tumpa-tempo, katatang-koteteng ….

"Lain geuwat …! Neangan naon?" cek nu diuk pang­hareupna.

"Ecis …! Ecisna euweuh!" tembal Ki Mukasan.

"Beu edas, gogoda teh aya-aya wae …! Gara-gara Lebaran poe Jumaah!" cek tukang gondeng, "ka manakeun ecis, baru­dak?"

Taya nu nembal. Barudak tingkecewis bari nunjuk buni ka Si ekom.

"Aya naon …, aya naon?" cek nu panasaran ngaharewos.

"Ku Si ekom peuting dipake ngarojok anjing. Bongan tuda ngadon ungas-ingus ka masigit. Digebah, nyelap kana sarigsig, rojok waeh!"

"Ari ecisna ka manakeun?"

"Dipiceun …! Geuleuh tuda mani lamokot, da kitu saka­dang asuna kabeuratan …. Kasima meureun!"

"Kumaha ari geus kieu?" cek tukang gondeng teh.

"Kumaha upami diganti wae heula ku itu …? Siga aya halu meujeuhna di saung lisung Madsahri," cek Ki Mukasan bari nunjuk ka saung lisung tukangeun paimbaran.

Tukang gondeng nu nyeples Kuwu tulen teh gogodeg bari camberut. "Gogoda Lebaran poe Jumaah …! Hade kitu diganti­an ku halu?"

"Tibatan luput mah atuh …. Hutbahna ge teu kaci teu make ecis mah, sanes?" cek saurang ti jajaran panghareupna.

Ki Mukasan kalur ti lawang gigireun paimbaran, milihan halu di saung lisung, neangan nu hampang.

"Rek dikamanakeun eta halu kuring?" cek pamajikan Mad­sahri norojol ti pawon.

"Nginjeum sakeudeung rek dipake ecis!"

"Ulah nu eta, rek dipake nutuan kopi ayeuna …. Tah nu eta, halu panguguran, nganggur eta mah."

Ki Mukasan balik deui ka masigit, manggul halu pangu­guran, nya badag nya panjang. Telenjeng ka paimbaran rek ngunggahkeun.

"Ke heula ulah satorojogna teuing ti saung lisung …. Urang ijabkeun heula ambeh rengrem kana hate," cek nu nyeples Kuwu tulen teh bari ngarewak halu tina leungeun Ki Mukasan. Ned … rempod awakna doyong ka hareup, teu nyangka halu sakitu beuratna. "Kaula neda panyaksen," cenah bari tipe­pereket ngacungkeun halu, ku lantaran ecis leungit, kapaksa diganti ku ieu …. Saayeuna ieu ecis ngaranna!"

"Nyakseniiii …!!!"

"Sebut ku sarerea, ulah kurang ti opat puluh urang ambeh sah …. Ieu naon ngaranna …?"

"Eciiiiissss …!!!"

"Kurang loba nu nyebutna …! Sakali deui …!"

"Eciiiiiiissssss …!!!"

"Hey … tah barudak nu deukeut bedug! Sia hareureuy wae teu milu ngomong …! Deuleu ka dieu …! Ieu naon …?"

Nu ditanya tingraringeuh.

"Naon ieu …?"

"Haluuuuu !!!"

"Cungur sia! Lain halu, deuleu! Sakali deui sing bener …. Naon?"

"Paranti nutuuuu …!"

"Bangus sia …! Kitu tah ari teu ngajedingkeun teh …! Ecis …. Ecisss cekeng ge egis …! Pok sebut deui ku sarerea …!"

"Eciiiiissss ….!" Cek samasigit mani ngegeder.

"Tah kituh …. Pok geura ngunggahkeun, Mukasan! Yeuh haluna … … eh … ecisna!" cenah bari ngelemes, era tisoledat letah.

"Annutuuu bilhaluuuu walbakaaaatul …!" cek Si Sukri di tukang ditompokeun kana ceuli baturna.

"Cungur sia …!" cek kolot nu diuk gigireunana, "doraka siah!"

Batur-batur Si Sukri narungkup sungut.

Reres hutbah brak dalahar, da ti tadi ge nu nganteuran da­hareun geus ngaredes di luar nyaruhun baki. Samasigit recok parewog-rewog. Sidekah Lebaran cenah.

Desa Cilamping salamet teu kungsi kaanjangan maung.

Lebaran Poe Juma'ah

Kanggo anu nineung kana karya-karya Ahmad Bakri (alm.), pangarang moyan teureuh Ciamis, kasanggakeun salah sahiji carpon anu diserat ku anjeunna.

ku: Ahmad Bakri

Cilamping t� d�a gegek tapi sikluk, jauh ka ditu-ka dieu. Pernahna di lamping gunung. Tara pati kasaba ku urang b� tengah, da nya �a jalanna rumpil. Urang dinyana nya kitu tara pati laliar ari lain barudak mah nu ngadugdag ngadon sakola ka d�a s��, da di dinya mah taya sakola. Kitu g�teu loba, ukur hiji-dua.

Imah-imahna kabaheulaan k��, hateup injuk julang ngapak, bilikna k�ang anyam satampah. Masjidna nya kitu deuih, ka cungcung-cungcungna ku injuk. Kawilang ged�sakitu mah, ngan teu pati kapiara, da nu ngeusianana oge Leb�wa�jeung nu dareukeut ka dinya. Barudak lembut wa� nu ngadon ngaji tepung magrib. Ka-peutingnakeun pinuh ku barudak bujang nu ngadon marondok.

Tapi dina tanggal lilikuran Puasa mah masjid nu sasarina cakueum tiiseun t� ngadak-ngadak h�ar, bilikna dikapur, buruanana dikor� lening.

Tanggal tujuh likur pasosor�loba jelema ngarariung di bal�malang bari gorgar ngawarangkong. Di juru deukeut bedug sa­watara urang ngadareluk ngarom�n terebang pak�un eng­k�ari nyalawat maleman Lebaran. Leb�andekak nyarand�kana tihang, ngagigirkeun boboko tilu wadah b�s jeung bl� urut minyak tanah, wadah duit.

��-s� atuh r� saletor pitrah mah, meungpeung beu­rang,�c� Leb� �or ka dieu, Arjangi, tong asa-asa � Sabaraha jiwa nya? Tujuh lain?�BR>
�ilu, Kiai � Kuring, budak nu cikal jeung indungna ��BR>
�ri nu opatan deui?�BR>
�ar, ari Kiai, pan can manjing puasa �a mah � Pitrah kuma urusanana, bolon k�� sasatna!�BR>
�ya atuh, kuma nyan� wa�ari kitu mah ��c� Leb� �ilu kulak nyah r� meuli t�?�BR>
�ilu,�c� Arjangi bari ngudar cangreud rajut, dicicikeun, borolo b�ggol wungkul. Milihan genep, s�ana diasupkeun deui, purilit ret dicangreudkeun deui. �ah, Kiai, kuring seja m�� b�s tilu kulak ku duit limalas s� ��BR>
�enep b�ggol kitu, pan �a duitna g�b�ggol wungkul!�c� Leb�bari kerung.

�eug atuh � kana duit genep b�ggol,�c� Arjangi mindo ijab bari ng�t�keun b�ggol dua-dua, sakulakeun-sakulakeun.

�ula ngajual b�s tilu kulak kana duit genep b�ggol � Tah rawatan, tilu boboko � Sing percaya, geus meunang ngayon �a t�, jejeg sakulak-sakulak � Sok ayeuna geura setorkeun deui ka kaula � Setor pitrah kitu!�BR>
�uring setor pitrah tiluaneun � Ieu kawajiban kuring, ngaran Arjangi � Nu ieu kawajiban aw�� Si Narti �, tah nu ieu kawajiban anak nu cikal, Si Awisah � Lain kawajiban popotonganana k��, Kiai� Dan can lubar idah!�c� Arjangi bari tanggah neuteup beungeut Leb� �eu datang-datang si selud t�, katempuhan bapana wa�tungtungna t�!�BR>
�arima kaula pitrah Arjangi jeung Nyi Narti jeug Nyi Awisah � Sok kadinyah amin urang dungaan,�c� Leb�bari nand�eun dampal leungeun duanana.

��heula, Kiai, tobat san� nyanyahoanan � Ulah ku dunga indal-maot, kuring mah sok kukurayeun ��BR>
�ri geus � Dunga naon kahayang t� ��BR>
�ndal-salamet wa� atuh sugan, amb� salamet panjang umur ��BR>
Leb�kapaksa ng��an. B�� ngadunga, b�ggol nu genep t� dirawatan, goloprak-goloprak diasupkeun kana bl� t�.

Geus dimimitian ku Ki Arjangi mah sungsong paheula-heula, rata ukuran sakulak lima s�. Nu ngurung budak wa�aya, nu geus rada enyay-enyay ngarti mah, nu nurutan Ki Arja­ngi wa�loba.

�unten, ah, kuring mah ti dieu wa�ti luar, sangeuk siba­nyo,�c� lalaki tengah tuwuh bari melenyun udud. Leungeun­na ngarongkong nyodorkeun duit lima s� ka nu diuk pang­deukeutna, m�ta ditepikeun ka Leb�

�euning sia geus udud, Adma? Kakara g�asar ahir, deulu!�c� Leb�

�ar, ari Kiai, lalay geus rabeng ti tadi tukangeun imah kuring mah ��c� Adma bari ngenyot rokona.

�aruk lalay � Lain gugueun, deuleu, nu kitu mah! Da kudu geus reup-reupan � Malah c� sakaol mah kudu geus teu kadeuleu bulu bitis ��BR>
�ri kitu � matak batal deuih udud t�?�c� Adma bengong.

�uguh wa� deuleu!�c� Leb�nyereng.

���k��k�� Kiai, da c� nu nyarios mah sami sareng nyusur c�ah � �a duit kuring ulah dip�akan, Harip, bisi kapopohokeun,�c� Adma bari ngar�� ka nu mang­nam­panan­keun duitna tadi.

�ipesakan sot� lain r� diarah, bisi Kiai kaliru kaasup­keun kana kal�g, pajar geus diijabkeun,� c� Sanharip moro­ngos, teu ngeunah disangka boga niat gor�g.

�uh � heug �heug �atuh � Bisi wa�kuring mah, bisi poho,�c� Adma ng��� �a.

�arua jeung nyusur kumaha tadi t�, Adma?�c� Leb� panasaran.

�umuhun �sami �bako-bako k�� � B�ana t� dikemil jeung diseuneuan ��BR>
�ri kitu �teu batal ari nyisig?�BR>
��ah wa�Pa Mukasan nyisig wa�sapopo�bari puasa t� ��BR>
�aingan atuh ari nyanghulu ka dinya mah � Pan si �a mah manggih gaang g�sok did�ng dina cempor, ditambul harita k�� � Sia beuki nya, gaang?�BR>
�� �palias nagir, keuyeup g�loba k��, teu kudu nam­bulan gaang � Diturutan sot� p�ah wa� tukang bilal tukang ngunggahkeun, sahenteuna meureun aya taram-taram kana ajian ��BR>
�ok dititah nunggahkeun sot� tamba wudu, p�ah taya deui nu da�eun,�c� Leb� �aliju-baliju g�lumayan ku sona­garna.�BR>
�un nyana batal mah, nyatu wa�sakalian tadi t�,�c� Adma bari miceun rokona.

�nggal po�nya sia sok udud t�?�BR>
Teu n�bal, anggur malik ka Sanharip. �ok, Harip, seren­keun duit kuring ka Kiai � Ijabkeun sakalian, kawajiban Si Anisah kituh!�BR>
�ri kawajiban sia mana, Adma?�c� Leb�

�oal tulus kuring mah, Kiai � Pan c� Kiai g�bar�o, pitrah t� nyampurnakeun puasa, san�? Ari kapalang batal balas udud, nyampurnakeun naon atuh � P�gkolkeun wa�ka Si Anisah � Tadina mah man�na nu moal, da c� mitoha g�rubiah mah karawu kapangku ku salakina � Ari geus kieu mah jadi teu bisa mangku kuring t�. Nu matak man�na ayeuna mah nu ka hareup ��BR>
�eulu ituh, Juragan Kuwu ka dieu!�c� nu diuk tukang­eun Leb� Sar�� tinglalieuk ka jalan. Leb�ng�od rada mun­dur, nu s��-s�� nyedek ngumpul di juru. Sup Juragan Kuwu ka masjid, j�prak sila nyarand�kana sarigsig.

�euning sisinarieun Juragan angkat ku anjeun?�c� Leb� �an sasarina g�sok dit�ng ku abdi ka bumi.�BR>
�h, entong, da r� ditajongkeun � Dipikir-pikir asa r�c�. Ayeuna kami setor ka Leb� engk�bulan Hapit, usum dibagikeun, kami narima panc� ti Leb� Kadang-kadang duit kami k�� pulang deui ka kami � Tajongkeun wa�ayeuna mah. Kawajiban kami jeung Nyi Kuwu potong engk�tina panc� ��BR>
�upi ijabna kumaha atuh ayeuna?�c� Leb�sanggeus ngahuleng sajongjongan.

�euning belet Leb�mah � Ayeuna mah kami b��nganjuk b�s dua kulak, bayarna engk�nyontang panc� kami k�� ��BR>
�uh �leres � mangga!�c� Leb�bari ng��keun boboko dua ka hareupeun Kuwu.

Dirongkong, dirampa b�sna dipuruluk-puruluk kawas nu hayang naksir b�r-b�rna, pok nyarita, �arima kami nganjuk b�s dua kulak, bayareun engk�nyontang tina panc� kami nu sok katarima dina bulan Hapit ��BR>
Dijawab ku Leb� �arima abdi nganjukkeun b�s dua kulak kana harga dua kali lima b�ggol ��BR>
�ain dua kali lima s� � Pan ka batur g� sakitu, lain?�c� Kuwu nyelang.

�a Juragan mah ngabantun pangaos pasar, margi �margi ��BR>
��ah nganjuk � Seug atuh, kuma dinya wa� da bayar­na og�ti dinya-dinya k�� ��BR>
�geunah kad�g�a ari kieu mah � Mun ka urang dirag­ragkeun sarega pasar, kana luput meureun moal setor, nya Harip!�c� Adma ceuleungeung ti luareun bilik cabol.

�a somah mah diragragkeun lima s� sakulak sot� sarat wungkul. Wajibna pitrah t� sakulak, ari saletor lima s� wa�ti baheula. Diijabkeun wa� kana sakitu ��BR>
�uda enya kudu kitu, kudu heman ari ka somah,�c� Adhani ti juru, �alah mun nuluy mah unggal po�Kiai dagang b�s murah, sar�� g�moal ngal�k ka nu s��, nya Harip � Malaur jauh ka pasar ari di dieu aya nu murah mah.�BR>
Leb�ngalieuk ka lebah nu ngomong bari seuri kon�g. �ib�� sajeungkal hayang sasiku, dirugal-rigel di殚nt�gan sataun sakali hayang mayeng unggal po�� Ku salebaran sakali g�sabaraha pirugieunana. Kurang-kurang bisa ngatur laporan mah, rugi tilu b�ggol tina sajiwa, jaba barudak nu can manjing puasa loba nu teu dipitrahan, malah Si Adma mah angkohna rubiahna g�moal disetoran ��BR>
�uda c� mitoha kitu � geus karawu kapangku ku kuring � Ayeuna onaman da enggeus, lain?�BR>
�eueuh, meunang m�gkolkeun � Pan salakina b�aan henteu!�BR>
�ri kitu sia teu setor, Adma?�c� Kuwu bari ngar�� ka nu nyangheuy dina bilik cabol.

�h juragan, da abdi mah puasana g�lapur � Sugan ari udud t� cara nyisig teu matak batal ��BR>
Ger pada nyeungseurikeun, kayungyun ku beletna.

��-a� � na ieu b�s dikukucel wa�� Reungeukeun, Leb� kami setor kawajiban kami jeung kawajiban Nyi Kuwu, sakulak s�ang,�c� Kuwu bari nyodor-nyodorkeun boboko b�s.

�ampi ��c� Leb�bari nampanan. Gorolang, nga­dunga, diaminan ku sar��.

�oreng babari ari m�ak mah, teu mak�duit g�had� ditujang-tajong,�c� Si Adma teu kireum-kireum kawas nu euweuh wa�kaserab ku dunungan t�.

�abari sot� lebah dieuna, p�ah boga panc� sampeur­eun, kituna g�pan regana sabaraha tikeleun ka batur. Kad�g�lain tadi?�BR>
�akuping ��c� Si Adma, �gan leuheung wa�sot�, Juragan mah teu kudu ngodok saku ��BR>
�eueuh, lebah dinyana meureun pikabitaeun sia t�, Adma. Tapi lebah gaw�a mah paralun ampun, aing t� nepi ka kuru cileuh kentel peujit balas mikiran somah sad�a � Nepi ka teu kaduga �a�, teu meunang puasa-puasa acan Kuwu mah, da �a c�ah matak panas h�bna ka somah ��BR>
�ah geuning, Kiai,�c� Si Adma bangun giak, �ad�a atuh puasa kuring teu kaci, mangkaning pamajikan keur bulan alaeun. Mun seug t� cara batur, mana teuing h�bna ka si utuh ka si inji ��BR>
�ih, sia onaman teu ngurung batur, da anak-pamajikan sia g�dina seuhseuhanana mah angger tanggungan aing, pupuhu sad�a ieu ��BR>
�ugi atuh nya abdi mah, Juragan. Hanas lentah-lent�, teu nyatu teu nginum, puasa teu jadi, da kagoda ku udud ��c� Si Adma kerung bangun sedih, �� abdi g�tadi � sugan kawas nyisig p�ah sarua bako � kacek diseuneuan wungkul. Duka upami seuneuna nu matak batal t�, nya Juragan!�BR>
�yao ah, h��ngomong jeung sia mah!�c� Kuwu bari ngalieuk ka Leb� �gad�g�guyur-guyur di bal�d�a pajar Lebaran ninggang kana po� Jumaah?�BR>
�eres ��c� Leb�

�ngsrodkeun kana Saptu, ulah sina ninggang po�Juma­ah, pamali!�BR>
�tuh langkung panginten puasana jadi tilupuluh hiji din­ten. Teu k�ging ongkoh puasa po�n Lebaran ��BR>
�ana Kemiskeun atuh, kajeun ngurangan sapo�� Matak naon?�BR>
�anginten moal jejeg sasasih � Hanas kental-kent� salapan likur dinten � Abot ongkoh ka abdina, margi seu­seueurna nu setor pitrah t� dintenan ka tilupuluhna paso­son­ten. Ninggang dinten Kemis panginten taun ieu mah. Upa­mi dilebarankeun dinten �a t�, mana teuing hapana moal aya setorkeuneun ka ditu ��BR>
�nya �tapi kami teu idin Lebaran po� Jumaah,�c� Kuwu kereng, �eureun kudu hutbah dua kali. Hutbah raya ongkoh, hutbah Jumaah ongkoh. Pantang di d�a urang mah, matak dilongokan maung � Pan aya maung ngamuk gajah meta mah Kuwu bagianana. Mangkaning kami geus kolot, teu cara baheula keur ngora, diganda l�goh ngudag maung sasiki mah ��BR>
�itu wa�atuh, Kiai, sered kana Kemis, ti batan kaanjangan urang leuweung mah. Hampang ongkoh ka somah ��c� Adtari.

�gomong naon tat�, Tari?�c� Leb�bari malik ka nu ngomong di juru.

�uhun kitu, Kiai, sakumaha kasauran Juragan Kuwu � Sa�dis�� kana Kemis � Hampang ongkoh ka somah, moal har�gh�g ongkoh, da sahanteuna kaanjangan ku urang leuweung mah pisakumahaeun, ari cadu mah di urang sapo�hutbah dua kali � Leres kitu �a t�, Juragan?�c� Adtari bari neuteup ka Kuwu.

�eu percaya sia ka aing?�c� Kuwu rada kereng. Adtari tungkul, s�ab ku nu siga nyeuneu.

�ieu atuh,�c� Arjangi bari ng�od meueusan, �rang sina �� wa�salasahiji. Hutbah raya atuh entong ari r� ngarah sakali wa�mah, boh Jumaahan nu entong teuing, remen ieuh ��BR>
�ri Jumaahan ka mana ngeunteupkeunana � Lumrah ti mana Jumaahan po� Kemis atawa Saptu � Talung Lebaran, bisa dikasar-k��, da baheula g�tara angger,�c� Leb�

�ah geuning �t�g ari Lebaran bisa po�naon wa�mah � Geus wa�lah po�Kemis, kurang sapo�mah itung-itung nyombo wa�ka anu tas kental-kent� sakitu lilana ��c� Arjangi.

�isa kasar-k�� sot� teu kudu matok po�a, deuleu, lain had�dikabiri. Lumrah ti mana puasa teu jejeg tilu puluh � Pan c� kitab g� rumadon salasin � eu �kuma geuning, poho deui �. Salasin atawa salasun ��c� Leb�rada ram­pang-reumpeung bari neuteup nu dariuk di juru saurang-sa­urang.

�uring mah angot atuh nyaho ti mendi � Boro-boro maca, sakieu kakolotan kangaranan kitab mah neuleu g�can kaw��an ��c� Anjangi.

�eueu � kitu wa�� Kami manggih dalil dina kitab, romadon salasin �nyao �salasun �atawa salasatun kitu � Aya poho-poho teuing � Ngan kitu wa� maksudna mah ��C� Leb�

�h san� Salasa ieuh,�c� Adtari bari ceuleungeung, �nget pisan kuring mah, po�Rebo ngamimitian puasa t�, da basa munggah t� kuring muru saur ka warung Si Iboh, sa­kalian ka pasar ��BR>
�ain po�Salasa, deuleu, ari salatun t�. Mun r� basa urang mah hartina tilu puluh. Jadi bulan puasa t� umurna jejeg tilu puluh � Geura urang itung �Rebo-Rebo Kemis Jumaah � Sapuluh tah � Saptu-Saptu Ahad Sen� � sa­puluh deui, jadi dua puluh jeung nu tadi � Salasa-Salasa Rebo Kemis � sapuluh deui, jadi tilu puluh � Jejeg wa� dina po� Kemis t�, nu matak Lebaranana ninggang po�Jumaah � Tah, dalilna aya r�gkolna, diitung teu g�� ning­gang po��a �r� kumaha deui ��BR>
�adi keukeuh wa�nyah kudu po�Jumaah?�c� Kuwu kereng.

�umuhun, upami numutkeun dalil �a mah,�c� Leb�

�api kami teu idin ari kudu hutbah dua kali mah � Pamali di d�a urang mah, pamali, matak dilongokan maung � Talung ari semet lolongok wungkul, da c� pacaduanana og�tara da�eun balik l�goh.�BR>
�erkawis hutbah dua kali mah teu jadi pambengan. Jura­gan, da c� jenatna pun bapa g�pantang sot� upami dih�g­goy ku sorangan. Amb� teu ngarempak pacaduan, hutbah lebaranana kedah ku pupuhu lembur � Kapungkur g�sang­gem jenatna pun bapa t� �a� baheula k�ah, jaman tuang �ang ngeuyeuk d�a ieu kantos lebaran dinten Jumaah. Hut­bah teu dikirangan, hutbah raya hutbah Jumaah g�taya nu di­langkung, salamet wa�teu sakara-kara, da hutbah Leba­ranana ku tuang �ang t� � Ayeuna g�mangga wa�nyang­gakeun hutbah lebaranana mah ��c� Leb�bari ceuleu­ngeung.

�aruk kami kudu maca hutbah ..? Teu �kami mah teu sararanggup teuing � Enya wa�aki mah jenatna pinter b�ana, da kungsi masantr� ka Demak ka Jombang naon ku hanteu c�ah � Ari kami apal ti mana aksara Arab, da teu ngaji teu masantr�? Teu �kami mah teu sanggup, kajeun ngurangan puasa sapo�kana po�Kemiskeun, dunya-ah�atna tanggungan kami!�c� Kuwu, beungeutna euceuy.

�ih ari Juragan, perkawis padamelan mah tiasa diwakil­keun ieuh. Keur naon seueur ponggawa? Pan s�a distrik g�ari aya pambengan mah sok ngawakilkeun ka Jurutulis. Nu matak naon ieu og�digent�an ku nu san� nu sakira sang­gemeun, asal ponggawa d�a wa�nu merenah ngawakilan Kuwu,�c� Leb�ngabongbolongan.

�eunang kitu disulurkeun ka batur �� c� Kuwu, beungeutna marahmay, �uma cik carana sangkan punah ka­wajiban kami � Boa kudu m��panajir kawas ari sulur s�a?�BR>
�ieu sanggem jenatna pun bapa mah,�c� Leb�bari ng�od maju, �onggawa nu bad�ngawakilan t� kedah didangdanan, sina nyepl� anggoan Juragan ari nuju dines kanagaraan. Udengna, raksukan hideungna katut sol�pang emasna, kebat naon ku hanteu. Kitu deui tudung pol� teu k�ging l�ot � Turun ti rorompokna, muru ka masigit t� dipapag pajeng kamantr�, digondeng ku ponggawa-pong­gawa nu san�. Kapaksa Juragan g�harita mah kedah ngiring ngagond�g, ngagent�an gaw�itu � M�� bring, ikrarkeun heula sing asak �dijenengkeun cind�na mah � Kitu sanggem pun bapa mah jenatna.�BR>
�aha atuh ponggawa di urang nu bisaeun hutbah?�c� Kuwu, tarangna kerung, �sa euweuh deui ari lain Leb�mah ��BR>
�ih, abdi onaman pan siangna dina Jumaahan kedah hutbah deui.�BR>
�eueuh pan harita mah geus jadi Leb�deui � Turun imbar g�gaw�Kuwu mah geus bubar, lain?�BR>
�� muhun nya � Kitu sa�atuh ��c� Leb��� d殚t.

�eueuh, kitu wa� pek �barkeun ka sad�a, Lebaran engk�mah Kuwu kitu nu r� hutbah t�, nyingkahan paca­duan, p�ah lebaran ninggang po� Jumaah,�c� Kuwu bari cengkat, l�s balik.

�ihor�g loba pisan unak-anikna nya ari agama t�,�c� Adtari ka batur-baturna.

�umasa balilu puguh g�kami mah, da teu ngaji, teu nyaho alip bingkeng-alip bingkeng acan � t�bal Arjangi.

�api kawilang pinter nya Leb�t� � Juragan Kuwu mah siga nu geus po�eun kacida tadi t� � ieu mah hih kawas nu babarieun pisan mes� mas�lah t� ��c� Sanharip.

�uda teu samanea, ti buyutna k�� turun-tumurun jadi Leb� Piraku wa�mun teu kakocoran komara t�,�c� Adtari.

Leb�jongjon wa�mulungan b�s nu marurag kana palu­puh. Api-api tu ngad�g�pada muji t�. Tapi kaciri irungna mah beukah.

Malem Jumaah, maleman lebaran. Lembur Cilamping nu sasarina combr� tiiseun t� ngadak-ngadak haneuteun. Di unggal buruan raang palita dina duwegan sabeulah, malah nu werat meuli minyak lantung mah aya nu nyieun damar s�u naon ku hanteu. Kolot-budak pada bungah. Nu puasana belang-betong atawa nu teu pisan og� nu ngalap cukup ku setor pitrah lima s� ka Leb� peuting �a mah kawas nu dikariaankeun. Geus lir nu kasebut leket mah, najan loba nu bari udud atawa nyisig og�

Di masjid caang mabra diseungeutan lampu gambr�g sadua-dua. Barudak lembut ngagonyo di hareup, ciweuh nar�akan siraru, jorojos-jorojos dir�ab dina damar, belewek ditambul bari cingeus n�ngan deui t�akeun.

Barudak bujang maturan kolot di tengah masjid, takbiran ditabeuhan ku terebang. Luluguna Ki Mukasan, biwirna nga­jendol ngemil sisig. Nu nerebang kawas bari narundutan, awak l�jong ng�ca-ngatuhu nuturkeun lagu. B�a jeung nu na­beuh dogdog, jaringas pisan �a mah. Dogdog dihomp� ku suku k�ca, leungeun pakupis duanana, awakna reureun­deukan kawas nu ngigel.

Ka-peutingnakeun takbiran ditunda, diganti ku lagu-lagu tandak buhun nu ilahar dina gembyungan. Tamba tunduh c�ah. Lagu Dongdongh�o, Rincik Manik, Karembong Lokcan jeung r� deui. Na� kana lagu K��-k��

Juljol nu nganteuran dahareun, aya lalawuh aya sangu katut tumas-tumisna, paalus-alus pangeunah-ngeunah, da niatna g�hayang katuang ku nu ibadah di masigit.

Brak dalahar balak�rakan. Nu geus seubeuh mundur ngadon nyarand�kana bilik. R� malikan deui, nerebang kaburu ku tunduh, tinggol�ag saurang-saurang, tungtungna gempar samasigit. Nu pandeuri kabag�n b���, s�a dahareun dikumpulkeun, diwadahan ku dogdog.

Tengah peuting loba nu lilir kagebah, ngad�g�nu ribut-ribut. R� hudang hor�m ku tunduh, reup wa� tibra deui, parat nepi ka subuh.

Lebaran ged�taun �a mah c� sar�� og� Ti jaman akina Kuwu nu ayeuna, kakara harita pareng deui ninggang po�Ju­ma­ah. Nu sasarina tara mantra-mantra ka masigit og�harita mah merlukeun indit, panasaran hayang ngad�g�Kuwu hutbah.

Ti janari k�� masigit geus pinuh, barudak bujang kabagian di tukang, dit�a ku nu lembut ngadeukeutan be­dug. Nu talakbir loba nu geus peura balas ti peuting k��. Perbawa po�Lebaran, sora kitu, laguna kitu, ngagalindeng wanci kitu, tingsariak waas pabaur jeung ketir, rusras inget ka nu geus taya di kieuna. Loba nu teu kawawa ku cipanon.

Wanci carangcang tihang rombongan nu didadago t� da­tang, srog ka lawang. Pangheulana Kuwu digondeng k�ca-katuhu, mak� papak�n dines. Raksukan takwa kamhar hi­deung, kancing welem duawelas, sol�pang �mas, sinjang kebat l��satampah. Dibendo ongkoh, didudukuy ongkoh, dudukuy dines pol� �mas, jaba dipayungan deuih.

Sup ka masigit, nu asa r� kaliwatan hideng m�� m��n jalan. Jelema-jelema tingkecewis tinghar�os pada baturna. Srog ka hareupeun paimbaran, ngajanteng heula ngadagoan anu komat.

Na atuh ari pok t� aya nu ngomong kalepasan, �euning siga kiai Leb�� Lain Juragan Kuwu nu r� hutbah t�?�BR>
Dit�balan ku baturna ti juru, �uguh heueuh deudeu­leuan t� siga Kiai Leb�� Nanahaonan c�ah mak� dang­danan Kuwu?�BR>
Ari porongos t� nu ngagond�g beulah k�ca nyenghor ka nu ngomong pandeui, �gomong naon? Baruk Kia Leb�� Deuleu tah kadinesanana! Nu mak�dangdanan kitu Kuwu ngaranna ��BR>
���k��k��� c� nu panasaran ngaludeung-ludeung man�, �an� �a Juragan Kuwu mah nu sasauran ��BR>
�ain � Kami mah keur teu jadi nanaon � Tah ieu Kuwu mah nu disol�pang ��BR>
�aha da rarasaan mah awas k�� amta t�,�c� nu keukeuh panasaran awahing ku handeueul asa dibobodo, tepung jeung Leb�unggal po� piraku mak�kalinglap.�BR>
�eueuh ieu g�Leb��Leb�� Tapi geus dijenengkeun Kuwu kamari, disaksian ku kokolot-kokolot ��BR>
�uh � duka atuh ari kitu mah � Teu kawartosan ti tadina.�BR>
�uda lalawora pisan ngajenengkeun jelema t�, ting­har�os maran�anana wa� Mun di dieu mah hareupeun sa­r��, moal c�cok,�c� nu di gigireunana kukulutus lalaunan.

R�� salat sunat, imam ngalieuk ka tukang nitah ngung­gahkeun.

Srog Ki Mukasan ka paimbaran, tumpa-tempo, katatang-kot��g �

�ain geuwat � N�ngan naon?�c� nu diuk pang­hareupna.

�cis � Ecisna euweuh!�t�bal Ki Mukasan.

�eu �as, gogoda t� aya-aya wa�� Gara-gara Lebaran po� Jumaah!�c� tukang gondeng, �a manakeun ecis, baru­dak?�BR>
Taya nu n�bal. Barudak tingkecewis bari nunjuk buni ka Si �om.

�ya naon � aya naon?�c� nu panasaran ngahar�os.

�u Si �om peuting dipak�ngarojok anjing. Bongan tuda ngadon ungas-ingus ka masigit. Digebah, nyelap kana sarigsig, rojok wa�!�BR>
�ri ecisna ka manakeun?�BR>
�ipiceun � Geuleuh tuda mani lamokot, da kitu saka­dang asuna kabeuratan � Kasima meureun!�BR>
�umaha ari geus kieu?�c� tukang gondeng t�.

�umaha upami diganti wa�heula ku itu � Siga aya halu meujeuhna di saung lisung Madsahri,�c� Ki Mukasan bari nunjuk ka saung lisung tukangeun paimbaran.

Tukang gondeng nu nyepl� Kuwu tul� t� gogodeg bari camberut. �ogoda Lebaran po�Jumaah � Had�kitu diganti­an ku halu?�BR>
�ibatan luput mah atuh � Hutbahna g�teu kaci teu mak�ecis mah, san�?�c� saurang ti jajaran panghareupna.

Ki Mukasan kalur ti lawang gigireun paimbaran, milihan halu di saung lisung, n�ngan nu hampang.

�� dikamanakeun �a halu kuring?�c� pamajikan Mad­sahri norojol ti pawon.

�ginjeum sakeudeung r� dipak�ecis!�BR>
�lah nu �a, r� dipak�nutuan kopi ayeuna � Tah nu �a, halu panguguran, nganggur �a mah.�BR>
Ki Mukasan balik deui ka masigit, manggul halu pangu­guran, nya badag nya panjang. Telenjeng ka paimbaran r� ngunggahkeun.

��heula ulah satorojogna teuing ti saung lisung � Urang ijabkeun heula amb� rengrem kana hat��c� nu nyepl� Kuwu tul� t� bari ngar�ak halu tina leungeun Ki Mukasan. Ned �rempod awakna doyong ka hareup, teu nyangka halu sakitu beuratna. �aula neda panyaks�,�c�ah bari tipe­pereket ngacungkeun halu, ku lantaran ecis leungit, kapaksa diganti ku ieu � Saayeuna ieu ecis ngaranna!�BR>
�yaks�iiii �!!�BR>
�ebut ku sar��, ulah kurang ti opat puluh urang amb� sah � Ieu naon ngaranna ��BR>
�ciiiiissss �!!�BR>
�urang loba nu nyebutna � Sakali deui ��BR>
�ciiiiiiissssss �!!�BR>
�� �tah barudak nu deukeut bedug! Sia hareureuy wa�teu milu ngomong � Deuleu ka dieu � Ieu naon ��BR>
Nu ditanya tingraringeuh.

�aon ieu ��BR>
�aluuuuu !!!�BR>
�ungur sia! Lain halu, deuleu! Sakali deui sing bener � Naon?�BR>
�aranti nutuuuu ��BR>
�angus sia � Kitu tah ari teu ngajedingkeun t� � Ecis � Ecisss cek�g g�egis � Pok sebut deui ku sar�� ��BR>
�ciiiiissss �!�C� samasigit mani ngegeder.

�ah kituh � Pok geura ngunggahkeun, Mukasan! Yeuh haluna ��� �ecisna!�c�ah bari ng���, �a tisol�at l�ah.

�nnutuuu bilhaluuuu walbakaaaatul ��c� Si Sukri di tukang ditompokeun kana ceuli baturna.

�ungur sia ��c� kolot nu diuk gigireunana, �oraka siah!�BR>
Batur-batur Si Sukri narungkup sungut.

R�� hutbah brak dalahar, da ti tadi g�nu nganteuran da­hareun geus ngar�� di luar nyaruhun baki. Samasigit r�ok parewog-rewog. Sidekah Lebaran c�ah.

D�a Cilamping salamet teu kungsi kaanjangan maung.

Saturday, October 22, 2011

Kareueus

Kareueus beda jeung kasombongan, komo jeung kareueuseun mah :) Reueus jadi urang Sunda lain hartina nepak dada, jajauheun tina sipat angkuh ngarasa leuwih punjul tibatan seler sejen. Ieu mah pilakadar nembongkeun jatidiri yen urang teh pituin urang Sunda, seler Sunda. Teu kurang teu leuwih.

Mun seler sejen bisa ngarasa reueus jadi bagian tina seler pituin manehna, naha urang Sunda make jeung teu bisa kitu? Tembongkeun yen urang teh urang Sunda, anu karasep, anu gareulis, anu handap asor (kade, sanes handap asoy..), anu satata jeung seler sejen,  anu sarua dahar sangu :) Cara nembongkeun kareueus tangtu rupa-rupa. Soal eta mah tangtu geus teu kudu dibejaan deui. Nu penting mah niat, bari jeung prakna, ulah diengke-engke.

Ngamumule basa Sunda sangkat teu tumpur ku jalan ngabiasakeun ngajak nyarita ku basa Sunda ka anak-anak urang, upamana, bisa dimimitian ayeuna keneh. Teu perlu biaya jeung insya Allah moal matak miskin :) Lian ti ngaraksa basa, oge minangka salah sahiji cara nembongkeun identitas diri yen urang teh urang Sunda.

Prung ah, urang mitembeyan!

Wednesday, August 17, 2011

Tujuhbelasan

ku: Tata Danamihardja

Ti sainget, di lembur kuring sok kacida ramena dina poean 17 Agustus teh. Lain rame ku sponsor deuih, sabab sagala kamonesan nu dipintonkeun dina poean mieling kamerdekaan teh estuning hasil gawe babarengan warga. Arak-arakan diwangun ku rupa-rupa pintonan. Aya bebegig, rombongan 'pejuang' lengkap jeung 'tentara Walanda' , gotongan nu eusina rupa-rupa kadaharan, calung, angklung barudak sakola, jeung rea-rea deui. Memeh upacara sok diabringkeun heula muru ka lapang. Sanggeus upacara, kabeh pintonan sok dipaenkeun kalawan gembleng (utuh), minangka hiburan haratis keur balarea.

Kagiatan samodel kitu teh geus jiga tradisi taunan. Sarerea ngarasa miboga tanggung jawab pikeun ngareuah-reuah poe kamerdekaan, minangka wujud tina rasa sukur rehna nagara urang geus diparengkeun merdeka. Ti mana biayana? Tadi ge geus dicaritakeun, tara pangangguran aya sponsor sagala. Udunan, sabogana-sabogana. Nu boga duit ku duit. Nu boga tanaga ku tanaga. Nu kabeneran po'os pisan, udunan ku do'a :) Tara aya basa ngarasula. Tukang kuli, belaan pere heula. Nu boga warung, tutup heula. Cindekna, kabeh ngarasa 'wajib' mieling poe kamerdekaan sakadugana.
Ngan beuli dieu, asa beuki tiiseun. Teu jiga baheula. Puncakna mah dina taun ieu. Euweuh kamonesan nu dipintonkeun. Euweuh abringan nu laleumpang muru ka lapang rek upacara. Jelema jiga hare-hare. Ku naon? Duka tah....

Nu aya ngan ukur rajegna tihang bandera di unggal buruan. Ngelebet jiga nu sedih. Alum, semu lungse. Kuring galecok sorangan na jero hate. Palangsiang ieu teh alatan urang ngarasa dihianat ku para pamingpin. Ngarasa diteungteuinganan. Ngarasa diantep tur teu dipalire. Para pamingpin sibuk nguruskeun partey, golongan, kelompok, jeung dirina masing-masing. Sibuk ngarewodan duit anu sakuduna dipake jang kama'muran ra'yat. Der weh parasea diantara maranehna. Pasea ku sabab teu walatra dina babagi duit meunang maok!

Mun kitu, meujeuhna we lamun ra'yat jadi hare-hare. Bongan pamingpin teu bisa dipercaya. Ra'yat jadi apatis. Amanat para luluhur anu baheula guyang getih geusan ngahontal kamerdekaan geu kapopohokeun. Nagara anu sacara 'de jure' geus leupas tina penjajahan bangsa deungeun, singhoreng sacara 'de facto' masih keneh dijajah. Saha nu ngajajah Indonesia kiwari? Singhoreng lain bangsa deungeun, tapi bangsa sorangan, nyatana para pamingpin anu tega meres ra'yatna. Anu katempona siga nu enya melaan ra'yat, sok padahal saukur panipuan!

Jadi, rek iraha atuh bangsa urang bener-bener merdeka? Nepi ka kiwari kuring can manggih kelemeng walonan anu matak sugema. Matak ngangres, matak nalangsa. Lir bandera anu ngelebet semu seunggah. Iraha atuh? Anging Gusti anu uninga. Inna lillahi. (17082011)

Copyright © 2011 - Tata Danamihardja.

Hak Cipta ditangtayungan ku undang-undang. Salira diwenangkeun nyutat ieu tulisan - boh sapalih atanapi sagemblengna - kalawan sarat kedah nyebatkeun sumber sareng ngaran nu nulis. Mugia janten uninga.

Monday, April 11, 2011

Gedong DPR

Jaman keur budak, imah gedong di lembur kuring beunang diitung ku ramo. Imah gedong di dieu maksudna imah nu dijieunna tina bata jeung aduk semen campur keusik jeung apu we saeutik. Kalolobaanana mah imah panggung, malulu dijieun tina kai jeung awi, teu make tembok. Ka beh dieunakeun mimiti aya sababaraha imah duduk jandela. Disebut kitu teh cenah pedah tembokna ngan ukur sajangkung jandela. Tina jandela ka luhur mah bahan nu dipake nya angger we kai jeung bilik tina awi.

Ku sabab arang, imah gedong jaman harita kaasup mewah. Teu unggal jalma mampuh ngadegkeun imah gedong. Ra'yat biasa saperti kolot kuring mah cukup imah panggung bae. Matakna nu boga imah gedong jaman harita geus pasti jalma beunghar. Najan kitu, harita mah modelna oge henteu aneh-aneh, malah mun dibandingkeun jeung imah-imah jaman ayeuna mah kacida basajanna. Hareupna biasana make teras nu dikuribeng ku tembok sajangkung tuur. Na tembok ieu biasana sok dipake dariuk mun ngadaweung pasosore bari nungguan magrib.

Kiwari tibalik. Imah panggung beuki arang, lolobana malah imah gedong. Naha ieu teh bisa dijadikeun ciri yen kama'muran ra'yat geus ngaronjat? Duka tah lebah dinyana mah, sabab najan sarua gedong, angger we kualitasna mah gumantung kana duit. Jalma beunghar tangtu nyieun imahna make bahan-bahan kualitas nomer hiji. Giliran jalma nu kurang duit mah nya wayahna make bahan-bahan kualitas saaya-aya.

Basa ngadenge Gedong DPR rek direnovasi, mimitina mah atoh we nu aya. Tuh pan ayeuna mah tong boro ra'yat, wakil ra'yat wae boga imah gedong. Ngan barang ngadenge biayana trilyun-trilyun kitu mah bet matak ngajenghok. Mahal-mahal teuing? Da basa Haji Udin nyieun imah oge biayana ngan ukur pupuluhan juta. Eta teh geus kaasup rohaka, da puguh Haji Udin mah jalma jugala. Jaba Haji Udin teh ra'yat deuih, lain wakil. Naha ari jang wakil biayana bet gede kabina-bina?

Logikana pan kieu. Mun direktur gajihna 50 juta, wakil direktur gajihna tangtu moal ngaleuwihan direktur. Jadi mun haji Udin (ra'yat) nyieun imah nu hargana 50 juta, imah wakil ra'yat mah tangtu teu meunang leuwih ti 50 juta. Ari ieu? Hiji koma tilu trilyun! Enolna oge teuing sabaraha siki. Pokona mah loba pisan, mun dibeulikeun kurupuk teh jigana mah bisa dipake nutupan gunung!

Kacindekanana? Jelema nu utang itung biaya renovasi Gedong DPR teh teu cageur, teu make logika, jeung jigana na jero dadana geus euweuh hatean. Gedong nu ayeuna dipake oge sabenerna mah alus keneh jeung masih "layak-pakai", kitu cek sawatara ahli. Malah ceuk Mang Endang tukang cilok mah, gedong nu ayeuna teh masih mewah kabina-bina, sabab sok dibandingkeun jeung imah manehna nu mirip kandang embe. Disebutna ge karaton ku Mang Endang mah. Tah ceuk Mang Endang keneh, anggota dewan nu di laluhur teh garelo cenah, alias burung, alias teu gableg cedo. Uyuh ku dua merjoangkeun ra'yat, ieu mah kalah hayoh ngamonyah-monyah duit ra'yat.

Basa diseleksek, ku naon cengteh pangna Mang Endang siga nu ambekeun pisan, manehna nembalan, "Har ari Encep, pan Amang teh geus ngawakilkeun ka maranehna sangkan ra'yat leutik samodel Amang teh diperjoangkeun ku maranehanana, ditingkatkeun kahirupanana, kama'muranana, kapinteranana. Lain ieu mah kalah hayoh duit ra'yat dimonyah-monyah bari jeung dilalebokan ku maranehanana, duka sawareh duka lolobana. Keuheul Amang mah, napsu lah, hayang nyabok tah ka nu karitu teh!"

Mang Endang ngabamblam bari kekerot, leungeunna meureup-meureup bae. Kuring unggut-unggutan, kayungyun ku pamanggih manehna. Keur pahuleng-huleng kitu, ujug-ujug pok mang Endang nanya, "Ke, ke, ke... na ari Encep katingalna ku Amang teh siga tenang-tenang bae. Na Encep teu ngaraos keuheul?"

Kuring nyerengeh, pok nembalan, "Ah henteu Mang, da abdi mah teu rumaos ngawakilkeun ka maranehna ieuh. Pan tos lami oge abdi mah tara ngiring nyoblos lamun PEMILU teh!"

Mang Endang colohok, kuring ngaleos bari ngahariringkeun pupuh, teuing Pangkur teuing Durma.

Copyright © 2011 - Tata Danamihardja.

Hak Cipta ditangtayungan ku undang-undang. Salira diwenangkeun nyutat ieu tulisan - boh sapalih atanapi sagemblengna - kalawan sarat kedah nyebatkeun sumber sareng ngaran nu nulis. Mugia janten uninga.

Sunday, March 20, 2011

Naskah Kanggo Panata Calagara Dinu Nikahkeun

Sesah pisan milarian conto naskah anu leres-leres nyunda. Naskah ieu oge kenging kokoreh tina internet, tangtos tebih tina sampurna, sok sanaos tos diropea deui sakadugana. Kalihna ti eta, ieu mah mung saukur kanggo lilinggeran, hususna soal urutan acara, margi ari dina prungna mah tangtos bakal gumantung kana katapisan panata calagara, diluyukeun sareng situasi katut kondisi anu nuju dipayunan.

Mugi-mugi kapayunna baris aya conto naskah anu langkung payus tur pantes. Nyanggakeun.

Naskah kanggo Panata Calagara dinu nikahkeun

BUBUKA

Assalamua'laikum Wr. Wb.

Bapa-bapa, Ibu-ibu, para wargi sadayana anu sami linggih hormateun sim kuring. Sakumaha kauninga ku sadayana, alhamdulillah calon panganten pameget miwah rombongan parantos sumping ngaleut ngeungkeuy ngabandaleut, ngembat-ngembat nyatang pinang.

Bismilah, purwa wiwitan ieu pamuka carita minangka pamuka acara. Babasan padika pagawean lamun nangtung ka jungjunan, sing lulus bantun jeung tumbu buah seureuhna. Neda panyaksen acara bade dikawitan.

MAPAG CALON PANGANTEN PAMEGET

Pangersa calon panganten pameget miwah rombongan. Jagong tuhur meunang ngunun haturan wilujeng sumping, di sugeng ing pucu galuh kelurahan ____________ katelahna, tempat anyar pangharepan, sarakan keur kahirupan kulawarga.

Calon panganten istri, bisi si jalu hanjelu si lanang honcewang, sumangga geura hayap calon panganten pameget miwah rombongan.

PANGALUNGAN MANGLE

Tawis panampian tatamu, tanda kameumeut, kadeudeuh, tawis asih ti kakasih, tanda tresna kanyaah, mangga geura kalungkeun eta mangle tawis pangrungrum hate perlambang kaberesihan manah (mangle di kalungkeun).

Haturan wilujeng sumping ka calon  panganten pameget. Tutut gunung keong reuma, sumangga geura gek calik.

SESERAHAN

Bismillaahirrohmaanirrohiim

Para hadirin, miwah para tatamu sadayana, khususna ka calon panganten pameget miwah rombongan, bawiraos emutan pribados, pamali mun dilami-lami, teu kedah dilila-lila, nu dianti-anti ti tatadi, didago-dago ti bareto, ayeuna parantos nyampak. Sok sanaos sami surti, sami uninga maksadna, nanging, kanggo nyumponan tindak tanduk tata titi duduga peryoga manusa pangeusi dunya, anu parantos dipaparinan manah, rasa, sareng lisan dina saliring dumadi, teu cekap ku surti sareng tekad wungkul, namung kedah di sarengan ku ucap. Teu sae miulan awi, mere cai geusan mandi, mere huut tina guguran, namung kedah di bejer beaskeun, kembang boled nu tetela.

Para hadirin miwah para tatamu sadayana, acara urang kawitan ku galindeng ayat-ayat suci Al-Qur'an anu baris kasanggakeun ku ____________________________

Ngahaturkeun nuhun ka____________________ nu parantos ngagalindengkeun kalam ilahi, mudah-mudahan ageung mangpaatna kanggo nu maoskeun hususna, umumna ka urang sadaya anu sami-sami ngadangukeun. "amin".

Calon panganten pameget miwah rombongan, mugi teu janten kekeling galih rengat nya mamanahan, aya naon nya pamaksadan, numawi jauh-jauh dijugjug anggang-anggang diteang? Sumangga geura wakcakeun masing balaka (Sumangga ka pangersa kasepuhan calon panganten pameget dihaturanan kapayun kanggo ngadugikeun lebeting kalbu jeroning ati).

PANAMPIAN

Para wargi sadayana, nembe sami-sami nyakseni gerentes kalbu kasepuhan ti pihak calon panganten pameget miwah rombongan. Lain lantung tambuh laku sanes lunta tanpa seja, purwa aya nu di maksad, seja ngaitkeun jangji pasini , manjangkeun simpay babarayaan, sakotretna tina hate.

Sakeser daun satangkal, sabungkus bareng jeung bungkusna nyerahkeun panganten pameget sareng cacandakanana. Sim kuring saukur darma, teu wasa  panjang carita. Kanggo pang walerna mangga nyanggakeun kanu disepuhkeun ti pihak calon panganten istri. Waktos di sayogikeun.

Para wargi sadayana, bingah amarwata suta, bingah kagiri-giri, bingah nu taya papadana. Nugar cadas mangih emas, mobok manggih gorowong, aya jalan komo meuntas. Jalan gede sasapuan batu turun keusik naek, itu purun ieu daek, laksana nya pamaksadan.

Kumargi eta mangga geura hayap calon panganten pameget miwah cacandakanana. Mangga salah sawios cacandakan didugikeun minangka simbul ti Ibu calon panganten pameget di tampi ku Ibu calon panganten istri. Nu sanesna mah diantaykeun bae manawi.

(Mangga calon  panganten pameget di candak kalebet heula kangge didangdosan).

AKAD NIKAH

Para wargi sadayana..

Niti wanci nu mustari, ninggang mangsa nu waluya. Malati ligar na ati, campaka mangkak na dada, koleak sakembaran, koceak ninggang ugana. Uga pakaitna tatali asih antawis Neng_____________ sareng Cep __________________.

Jangji urang pastikeun subaya urang nyatakeun. Nu diseja mangka nyata, neda panyakseni ti  para wargi sadayana, upacara akad nikah seja dikawitan.

(Mangga candak calon panganten istri ka luar).

Sumangga ka pangersa bapa petugas ti Kantor Urusan Agama kanggo ngalaksanakeun Akad Nikah.

Alhamdulillah wa sukurillah kalawan rido gusti anu maha welas  tur maha asih, oge pangdu'a ti sadayana, akad nikah parantos rengse kalayan lancar.

Acara salajengna di teraskeun kana sungkeman.(Mangga ieu acara disanggakeun ka pangersa ___________________.

DO'A

Acara munggaran dugi ka akhir parantos rengse, mugi urang sadayana aya dina panangtayungan Gusti nu maha suci. Kukituna kanggo panganteb kahoyong urang sadaya di lajengkeun kana do'a. Kanggo mingpin do'a, mangga pangersa __________________ dihaturanan.

Ti pribados salaku pangatur waktos, bilih aya basa nu teu sampurna, teu merenah tata titi sareng undak usuk basa, hapunten anu kasuhun.

Urang pungkas ieu acara ku maos hamdalah: Alhamdulillaahi robbil 'aalamiin.

Wabillahi taufiq wal hidayah Wassalamualaikum Wr. Wb.

*Dicutat sareng diropea deui tina seratan di http://suhendri.co.cc/

Monday, March 14, 2011

Radio Basa Sunda

Radio basa Sunda nu dimaksud teh nyaeta radio anu basa panganteurna malulu ku basa Sunda. Ari eusina mah rupa-rupa, aya lagu indonesia, aya lagu barat, malah lagu wetan oge teu jadi masalah. Tos aya? Nyeta teu acan :)

Eta mah ngalamun. Kabeneran ngalamun teh kadang-kadang sok dianggap aneh ku batur. Dianggap mahiwal. Padahal naon salahna? Keun we da ngalamun ieuh, moal matak bohak. Pan ayeuna mah ngalamun nu mahiwal teh sok diparake dina elmu manajemen. Disebutna 'think out of the box'. Maksudna? Nya ngalamun atawa mikir mahiwal tea, kaluar tina kabiasaan anu ilahar.

Geus loba conto, ide anu baheula dianggap mahiwal, kiwari kabuktian jadi kanyataan anu teu dianggap aneh teu sing. Kapal udara upamana. Pan baheula mah dianggap lahuta sabab jelema mah ceuk palikir jalma nu 'cageur' moal bisa ngapung sabab teu boga jangjang. Tapi tetela ku jalma mahiwal mah eta teh dipikiran, nepi ka ahirna jadi kanyataan, najan carana henteu nyieun jangjang terus ditapelkeun kana awak. Tapi nu penting, jelema bisa ngapung, make kapal udara.

Lomo atuh ieu, pira oge radio anu basa panganteurna basa Sunda. Teu mahiwal teu sing. Sacara teori mah gampang malah, sabab nu make jeung nu ngarti kana basa Sunda masih keneh loba. Terus ku naon atuh pangna euweuh radio anu saperti kitu?

Tah di dieu mah masalahna lain mahiwal atawa aneh. Masalahna teh nyoko dina urusan kawani. Euweuh jelema loba duit nu daek ngamodalan ngadegna radio samodel kitu. Basana teh sieun rugi tea, sieun teu balik modal tea jeung sajabana. Padahal rek nyaho bakal rugi kumaha, da dicobaan oge acan. Kumeok memeh dipacok, kitu meureun pibasaeunana.

Padahal lamun dilenyepan, ieu teh bisa jadi selling point (niley jual) pikeun icikibung dina bisnis radio. Sok inget kana kasauran Pa Temmy Lesanpura almarhum, pakar radio, nu kungsi nyebatkeun yen dina bisnis radio mah kudu 'dare to be different' (wani minculak ti batur). Tong sieun mun dianggap beda, sabab eta teh justru bakal jadi paniten batur. Pada nempo. Mun geus pada nempo pan panasaran, hayang nyaho jero-jeroanana. Keur nu dagang mah pan kakara ditempoan oge geus kaasup 'satengah ngajual'. Digilekkeun saeutik ge, iklan mo burung murudul.

Komo deui mun nu boga modalna idealis mah, keyeng hayang nanjeurkeun sunda jeung kasundaan. Ngan nyaeta hese neangan jelema nu model kitu teh: loba duit, jeung gede katineungna ka Ki Sunda.

Kacipta lah, mun lamunan kuring teh bisa ngawujud. Gogoleran di kamar bari ngadengekeun radio. "Pamiarsa, mangga urang sami-sami kupingkeun galindengna The Beatles ti babakan Liverpool, anu baris ngagalindengkeun lagu Michelle, dilajengkeun kana lagu Blackbird anu dipundut ku Kang Tata ti Ciamis. Wilujeng ngadangukeun," cek penyiar radio Urang Sunda.

Rungah-ringeuh, da asa teu menta lagu. Leungeun gupuy-gapay neangan telepon, guluprak gelas ragrag katepak. Korejat, kuring hudang. Euh, can aya geuning radio nu jiga kitu mah. Sok atuh nu saleueur artos, aya kawani teu? Kuring mah rek ngadengekeun we ah....

Tata Danamihardja © 2011

Hak Cipta ditangtayungan ku undang-undang. Salira diwenangkeun nyutat ieu tulisan - boh sapalih atanapi sagemblengna - kalawan sarat kedah nyebatkeun sumber sareng ngaran nu nulis. Mugia janten uninga.

Friday, February 25, 2011

EBOOK GRATIS: 100 CARPON SUNDA

Neangan e-Book basa Sunda di internet hese kabina-bina. Beda jeung upama urang neangan e-Book basa Inggris atawa basa Indonesia. Balatak, tinggal milih. Ku naon pangna kitu? Ah duka teuing. Jeung da patalekan eta mah sabenerna lain bagean kuring pikeun ngajawabna. Eta mah bagean para inohong, para ahli, intelektual Sunda anu sakuduna mikiran bari jeung prakna neangan cara sangkan basa Sunda diparake ku urang Sunda. Sangkan diparake pan kudu aya sarana jang ngawanohkeunana, diantarana nya ku jalan ngupayakeun sangkan bacaan Sunda sumebar tur gampang diakses, kaasup dina internet.

Najan kitu, ari kanyaah mah asana gede keneh sanajan kuring lain inohong atawa intelektual oge. Ngan tangtu dina ngebrehkeun kanyaahna oge beda jeung aranjeunna nu palinter nyarios, palinter ngayakeun seminar, kongres jeung duka nanahaon deui lah ngaranna teh. Kuring mah nya nu kadada kaduga we, nu kahontal ku uteuk. Make cara mikir praktis tur pragmatis nu henteu rumit. Mun nu arang langka teh bacaan basa Sunda, nya mikir teh kumaha carana sangkan bacaan basa Sunda loba tur bisa diakses gratis. Praktis pan? Teu kudu diseminarkeun asana nu kitu mah.

100 Carpon Sunda

Ieu mah ngabalakan wungkul. Nyanggakeun tah e-Book 100 Carpon Sunda, kantun diundeur di http://www.facebook.com/sundablog GRATIS alias teu kedah mayar. Nu tos janten baraya SundaBlog kantun klik dina tab Bagea. Mudah-mudahan ka payunna baris langkung seueur nu nyumbangkeun bacaan Sunda gratis di internet.

Mudah-mudahan.

Copyright © 2011 - Tata Danamihardja

Hak Cipta ditangtayungan ku undang-undang. Salira diwenangkeun nyutat ieu tulisan - boh sapalih atanapi sagemblengna - kalawan sarat kedah nyebatkeun sumber sareng ngaran nu nulis. Mugia janten uninga.

Saturday, February 19, 2011

Tamba Sare Sore-Sore

Mun pareng keur hese meureumkeun panon, sok bingung nya pilakueun. Sanajan kiwari hiburan teu hese neangan, tapi kadang-kadang mah bosen. Kitu-kitu keneh. Lalajo tipi, leuleumpangan neangan dahareun, ngobrol di pos ronda. Naon deui nya?

Tah, ngarah teu bosen, kumaha lamun maca? Ulah maca basa Indonesia jeung Inggris bae atuh, sakali-kalieun mah cobian geura maca bacaan basa Sunda. Bilih teu aya bacaeunana, nyanggakeun ebook Tamba Sare Sore-Sore, mangrupa kumpulan tulisan dina basa Sunda.

ebook basa Sunda Gratis!

Sabenerna ebook ieu geus kungsi medal, tapi nu ieu mah edisi revisi. Eusina 30 tulisan, lumayan kanggo bekel bari nungguan jurig tunduh.

Kanggo ngundeurna, angkat bae ka dieu: http://www.facebook.com/sundablog

Wilujeng maca.

Tuesday, January 11, 2011

ABI

Tata Danamihardja

11/01/2011

Naon ari abi teh? Surabi kitu? Ih, sanes.. Abi di dieu mah maksadna teh ngabasakeun diri sorangan. Kata ganti orang pertama, kitu cenah basa indonesiana mah. Abi teh podokna tina abdi, biasana dipake ku budak leutik anu can sawawa, kadang-kadang oge dipake ku budak nu kakara nincak rumaja. Nu matak keap abi dikelompokkeun kana basa budak, da nini-nini atawa aki-aki mah teu pantes make kecap abi.

Tapi bisi rek make mah pek bae ketang, ngan kadengena asa kurang pantes. Pikeun nu geus sawawa mah mending keneh make kecap abdi atawa kuring, gumantung kana situasina. Mun teu kitu, bisa oge ngabasakeun ku pancakaki: mun ngobrol jeung sahandapeun bisa nga-akang-keun upamana. Mun awewe nya ngabasakeun ceuceu atawa teteh.

Mun ngobrolna jeung saluhureun? Eta mah daek teu daek kudu make kecap abdi atawa kuring. Kumaha mun jeung sasama atawa anu saumur? Biasana lamun jeung babaturan deukeut mah sok make kecap urang. Ieu sabenerna basa kasar (dina konteks ngaganti kecap abdi). Tapi dina kalimah "hayu urang ngibing" mah upamana, teu kaasup kasar sabab kecap "urang" di dieu mah hartina "kita" mun dina basa Indonesia mah.

Lian ti ngagunakeun kecap abi, budak leutik oge kadang-kadang nikukur. Naon deui cenah nikukur teh? Nikukur teh maksudna jiga tikukur, nyebut ngaran sorangan pikeun kecap gaganti diri (dina kalimah langsung atawa obrolan). Contona: "Tata kamari ka ameng ka ditu da..," cek Tata bari heuay.

Najan kitu, dina prakprakanana mah aturan ieu teh mindeng dirempak. Naon hukumanana mun aturan ieu teu dipake? Ah teu aya. Dianggo mangga, teu dianggo sawios. Nu penting mah apal kumaha nu sakuduna. Nu penting mah masih keneh reueus (sanes bangga nya, bangga dina basa Sunda mah hartosna hese!) make basa Sunda. Nu penting mah masih keneh reueus jadi urang Sunda.

Tata Danamihardja © 2011

Hak Cipta ditangtayungan ku undang-undang. Salira diwenangkeun nyutat ieu tulisan - boh sapalih atanapi sagemblengna - kalawan sarat kedah nyebatkeun sumber sareng ngaran nu nulis. Mugia janten uninga.

Thursday, January 06, 2011

SundaBlog Di Facebook

15:05 06/01/2011

ku: Tata Danamihardja

Saha nu nyangka, Facebook baris kawentar jiga kiwari. Mun teu salah, taun 2007 atawa 2008 kuring geus boga akun Facebook. Tapi harita mah tiiseun keneh, can loba nu make jiga ayeuna. Eta oge nyieun soteh panasaran we, teu kaop manggih nu anyar. Geus kitu mah lur we diantepkeun.

Ngan kadieunakeun, estu matak kaget. Facebook jadi sabiwir hiji. Ti kota nepi ka kampung, Facebook jadi bukur catur balarea. Ti mimiti budak nu kakara bisa maca nepi ka aki-aki jeung nini-nini nyaho naon ari Facebook. Dina teu nyahona oge, minimal pasti kungsi ngadenge.

Rame we tah si Facebook teh. Jadi sarana komunikasi alternatif salian ti telepon. Babaturan nu lawas teu tepung, guk gok panggih dina Facebook. Lebah dieuna mah Facebook geus jadi cukang lantaran geusan manjangkeun tur ngaraketkeun silaturahim jeung papada manusa. Lian ti eta, Facebook oge mindeng dijieun promotion tool atawa alat promosi pikeun nu boga bakat dagang. Malah kadang-kadang nepi ka lieur sirah ngabandungan nu nge-tag gambar promosi. Dalah dikumaha, resiko pipilueun ngagugulung Facebook.

Tangtu efek gorengna oge aya. Dina tipi mindeng kapireng budak atawa rumaja nu ngaleungit ti imah alatan Facebook. Diculik. Atawa nu pasea alatan salingkuh gara-gara Facebook. Atawa pagawe nu ngadak-ngadak henteu produktif alatan loba teuing chatting (ngawangkong) na Facebook. Eta mah ekses, lir ibarat peso nu fungsina gumantung ka nu makena: naha rek dipake ngeureutan bawang atawa dipake ngarampog. Asal ati-ati tur wijaksana dina ngagunakeunana, Facebook bisa jadi alat komunikasi nu gede mangpaatna.

Nya ku alesan eta pisan, ditambah popularitas Facebook anu sakitu rosana, asana teh teu salah lamun SundaBlog oge milu aub, pipilueun ngamangpaatkeun Facebook. Lebar temen lamun kasempetan gede pikeun ngawanohkeun basa Sunda dina awahan anu leuwih jembar henteu dimangpaatkeun. Meungpeung Facebook masih keneh kawentar (populer), meungpeung Facebook masih loba nu make, nya mending dimangpaatkeun sakumaha mistina.

Ka sugri anu hoyong ngarojong SundaBlog di Facebook, diantos di http://www.facebook.com/pages/SundaBlog/183260248368569. Sugan ku cara kieu, basa Sunda bisa leuwih nanjeur makalangan. Sugan, eta oge.

Copyright © 2011 - Tata Danamihardja

Hak Cipta ditangtayungan ku undang-undang. Salira diwenangkeun nyutat ieu tulisan - boh sapalih atanapi sagemblengna - kalawan sarat kedah nyebatkeun sumber sareng ngaran nu nulis. Mugia janten uninga.